Urang Sunda Jeung Basana, Palangsiang Ngarangrangan

KU : Endeh Saleh NH
(Dok.Salakanagara)
Aya nu nanyakeun, ari urang Sunda aya keneh dikieuna? Nu dimaksud, geuning urang Sunda mah dina sagala widang kahirupan teu weleh tinggaleun.Hirupna teh henteu onjoy jiga seke seler nu lian., conto urang Jawa jeung Sumatra. Naha eta, urang Sunda mah dina ngigelan kahirupanana teh jauh tina sifat kadedemes, mangpang meungpeung jeung guminter, hirupna teu weleh ngukur ka kujur? Ku ayana karakter saperti kitu, nepi ka dina andil ngaheuyeuk nagara oge urang Sunda mah teu dibabawa. Dina ayana oge nu jadi pangagung sakadar kabeneran . Lamunkitu mah mana pantes aya nu nanyakeun, ari urang Sunda aya keneh dikieuna?

Urang jawab eta pertanyaan teh. Sabenerna urang Sunda teh aya keneh, ngan bae jati dirina meh sirna. Kunaon meh sirna? Sabab urang Sunda teh aya anu disebut Sunda padati jeung aya anu disebut Sunda sajati. Harti padati, kapan ari padati mah kumaha nu ngagusur. Ceuk paribasa sanajan ku nu ngagusurna digebruskeun kana jungkrang oge teu walakaya. Ari Sunda sajati, nu dimaksud nyaeta urang Sunda nu nyunda, urang Sunda nu boga sikep jeung panceg dina pamadeganana, teu gallideur ku pangarus ti luar. Urang Sunda sarupa kitu , urang Sunda nu boga keneh roh Sunda.

Dina taun 50-an urang Sunda kelas intelek nepi ka kelas pepetek rempug jukung sapamadegan pada-pada hayang ngaronjatkeun harkat darajat urang Sunda.Dina taun 50-an keneh urang Sunda anu diluluguan ku inohong-inohong Sunda ngadegkeun organisasi Daya Sunda tug nepi ka kiwari masih hirup. Eta organisasi wadah masarakat Sunda teh tumuwuh subur dirojong ku sakumna masarakat Sunda.

Dina jaman pamarentahan Soekarno, waktu pilihan umum nu munggaran taun 1955, Daya Sunda nyieun hiji gerakan sangkan masarakat Sunda bisa ulubiung dina pamilihan umum. Nya lahir Gerakan Pilihan Sunda. Hasilna , masarakat Sunda boga wawakil di Konstituante, di DPRD propinsi jeung di DPRD kota/kabupaten sa Jawa Barat, kitu deui di Jakarta Raya (DKI). Eta wakil-wakil ti masarakat Sunda teuneung ludeung menjuangkeun naon anu dipiharep urang ku Sunda. Nya harita sora Sunda ngoncrang di kalangan pamarentahan.

Kaludeungteuneungan urang Sunda harita dipikagigis ku pamarentahan harita. Antukna urang Sunda dituduh propinsialitis, sukuisme. Cindekna mahurang Sunda dituduh rek ngaruntuhkeun NKRI. Pamustrunganana para pamingpin urang Sunda dibungkem ulah loba nyarita jeung ulah loba kahayang. Antukna Sunda melempem.

Ari urang Sunda dina nyanghareupan pataka jaman kiwari kumaha ?

Tong hariwang, nonoman Sunda anu nyunda loba keneh nu ajeg dina tangtungan kasundaan. Ngan nyakitu ukur para nonoman nu icikibung dina widang budaya (seni,basa, sastra jeung atikan). Sakitu oge lumayan teu pareum.
Satemenna nu dipikaharep pisan ku masarakat Sunda, ayana alpukah ti para nonoman Sunda dina nyanghareupan patakan jaman. Naha para nonoman sanggup jadi leader masarakat Sunda dina kancah pamarentahan?

Pikeun ngasongkeun nonoman Sunda dina nyanghareupan pataka jaman jeung nanjeurkeun rasa kasundaanana perlu ngadadarkeun heula watek nonoman Sunda. Di tilik tina pasipatan-pasipatanana nu kosong (negatip) supaya jadi pangjurung sangkan wanoh kana kapribadianana. Nu dimaksud, supaya dina pribadina ngawujud jiwa Sunda nu sajati. Kitu deui kabeh paripatan nu kosong diganti kusipat nu positip.

Nu kabandungan, nonoman Sunda teh teu mibanda hasrat nanjung. Padahaleta pasipatan teh kacida perluna dina jaman kiwari pikeun ngudag kamajuan. Ari anu dimaksud hasrat nanjung teh nya eta karep atawa tekad sangkan jadi nomer hiji dina sagala lapangan, sanggup nyicingan tempat nu panghareupna dimana bae, bisa nyekel kakawasaan dina kaayaan kumaha bae, bisa jadi pamingpin dina sagala urusan.

Geus sakuduna nonoman Sunda teh henteu ngabogaan sipat laip diri tuna kabisa, tegesna ulah ngebrehkeun kasuwungan rasa ajen diri. Salahna urang Sunda, ti leuleutik geus diwarah handap asor.Sipat-sipat peupeuleukeuk, umangkeuh, sonagar pisan, kitu peta teh dicawad da dianggap teu sopan. Budak Sunda nu daek sumolondo , sagala hayang nyaho, ku kolotna sok di geuhgeuykeun majarkeun teh sonagar huma.

Dina ngigelan patakan jaman, nonoman Sunda kudu teuneung nyanghareupan bari teu leupas tina kasundaan. Tapi sakituna deui nonoman Sunda ulah ujug-ujug ngarobah tingkah polah nepi ka salin jinis jadi jalma peupeuleukeuk, jeung umangkeuh kaluar tina tetekon.
Tapi sakurang-kurangna kudu sonagar jeung pengkuh tur ngabogaan ajen diri . Kabiasaan urang Sunda sok ngarendahkeun diri, kudu dipiceun. Pangna kudu dipiceun, supaya urang Sunda ulah terus-terusan purah mulung muntah wungkul. Pikeun miceun sipat rendah diri , urang Sunda kudu ngabiasakeun maneh ngahirupkeun rasa, hayang meunang panghormat anu merenah tur wajar. Rasa ajen diri kudu jadi tatapakan hirup.

Cilakana pisan, lamun urang Sunda jati dirina geus leungit , pinasti kana basana sorangan geus teu malire nu ahirna eta basa bakal sirna. Sabab dina jiwana geus euweuh rasa nyaah, miara , ngamumule, make basana sorangan.

Panaliti basa urang asing,Nettle jeung Romaine dina analisana nyebutkeun, yen kiwari basa Sunda aya dina kaayaan hirup teu neut paeh teu hos, bisa oge disebut keur sakarat. Teu rek kitu kumaha,ku urang kabandungan yen urang Sunda ku jalan rerencepan maehan basana sorangan.Ku urang kasaksian, meh sabagean gede urang Sunda geus embung dina nyarita make basa Sunda sok sanajan jeung papada urang Sunda deui. Urang Sunda ,dina nyarita jeung anu jadi anak, ti oorok keneh geus diajak nyarita ku basa Indonesia. Urang Sunda boga anggapan yen basa Sunda teu merenah tur teupantes dipake alat komunikasi dina ngedalkeun eusi pikiranana.

Urang Sunda sorangan , lewih resep make basa Indonesia nu dianggap leuwih ekonomis jeung praktis. Di lembaga-lembaga pamarentahan jeung di lingkungan umum geus teu ngagunakeun deui basa Sunda.Nu jadi indung bapana dina nyarita jeung anakna make basa Indonesia,sok sanajan eta kulawarga teh urang Sunda tulen , nu jebulna oge ti pilemburan.

Hal ieu teh hiji kanyataan, yen eta basa Sunda teh nyanghareupan sakarat. Geus mag taun-taun basa Sunda teu dipalire ku urang Sunda-na keneh. Kaayaan sarupa kitu lamun diantep , nya basa Sunda teh bakal paeh.
Akibat urang Sunda geus leungit jati dirina ngalantarankeun urang Sunda teu boga pamadegan nu ajeg. Urang Sunda kiwari gampang narima sagala hal anu anyar nu sipatna ngagulubur, modern. Teu bisa dipungkir deui, urang Sunda nu disebut intelek nepi ka nu jadi birokrat boga anggapan make basa Sunda teh teu nasionalis.
Guru basa Sunda di SD, lamun teu boga rasa nyaah kana basa Sunda,eta guru bakal nolak ka kapala sakolana kudu ngajar basa Sunda. Sabab dina ha lieu ,kolot-kolot murid teu mere pangrojong ka pihak sakola upama anakna dibere pangajaran basa Sunda. Loba kolot murid nu boga pamanggih cenah basa Sunda mah moal bisa dipake gaul. Ieu salah sahiji bukti yen urang Sunda jeung basana keur nyanghareupan sakarat.

Urang Sunda ti pilemburan nu ngalumbara ka kota-kota gede , lamun sakalieun balik ka lemburna baceprot nyaritana ku basa Indonesia, poho kana basa indung. Urang Sunda nu sarupa kitu nembongkeun ka urang lembur, yen manehna geus jadi jelema terpelajar, modern jeung hayang nembongkeun kanasionalanana. Padahal nu sabenaerna lain mibanda jiwa kanasionalan.Eta mah sakadar hayang legeg di hareupeun urang lembur.

Rasa asa kasadaran kabangsaan sama sakali euwuh hubunganana ku ngagunakeun basa Indonesia dilingkungan kulawarga atawa batur salembur nu sarua papada urang Sunda. Dina ha lieu, nu nyaritana make basa Indonesia bae can tangtu mibanda kasadaran kabangsaan nu kandel.Sabalikna nu nyaritana make basa daerahna bae ,eta lain hartina rasa nasionalismena ipis.

Urang Sunda kiwari kudu waspada tur taliti kana pangaruh luar. Sabab kiwari loba jelema nu boga pamanggih, yen jadi Indonesia teh kudu ninggalkeun kasukuan. Padahal acara hakiki jadi urang Indonesia teh kudu bari tetep jadi seler Sunda, Jawa, Aceh,Bugis atawa seler sejenna. Ieu nepi ka rasa kadaerahan dianggap anti kana kanasionalan.

Urang Sunda kiwari leuwih loba nyarita ku basa Indonesia, tegesna eta teh lain wujud rasa nasionalisme, tapi dilantarankeun ayana anggapan yen basa Indonesia ajenna leuwih luhur ti basa Sunda. Sedengkeun darajatna nu leuwih luhur ti bas Indonesia ceuk maranehna nyeta basa Asing.
Nurutkeun panalungtikan, gering ngalanglayungna basa daerah teh lain karandapan ku basa Sunda bae. Kitu deui basa Jawa oge gagaleongan. Ngan bae basa Sunda leuwih parna, da nyaeta urang Sunda-na leumpeuhyuni. Aya leuheungna urang Sunda mah dina ngobrol luar dines masih make basana.

Nilik kanyataan , tetela suku-suku bangsa nu aya di Indonesia, ngajen basa teh tina widang kapentingan ekonomina. Contona, ku cara ngagunakeun basa Ingris jeung basa asing liana, neangan gawe ka pausahaan-pausahaan gede teu hese tur gajihna gede. Upama kitu,naha urang Sunda teh kudu kurung batok dina ngeunaan basa?

Tangtu bae dina ha lieu lain hartina urang Sunda kudu tinggaleun dina ngulik atawa paham ngagunakeun basa di luar basa Sunda. Tetep urang Sunda kudu beunghar ku pangaweruh sagala basa nepi ka sajajar jeung seler nu lian, malar darajat Sunda makalangan di tingkat nasional malahan di internasional. Dina ngigelan kahirupan kiwari di jaman globalisasi, urang Sunda kudu sanggup manggung dina widang ekonomi, teknologi jsb. Sedengkeun pikeun nimba eta elmu pangaweruh teh ayana dina buku-buku nu di tulis basa daerah. Cindekna mah urang Sunda kudu mahir dina sagala basa pikeun neuleuman sagala elmu pangaweruh.

Balik deui kana nasib Basa Sunda, basa Sunda teh geringna ti jaman kamerdekaan keneh. Dina jaman kamerdekaan, hubungan murid sakola jeung basa indung beuki pajauh. Basa indung diajarkeun di SD teh ngan wungkul di wewengkon pasisisan. Rta oge ukur dipakena teh sakadar basa panganteur di kelas I-III. Ti kelas opat mah basa panganteur teh ku basa Indonesia.

Ti mimiti taun 1975, basa panganteur di kelas hiji SD ngagunakeun basa Indonesia. Basa Sunda mah ngan ukur jadi mata palajaran , kitu oge henteu dipake katangtuan kanaekan kelas. Kulantaran kitu eta palajaran basa Sunda teh teu dipirosea, boh ku guru, murid jeung ku kolot murid. Nepi ka ahirna kabeh pihak nganggap yen basa daerah teh euweuh pisan mangpaatna.

Aya sababaraha hal , pangna palajaran basa daerah atawa basa indung di sakola teu dianggap penting tur teu dijalankeun sacara intensip. Ieu kabeh alatan kurangna guru, kirangna buku, kirangna waktu jeung euweuhna kabijakan pamarentah dina ngalaksanakeun undang-undang nu netelakeun yen pamarentah wajib miara daerah,kitu deui masarakat nu make eta basa.

Pamarentah pusat salila genep puluh taun teumilu merhatikeun kana kamekaran basa daerah. Ku sabab pamarentah oge cicingeun, masarakatna sorangan teu malire kana basa indungna. Jadi paeh- hirupna basa Sunda ditangtukeun ku urang Sundana sorangan. Naha rek diantep kitu bae, nepi ka sacara alon-alon basa Sunda teh paeh. Atawa urang Sundana sorangan nyinglar paehna basa Sunda ku cara tindakan-tindakan anu nyata. Dina ha lieu tong miharep atawa mercayakeun kaputusan politik jeung kagumantungan ka pamarentahan bae. Sabab ku urang oge kabandungan , salila ieu pamarentah pusat atawa pamarentah daerah teu ngalaksanakaeun Undang-undang atawa Perda ngeunaan basa daerah kalawan epektip.

Parancahna supaya basa Sunda hirup deui, urang Sunda kudu mibanda jati diri Sunda sajati.cag.

Comments

Popular posts from this blog

NGARAN PAPARABOTAN JEUNG PAKAKAS

Masrahkeun Calon Panganten Pameget ( Conto Pidato )

Sisindiran, Paparikan, Rarakitan Jeung Wawangsalan katut contona