SRI JAYABHUPATI (Raja SUNDA nu ka 20) (dok Salakanagara)

Kintunan : Kang Asep Idjuddin
Rakeyan Wuwus disebut oge Prabu Galah Kulon, wafat taun 891 M. Diganti ku Prabu Darmaraksa. Tembong ayana usaha daria ngaraketkeun hubungan Sunda-Galuh. Boh permaisuri Prabu Darmaraksa, boh permaisuri Rakeyan Wuwus, duanana adi Prabu Langlang Bumi ti Galuh. Prabu Langlang Bumi kawin ka lanceuk Darmaraksa, Darmaraksa kawin ka adi Langlang Bumi. Tapi eta usaha the teu kuat lila, aya saurang mentri Sunda nu fanatik, ngarasa teu ngeunah Sunda diparentah ku terah Galuh. Inyana maehan Darmaraksa taun 895 M. ngabuktikeun kateupanujuanana.

KulantaranRakeyan Wuwus teu boga turunan, nya karajaan Sunda diwariskeun ka Prabu Windusakti, anak Prabu Dewageng, hartina incu Darmaraksa. Salila saabad ti eta kajadian, tayaperistiwa nanaon nu kacatet, boh dina naskah Wangsakerta, atawadina naskah-naskah Sunda kuno liana. Kakara aya beja nu teges ngeunaan raja Sunda nu ka 20 (diitung ti Tarusbawa), nya eta Sri Jayabhupati atawa Prabu Detya Maharaja, nu di tegeskeun ku C.M.Pleyte, dumasar prasasti Cibadak-Sukabumi. Eta prasasti kaasup panjang, sabab make 4 batu keur nuliskeunana. Kapanggih ti sisi walungan Cicatih. 1 kapanggihdi kampung Pangcalikan, 3 di Bantar Muncang kacamatan Cibadak Sukabumi. Anapon eusi lengkepna;

//0// Swasti cakawarsita 952
Karttikamasa tithidwadaci cuklapaksa
Ha ka ra wara tambir.iri-
Ka diwaca nira prahajian sunda-ma-
Haraja cri jayabhupati jayamana-
Hen wisnumurti samarawijaya caka-
Labhuwanamandalaeswaranindita
Harogowardhana wikra-
Mottunggadewa.ma-

Gaway tepek I purwa sanghyang tapak
Ginaway denira cri jayabhupati prahajian
Sunda.mwang tan hanani baryya baryya cila.i-
rikang Iwah tan pangalapa ikan sesini Iwah.
Makahingan sanghyang tapak wates kapujan
I hulu. I sor makahingan I sanghyang tapak
Wates kapujan I wungkalagong kalih
.matangyan pinagawayaken pra-
sasti pagepageh. Mangmang sapata.

Sumpah denira prahjyan
Sunda I wirnya nihan

//o// indah ta kita kamung hyang hara agasti purbba
daksina paccima uttara agniya neri-
ti bayabya aicana urddhadah rawi caci patala jala
pawana
hutasanapah bhayu akaca teja sanghyang mahoratra
saddhya yaksa raksa-
sa picaca pieta sura garuda graham kinara mahoraga
catwara Idkapala
yama baruna kuwera bacawa mwang putra dewata pan-
ca kucika nandicwara mahakala du-
rggadewi ananta surindra anakta hyang kalamertyu
gana bhuta sang prasiddha milu manarira
umasuki sarwwajanma ata regnyaken iking sapatha
samaya sumpah pamangmang ni lebu ni pa-
duka haji sunda irikita kamung hyang kabeh..
………………paka-dya umapala ikan..i sanghyang tapak ya
patyananta ya kamung hyang denta
t patya siwak kapalanya cucup utekna belah dada-
nya inum rahnya
rantan ususnya wekasaken pranantika…….
……..i sanghyang kabeh
tawat hana wwang baribari cila irikang Iwah i
sanghyang tapak apan
iwak pakan parnnahnya kapangguh I sanghyang ..
…………..maneh kaliliran
Palnanya kateke dlaha ning dlaha……………
……………paduka haji I sunda umade-
Makna kadarman……ing samangkana wekawet
Paduka haji I sunda sangum
Nti ring kulit I kata kamanah ing kanang……
……….i sanghyang tapak makatepa
Iwah watesnya I hulu I sanghyang tapak i.
…………….i hilir manhingan i-
Rikang…………umpi ing wungkal gde jakih.i
wruhhananta kamung
hyang kabeh //0// (transkipsi Pleyte).

Tarjamahna:
Salamet. Dina taun saka 952 bulan kartika tanggal 12
bagian caang poe hariyang-kaliwon-Ahad wuku tambir.
Ieu waktuna raja Sunda Maharaja Sri Jayabgupati Jayamahen
Wisnumurti Samarawijaya Sakalabuanamandaleswaranindita
Harogowardana Wikramottunggadewa nyieun ciri di wetaneun
Sanghyang tapak.
Dijieun ku Sri Jayabhupati Raja Sunda, kade ulah aya nu wani
Ngarempak katangtuan di ieu walungan. Ulah aya nu ngalalaik
Di ieu walungan ti wates girang sanghyang tapak, nepi ka wates hilir
Sanghyang tapak, lebah dua batu gede.
Keur eta maksud,geu dijieun piagem nu dikuatan ku
panggero supata jeung sumpah raja Sunda, nu unina kieu:

Kacida endahna aranjeun Hyang Siwa,Agastya,wetan,kidul,kaler,
Nyela bumi kidul,nyela bumi kaler,nyela bumi kidul,zenith,nadir,
Panonpoe,bulan,bumi, cai,angin, seuneu,walungan,kakuatan,
awang-awang,Cahaya,snghyang peuting,sore,yaksa,buta,
pisaca(sabangsa siluman),sura,Garuda, buaya, kinara(Manusa manuk),
naga, kaopat papayung dunya,Yama,Baruna,Kuwera,Beswa
jeung putra dewata Pancakusika,sapi tunggangan Siwa,
Mahakala,Dewi Durga,Ananata(Dewa Oray),Surindra,Putra
HyangKalamercu,Gana (mahluksatengah dewa), buta,para
arwah, muga milu mijalma ngaraksuk ka kabeh jalma.
Ku aranjeun gerakkeun
Supata,jangji, sumpah, panggero raja Sunda ieu………..

Eusi sumpah saterusna menta ka sakabeh kakuatan gaib nu geus digero sangkan maehan sing saha wae nuwani ngala lauk di ieu walungan dina wates nu geus ditangtukeun,bejadkeun sirahna,seuseup otakna,inum getihna,beulah dadana,pegatkeun peujitna. Sabalikna mun ambarahayat satia satuhu, teu ngarempak eta wates nu geus ditangtukeun,bakal dibere hadiah dicukupan sandang-pangnna Saumur hirupna. Pamungkasna ditegeskeun deui wates-wates walungan nu teu meunang diala laukna sabab kaasup wewengkon kabuyutan Sanghyang Tapak. Ieu prasasti negeskeunyen Sri Jayabhupati geus nyieun tanda/cirri di wetaneun kabuyutan, dina walungan Cicatih nu laukna teu meunang di ala semet wates nu geus ditangtukeun.

Loba prasasti-prasasti Sunda(sanggeus mangsa Tarumanagara)nu kapanggih diwewengkon kabuyutan. Prasasti Galunggung di GegerHanjuang, Prasasti Kawali jeung Batutulis, kabeh ge di wewengkon kabuyutan (tempat Pamujaan),hartina can tangtu puseur dayeuh karajaan Sunda aya di lebah dinya. Kulantaran prasasti Cibadak ditulis ku aksara jeung basa Jawa Kuno, dina gaya nu sagalana kawas Jawa Timur, wajar mun kungsi aya sangkaan yen karajaan Sunda dikawasa ku Erlangga. Padahal antara Sri Jayabhupati jeung Erlangga the samitoha. Pada-pada minantu Prabu Darmawangsa. Gelar panjang Sri Jayabhupati eta gelar hadiah mangsa perkawinan, teu bina kawas gelar Erlangga nu panjang. Mun aya sangkaan kawas di luhur teh kacida teu merenahna, sabab prasasti Cibadak dijieun dina tanggal 11 Oktober 1030, dina mangsa eta Erlangga keur meujeuhna riweuh nalukkeun musuh-musuhna, jeung teu pantes raja bawahan nyieun prasasti sarupa kitu.

Geus disebutkeun di luhur yen Sri Jayabhupati the raja Sunda nu ka 20 sanggeus Maharaja Tarusbawa. Nurutkeun Wangsakerta, tanda/cirri nu dijieun ku Sri Jayabhupati the, tanda nobatna. Mungkin tanda dijieun tina menhir, atawa megalitik sejenna. Sri Jayabhupati marentah salila 12 taun (1030-1042 M), ramana Prabu Sanghyang Ageng dipusarakeun di Situ Sanghyang, can kaungkab ayana hubungan antara eta inohong jeung makam karamat nu aya didesa CIBALANARIK, Tasikmalaya. Makam ni dicirian ku batu pangcalikan nu sidik lain makam Lingga Wastu, sakumaha anu disebutkeun ku kuncenna, sabab Lingga Wasti ngaran alias Wastu Kancana. Istri Sri Jayabhupati nu ka dua, putri Melayu,Anak nu lahir tina ieu perkawinan, ngajodo ka putra mahkota Sriwijaya. Duaputri Sri Jayabhupati ngajodo ka mentri ti Bali jeung Jawa Timur.Malah aya alona nu kawin ka raja Wurawari, nu dina prasasti Calkuta disebut Pralaya, harita Prabu Darmawangsa gugur, nepi ka disebut Sang Mokteng Kadaton (Gugur di Istana). Ngaran Wurawari masih keneh mangrupa teka-teki para ahli sajarah, naha wurawari teh ngaran raja atawa ngaran karajaan? Aya nu nyangka di pulo Jawa, aya nu nyangka di daerah kapuloan wewengkon Sumatra, pedah wurawari = worahwarih ,(daerah nu loba cai). Schrieke nangtukeun yen wurawari ayana di sisi walungan Tulis, di kabupaten Banjarnagara, Jawa Tengah, ceuk inyana mungkin baheula daerah wurawari the ngawengku Banjarnagara, Temanggung, Pemalang, jeung Kendal. Taun 1032 Erlangga kakara bias ngelehkeun raja Wurawari dina raraga ngayakeun konsolidasi kakawasaan. Tapi can bias ngelehkeun Wijaya raja wengker di wewengkon Madiun. Ku eta kanyataan, Erlangga can kungsi ngajorag musuh ka luar ti pulo Jawa, Prof.Schrieke netepkeun pamadegan yen Wurawari ayana di Jawa. Karek dina taun 1035 Erlangga bias ngelehkeunWijaya raja Wengker, pedah raja Wengker nyerang Wwtan Mas.

Erlangga mindahkeun puseur pamarentahan ti Wwtan Mas ka Kahuripan. Sabenerna peristiwa pralaya (Prasasti Calkuta), mangrupa malespatina Sriwijaya ka Erlangga, ngaliwatan raja Wurawari. Sabab ti taun 900 Sriwijaya aya dina kakawasaan Darmawangsa ti Jawa Timur,sanggeus Sriwijaya eleh dina pertempuran laut.

Comments

Popular posts from this blog

NGARAN PAPARABOTAN JEUNG PAKAKAS

Masrahkeun Calon Panganten Pameget ( Conto Pidato )

Sisindiran, Paparikan, Rarakitan Jeung Wawangsalan katut contona