Sejarah Wayang Golek
Wangenan Wayang
Wayang asal kecapna tina bayang, nu
hartina nya éta lalakon wangwangan adeg-pangadegna jelema boh lahirna
boh batinna, diwujudkeun ku peta-peta modél wangwangan jeung
dilalakonkeun ku dalang bari dipirig ku gamelan saléndro,
ditanceb-tancebkeun dina gebog cau (Danadibrata, 2006: 739). Ruhaliah
(2002: 52) nétélakeun yén wayang asal kecapna tina wa jeung hyang. Wa
nya éta wadah, hyang nya éta déwa.
Wayang nya éta sarupa jejelemaan tina
kulit atawa tina kai nu diibaratkeun anu dilalakonkeunana dina carita
Mahabarata, Ramayana, jsté. Dina pagelaran wayang, Ki Dalang biasana sok
dipirig ku gamelan jeung sindén (KUBS, 1995: 561).
Wayang nya éta hiji wangun seni pagelaran dina wangun drama nu has, nu
ngawengku seni sora, seni sastra, seni rupa, seni musik, seni tutur, seni lukis jeung réa-réa deui (Pasha, 2011: 17). Nurutkeun Pranowo (2011: 1) wayang nya éta salasahiji wangun téater tradisional nu pangbuhunna.
ngawengku seni sora, seni sastra, seni rupa, seni musik, seni tutur, seni lukis jeung réa-réa deui (Pasha, 2011: 17). Nurutkeun Pranowo (2011: 1) wayang nya éta salasahiji wangun téater tradisional nu pangbuhunna.
Sajarah Wayang
Nurutkeun Mulyono (Pranowo, 2011: 1)
wayang geus aya ti jaman Néolithikum, nya éta kira-kira 1500 saméméh
maséhi. Wayang nya éta pintonan dina wangun téater tradisional nu
pangbuhunna. Suryana (2002: 51) nétélakeun yén perkara wayang geus aya
bukti tinulisna, nya éta dina prasasti Tambaga taun 840 M (762 saka).
Dina éta prasasti ditulis ngeunaan hiji pagawéan nu hartina tukang
wayang, dalang nu sebutanana aringgit. Kitu deui dina prasasti Ugrasena
(896 M) dituliskeun ngeunaan pagelaran kasenian, salasahijina
“parbwayang” atawa pagelaran wayang. Lian ti éta dina mangsa kakawasaan
Raja Balitung, pagelaran wayang geus aya nu diguratkeun dina prasasti
Balitung taun 907, kalimahna: “Sigaligi mawayang buat Hyang, macarita
Bhima Kumara”. Hayang nyaho di sakweh ning carita ma: Damarjati,
Sanghyang Bayu, Jayasena, Sedamana, Pu Jayakarma, Ramayana, Adiparwa,
Korawasarma, Bimasorga, Rangga Lawe, Boma, Sumana, Kala Purbaka, Jarini,
Tantri, sing sawatek carita ma mémén tanya (Danasasmita, 1987: 83).
Hartina nya éta lamun hayang nyaho sakabéh carita saperti Damarjati,
Sanghyang Bayu, Jayasena, Sedamana, Pu Jayakarma, Ramayana, Adiparwa,
Korawasarma, Bimasorga, Rangga Lawe, Boma, Sumana, Kala Purbaka, Jarini,
Tantri; sakabéh carita tanyakeun ka dalang (Danasasmita, 1987: 107).
Rassers (Pranowo, 2011: 3) nétélakeun yén pagelaran wayang Jawa lain
asli karya asli urang Jawa. Pagelaran wayang nu aya di Jawa nya éta
hasil titiron nu geus aya di India. Di India geus aya pagelaran
bayang-bayang mirip jeung pagelaran wayang di Jawa. Schlegel (Pranowo, 2011: 3), méré
sawangan yén dina kabudayaan Cina kuna aya pagelaran sarupa wayang. Dina
waktu pamaréntahan Kaizar Wu Ti, kira-kira 140 saméméh maséhi, aya
pagelaran bayang-bayang sarupa wayang. Tuluy ieu pagelaran sumebar ka
India, tuluy ti India dibawa ka Indonesia. Pikeun ngadeudeulan ieu hal,
dina majalah Koloniale Studien, saurang penulis méré sawangan ayana
sasaruaan kecap antara basa Cina, Wayaah (Hokian), Wo-yong (Kanton),
Woying (Mandarin), nu hartina pagelaran bayang-bayang, sarua jeung
wayang dina basa Jawa.
Unggal tokoh miboga pamadegan
séwang-séwangan ngeunaan sajarah wayang ti mana asalna. Sajarah
sumebarna wayang ti India ka Timur Tengah, tuluy ka wétan ka Asia
Tenggara. Wayang nu langsung ka Indonésia disebut Wayang Kulit Purwa.
Wayang ti Indonésia ka Malaysia disebut Wayang Jawa (Pranowo, 2011: 4).
Dina abad ka-4, jalma-jalma nu ngagem
agama Hindu datang ka Indonésia, utamana para padagang. Dina éta
kasempetan urang Hindu mawa ajaran kitab Wéda jeung épos carita India
nya éta Mahabarata jeung Ramayana dina basa Sanskrit. Abad ka 9, muncul
carita dina basa Jawa kuna dina wangun kakawén nu nyinekel kana carita
Mahabarata atawa Ramayana. Contona Arjunawiwaha karangan Empu Kanwa,
Bharatayuda karangan Empu Sédah jeung Empu Panuluh, Kresnayana karangan
Empu Triguna, Gatotkaca Sraya karangan Empu Panuluh, jrrd (Pranowo,
2011: 4).
Hazeu (1897) dina Mulyono (1982: 8),
miboga sawangan yén pagelaran wayang asalna tina kasenian asli Jawa. Ieu
hal ditembongkeun ku ayana istilah-istilah basa Jawa nu sering dipaké,
saperti:
1) Wayang, dina basa Jawa hartina kalangkang;
2) Kelir, hartina tabir. Lamun sacara leuwih jero, kelir téh hartina hiji hal nu
dibébérkeun;
dibébérkeun;
3) Bléncong, nya éta lampu minyak nu sumbuna manjang, gedé jeung kandel;
4) Kothak, mangrupa peti, nu tutupna gampang ditutupkeun jeung gampang dibukakeun;
5) Kepyak atawa kecrék; jeung
6) Dalang, hartina jalma anu magelarkeun wayang.
Dina susunan imah tradisional di Jawa,
biasana aya istilah émpér, pendhapa, omah mburi, gandhok senthong jeung
rohangan pikeun pagelaran ringgit (pringgitan), dina basa Jawa ringgit
hartina wayang (Pranowo, 2011: 3).
Salmun (1942: 1) sapamadegan jeung Hazeu,
yén wayang jeung ngawayang teh asli Jawa. Carita anu dilalakonkeunana
mah mémang nyokot tina carita Mahabarata jeung Ramayana nu aya di India.
Cirina upamana nyebutkeun lalampahan di nagara Astina, Wirata, Madura,
Amarta, jsté. Lian ti éta, mébérna kelir, hurungna balincong,
ngabaralangna dalang, haleuangna Nyi Juru sekar/sindén, agemana
tatabeuhan, jeung ngigelkeunana wayang. Cindekna, ngawayang téh asli
kabudayaan pulo Jawa, lain ti mancanagara.
Sajarah Wayang Golék
Wayang nu aya di Pasundan téh asalna ti
Jawa. Wayang di Pasundan dibawa ku Maesa Tandreman dina taun 124. Sunan
Giri ngawuwuhan wayang ku wanara. Wanara nya éta monyét nu dina lalakon
Batara Rama diluluguan ku Sugriwa. Alam harita wayang Wanara téh matana
dua, cara buta. Sunan Bonang ngawuwuhan ku gambar sasatoan, kayaning
gajah, kuda, garuda jeung réa-réa deui. Sangkan leuwih rempeg tuluy
nganggit “rampog”.
Sunan Kalijaga ngatur kelir, gebog jeung
balincong. Lian ti ngarobah gambarna, Sultan Demak nyieun gugunungan
sarta ngatur nancebkeun (jantur) wayang dina gebog kéncakatuhueun
dalang. Di tengah-tengah, hareupeun dalang dikosongkeun pikeun
ngawayang, disebutna jagat. Cindekna, ayana tatanggapan “kalangkang
jejelemaan” téh hojahna Sunan Kalijaga, da nu séjén mah ngawayang téh
teu maké kalangkang (Salmun, 1942: 3).
Dina taun 1521 mah wayang téh ngageblég
wae. Sedengkeun dina taun 1555 waktu anu jumeneng Sultan di Demak Radén
Tenggana, jujuluk Sultan Sah Alam Akbar III kakara wayang téh ditatah
kitu gé teu kabéh, ngan ukur panonna jeung sungutna baé, ngarah henteu
ngageblég teuing. Dina taun 1515 jeung 1521, Sunan Giri jeung para wali
ngarempegan éta wayang. Dina taun 1563, Sunan Giri nganggit wayang
Gedog, bangunna mah cara nu enggeus-enggeus baé ngan makuta, gelungna nu
ngueul dipiceun, sarta kabéh wayang boga keris (Salmun, 1942: 6).
Wayang Bébér anu méh leungit, kasedekkeun
ku wayang kulit téa, dina taun 1564 ku Sunan Bonang dihudangkeun deui,
babakuna tatabeuhan diréaan, disebutna katiprak, ari sarupa-sarupana nya
éta: rebab, kendang, terebang, angklung, kenong jeung kecrék. Dina taun
1581, Sultan Panjang nu jenengan Radén Jakatingkir, jujuluk Sultan
Adiwijaya ngarobah deui wayang, babakuna leuwih dialusan natahna, nepi
ka unggal gurat sungginganana (Salmun, 1942: 7).
Salasahiji tempat mekarna seni wayang
Golék nya éta Cirebon dina mangsa Sunan Gunung Jati (1479-1568) nyekel
kakawasaan pamaréntahan. Wayang nu mekar di Cirebon harita nya éta
wayang Golék Papak/Cepak nu dimangpaatkeun pikeun da’wah Islam. Cenah
baheula minangka mayarna téh nya éta maca dua kalimah syahadat. Carita
nu dilalakonkeunana nya éta Amir Hamzah (Suryana, 2002: 74-75).
Dina taun 1583, Sunan Kudus nyieun wayang
Golék keur tanggapeun ti beurang. Dayeuh Pasundan nya éta tempat
sumebarna pagelaran wayang Golék. Sumebarna éta pagelaran wayang Golék
téh kawilang hésé, kitu gé ngan di kabupatén-kabupatén wungkul (Tanah
Pasundan Kidul tarahal ku pagunungan), turug-turug nu ngarti kana basa
Jawa téh ngan hiji dua baé, sakur nu rada lila ngumbarana di Jawa
Tengah. Jaba ti kitu, nu jadi dalangna ogé langka (Salmun, 1942: 9).
Wayang Golék ti Cirebon ogé beuki jauh
asupna ka Priangan. Nu bisa ngadalang beuki réa lantaran kajurung ku
resep. Ti harita wayang Golék mimiti punjul dipikaresep ku urang Sunda,
lantaran jaba ti beunang ditanggap nya ti beurang, nya ti peuting téh.
Bangunna ogé leuwih mijalma, lantaran sasatna awak sakujur teu béda ti
jelema maké kedok, nu teu témbong téh ngan ti semet cangkéng ka handap,
tapi lantaran disampingan, jadi asa aya baé awak bagian ka handapna téh
(Salmun, 1942: 9).
Balukar majuna jaman, kaayaan wayang
Golék ogé beuki maju, nu bisa ngadalang beuki réa tur kabéh dieunakeun
mah ngadalang téh henteu dimistikeun kudu basa Jawa baé. Ku éta hal,
atuh urang Sunda téh beuki réa waé miroséa, nepi ka cék sawaréh mah
magar geus aya ti dituna, yén pikeun urang Jawa dibahanan wayang Kulit,
ari pikeun urang Sunda mah wayang Golék (Salmun, 1942: 10)
Jaba ti wayang Golék, wayang di Pasundan
nu kungsi aya, nya éta wayang Lilingong jeung wayang Wong, kitu gé
ayeuna mah pohara arangna. Baheula kungsi aya wayang Lilingong téh di
Pacet (Cianjur), taun 1932. Wayang Lilingong téh arék cara wayang Golék
baé, tapi pohara daraponna kawas anu sakadaék baé ngarékana.
Ngaran-ngaranna ogé béda jeung wayang Purwa. Jigana wayang Lilingong téh
mangrupa hasil titiron tina wayang Krucil di Jawa, lantaran
tatabeuhanana pohara basajanna, upama dibandingkeun jeung tatabeuhan
(saléndro) dina Golék, nepi ka jiga anu dapon araya soraan baé. Wayang
Wong umurna leuwih ngora batan wayang Kulit atawa Golék tapi musnana mah
leuwih ti heula. Wayang Wong di Pasundan jeung di Jawa, baheula mah teu
aya bédana sagala-galana, tapi lila-lila lantaran pada boga rasa pada
bogoh, karasép, wayang Wong téa ogé jadi béda (Salmun, 1942: 10).
By Nano Sutrisno
Comments
Post a Comment
Saumpamina aya nu peryogi di komentaran mangga serat di handap. Saran kiritik diperyogikeun pisan kanggo kamajengan eusi blog.