Masrahkeun Calon Panganten Pameget ( Conto Pidato )

Nyanggakeun bilih aya nu peryogi kanggo conto pidato dina raraga masrahkeun calon panganten pameget, dihandap aya 3 (tilu) conto anu tiasa di angge, wilujeng :
Conto ka-1

Bismillaahirrahmaanirrahiim,
Assalamu'alaikum Wr.Wb.
Alhamdulillahi rabbil 'alamiin, washalatu wasalamu ala asrofil anbiyai walmursalin wa'ala alihi washohbihi ajmain. Robbisrohli sodri, wayasirli amri wahlul ukdatamillisaani yafqohu qouli.
Para wargi anu sami dimulyakeun ku Alloh, sumangga urang sami-sami nagdo'a ka nu kagungan ieu alam katut sapangeusina, urang neda jiad ijabahna mugia ieu pamaksadan ginanjar karahayuan.
Dulur-dulur anu sami kumpul, sanak baraya nu pada aya, sepuh anom jaler istri, kalayan asmana sepuh miwah kulawargina cep..........Tipayun mugi sih panghaksami, reh sim kuring saabringan, cunduk rusuh datang geura, tanding walik muru pasir, tanding julang muru rangrang, tanding jogjog moro mondok, moro panonobanana.
Dupi anu dimaksad, ieu nganteur nu teu ludeung, nu hoream datang nyorangan, pun anak wasta................ Inyana, mun peuting teu genah cicing, mun beurang teu puguh lampah, suda dahar suda polah, henteu puguh rarasaan. Singhoreng sabada dititenan, cenah katiir jamparing asih, karuncang panah asmara, bareuh asa nyanyautan. Langkung ti kitu cenah, parantos titp asih nunda subaya, nyumponan jangji pasini, sadusikum ka bale nyungcung. Kantos nyobi-nyobi diheureuyan, nguji pamadegannana.disisilihan wanoja lian. Singhoreng gilig pikir buleud tekad, teu kalis ku nu gareulis, teu sadrah ku dibeberah, majarkeun teh, mun abdi pareng jadi jeung anjeuna, bangun moal pegat son, ari margi, duriat mandean gunung, cinta mandean sagara, kembang cinta terus mangkak, leleb moal manggih ganti, geus saati geus sapikir. Kumargi sakitu atuh mangga ieu nyanggakeun pun anak, mugi kebesan keresa nampi. Geus puguh galurna catur, negmbat papayan sajarah puguh gigirangannana. Mun kitu titis tulis ti ajali, jodo rusiah pangeranteu aya nu mustahil. Mung hatur uninga, pun anak teh badag soteh warugana, elmuna mah hejo tur bangbangan keneh, masih didikeun atikeun kalayan kasobaran. Percanten ka ki besan nu landung kandungan laer aisan, leuleus jeujeur liat tali.

Kalih ti eta deuiah, cundukna ieu si utun datangna ieu si ujang, estu lugag-legog bari lengoh datang bari keupatnampah, teu aya jingjing bawana. Sakadar ugal egol nyoren pestol, mamanggul talutug nahun, aseuk maneuh pancir waris, nini aki. Bahanna ti paku jajar, waja perak beusi akas, disipuh ku kayu garui dipancaran ku samida, matih beunang nganaatan. Hatur lumayan, keur ngaseukeun bibinihan, binih asih tangkal duriat, di huma leuweung larangan nu aheng kabina-bina tacxan kagadabah jalama. Kibesan! Dalah dikumaha atuh, sakieu geuning buktina, dibeber-beber kalah soeh, dikenyang-kenyang karah bedah, lieuk euweuh ragap taya> mung tekad ngakar maneuh jero manah meleuleuheungkeun tuang putera, rek dipetik dipimilik, dipajang dina jambangan, didamel jimat paripih. Mung tamba pamali teuing, nyanggakeun saaya-aya, batok kohok, piring semplek, beas sasiki, gula sapasi, paris ipis tamba tiris, sendal capit keur ka cai. Sanes teu nyaah sanes teu hormat ka si Ujang ka si nyai, sakieu geuning buktosna, tumamprak sadaya-daya.Mungguh sepuh sakadar sumambung du’a, dahupna ieu barudak aya dina akajanglaran, sial dangkalna, sue naasna, geus ditalangan ku apana ku emana, barudak mah mugia laki rabina dipareng panjang punjung panjang yuswana ginuluran karahayuan, negrak di hanjuang siang.
Sakali deui nyanggakeun ieu pun anak, mugi ditampi sapamakasadannana, paripaos getihna satetes, ambekananana nu sakesotan, indit peuting miang beurang, labuh di curug, rag-rag di jungkrang, dengdek mahekun condong namp[lokekeun nyanggakeun ka ki besan nu wijaksana.
Pungkas asur, beurat hate hese kacap, teuleum teu werat ka dasar, ka leuwi tangeh rek nepi, nyanggakaun sadaya-daya, cag dugi kadinya.
Wassalamu’alaikum Wr.Wb.


Panampian Calon Panganten Pameget
Asalamu’alaikum Wr. Wb.
Bismillah, alhamdulillah, lahaula wala quwwata illa billaah,

Sabada simkuring ngahaturkeun salam ka sugri nu hadir, rohmat sareng salam urang haturkeun ka jungjunagan alam Rosulullah SAW, ka kulawargina miwah para sohabatna. Purwa pamaksadannana, sim kuring seja sasanggem, kedal lisan panampian, ngawakilan mutlak keresana Bapa... miwah ibu. Ka para sesepuh hormateun sim kuring, ka nu weruh di tempatna, ka nu reugreug dipageuhna, utamina ka kersana besan sarombongan. Tinangtu anu bakal kapihatur, estu tebih ti utami, anggang ti kasampurnaan ari margi, sim kuring sanes ahlina dina widang ieu, mung piraku ari kedah medal sila onaman. Kukituna mugia sih hampurana ti sadayana. Pangersa besan jaler istri , tamu-tamu nu sami dimulyakeun ku Allah. Tadi sami-sami nyakseni, pamaksadan ki tamu nu didugikeun ku wawakilna, nganggo runtuyan miwah ungkara basa nu ngabujangga, leubeut ku rekaan basa nu merenah, beuneur eusina jembar pedarannana, atra anu dipimaksadna. Paingan aya kila-kila, si jalak ngelak, si kate beger, kukupu ngier ngiberan titingalan sing rarikang. Sihoreng baris cunduk tamu nu ditunggu-tunggu tikapungkur, undur taun datang bulan, ayeuna ugana datang.
Alhamdulillah, kabingah sesah bangsana, suka ati pilih tanding, ringkesna mah ditampi sapamaksadan. Ki Besan, naha anduk-anduk teh bet kalalanjoan, di dieu ge sami-sami, sakieu geuning buktina, sanes teu nyaah, sanes teu hormat ka si ujang ka ki besan, dalah dikumaha atuh sami nyanggakeun sadaya-daya.
Ka si Kasep, deudeuh teuing hidup anaking, cunduk dituyun ibu, datang dijajap ku rama, kalih diabring ku kadang wargi. Ieu hiji tawsi , maksad hidep kenging pang rujuk ti sepuh, pidu’a ti kadang warga. Apa sareng ema di dieu, teu ngahero jonghok rebo ku gembolan, ringkid kerid ku jingjingan, kulit awi sesebitan, nu diantio jinis jisimna sawiji, jasad tunggalna nu saurang, ujamng wasta cep...... jajaka nu titih surti ngaji rasa, nu duduga tur peryoga, teu renjagan teu gembangan, estu teguh pamadegannana.
Ditampi kasep, mola rek disaha-saha, diangken anak pituin, heg geura pelakan tuh gunung nu masih gundul, pasir nu masih bulistir, sawah anu lawas ngahgar, ku madu ka asih, muga-muga hejo lembok, lir ibarat bibit tumuwuh di tanah subur. Mung eta nu ulah kakantun teh, parabot nu boga pamor, senjata nunggal talutug nahun tea, seukeut teu karana diasah, keur mencug batu nugar cadas, di dieu geus sayagi pihumauen asukaneun.
Ki Besan!
Mangga urang sami-sami ngadu’a, dahupna ieu barudak muga manjing wanci ninggang uga, diparengkeun camperenik buncir eusi, ngarandah mamanggaran, renung sirungna, mayakpak cangkokannana.
Amin ya Robbal ‘alamiin.
Sakali deui ditampi sapamaksadan.
Cag.
Wassalamu’alaikum Wr.Wb.
========================================================================
Conto ka-2

Hadirin anu dimulyakeun, para tamu /rombongan anu jajap panganten pameget anu dipihormat!
Alhamdulillah kalayan rahmat Allah anu Agung urang sadaya parantos tiasa riung mungpulung, anging takdir ti Ilahi, urang tiasa silaturahmi dina ieu wanci anu mustari, pangersa Allah anu maha Kawasa, tepang rasa, tepang basa, sareng kanca mitra sadaya.
Teu aya sanes anu janten cukang lantaran, ku tepungna tantung, pacangreudna deudeuh, patalina asih, tug dugika jatukramina laki rabi tuang putra Nyi Iteung ka pun anak Kabayan anu kalayan takdir Ilahi parantos waluya bagja rahayu anu dituju, tinekanan  diwalimahan dina dinten ieu Senin, 1 Juli 2010.
Hadirin anu mulya, para tamu rombongan panganten, utamina sepuh panganten pameget! Langkung ti payun seja sanduk-sanduk, mugia agung cukup lumur, jembar hapunten anu kasuhun rehing dina tata titi, duduga peryoga, tata cara kumaha kedahna nampi tamu, estu tumamu, tebih tina nyumponan kautamian, estuning walurat pisan. Hapunten sanes henteu ngutami, atanapi kirang hormat, namung nya sakieu kabuktosannana anu kadada kaduga. Ari karep mah hoyong nyugemakan, namung pakeun anu henteu tiasa dipinding-pinding, estu nya sakieu kabuktosanana.
Para hadirin anu mulya, rombongan panganten pameget, kalih sepuh panganten pameget sarimbit!
Jisim kuring kalayan asmana pun anak seja nyambung saur, ngadugikeun  gerentes ati anu kagungan maksad, nyatana sepuh panganten istri geusan nampi papasrahan ti pihak sepuh panganten pameget anu parantos ngadugikeun kalayan jentre merele, atra nyata, anu direka ku basa anu ngahudang rasa, estu kahartos pisan sartas saluyu sareng lelembutan, naon anu dipimaksad.
Kukituna dina ieu wanci anu mustari mugi disaksi sim kuring seja nampi, kalayan Nyebat asma Allah anu welas asih, ting silumanting, baeu anaking, ditampi ku asih wening trang silumejang, si ujang  muga kenging kabagjaan, sadami renghapna, sakujur jasadna, getihna satetes, buukna salambar. Gumulung tangtung hirup huripna. Sumanding jirim raga badag jeung lembutna Seja disanggakeun ka anu kagungan sareng anu nyiptakeun Allah Robbul Alamin. Diraksa dijaring ku welas asihna Gusti Nu Maha Suci tur Maha Rohman Maha Rohim.  Muga pinareng panjang punjung kalayan ridho Anu Maha Agung, rumah tangga bagja waluya, di dunya tug dugi ka alam baqa, Amin Ya Robbal ‘alamin.
Dirina ditampi, maksadna ditarima, oge ruruba pangjajap, cacandakan anu sakitu seueurna, sareng nyugemakannana, ditampi ku asta kalih, tumamprak panangan muji syukur, tasyakur bini’mah, kana rizki welas asihna Gusti, anu kalayan karidoan galih pinuh ku kaiklasan manah parantos dipasihkeun/ dipasrahkeun ka pihak sepuh panganten istri.
Mudah-mudahan sing jadi barokah, jadi amal kasaean kanggo anu masrahkeunana, muga jadi kamangfaatan dunya aherat kanggo anu nampina. satemenna kakangen ati kalayan sareng kareueus ku parantos cunduk waktu sareng dipasrahkeun.
Anaking! anak bapa teu wasa ngagambarkeun ku basa, teu mahi kumaha  kedahna males budi ka nu janten sepuhna panganten pameget sareng rombogan, anu sami-sami jajap, anu parantos masihan ajen pinuji ka sim kuring sakulawarga, utamina ka pun anak.  Sadaya kasaean seja disanggakeun ka Anu Maha Adil, maha Wijaksana, ka Allah Anu welas asih, mugia dijantenkeun amal kasaean. Amiin.
Rupina lisan panampian dicekapkeun sakieu, Atuh salajengna oge sakedik amanat anu mangrupikeun tali asih simpay kanyaah, mudah-mudahan sing jadi pamatri enggoning laki rabi, pangrumat rumah tangga, jadi obor dimana poek, jadi kamudi bahterana laki rabi.
Mugi diregepkeun ku Ujang Nyai Panganten jeler istri. Anaking! Poe ieu hidep narima amanat. Pek buktikeun tangungjawab hidep kana ieu amanat. Anu hakekatna amanat ti Gusti Allah. Pek geura tatan-tatan, tarik jangkah beber layar, ngajugjug kana pulo pangharepan hidep duaan.
Anaking! Coba lenyepan ieu amanat Luqmaul Hakim ka putrana. Wahai anaking! Kahirupan teh lir ibarat samudra, jerona satunjang jagat, legana parat ka langit. Pengeusina salaksa haq, saketi batil, hade goreng bagja cilaka pagaliwota, sorangeun piliheun hidep duaan. Anaking perhatikeun munggaran  lesotna jangkar, bral miang nyandang harepan. Kapalna wujuding taqwa, eusina wajaning iman, umbul-umbulna Dinul Islam, padomananan nurut dawuh sunah Rasulullah SAW. Balabuhna lebah palataran katengtreman (tawakal alal Loh) Insya Allah kapal hidep baka kuat norobos lambak anu kuat di tengah-tengah sagara kahirupan.
Anaking, Prak geura lengkahkeun suku hidup duaan dina ngambah kahirupan anyar, kahirupan rumah tangga. Hiliwir angin kaasih, hulowatan kabagjaan mugia tinekaan bari ulah hilap ucapkeun.
Tutug anu dituju, tuntas anu diseja. Sakitu nya kedalna ieu rasa, anu kapaksa satiasa-tiasa diolah ku basa, anu tuna pangabisa, sih hapunten tangtos pakusut nyebut, pasolengkrah pasalia, caturna teu ka ukur ku ugeran, engangna teu di ungang engang, tata titina tebih ti utami, sih haksami anu dipamrih, mugia agung cukup lumur, jembar pangaputen tina sagala rupi kakiranganana.
=========================================================================
Conto Ka-3

Bismillaahir rohmaanir rohiim
Assalamu’alaikum Wr. Wb.
Alhamdulillahi robbil aalamin, Wabihi nasta’iinu alla umuurid dunia waddin. Was sholaatu wassalaamu alla sayydina Muhammadin khootaminnabiyyin, Wa aalihi wa shohbihii ajma-’iin.
Palawargi jaler istri anu mulya utamina ka pangersa saebul bet di dieu, sim kuring atas nami kulawargi bapa ………………………………………….. rawuh rombongan, disarengan ku muji syukur ka Gusti nu Maha Agung, ngahaturkeun rebu-rebu nuhun laksa keti kabinghan kapalawargi didieu wirehna sim kuring parantos gasik ditampi enggal-enggal ditarima, dipapag di hiap-hiap ku basa anu endah someah, diawur ku kembang tanjung paselang kembang kananga, malati nu jadi saksi, tawis kaweningan galih pribumi nampi rombongan nu sumping. Estu matak tingtrim kana ati, matak betah kana manah anu nyemah. Mugia pangbagea anu dadasarna ku ikhlas kabingah nembe, tiasa jadi tatali asih panyimpay rasa anu bakal nyangreud mageuhkeun silaturahim antawis kulawargi ti …………………. Sareng kulawargi ti ………………………….., bari ginuluran sareng rido Allah Swt. Amiin.

Salajengna sim kuring seja tamada wireh rumaos ngabantun rombongan teh lumayan seueurna, bari sanes mung wungkul sepuh atanapi rumaja wae nanging katambih ku murangkalih anu nuju meujeuhna baladeur, anu tangtos bakal seueur kalepatanana, utamina tata titi duduga peryogana.
Kumargi kitu tawakup anu kasuhun saupami katingali aya tingkah anu kirang munasabah, kadangu aya saur anu kirang umum ti rombongan sim kuring sadayana.

Palawargi anu mulya.
Rupina cunduk waktuna sim kuring nedunan pamundut panata cakagara tadi, nincak mangsana balaka nguningakeun pamaksadan. Ku kituna mah kantenan, raos rek mobok manggih gorowong, rek naek mendak taraje nguping pamundut panata calagara teh, margi asa piraku ti …………………….. dijugjug upami teu aya anu dipimaksud, pamohalan anggang-anggang diteang ka ……………………………….. upami teu aya pamaksadan, tebih ge pasti disungsi margi aya nu dipilari.

Ka kulawargi bapa……………………………………. Sakalih, Insya Allah sim kuring seja balaka.
Saperkawis sim kuring sarombongan seja nyanggakeun bari nyangreud pageuhkeun silaturahim ka parawargi sadaya di dieu, margi nya ieu pisan nu jadi bibit buit, cikal bakal sim kuring sarawuh rombongan dongkap ka ieu tempat, teu aya sanes seja jajap pun ………………………………………………. Anu wastana ………………………………… kadeudeuh bapa ……………………………………. Sakalih, anu numutkeun selenting bawaning angin parantos lami pakait ati pacantel hate sareng neng…………………………………. Putri ka asih bapa …………………………. Miwah ibu.
Wartosna heubeul silih pikatineung, lawas silih pikamelang, bungbuna karujuk sepuh, samara jiad ti sobat sadaya, cindekna mah batu turun kesik naek alias itu purun ieu daek. Malihan parantos aya kasaluyuan ti sadayana reh dina dinten ieu ping ……………………………….. Insya Allah sejana bade diakadan.
Kumargi kitu, mugi kasaksi ku sadaya, danget ieu sim kuring atas namina kulawargi ………………………………………………… seja nyanggakeun pipanganteneun, nya ieu …………………………………………. Ka pangersa bapa ………………………………….. sakulawargi, saur tukang pantun te mah ti luhur sausap rambut ti handap sausap dampal rambutna salambar getihna satetes napasna sadami estu mo ngagaduh-gaduh deui mugia ditampi lajeng ditikahkeun ka neng ………………………………………….

Panuhun sim kuring sakulawargi sabada pun anak resmi janten kulawargi di …………………………….. mugi sing sering ngageuing, ulah bosen ngawurukan ulah suda mapatahan nungtun sinareng nuduhkeun kana jalan pamaslahatan sareng pibagjaeun dunya rawuh aheratna.
Nanging nyakitu geuning, teu weleh aya tambihna nyaeta mangrupi kabodoan sareng kakiranganana, kirang elmu panemuna kirang tata titi duduga peryogana kirang pangalaman sareng pamahaman tos kantenan anu disebat harta banda mah estu kirang keneh pisan margi nembe bade kokoreh, sumuhun ari pangawakan mah estu tangtung teu nambut rupa teu nyewa dedeg sampe rupa hade nanging nyakitu upami dina kai mah diangge pamikul bengkung diangge pangeret bingkeng, lumayan keur pisuluheun.
Atuh salajengna boh bilih disebat wadul sim kuring nyanggemkeun teu jingjing teu bawa mah, margi ku parawargi katinggali aya nu nyandak tanggeuyan. Isin upami disebat hiji-hijina mah margi mung ukur tamba pamali tamba isin ulah ngaligincing teuing. Ari maksadna mah eta teh tilam kadeudeuh tawis asih ti ………………………………… kanggo neng ……………………………………, mugi ulah ditainggal pangaosna anu estu teu pira, nanging niat suci nu maparina, saurna mah : sanes butuh keur sausum, butuh pikeun batur hirup, mun wasa saumur-umur seja nyaah salawasna, deudeuh geugeut mo ngaheuleut wedi asih salamina. Disarengan ku paneda mugia ginulur restu ginanjar rahmat sareng rido Allah Swt.

Parawargi jaler istri anu mulya. Piraku mun gunung tanpa tutugan, walungan tanpa muara, atuh piraku nu jajap ge kateterasan. Rupina urang cekapkeun sakieu kecap pangjajap sim kuring.
Panutup catur pamungkas carita sim kuring atas nami rombongan ti ……………………………………. Nyanggakeun sewu bebendu laksa duduga ka parawargi sadaya, tos tangtos saurna kirang umum kecap kirang merenah, bobot pangayon timbang taraju, nyanggakeun ka parawargi sadaya. Panuhun sim kuring rawuh rombongan mugi agung tawakupna jembar hampurana kana sagala rupi kalepatan sareng kakirangan

Billahi Sabilil haq.
Wasalamualaikum Wr. Wb.

Comments

Post a Comment

Saumpamina aya nu peryogi di komentaran mangga serat di handap. Saran kiritik diperyogikeun pisan kanggo kamajengan eusi blog.

Popular posts from this blog

NGARAN PAPARABOTAN JEUNG PAKAKAS

Sisindiran, Paparikan, Rarakitan Jeung Wawangsalan katut contona