Posts

Showing posts from January, 2018

Papatah Kolot Baheula Bahasa Sastra Sunda Buhun

Pepatah orang tua zaman dahulu dalam  siloka sunda  disebut juga dengan bahasa buhun kolot baheula. Uraian pada bahasan kata bahasa Sunda - mangrupakeun Papatah kolot baheula - Ieu seratan mangrupi pepeling buhun kanggo bahan renungan dina raraga ngamumule sastra basa sunda anu kiwari melempem kasered budaya deungeun. Postingan  papatah kolot baheula  di handap ieu nyaeta paribasan jeung babasan sunda paling lengkep jeung hartina dina bahasa Indonesia, mudah-mudahan tiasa janten referensi kangge bahan renungan khususna pikeun urang sunda anu kiwari budayana tos ka geser ku budaya basa deungeun alias kabudayaan barat:

Kecap Panganteur

Bahasa daerah Bandung sebagai salah satu daerah tatar Priangan adalah Basa Sunda (Bahasa Sunda).  Parahyangan atau Priangan (Bahasa Belanda: Preanger) adalah daerah kebudayaan Sunda di Jawa Barat yang luasnya mencakup wilayah Ciamis, Tasikmalaya, Garut, Sumedang, Cimahi, Bandung, Cianjur, Sukabumi dan Bogor.  Pada kesempatan ini kita akan sama-sama belajar Seri Pelajaran Bahasa Sunda bagian 1 yakni tentang " kecap panganteur " (kata pengantar) yakni kata tambahan yang tidak mengandung arti namun berguna intuk memantapkan sebuah pembicaraan baik pengantar keadaan/ kata sifat maupun pengantar kata kerja.  Contoh penerapan kecap panganteur silakan perhatikan kalimat di bawah ini: "Barang nepi ka sisi susukan jrut manehna turun " (terjemahan dalam Bahasa Indonesia: begitu sampai di pinggir sungai, " jrut " ia turun).  "jrut" pada kalimat di atas tidak mengandung arti apapun, hanya penegasan dari kata kerja "turun", kecap panganteur "

Ngaran Patempatan Basa Sunda

Untuk suatu nama patempatan di masyarakat Sunda khususnya di Bandung dan sekitarnya, yakni Cimahi, Sumedang dan orang suku sunda lainnya, ada beberapa nama khusus, yakni diantaranya :   Alun-alun = tanah lapang (hareupeun kacamatan, kabupaten, jsb)   Babakan = lembur anyar;  ngababakan = nyieun lembur anyar   Babantar = bagian walungan anu leah sarta deet.  

Biantara Nyerenkeun Calon Panganten Pameget

Alhamdulillaahil ladzi arsala rasuulahu bil huda, wadinil haq, liyudh hirahuu 'alladiini kullihii wakafaa billahii syahiidaa. Asyhadu allaa ilaaha illallaahu wahdahuu laa syariikalah, wa asyhadu anna muhammadan 'abduhu warasuluhuu laa nabiya ba'dah.   Allahumma shalli wasallim wabarik 'alaa sayyidina muhammad, wa 'alaa aalihi wa ash haa bihii wa manit taqaa. Amma ba'du. Diawitan ku basmalah, nu jadi sekar pangiring catur, sangkan jadi panghias rasa, tur jadi santun ing kalbu. Tarate hate malati ati, sangkan jadi pangemat aworna omel jeung amal. Dituturkeun ku hamdalah, kalimah panundung rambu ing takabur, nu ngahunyud dina kalbu, nu sok jadi panghalang, jorelatna teja Al Qur-an kana manah, ngaheumpikkan tembusna cahaya kudus kana kalbu, sangkan ulah aya rasa riya, sum’ah jeung takabur, nu sok pasolengkrah jeroeun dada. Dipirig ku kalimah kalih, syahadat dua lir sumpah, jangji moal lanca-linci, luncat mulang udar tina tali gadang, mo rek ngijing sila

Pidato Seserahan Basa Sunda

PIDATO NYERENKEUN PANGANTEN  Asalamualaikum Warohmatulohi Wabarokatuh Bismillah Alhamdulillah Asolatu Wa salamu Ala Rosulillah Wa ala alihi wasoh bihi wama walah Wa Lahaula wa lakuwata ila bilah. Ama ba’du  Hadirin rohimakumulloh  Sadaya puja sareng puji syukur nu utama saleresna eta kagungan gusti Alloh nu murbeng alam, rohmat miwah kawilujengan mugi tetep ngocor ka jungjunan urang sadaya Kanjeng Nabi Muhammad S.A.W. ka kulawargina ka para sahabatna sareng kasadaya umatna nu tumut kana sunahna tigin kana ajaranan dugi ka akhir Zaman.  Kanca Mitra miwah Sepuh-sepuh anu mulya  Simkuring sakulawarga miwah pun dulur sadaya tumorojog tanpa larapan nyanggakeun wilujeng tepang, tipayun manuhun seja nyambat nyebat ma’af, cukup lumur jembar hampura, bilih kirang tata titi duduga peryoga. 

Contoh Masrahkeun Calon Panganten Pameget #2

Assalamualaikum, wr.wb. Du’a……………… Minangka pamuka pisanggem, sim kuring nyanggakeunsadaya puji ka Alloh anu Murbeng alam, anu midamel bumi langit katut pangeusina.Ku ayana widi ti Mantenna urang sadaya tiasa kumpul ngariung patepung  lawung paamprok jonghok enggoning nepangkeunsareng manjangkeun silaturahmi antawis kulawargi ti Karangnunggal sarengkulawargi ti Kawali Ciamis. Mugia bae ieu pajemuhan teh aya dina ridlo sarengginulur rahmat Gusti Alloh. Solawat sinareng salam mugia salalamina ngocor kajungjunan urang sadaya Kanjeng Nabi Muhammad SAW, oge ka parakulawargina, kaparasohabatna. Mugia aya leleberanana kanggo urang sadayana, kalayan mugiaurang sadaya kenging sapaat ti Mantenna di yaumal kiyamah. Amin. Bapa Haji Sasmita miwah Ibu, kitu deui wargi-wargi anusami-sami ngaluuhan ieu pajemuhan, hormateun sim kuring,

Contoh Masrahkeun Calon Panganten Pameget #1

Assalamualaikum wr.wb. Alhamdulillah nahmaduhu wanastainuhu wa nastafioruhuwanaudubilahi min sururi anfusina wa min saiati amalina mayahdilahu fala mudilalahwama yudlilhu fala hadiyalah. Alhamdulilahiladi ahala nikah waharomasifah,ashadu anla ilaha ilalloh wa ashadu anna muhamadan abduhu warosuluh, bismilahibinimatil iman wal islam, sodakolohul adzim. Puji nu jadi mimiti mugi ngancik di Gusti Robul Ijati,kalayan mung karana kodrat mantenna urang sadaya dina waktos ieu tiasa riungmungpulung paamprok jonghok dina raraga silaturahmi, anu dipatalikeun sarengacara walimatul urus. Solawat kalih salam mugia salalamina dikocorgolontorkeunka Kanjeng Rosululloh Muhammad SAW. Oge ka parakulawargina, ka parasohabatna,ka tabiin tabiatna tug duga ka umatna muslimin muslimat. Kalayan pamugi urangsadaya kagolong kana umatna kalayan kenging safaat di yaumalkiamah. Amin.

SANGKURIANG (Dok.Salakanagara)

Image
Oleh : Richadiana Kartakusuma Suargi (Admin Salakanagara) “Raja Sungging Perbangkara pergi berburu, di tengah hutan Sang Raja membuang air seni yang tertampung dalam daun “Cariang” (keladi hutan). “Seekor babi hutan betina bernama Wayungyang yang tengah bertapa ingin menjadi manusia meminum air seni tadi. Wayungyang hamil dan melahirkan seorang bayi cantik. “Bayi cantik itu dibawa ke keraton oleh ayahnya diberi nama Dayang Sumbi alias Raras Ati. Banyak raja yang meminang tetapi tak seorang pun yang diterima sehingga para raja saling berperang diantaranya. Sejak itu, atas permintaaanya sendiri, Dayang Sumbi mengasingkan diri di bukit ditemani seekor anjing jantan yaitu si Tumang.

GURAT BADAG KARAJAAN DITATAR SUNDA SALILA 14,5 ABAD (ti taun 130 M. – 1579 M.)

Ku : Kang Asep Idjuddin (Admin Salakanagara) Bahan- bahan anu digunakeun: Data-data artefax ngeunaan masyarakat Sunda, kapanggih dina : 1. Warta Cina: Dina taun 132 M raja YE TIAO nu ngaran TIAO-PIEN ngirim utusan ka Cina. Ye Tiao = Jawadwipa, jeung Tiao-Pien = Dewawarman. 2. Warta Ptolemeus; Dina taun 160 M saurang ahli elmu bumi urang Iskandariyah turunan Yunani, nu ngaranna CLAUDIUS PTOLEMEUS nulis catetan, nu sumberna ti pelaut Arab nu sering ngabuniaga ka India,nerangkan yen IABADIO = YAWA-DWIPA nagri nu subur. Aya kota dagang nu disebut ARGYRE = Kota Perak >Rajata pura, di SALAKANAGARA. 3. Warta FA-HIEN inyana pendeta Budha, samulangna ti India , balayar ngaliawatan laut kidul. kasarung tur angkleung-angkleungan hanjat ka hji pulo salila 5 bulan. Pulau teh disebut Ya-Va-Di dina tgl. 14 April tahun 414 M. Inyana nyebutkeun aya nagari endah tur badag, disebut TO-LO-MO = Ta ru ma (Nagara) 4. Prasasti, nu kapanggih aya 20 : o Prasasti Karajaan Galunggung: di Geger Hanjuang (

DAYANG SUMBI (Dok.Salakanagara)

Tah ieu mah pamadegan Mang Elon ngeunaan Dayang Sumbi. Dayang sumbi setelah menikah dengan Tumenggung (Tumang), berputra 5 orang, diantaranya : 1. Sang-Kutjika (laki2)………………………maha dewa 2. Sang-Purutja (laki2)……………………..dewa angin 3. Sang-Garga (laki2)…………………….….dewa api 4. Sang-Maistri (perempuan)……………dewa bumi 5. Sang-Patandjala (laki2)…………………dewa air Dayang Sumbi anak dari Prabu Sindula (Sinduk) Ratu Kendan, penguasa Keraton Nusa Djawa.

SITU CILEUNCA, Sarana Wisata Pangjugjugan Balarea (Dok.Salakanagara)

Sajarah Situ Cileunca Dina waktu jumenengna para alim Anu ayeuna kamashur Hese neang tandingan Kirang-kirang perusahaan anu luhur Nu nepi ka nyaruaan Tapi weleh henteu manggih Eta guguritan teh mangrupa pada anu munggaran tina guguritan ngeunaan Situ Cileunca, anu masih keneh kaemut ku Bapa Endang (75). Inyana ngaguar deui sajarah ngeunaan Situ Cileunca basa diwangun dina mangsa pamarentahan Hindia-Belanda, ampir saabad katukang. Situ Cileunca pernahna di Kacamatan Pangalengan Kabupaten Bandung, jauhna kurang leuwih 42 Km ti kota Bandung ka tebeh kidul, ngaliwatan Dayeuh Kolot, Bale Endah, Banjaran, Pameungpeuk sarta Cimaung, pernahna teu kurang ti 2.500 meter luhureun beungeut cai laut. Teu aneh lamun hawana karasa tiis nyecep, antara 15-24oC. 

Sunda jeung Islam (Dok Salakanagara)

Aya sawatara jalmi nu nyebat Sunda teh Islam, Islam teh Sunda. Ari nyeples pisan kitu mah rupina henteu, lantaran basis geopolitik (baheula dugi ka ayeuna) antara Arab jeung Sunda langkung seueur bedana batan saruana. Ngan husus mun dina bagbagan "elmu" mah loyog pisan kadinya, natrat raratan kantetan ilmiahna nu bisa nepi kalayan jentre nerangkeun yen Islam jeung Sunda teh puguh tali-tumalina. Kusabab lamun rada leleb nalungtikna mah, ari Sunda teh geus dipikaheman ku Rasulullah saw ti 14 abad ka tukang. Ieu bangsa geus dipicangcam ku Alloh jeung ku Rasulullah ti ajalina, sabab ieu bangsa baris nampi tugas ti Gustina, jadi wewengkon pamanggul kabangkitan peradaban anyar di ahir zaman. Kitu, sahenteuna, eta kasimpulan anu ku simkuring diparcaya tina panalungtikan mangtaun-taun anu enya-enya.

Sejarah Kudjang Sunda

Dalam Wacana dan Khasanah Kebudayaan Nusantara, Kujang diakui sebagai senjata tradisional masyarakat Masyarakat Jawa Barat (Sunda) dan Kujang dikenal sebagai senjata yang memiliki nilai sakral serta mempunyai kekuatan magis. Beberapa peneliti menyatakan bahwa istilah Kujang berasal dari kata Kudihyang dengan akar kata Kudi dan Hyang. Kudi diambil dari bahasa Sunda Kuno yang artinya senjata yang mempunyai kekuatan gaib sakti, sebagai jimat, sebagai penolak bala, misalnya untuk menghalau musuh atau menghindari bahaya/penyakit. Senjata ini juga disimpan sebagai pusaka, yang digunakan untuk melindungi rumah dari bahaya dengan meletakkannya di dalam sebuah peti atau tempat tertentu di dalam rumah atau dengan meletakkannya di atas tempat tidur (Hazeu, 1904 : 405-406) Sedangkan Hyang dapat disejajarkan dengan pengertian Dewa dalam beberapa mitologi, namun bagi masyarakat Sunda Hyang mempunyai arti dan kedudukan di atas Dewa.

BANDUNG KOTA PANINEUNGAN (Dok.Salakanagara)

Kintunan : Aam Muharam Harita, taun 1970-an, kaayaan Bandung tacan sarumpek teuing kawas ayeuna. Bemo anu ngagantikeun cator, masih keneh pasuliwer di Alun-alun, mawa penumpang anu ka jurusan Buahbatu. Oge oplet jurusan Cimahi, masih keneh ngaliwatan jalan Cibadak, laju ngulon ti mimiti jalan Kelenteng, brasna ka Cimahi, malahan ka nepi ka Padalarang. Beca masih keneh pasuliwer di jalan-jalan protokol di tengah-tengah kota, sedengkeun angkutan kota anu kawilang popiler harita, nyaeta ‘honda’ anu trayekna nyaeta Kebon Kalapa Dago sarta ka Ledeng, najan ari nu ka Ledeng mah sabenerna lain mobil merek Honda, tapi Colt Mitsubishi anu leuwih gede sarta bisa mawa muatan leuwih loba. Kitu deui kaayaan pasar-pasar, masih keneh loba pasar tradisional anu jadi pangjugjugan kaom ibu anu rek baralanja. Wangunan pasar anu ngabogaan ciri mandiri nyaeta Pasar Andir – samemehna oge Pasar Baru sarta Pasar Kosambi sarua ngabogaan ciri mandiri – anu nepi ka kiwari masih nyampak, sedengkeun Pasar Ko

Jampe-jampe kolot Baheula (Dok.Salakanagara)

Bisi budak hareeng bismilahirohmanirohim tiis batan cau kole di ala ku odeng odeng ceup tiis 3x Nyarang Hujan bismilahirohmanirohim nini raspati jaya ning angin embah buyut dalem jaya kusumah,,,, :: bari nahan nafas, baca 7 x Jampe Nguseup: nini beutekuk hulu aki betekuk hulu nu mondok di gowok cadas sor blenong 3x kirim aing cacing kuning tali na rantay emas jol aing jol sia ah lauk 3x Arateul alatan tangkal anu merang: bismilahirohmanirohim Hantu daun baruang tangkal di ala ku sang kuda putih hurip waras !!!