Propinsi Pasundan (Dok.Salakanagara)

Sok aya nu nanya, ari Propinsi Pasundan teéh mana?
Naon pangna dingaranan Propinsi Pasundan?

Kieu eta teh. Ari nu disebut Propinsi Pasundan téh nya eta Province West Java anu diadegkeun taun 1925. Wewengkonna ngurung Propinsi Jawa Barat, Propinsi Banten jeung Daerah Khusus Ibukota Jakarta Raya (DKI Jaya) ayeuna. Ari pangna disebut Propinsi Pasundan, ku lantaran, kapan dina putusanana geé disebutkeun yeén ngaran ieu propinsi teéh bisa disebut Provincie West Java, jeung bisa ogeé disebut Propinsi Pasundan. Provincie West Java disebut ku urang Walanda boh dina caritaan sapopoeé dina basa Walanda boh dina administrasi pamareéntahan kolonial Hindia Walanda anu méemang ngagunakeun basa Walanda oge. Ari Propinsi Pasundan bias jeung biasa disebut ku urang pribumi dina basa urang pribumi, babakuna ku urang Sunda dina basa Sunda. “West Java, in inheemsche talen aan te duiden als Pasoendan,” kitu antarana rengkolna dina putusanana téeh. Sundana, “Ari Propinsi Jawa Barat téeh dina basa pribumi mah ngindung kana Propinsi Pasoendan.” Cindekna, “West Java” cek Walanda, “Pasoendan” cek urang. Ieu propinsi resmi ngadeg ti mimiti 1 Januari 1926.

Sigana hadeé mun dibeéjeérbeéaskeun bubuk leutikna. Propinsi téeh wangunan daéerah administrasi pamareéntahan anu perenahna handapeun pamaréentah puseur, luhureun karesideénan jeung kabupatéen. Di urang mah propinsi teéh kaasup wangunan daéerah administrasi pamaréentahan nu anyar. Anu geus aya di abad sameémeéhna keéneéh (abad ka-19) mah wangunan karesidéenan jeung kabupateén. Kecap propinsi dina basa Sunda asalna tina basa Walanda provincie.
Perlu diécaricéskeun heula yéen jaman harita (jaman kolonial) aya dua rupa pamareéntahan anu dipakeé ngokolakeun masarakat jeung lemah cai urang, nyaeéta pamaréentahan tradisional jeung pamareéntahan kolonial. Pamaréentahan tradisional dikokolakeun ku bangsa urang sorangan (pribumi, bumiputera) dumasar kana tradisi anu geus ngabaku di urang ti jaman baheula kéenéeh. Ari pamaréentahan kolonial dikokolakeun ku bangsa deungeun (bangsa Walanda) anu ngajajah bangsa urang dumasar kana tradisi jeung aturan anu dijieun ku maranéhna.
Éta dua pamaréentahan sasatna misah boh aturanana boh nu mingpinna, ngan kalungguhanana pamareéntahan kolonial saluhureun pamaréentahan tradisional. Pamareéntahan kolonial ti karesidenan ka luhur, ari pamareéntahan tradisional ti kabupateén ka handap. Jadi, nu nyekel pamareéntahan kolonial (ti residéen, malah asistéen residéen, ka luhur) bisa ngatur jeung maréentah nu nyekel pamareéntahan tradisional (ti bupati ka handap).

Wangunan daeérah administrasi pamareéntahan propinsi lahir dumasar kana gagasan ti Karajaan walanda anu diucapkeun dina pidato Ratu Walanda tanggal 1 Januari 1900 yeén, Dawuh Ratu, Karajaan walanda baris ngagunakeun sistem deseéntralisasi enggoning ngokolakeun pamareéntahan kolonial di Hindia Walanda (Indonesia ayeuna). Dina sistem pamareéntahan deseéntralisasi pamaréentah daérah miboga hak pikeun ngatur tur ngawaragadan enggoning ngokolakeun pamaréentahan di daérahna sorangan. Ku cara kitu, ceuk tiorina mah, masarakat pribumi bakal leuwih ningkat kahirupan eékonomina jeung kahirupan sosialna.
Pikeun ngalaksanakeun eéta jangji nya kaluar Undang-undang Deséentralisasi (Decentralisatiewet) taun 1903. Deg diadegkeun wangunan daéerah administrasi pamareéntahan kota Gemeente. Sundana, Haminte. Nya eta Gameente: Batavia, Meester Cornelis (Jatinegara), Buitenzorg (Bogor), Sukabumi, Bandung, jeung Cirebon. Anu nyekel pamareéntahanana burgemeester (walikota). Nu jaradi burgemeester kabeéh urang Walanda. Sagigireun eéta, aya Gemeenteraad (Dewan Haminte) anu ulubiung ngokolakeun daéerahna.

Singhoreéng ngadegna haminte teéh saenyana mah pikeun nyumponan pameénta masarakat urang Éropah nu lolobana dumuk di kota-kota. Maraneéhna butuh ku pirang-pirang fasilitas pikeun hirup kumbuh sapopoé kayaning imah, cai, gas, jalan, kamalir cai, taman, dahareun, tempat kalangenan, jeung sajaba ti eéta. Éstuning lain pikeun ningkatkeun karaharjaan masarakat pribumi nu harita hirupna sakitu katalangsarana. Buktina, haminte ngan diadegkeun di kota-kota anu urang Éropah (Walanda) loba dumuk di dinya. Teéteéla pamaréentah kolonial leuwih ngutamakeun kapentingan bangsana sorangan batan kapentingan pribumi.

Der Perang Dunya I di Éropah (1914-1918). Jeprut “tali mimitran” antara Karajaan Walanda jeung Hindia Walanda pegat. Kuniang kasadar katut pamadegan boh ti urang pribumi boh ti urang Éropah nu dumuk di dieu yéen pamareéntahan deseéntralisasi teéh dina emprona mah teu nyugemakeun. Ari sababna kakawasaan pamareéntah daeérah diwatesanan pisan.

Ku kituna, muncul usul sangkan pamareéntah daeérah dibéereé kakawasaan nu leuwih lega ambahanana jeung leuwih loba garapanana bari jeung gedeé wewenangna. Nya dina taun 1922 kaluar Undang-undang Robahan Pamaréentahan (Bestuurhervormingswet).

Dumasar kana eéta undang-undang, ditetepkeun yeén kabupateén daeérah otonom nu ngabogaan Déewan Kabupateén (Regentschapraad). Gemeente diangsrodkeun statusna jadi Stadsgemeente (Haminte Kota). Sagigireun eéta, muncul konséep gewest (wilayah) anu diwangun ku dua wilayah administrasi pamareéntahan, nya éeta provincie (propinsi) jeung regentschap (kabupatéen). Propinsi wewengkonna leuwih lega batan kabupateén, malah ngurung sababaraha kabupateén, tur dipingpin ku gupernur (gouverneur) sarta dibarengan ku Provincialeraad (Déewan Propinsi).
Pikeun ngalaksanakeun undang-undang anyar, kaluar aturan pamaréentah nu tujuanana muka lawang pikeun ngadegkeun wilayah eékonomi propinsi (Staatsblad nomer 78 taun 1924). Geus kitu mah kaluar putusan anu netepkeun ngadegna wilayah administrasi pamaeréntahan propinsi di Pulo Jawa.

Propinsi anu pangheulana diadegkeun téeh Provincie West Java nu ku urang pribumi, babakuna ku urang Sunda beunang disebut Propinsi Pasundan téea. Sesebutan kitu pikeun urang pribumi mah ladang héeseé capeé merjoangkeun Paguyuban Pasundan. Propisni Pasundan diadegkeun dumasar kana aturan pamareéntah anu kaunggel dina Staatsblad (Lembaran Negara) taun 1925 nomer 378 tanggal 14 Agustus 1925. Dina katangtuanana disebutkeun yéen Propinsi Pasundan kalawan sah ngadeg ti mimiti tanggal 1 Januari 1926. Ti dinya ngadeg Provincie Oos Java (Provinsi Jawa Wetan) jeung Provincie Midden Java (Propinsi Jawa Tengah) dina taun 1928 jeung taun 1929
.
Ditetepkeun deuih yeén puseur dayeuh pamareéntahan Propinsi Pasundan teéh Batavia (Jakarta ayeuna mah). Kantorna di Jakarta Kota nu ayeuna gedongna dipakeé Museum Kota Jakarta, teu jauh ti setatsion kareéta api Beos (Setatsion Kota). Kalang pamaréentahanana ngurung lima karesidéenan, 18 kabupaten, jeung genep haminte kota, nyae éta (1) Karesidéenan Banten anu diwangun ju Kabupatéen Seérang, Pandeéglang, jeung Lebak, (2) Karesidenan Batavia anu diwangun ku Kabupaten Jakarta, Jatinegara, jeung Karawang, (3) Karesidéenan Buitenzorg anu diwangun ku Kabupateén Bogor, Cianjur, jeung Sukabumi, (4) Karesidénan Priangan anu diwangun ku Kabupateén Bandung, Sumedang, Garut, Tasikmalaya, jeung Ciamis, sarta (5) Karesidéenan Cirebon anu diwangun ku Kabupatéen Cirebon, Kuningan, Majalengka, jeung Indramayu. Ari genep haminte nyae éta Batavia, Meester Cornelis, Buitenzorg, Sukabumi, Bandung, jeung Cirebon.

Dicutat ti buku Nu Maranggung Dina Sajarah Sunda seratan Dr. Edi S. Ekadjati

Comments

Popular posts from this blog

NGARAN PAPARABOTAN JEUNG PAKAKAS

Masrahkeun Calon Panganten Pameget ( Conto Pidato )

Sisindiran, Paparikan, Rarakitan Jeung Wawangsalan katut contona