SANGKURIANG AYA DIMANA-MANA

Ku : Aan Merdeka Permana

SIGANA para ahli folkloré perlu ngayakeun panalungtikan deui, sabab tétéla lalakon Sangkuriang lain ukur aya di Bandung, dalah urang Kuningan jeung urang pakidulan Garut gé, ngaraku baroga Sangkuriang. SALILA ieu Sangkuriang téh sohorna aya di wewengkon Bandung-Subang. “Bukti kongkritna”, nyaéta Gunung Tangkubanparahu. Padahal di sagigireun éta, urang Kuningan ogé ngaku, yén Sangkuriang mah asli urang Kuningan. Bisi teu percaya, pan di ditu aya Gunung Tangkubanparahu. Malah di Waléd, aya arca Sangkuriang. Teu cukup ku kitu da urang pakidulan Garut gé ngakukeun yén Sangkuriang kungsi idek-liher di pakidulan Garut. Tempat ulinna di basisir Cilauteureun. Hanjakal harita can usum KTP, jadi can bisa kakoréh saenyana Sangkuriang téh penduduk mana?

Dina taun 1957 aya majalah Jakarta anu ngaguar Sasakala Sangkuriang dumasar kana fakta géologi. Cenah dataran Bandung kungsi kakeueum alatan Gunung Tangkubanparahu bitu. Gupitan di daérah Sanghyangtikoro jeung Rajamandala, katutup ku keusik, lebu batu jeung eusi gunung. Wewengkon Bandung nu kakeum téh antara Rajamandala tepikeun ka Ujungberung.

Ngan bisa jadi, harita aya sababaraha bujangga anu nyieun atawa nyadur dongéng Sangkuriang, dilarapkeun kana kaayaan geografi masing-masing. Saha anu niron saha, teu kapaluruh. Ngan hasilna, janggélék baé sasakala Sangkuriang di mana-mana. Ngan meureun ari Bandung mah puseurna kagiatan budaya, jadi wé anu diaku Sangkuriang “asli” téh ayana di Bandung.

Di Désa Sukamukti, Kacamatan Cisompét, pakidulan Garut, Sangkuriang diaku asli urang Garut. “Titinggal” Sangkuriang di Sukamukti mah mangrupa batu gedé ngajegir. Mun aya jalma nangtung dina puncelutna, moal katénjo bakat ku luhurna. Batu téh dingaranan Gunung Buligir. Mun rék ulin ka Sancang atawa ka Cilauteureun, katingali atra.

Ceuk dongéng, sakali mangsa Sangkuriang rék nyambungan ka dedemit nu mangkuk di Cilauteureun. Sangkuriang nanggung sundung eusina barang-barang keur nyambungan. Ngan barang anjog ka Leuweung Jagasatru, sinar pajar kaluar mantén. Sangkuriang ambek, sabab lalampahan moal bisa laju ari geus aya panonpoé mah. Sangkuriang mun lalampahan sok dibaturan ku balad dedemit tapi anu embung kacahayaan ku panonpoé. Manéhna sanggup nanggung sundung anu sakitu gedé jeung beuratna téh bané baé dibantuan ku para dedemit. Sangkuriuan ambek duméh kapiheulaan ku pajar. Cul sundung, Sangkuriang ménta ka Nu Kawasa sangkan sundung robah jadi batu. Tah, nya ka hareupna jadi Gunung Buligir. Sangkuriang mah jung baé muru Sanghyang Lawang. Ari nu disebut Sanghyang Lawang téh batu cadas nu aya di éta wewengkon. Muin ditingali ti kajauhan jiga lawang panto.

Sangkuriang gé aya di Kuningan. Lalakonna ampir sarua jeung nu aya di Bandung. Gunung anu jiga parahu nangkub gé aya di Kuningan téh. Ari di Waléd, Kabupatén Cirebon deuih, kapanggih aya arca anu diaku arcana Sangkuriang. Dongéng Sakuriang gé aya, peresis jeung vérsi Bandung. Nu dibendungna lain Citarum tapi Cisanggarung, dijieun situ jang lalayaran. Hanjakal arca téh geus euweuh tina urutna. Cenah mah dibawa diamankeun ka Bandung. Nyao ka mana ka Bandungna. ***

Dicutat tina Buku Serial investigasi sajarah lokal jeung carita rayat LALAKON TI KUNINGAN nu bakal medal.

Gambar tina Google

Comments

Popular posts from this blog

NGARAN PAPARABOTAN JEUNG PAKAKAS

Masrahkeun Calon Panganten Pameget ( Conto Pidato )

Sisindiran, Paparikan, Rarakitan Jeung Wawangsalan katut contona