PANGJEJER RUPA-RUPA ADAT SUNDA DINA ACARA PERNIKAHAN

Ku: Hj Titien Gilang MS

Purwana sim kuring kumawantun medar pangalaman saperkawis janten panganteur acara pernikahan, hobby anu janten padamelan ngandung kabungah tur ngahasilkeun. Isin taya papadana diwartosan kitu teh,siga anu komersial,ngadagangkeun budaya warisan luluhur urang,anu wajib di mumule,diwaris harti kudu tukuh kana jangji, supados tiasa ngawariskeun ka anak incu, ti generasi ka generasi,sangkan henteu luntur ku jaman .
Budaya Sunda anu pinuh ku harti,luhung pangaweruh,kiwari sasatna parantos kaluli luli,Atuh minangka ayeuna eta hobby teh tiasa nambih nambih.kanggo jajan sareng midang,moal disapirakeun,ditampi pisan kalayan muji syukur ka Dzat Maha Kawasa Allah anu Maha Welas Asih anu parantos maparin talenta,mugi mugi ucap paripolah tiasa nambih nambih ibadah.

Ngajejeran atanapi ngaluluguan acara,utamina anu aya patula patalina sareng upacara,kedah anu uninga,supados henteu nguciwakeun ka nu sami sami nyaksian,kumargi kiwari anu disebat ahlina teh parantos teu kinten kirangna,atuh dina tepangna oge teu acan tangtos tiasa dipuntangan ma`lum seueur kasibukan,sesah waktos,seueur acara anu bantrok,manawi sim kuring seja medar rupi rupi upacara adat sunda,hususna kanggo pernikahan,malah mandar sasieureun sabeunyeureun aya mangpaatna,kalayan nyutat tina rupi rupi buku perkawis pernikahan,sapertos MODANA anu parantos kawentar,sareng rupi rupi buku anu tiasa nambih pangarti.
 
 Dina ngalampahkeun pangjejer acara,numutkeun piwuruk ti para sepuh,unggelna,ulah asa-asa,kawajiban urang salaku umat Islam ngadugikeun amanat sanaos nembe terang saayat.. lajeng seueur pamundut malar upacara adat ulah ngarempak papagon agama.Tumali sareng eta paneda sim kuring ka Nu Maha Kawasa mugi mugi ieu seratan sing aya mangpaatna jadi amal soleh kanggo sim kuring sareng anu maraosna. Amin
Sadayana oge parantos teu bireuk,seuseurna upacara adat Sunda dikawitan ku acara ngalamar, seserahan atanapi mawakeun, nebakan, ngeningan, ngeuyeuk seureuh, ngaras, nyawer, bantayan, huap lingkung sste

Geura mangga urang pedar ,
Upacara samemeh Pernikahan.,dikawitan ku acara Nanyaan, Ngalamar,Nyeureuhan.. anu nembe kasebat teh mungguh ngandung hartos anu sami,nyaeta neundeun omong ka sepuhna atanapi ibu ramana murangkalih istri supados ditikahkeun ka putrana. Tah dina neundeun omong atanapi neundeun saur poma sing hade tata hade basa,silih walonan boh ku polah atawa basa bakal nangtoskeun kalancaran kapayunna.Manawi aremut keneh kana dongeng sepuh urang kapungkur,ari neundeun omong teh cekap ku angen-angen lalamunan sepuh pada sepuh wungkul,biasana katalian ku sosobatan anu raket,bari heureuy-heureuy acan nepikeun kalayan gogonjakan,tapi teu burung aya nu nepi ka tepung jodo,margi mindeng paamprok boh jadi batur sakola,atawa batur ulin pada pada neundeun hate kadua leutik,silih pikabogoh,silih pikaresep.Dina mangsa baleg tampele kieu mah tara aya anu wani wakca,wanina ukur ti kaanggangan. Mun lalaki disebutna galak si nongnong,,ukur nyirian,teu acan jadi kabogoh,disebatna kikindeuwan..Upami pikir ti pihak istri sareng pameget oge sami,lajeng sering sasarengan,disebatna kabogoh.Numawi benten pisan sareng barudak jaman ayeuna,langsung wakca ,boh istri boh pameget langsung “nembak”teras “jadian”..

Tahapan tina janten kabogoh tea,biasana,babakuna ti pihak istri,teu euweuheun ti pihak pameget oge,sok teras dipundut kadariaannana,supados enggal-emggal nyeureuhan.ngajak jangji pasini,pasang subaya.sepuhna ngawanti wanti baris masangkeun jodo. Unggel unggelan dina ,neundeun saur sok janten buah numawi sing atos atos..Ceuk baheula dibasakeunnana,hasil neundeun saur,matak gampil nu ngalamar margi nete taraje nincak hambalan.

Ngalamar jeung neundeun omong,ngandung harti meh sarua,ngan dina ngalamar mah,nyeta menta budak awewe ka kolotna supaya dikawinkeun ka anakna..Ngalamar asalna tina kecap ngalemar lemesna tina nyeupah.,baheula mah nanyaan teh nurutkeun kana adat tatali paranti,kudu bae mawa seupaheun atawa lemareun,minangka kagegelan kanu rek di unggahan. Engke dimana paneja geus laksana,nanyaan geus ditampa tuluy disareupah ku sakur anu aya dina ete riungan,ngariung bareng.Baheula mah nyeupah teh jadi karesep boh istri boh pameget,siga udud jaman ayeuna…

Ari anu nyaritana biasana sok diwakilkeun ka kokolot anu jadi wawakil kulawarga.,dina pok pokannana,make tamada heula,sasadu sanduk sanduk sagala rupa,titih rintih tara nyarita nu teu merenah.,balubar balibir malapah gedang,
Pangjejer acara kacida ageung pangaruhna pikeun nganteur biantara para wawakil kulawarga anu dipercanten pikeun jadi duta dina ngadugikeun pamaksadan oge ngawaler .sakumaha parantos disebatkeun tipayun,rehna ngalamar meh taya bentenna sareng neundeun omong, mung ari ngalamar mah ngandung harti haying buru buru puguh bari jeung pageuh,jadi anu henteu neundeun omong heula,kaetang ngalangkah sapakan.henteu lalamunan hula cek cohagna,ngalamar mah biasana sok leuwih gancang kana prung na kawin.
Mun geus beres ngalamar duanana calon panganten disebutna geus papacangan,tangtuna oge geus kacangcang,aya kawajiban ngawatesan,henteu bisa sagawayah,teu meunang narima deui lamaran,kawantu geus paboga boga.
Pangalaman sim kuring dina acara Ngalamar,kinten-kinten kieu anu didugikeun ku tatamu,sareng pangwaler ti pribumi.

Dimimitian ku pangbagea anu didugikeun ku pangjejer acara,biasa wae uluk salam,diteraskeun ngahaturanan pribumi pikeun ngabageakeun,tur ngadugikeun patarosan naon anu janten pamaksadan para tatamu . sabadana salam pangbagea ti pribumi,teras pangjejer acara ngahaturanan tatamu ngadugikeun pamaksadan.
Samemeh ditandeskeun ku pribumi hal ihwal panglamar ditarima henteuna,biasana sok disaur mojang anu ditarosan teh,tah dina palebah ieu sok dibarung ku gogonjakan,mojang the cidekna ngawaler ku inyana nampi lamaran,ngangken suka taya paksaan,eces ngawaler bari muguhkeun teu aya deui jajaka anu janten panutan atina iwal ti jajaka anu ngadugikeun lamaran.
Kiwari ngindung ka waktu.ngabapa ka jaman,jangji pasini tah tos tara diseureuhan ku ngalemar tea (pedaran diluhur) nanging ieu pasini dipatri ku masangkeun ali (lelepen) sangkan ulah incah balilahan.

Dina masangkeunnana,kanggo mojang ku ibuna jajaka,ari kanggo jajaka ku ibuna mojang.,dikawitan ku ngaos Bismillahirrohmaanirrohiim,Kalayan jenenganGusti n sifat Rohman Rohim,mugi-mugi ieu ali jadi ciri pamatri,pamageuh kadeudeuh,panyangcang sukma ti dunya tug dumugi ka aherat.

Lamina papacangan tara dugi ka milang taun,margi dina acara ngalamar oge parantos aya isyarat nangtoskeun waktos anu disatujuan ku antawis dua kulawarga pikeun nangtoskeun pernikahan katut walimahna.
Nincak kana waktu nu mustari nepi kana mangsa pernikahan.Rupa rupa upacara samemeh akad nikah,diayakeun kalayan tartib,utamina di kulawarga calon panganten istri.nyaeta,pangaosan tawis sukuran,ngaras,ngebakan,ngeningan,ngeuyeuk seureuh jeung seserahan. Dina prak-prakannana ayeuna geus loba raehan,rupa rupa pernak pernik jadi pangeuyeub rupa rupa acara ,gumantung kana kacukupan waragad.malihan mah aya anu sok nganggo nyadiakeun sasajen anu disebat parawanten. Ieu mah kumaha pamundut anu gaduh hajat sareng kabiasaan tukang rias panganten,sacarana sacarana. Runtuyan acara ieu ilaharna diayakeun piisukaneun akad nikah.tapi acara seserahan kalolobaannana dilaksanakeun samemeh akad nikah dina poean anu sami.utamana upama teu nganggo acara ngeuyeuk seureuh. Ma`lum barudak ayeuna mah parantos surti kana prak prakan upacara ngeuyeuk anu ngandung harti pendidikan gunem catur ihwal campursari mekelan elmu oleng panganten,upama kirang wijaksana dina nganteur acara ngeuyeuk seureuh seringjanten cawokah,garihal kadanguna.ku margi kitu pangeuyeuk kedah ku istri atanapi pameget anu parantos rada sepuh tiasa nyulam carita dibarung ku wejangan karukunan elmuning pernikahan numutkeun ugeran Agama Islam..

AKAD NIKAH.
Anu kedah diperhatoskeun dina ngajejeran acara akad nikah,nyeta sagedna ti dua pihakan,boh panganten pameget pon kitu deui panganten istri katut kulawargana. Dangdosna panganten pameget satiasa tiasa kedah di bumina ku anjeun,atanapi bumi nu sanes nu biasa disebat bumi sinoman.kinten-kinten tos cunduk kana waktos anu tos dibadamikeun.saanu menit deui,utusan kulawarga panganten istri mapag kabumina kulawarga panganten pameget,teras ngdu`a sasarengan pikeun ngabralkeun miangna calon panganten. Dialeutkeun ku ibu ramana katut para pangaping .
Sanepina ka bumi kulawarga calon panganten istri,biasana dipapag ku payung agung,diteruskeun ku pangbagea ti ibu ramana,minangka tawis suka bungah ngabageakeun sok diistrenan ku ngongkoyangkeun mangle malati ku ibu calon pangantan istri,atuh ramana masangkeun keris, ieu mah saukur conto,utamana mah bageakeun para tatamu kalayan budi anu marahmay.
Lantaran acara akad nikah ngarupakeun hiji acara anu kacida sakralna ,protocol atawa MC sabisa bisa kudu daria,ulah aya sora sora nu ngagandengan,tatabeuhan dieurenkeun,mun bisa mah sora jarum murag oge ulah kakuping.
Sayagian korsi atanapi calik dina amparan alketip posisina diatur,panganten pameget ngarendeng sareng panganten istri. Payuneunnana kanggo wali,padamel urusan nikah,sedeng di kenca katuhueunnana kanggo linggih para saksi utama.ibu rama panganten pameget,ibuna panganten istri ngalingkung dina rohangan akad nikah.
Saleresna sarat sah na nikah nyaeta hadirna panganten istri pameget,Wali,Saksi sareng ijab Kabul. Anu kagungan hak nikahkeun nyaeta wali,upami teu sanggem tiasa diwakilkeun ku sarat anu ditangtoskeun henteu ngalanggar papagon Agama Islam,kalawan ijab Kabul heula.

Bada akad nikah panganten munjungan ka ibu ramana,tawis syukur diteraskeun ka para saksi,ka eyangna oge ka para sepuh anu ditangtoskeun,sedengkeun anu sanesna mah biasa wae mapari salam pangwilujeng sabadana upacara adat sunda nyaeta Nyawer jst.
Sabada dirapalan anu diteruskeun kana marunjungan,panganten dituyun ka panyaweran ,baris disawer,dicalikkeun kana korsi,bari dipayungan ki payung agung anu dicekel ku nonoman anu sembada.

SAWER
Upacara sawer nyaeta upacara maparin nasehat-nasehat pernikahan anu tempatna di panyaweran..Kunaon tempatna di panyaweran ? lantaran jaman baheula mah meh mutlak ngalaksanakeun upacara Akad Nikah teh lumangsungna di Masjid anu katelah KAUM. Sabadana akad nikah terus marulang ka patempatan panganten istri. Samemeh asup,nya sok disawer heula dina panyaweran.tempatna the antara buruan jeung imah dina palebah tempat cai ragrag anu awer-awer tina hateup. Panganten diuk dina korsi anu geus disadiakeun bari dipayungan diriung ku para tatamu jeung dulur-dulur sepuh murangkalih. Terus dimimitian upacara nyawer anu dikawihan ku juru sawer make lagu-lagu husus paranti nyawer, kitu deui guguritannana husus make syair paranti nyawer. Babakuna nu sok dipake the pupuh anu parondok saperti kinanti jeung asmarandana. Dina ngawurkeun eusi bokor, kabiasaan ayeuna mah diawurkeunnana satutasna ki Juru Sawer nembangkeun kidung. Sabada sanduk-sanduk amitan arek nyelang nyawer kanu ngarumpul hadean diterangkan kanu araya, yen saliwatan mah siga rek ngawur-ngawur beas, duit jeung sajabana eusi bokor teh, lain ngamonyah-monyah rejeki teu puguh saenyana mah nyaeta:
1) ngingetan ka panganten, engke dimana geus kurnan harta banda kudu disiar sing nepi ka menang loba
2) Sakan ulah poho mere maweh ka nu butuh, Kasipating dulur jeung baraya, boh pihak sorangan boh pihak salaki atawa pamajikan.
3) Eusi guguritan ngaduakeun sangkan panganten duanana menang rahmat illahi, bagja dunya aherat, lulus banglus hidup rukun nepi ka pakotrek iteuk kalawan tuhu sapanjangna kana tetekon agama jeung darigama.
Bahan pikeun nyawer biasana geus disadiakeun ti memehna,upama diayakeun ngeuyeuk seureuh,ny sok sakalian disadiakeun sapuratina.diantarana:
1) Payung Gede
2) Bokor eusina:
- Duit receh
- Beas jeung koneng disiksikan.
- Peremen
- Tektek/lepit (3,5 atawa 7)
3) Endog hayam 1
4) Elekan (awi tamiang)
5) Tunjangan/barera (papan ukuran 30x20x2 cm)
Elekan jeung papan tunjangan nyaeta bagian tina pakara alat paranti ninun.
6) Kendi leutik eusi cai
7) Lawon bodas pikeun bungkus tunjangan
8) Palita atwa lilin jeung korek api
9) Harupat
10) Anduk leutik

MEULEUM HARUPAT JEUNG NINCAK ENDOG
Satutasna nyawer diteraskeun kana upacara meuleum harupat,jeung nincak endog. Panganten saklih ngadeg papayun payun, diaping ku juru sawer.

Endog ditempatkeun dina cowet dihijikeun jeung elekan,ditumpangan ku tunjangan anu tos dobungkus ku lawon bodas, harupat dicepeng ku panganten pameget, teras disundut ku panganten istri nganggo palita.tis ngagedur,enggal enggal diceos ,anclomkeun kana cai dina kendi.teras harupatna dipotongkeun ku panganten pameget, dialingkeun sing tebih. Acara diteraskeun kana nincak endog, prak-prakannana ,[anganten pameget nincak endog anu ditumpangkeun jeung elekan luhureun cowet,disakalikeun sing tarik,ngarah peupeus endogna katut elekan jeung cowet sakaligus. Teras panganten istri tapak deku ngumbah dampal sampean panganten pameget,teras digaringkeun nganggo andik.

Dina waktos panganten istri tapak deku,mastaka panganten isrti di cepeng palebah embun-embunanana.. tos rengse ngumbah sampean teras kendina di peupeuskeun ku duaan.dugi ka remuk.

Upacara ieu ngandung siloka,supados amarah nu janten salaki tiasa dipepes ku pamajikannana. Istri kedah tiasa jadi panglipur,ulah getas harupateun,barbarian amarah,numawi teras diceos,dipotongkeun jeung dibalangkeun sing tebih.. atuh ngumbah sampean caroge, ieu oge siloka,sangkan istri gumati atanapi hormat bakti.ka caroge.disilokakeun ku peupeusna endog,hartosna masrahkeun waruga, suka kajeun dirusak pakara,asal ipis pikir.pamisah di taweuran..caroge sumping ka bumi moal nyandak hate rungsing.
UPACARA BUKA PINTU
Dina taweuran keneh upacara diteraskeun kana upacara buka pintu..ngawitan panganten pameget keketrok kana panto,diwaler ku panganten istri ti lebet,bari ditaros saha eta anu kumawani keterak ketrok. Teras wae silih tempas ku guguritan anu ngandung pantun ku juru kawih. Anu akhirna mah leah satutasna maca dua kalimah Syahadat anu jadi katangtuan pamenta atanapi pamundut panganten istri. Teras panto dibukakeun. Pipindingna mah sok ku samping wae,pan ari hajat mah panto oge sok dilaan.
Upacara buka pintu ngandung siloka,yen caroge kedah tartib tatakrama numutkeun papagon agama Islam. Macakeun dua kalimah Syahadat henteu mutlak, cekap ku keketrok jeung uluk salam,ieu oge tos mangrupi adab dina atusran sopan santun,tatakrama rumah tangga silih hormat silih pikanyaah ku sikep nu hade.
UPACARA HUAP LINGKUNG
Ngalaksanakeun ieu acara dibagi dua tahap.kahiji silih huapan.tempatna dina puade. Panganten caralik dina amparan, alketip atawa ayeuna mah ilaharna dina korsi.dipit ku sepuhna nyaeta ibu ramana panganten,diriung ku para tatamu .
Payuneunnana tos nyampak sangu punar, bakakak hayam.piring leutik jeung gelas di eusian cai herang,dua pasang.,serbet,kobokan keur wawasuh/ngumbah leungeun.
Juru rias nyadiakeun sangu punar anu di buleud-buleud laleutik.dina dua piring,aspiring eusi 8 siki,aspiring deui eusi 7.
Anu ngawitan ngahuapan nyaeta sepuh panganten istri (ibuna) ka putra istri sareng mantuna,ditema ku ibu panganten pameget ka putra sareng mantu. Diteraskeun ku ramana panganten istri sareng pameget . ageungna keupeulan kedah sami,silokana mah kanyaah sepuh the sami walatra henteu diwilah-wilah. Ieu mangrupi simbul ngahuapan nu pamungkas, sangkan anak anu tos mentas rumah tangga tiasa hirup macakal mandiri,henteu gumantung ka sepuh/indung bapa.
Saterasna panganten silih huapan tina piring leutik/pisin anu eusi 7,ieu teh sok jadi pintonan gogonjakan,resep ningali panganten eelengehan. Silih teuteup pada geugeut.. carana ngawitan ku pakaleng-kaleng,pananganna ngalingkung,numawi disebat huap lingkung. Maksadna mah ngarah panganten jadi wanoh,apan jamanbaheula mah tara papacangan ataw bobogohan model jaman ayeuna. Tampolana mah tacan pacekel-cekel leungeun acan,numawai ngarah akrab henteu ragab deui,nya diraketkeun sina pakaleng-kaleng.
Anu saterasna silih huapan bari silih teuteup nu anteb,a ri katilu kalina mah .sesa hiji keupeulan tah diparebutkeun,paheula-heula moro. Tuluy dibagi dua. Silokana mah sangkan getol nyiar rejeki,terus beubeunangannana jadi nafkah babarengan.
Diteraskeun kana silih inuman,calik papayun-payun.ngarah layeut.silih kanyahokeun mun kaparengkeun hanaang.
Bagian kaduana nyaeta pabeto-betot bakakak, ku panata calagara atawa MC heg sina ngawahan dibere aba-aba,sina nyarekel pingping hayam. Terus dibenyeng,pada ngabobotohan,ngarah pagede-gede. Hasilna nu meunang panggedena yerus digegel ku duaan,panganten dipapatahan sing layeut,silih asih silih asah silih asuh. Rejeki sakumaha gedena kudu dijadikeun pameungkeut asih dipinuhan ku rasa syukur ka Alloh Robbul Alamin. anu parantos ngaping ngajaring maparinan rejeki taya pilih kasih sugrining anu kumelip di ieu alam.
Sabadana upacara-upacara, panganten katut ibu ramana teras ngaradeg nampi salam pangwilujeng ti para sepuh,kulawarga,katut para ondangan sanesna. Diteraskeun tuang bari nyaksian rupa-rupa pintonan kasenian tawis ngareuah-reuah acara..
Para wargi Salaka anu merhatoskeun kalayan maksad ngamumule adat budaya Sunda, dugi kadieu heula,pedaran pangjejer upacara pernikahan, dina edisi nu bakal medal,urang teraskeun kana rupa-rupa acara satutasna pernikahan, sapertos Upacara Numbas, Ngunduh Mantu. Upacara Ngarunghal.jeung rupa-rupa conto pidato dina basa sunda.kritik oge saran teu kinten diantos-antosna. kanggo nambihan kabeungharan peperenian adat sunda khususna dina bag-bagan pernikahan.

Sumber:
  1. MODANA .Dikempelkeun sarta disusun ku R.H UTON MUHTAR & KI UMBARAKaluaran PT MANGLE PANGLIPUR.Bandung.
  2. buku tat arias Pengantin Sunda Puteri Sunda Siger dan Sukapura.diterbitkan Yayasan Insani’
  3. Kiat Sukses Menyelenggarakan Pesta Perkawinann Adat Sunda.oleh Artati Agus.Penerbit Gramedia Pustaka Utama Jakarta 2003
  4. PANGALAMAN NGANTEUR ASIH NGAWELAH RUMAH TANGGA. KU;HJ TITIEN GILANG MS.
  5. Catetan pribadi , PENGALAMAN SEBAGAI MC ACARA PERNIKAHAN S EJAK TAHUN 1985.HINGGA SEKARANG.

Comments

Popular posts from this blog

NGARAN PAPARABOTAN JEUNG PAKAKAS

Masrahkeun Calon Panganten Pameget ( Conto Pidato )

Sisindiran, Paparikan, Rarakitan Jeung Wawangsalan katut contona