Harti Filosofis dina Raksukan Raden Gatotkaca


Raksukan Gatotkaca anu dihaleuangkeun ku ki dalang dina pagelaran wayang golek nyaeta:

Susumping Emas Rineka
Gelung Cupit Uncal Kancana
Raksukan Kre Antakusumah
Kancing Garuda Mungkur
Sinjang Wasunona
Tarumpah Craman


Naon hartos filosofisna? Mangga urang guar sasarengan.

1. Susumping Emas Rineka

Ari susumping teh Paesan (Perhiasan) sapasang nu di pake dinu ceuli.
Emas Rineka hartina Emas nu di reka-reka.

Jadi harti lega maksudna, Susumping asal tinu kecap Sumping atawa Datang, ngandung harti Dedengean, sagala rupa nu kadenge ku ceuli kudu di saring, direka tur di pikir ngarah hasilna jiga emas, hurung gumilang cahya.

Papaes eta ceuli ku rupa2 dedengean anu hade, sok sanajan ngadenge kagorengan saring atawa reka ku akal jeung pikir ngarah salamet, teu getas harupateun ngagugu kanu omongan (beja) nu can tangtu bener.

Matak GATOT KACA mah tara babari ka pangaruhan sok sanajan dibibita ku rupa2 pangolo nu bakal ngajurumuskeun.

2. Gelung Cupit Uncal Kancana

Harti asal, bu'uk nu di gulung tur di beungkeut/di capit (Cupit) nyengklik kaluhur lir tanduk Kidang Emas (Uncal Kancana)

Harti lega, gulung eta rupa2 pamikir tur beungkeut ku elmu nu rasional ngarah ngawujud rupa2 kamotekaran nu hade sing Rangakgak jiga Tanduk Uncal salian ti endah oge bisa jadi sanjata.
Lain ngan saukur KAGAGAHAN fisik wungkul tapi papaes ku akal nu pinuh ku elmu anu mangpa'at.

3. Raksukan Kre Antakusumah

Harti asal, Baju model Kutang/Rompi (Kre) nu gambaran Bintang Juru Dalapan (Anta) nu hurung gumilang cahya (Kusumah)

Harti lega, Pamadegan kudu masagi (Ngotak atawa Nguteuk) jiga Rompi (Teu Leungeunan) ngarancabang tur rayungan jeung sing bisa hurung nangtung sok sanajan cicing tur ngancik di 8 pangjuru dunya nu mana wae Kaler, Kidul, Kulon, Wetan, Kulon ngaler (Barat laut), Kulon ngidul (Barat daya), Wetan ngaler (Timur laut) jeung Wetan ngidul (Tenggara)

4. Sinjang Wasunona

Harti asal, Samping nu pola na angger atawa nyusun/nitis (Wasunona)

Harti lega, hirup kudu TETEP dinu ciri asal, ulah ka bawa ku sakaba-kaba atawa tetep mibanda JATI DIRI sok sanajan hirup kumbuh di lingkungan nu pagaliwota, urang Sunda nya tetep kudu mibanda jeung nanjeurkeun Kasundaan na, sing saperti Wasunona (Tetep) hujan teu ka baseuhan, panas teu ka duruk

5. Kancing Garuda Mungkur

Harti asal, Pamageuh (Kancing) nu Satia, Kuat (Garuda) sok sanajan ti Tukang (Mungkur)

Harti lega, Hirup kudu jujur bisa dipercaya, tetep pengkuh, pageuh, luyu tur payus (Ngancing) tapi tetep Kuat, Daria jeung Satia (Garuda) nyepeng amanat sok sanajan di satukangeun (Mungkur)
Hade di hareupeun, Hade di satukangeun.

6. Tarumpah Crama

Harti asal, Tarumpah, Alas atawa Dampalan (Sendal) nu Luhung, Ngapung atawa Luhur (Crama)

Harti lega, ari Tarumpah atawa Sendal sok sanajan sapasang tapi teu bisa pahili, kenca ka kenca, katuhu ka katuhu moal bisa di pake papalingpang sabab pasti labuh, moal bisa leumpang, hartina hirup kudu Luhung (Crama) mun narima katerangan atawa pasoalan kudu adil, nu bener ulah di salahkeun, nu salah ulah di benerkeun sing tetep PANCEG NGADEG (Tarumpah) teu gedag ka anginan sok sanajan hirup geus luhur, beunghar jeung boga kadudukan/jabatan (Ngapung) tapi tetep adil jeung ngajen ka sasama (Crama)

Comments

Popular posts from this blog

NGARAN PAPARABOTAN JEUNG PAKAKAS

Masrahkeun Calon Panganten Pameget ( Conto Pidato )

Sisindiran, Paparikan, Rarakitan Jeung Wawangsalan katut contona