SESEBATAN KA JALMA

Pun sampun ampun paralun, sanes bade kokolot-begog, teu gaduh maksad guminter, ieu mah etang-etang ngelingan diri sorangan, jisim abdi bade nyuguhkeun saciwit tina kabeungharan/kajembaran basa Sunda, manawi aya mangpaatna. Kitu oge teu nganggo sistematika ilmiah, nu runut-ngaruntuy, da nu diseratna, mana we nu tipayun mucunghul dina emutan, janten tangtos karaosna gagajlokan. Jisim kuring nampi saran sinareng kritikna.

1. SESEBATAN KA JALMA
Sesebatan/predikat, ka jalma, di Sunda kawilang seueur. Nu didamel patokan, aya opat, nya eta:
a) Ngabantun tina benten yuswa,
b) Ngabantun tina rupa/wanda,sareng kaayananana,
c) Ngabantun tina tingkah-laku, sareng
d) Ngabantun tina pangkat/kalungguhan/padamelan.

Anu tiasa kasanggakeun mung tilu......

A. SESEBATAN KA JALMA, NGABANTUN TINA BENTEN YUSWA
Jabang bayi = orok nu masih keneh dina lebet kandungan.
Orok = Ti ngawitan dilahirkeun, dugi ka tiasa calik.
Budak/murangkalih = Ti ngawitan tiasa calik, dugi ka bade rumaja.
Lelengkah halu = Budak nuju diajar leumpang.
Kembang buruan = Budak nuju sesedengna pikayungyuneun.
Bilatung dulang = Budak sesedengna resep barangtuang.
Parawan,cawene,mojang = Istri nu nincak rumaja (tacan nikah).
Jajaka, bujangan = pameget, nincak rumaja (tacan nikah).
Parawan jekekan = Parawan sesedengna rumaja.
Bujang jenglengan = pameget sesedengna rumaja.
Beger = mangkat birahi, pameget ngawitan resep ka istri, ngawitan istri resep ka pameget.
Baleg tampele = Beger(pameget), binarung rasa isin/sieun.
Galak Sinongnong = Beger(istri), ti katebihan wanton, tos caket, isin.
Turun Amis Cau = Rumaja putrid, nu nembe kaluar rambut lemes/bulu, tina luhureun taar. Cirina, soanten halimpu, resep dangdos/ngageulis.
Sengserang panon = Parawan/rumaja sesedengna resep ka pameget.
Ngemboan = Rumaja/pameget, nu soantenna ngawitan ngaageungan, salira sembada, ngawitan bijil kumis lemes.
Bujang tarangna = Pameget, nu tos kawin, tapi tacan nikah.
Parawan kolot = Istri nu yuswana tos langkung ti 28 taun, tacan nikah.
Bujang kolot = Pameget nu tos yuswa 40 taun, tacan nikah.
Randa = Istri nu tos dipirak/ditalaq.
Randa bengsrat = Istri nu tos, dipirak, tapi tacan kulem sagebrug( parawan keneh).
Randa maesan = Istri nu dikantun maot ku pamegetna.
Duda maesan = Pameget nu dikantun maot, ku istrina.
Turun karanjang= Pameget nu dikantun maot ku istrina, nikah ka adi-beuteung.
Gulangkep = Nikah ka wargi/pamili.
Beger mindo = Beger ka dua (yuswa 30 taunan).
Umuran/Meunang umur = Yuswa 40 taun.
Tengah tuwuh = Yuswa 50 taun.
Cueut ka hareup = Yuswa langkung ti 50 taun.
Tunggang gunung = Yuswa langkung ti 60 taun.
Sengserang padung = Tos sepuh pisan.
Tawehwoh = Tos sepuh pisan, waosna tos arompong.
Tokroh-tokroh = Tos sepuh pisan, mapahna nganggo teteken/iteuk.
Pikun = Tos sepuh pisan, emutanana tos mulih deui sapertos murangkalih.
Pancakaki = Rundayan turunan. Conto: Nini/aki- indung/bapa - anak - incu - buyut - bao - janggawareng - udeg-udeg - kait/gantung siwur - laer. Pancakaki sanesna: Lanceuk - adi - paman - bibi - ua/toa - alo - suan - lanceuk misan - lanceuk sabrayna - adi misan - adi sabrayna.
Dulur/Dulu pet ku hinis = Adi/lanceuk saibu-sarama.
Dulur saindung = Ibuna sami, ramana benten.
Dulur sabapa = Ramana sami,ibuna benten.
Dulur pateterean = Istri/pameget, nikah, pada gaduh/nyandak putra ti nu tipayun.
Dulur sasusu = Nu nyusuna ka ibu nu sami.
Dulur sabrayna/Dulur misan = Putra rayi, atanapi putra raka.
Dulur mindo =Putra dulur misan.
Kulawarga = Ibu,rama,putra.
Pamili = Anu saturunan atanapi sakocoran ti ibu/rama.
Baraya = Anu sami sarundayan dina pancakaki.
Deungeun-deungeun = Batur, taya patula-patalina sareng pancakaki.
Baris wali = pameget turunan ti rama.
Panganten =Istri/pameget nu ditikahkeun.
Bebene = Kabogoh (istr)/piistrieun.
Beubeureuh= Kabogoh (pameget) /pisalakieun.
Beubeureuh maneuh = Caroge/salaki.
Patih goah = istri/pamajikan.
Batur sakasur =istri-pameget/salaki-pamajikan.

B. SESEBATAN KA JALMA NGABANTUN TINA RUPA/WANDA/KAAYAANANA
Montok = awakna seseg tur sehat.
Bongsor = Haloghog=Enggal ngaageungan.
Kutet = salirana alit wae.
Belekesenteng = Buta-tulang,buta-daging,meujeuhna gede wawanen, rosa tanaga.
Geulis = istri nu gaduh rupa sae.
Kasep = Pameget nu gaduh rupa sae.
Bahenol = istri geulis taya cawadeun, pikabitaeun pameget.
Songgeng = Bujurna nonjol ka pengker, cangkengna dengkeng.
Telebeng =Bebeng/rada lintuh, teu aya cangkengan.
Budayut = Bureuteu, patuangan nyemplu.
Gembru = Budak lintuh.
Lenggik = Istri nu cangkengna alit.
Ceking = salirana alit/begang.
Bayuhyuh = Pameget nu lintuh.
Bucitreuk = Patuangan ageung/nonjol, salira alit.
Pacer = Bitisna alit.
Gembil = Pipina lintuh.
Bongkok = Tonggongna bengkung.
Bongkok meongeun = Bengkung palebah punduk.
Jebleh = lambey handap ngampleh.
Jeding = Lambey luhur nyudik.
Denggol = Tarangna nongnong.
Deleng = panempona/panenjona = menceng.
Ciriwis = rambutna carang.
Beke = salirana pendek.
Peang = salirana kuru, teu saimbang sareng jangkungna.
Pincang = sampeanana alit sapalih.
Pinced = Tetepokanana(Sakedik luhureun pingping/caket birit), luhur sapalih.
Rijep = socana sering ngerejep/keukeureuceuman.
Ngohngor = Waosna nonjol ka payun.
Tonggar = waos luhur nonjol ka payun.
Deog-pengkor = Ngagepor teu tiasa mapah.
Bedegul = Salirana besekel.
Bopeng = Dina damis (pipi) seueur ceda tilas cacar.
Pecak = socana teu ningal sapalih (sabeulah).
Bewosan = Pipi sareng gado pinuh ku bulu.
Sipit = Siki socana ali (sapertos soca Cina/Jepang).
Bolotot = siki socana ageing.
Rebing = Daun cepil (ceuli)na rubak.
Lolong = socana teu ningal, duanana.
Rejeh = biwir socana beureum tur caian wae.
Pengkeh = Sampeanana leter 0.
Teklok = sampeanana leter x .
Egang = mapahna ngageang, sapertos murangkalih nu nembe disepitan.
Ponges = pangambungna cacad.
Suwing = Lambey luhurna mung sapalih/cacad.
Butak = Rambutna teu janten/murudul/dugul semu herang.
Pireu = Teu tiasa nyarios.
Torek = Teu tiasa ngadangu/nguping.
Cadel = Nyariosna teu bentes, lebah nyebat huruf R.
Candael = nyariosna anca.
Gehgeran = Sok nurutan cariosan atanapi gerak batur/latah.
Saliwang/liwar = sering lepat nguping/sapertos nu kirang dangu.
Sumbiar = Upami ningal, teu anteb, kamana karep.
Mikung = Cepilna alit, daun cepilna kewung(semu murungkut).
Cameuh = Gadona nyueut ka payun.
Kampeng = Sirahna penjol.
Buntet = Salirana pondok.
Jebrag = Dampal sampeanana meber ka gigir.
Kiting = Rema/Ramona merengkel.
Kempreng = pananganana paeh teu tiasa diobahkeun.
Cenggsehan = Remana aya nu dempet.
Keueuseun = Waos murangkalih aya teu janten sapalih, dugi ka siga ompong.
Karehol = Waosna teu beres.
Galing = rambutna merengkel.
Galing muntang = Galing tungtungna wungkul.
Kempot = Damis/Pipina ngalewo upami imut, sapertos liang undur-undur. bIasana istri. Sok nambihan geulis.
Bule = Kulit sareng rambutna sapertos Walanda.
Hideung santen = Semu hideung, mulus sareng beresih.
Gondok = panyawat dina tenggek (beuheung), ngagayot.
Gondok-laki = bagian tulang genggerong/tikoro nu nonjol(dina tenggek pameget).
Sengkek = Tenggekna/beuheungna pondok.
Ompong = waosna parunglak.
Harigu-manukkeun = Dadana rada nonjol ka payun.
Taktak-korangeun = Taktakna mudun (teu simetris), sapertos korang.
Hulu-peutieun = Sirahna alit, teu saimbang sareng salirana.
Beuteung-anjingeun = Patuanganana neros ageung ka luhur, sapertos beuteung anjing.
Beuteung-bangkongeun = Patuanganana rubak ka gigir.
Bengo = Baham/sungutna menyon ka kiwa/tengen. Biasana akibat struk, incok, atanapi nyabut waos lalawora.

C. SESEBATAN KA JALMA NGABANTUN TINA PATOKAN TINGKAH-LAKU
Kokoro -nyoso = malarat,
Getas - harupateun = Mutuskeun hiji perkara tara dipikir heula.
Gereges -gedebug = gurunggusuh, Lesang - kuras = teu bias nyekel/nyimpen rejeki.
Pareumeun - obor = teu apal jujutan turunan.
Heuras - genggerong = embung eleh.
Heuras - beuheung = idem.
Tiis - pikir = tenang hate.
Paeh - baseuh = paeh ditandasa.
Goreng - sungut = resep ngagorengkeun batur.
Anak - emas = kakasih, anu leuwih dipikanyaah.
Anak bulu taneuh = turunan bapa tani.
Kurang- saeundan = kurang ingetan.
Belang - bayah = hade diluarna dijero na mah goreng.
Handap asor, handap lanyap = sopan santun.
Siksik - melik = belikan.
Buntut - kasiran = medit.
Alus kukulinciranana = gede milik.
Hejo - tihang = anu resep pundah-pindah imah/digawe.
Ceplak-pahang = ngomongna matak pinyerieun batur.
Geledug – ces = jangjina mulek tapi teu tulus.
Maliding sanak = pilih kasih.
Goong nabeh karia = Ngagulkeun sorangan.
Batur - sakasur = pamajikan atawa salaki.
Dulang - tinande = pasrah ka salaki.
Neneh - bonteng = ngan nyaah kana dahareunana wungkul.
Hampang - birit = daekan.
Hampang - leungeun = sok resep tunggal-teunggeul.
Panjang - leungeun = resep ceceremed,
Leutik - hate = kurang wawanen/kawani.
Ceuli – lentaheun = teu kaop ngadenge sora tuluy hudang.
Murag bulu bitis = teu beutah cicing di imah.
Peujit - koreseun = teu kuat nahan lapar.
Kokolot - begog = nyanyahoanan/budak anu pipilueun kana urusan kolot.

Comments

Popular posts from this blog

NGARAN PAPARABOTAN JEUNG PAKAKAS

Masrahkeun Calon Panganten Pameget ( Conto Pidato )

Sisindiran, Paparikan, Rarakitan Jeung Wawangsalan katut contona