CADAS PANGÉRAN 196 TAUN KALIWAT
- Get link
- X
- Other Apps
Kintunan : Aan Merdeka Permana
PARA korban pangwangunan Jalan Raya Daéndéls di wewengkon Cadaspangéran
ngangluh duméh maranéhna asa teu diajénan jeung asa teu diurus.
TEPIKEUN ka taun 1950-an mah, sakur kandaraan anu ngaliwat ka
Cadaspangéran sok ngalungkeun rampé atawa seuseungitan, atawa duit jeung
rook, teuing naon maksudna. Ngan ceuk Aki Sasmita urang Ciséda mah,
lamun tas ngalungan, panumpang anu lalar-liwat di Cadaspangéran téh
haténa sok ngarasa reugreug.
“Sabab harita, samangsa jalan
Cadaspangéran jembet kénéh ku kakayon, bangsa lelembut di éta tempat
remen némbongan, matak reuwas nu ngaliwat,” ceuk Aki Sasmita. Jaman
harita, sababaraha kali kandaraan tigorobas murag kana jungkrang, tur
supir ngaku saméméhna mireungeuh anu meuntasan jalan. Mun teu kitu,
supir sok ngarasa, jalan téh lempeng ngabulungbung, padahal sabenerna
nikung.
Ari urang Ciséda séjénna, nyaéta hiji lembur leutik,
handapeun jungkrang, make aya anu ngimpi kadatangan ku korban proyék
jalan Cadaspangéran. Cenah para korban pangwangunan jalan Cadaspangéran
jamanna Gupernur Jénderal Daéndéls téh asa teu diajénan, dipopohokeun ku
jalma jaman kiwari.
“Padahal maranéhna téh sasat jaradi korban
pangwangunan. Ari ayeuna nu lalar-liwat téh saeutik gé teu inget ka
kami,” ceuk salah sahiji korban dina impian uirang Ciséda téh.
Tina hasil obrolan jeung urang Ciséda, , mun jaman dipulangkeun deui
kana 196 taun kaliwat ( ieu artikel medal dfina Majalah Ujung Galuh No.4
Taun 2006), bréh baé kagambar pangalaman jeung suka-duka rayat Sumedang
dina babakti nyieun proyék jalan di Cadaspangéran antara taun
1808-1811.
Ari nu nyieun jalan téh,mémang tanaga kasarna mah
bangsa pribumi. Jalan raya anu dijieun sapanjang 1000 km ti Anyer
(Banten) tepika Panarukan (Banyuwangi) téh, geus ditebus ku késang jeung
getih bangsa pribumi anu harita keur dijajah ku Belanda.
“Mung
anu pangseueurna korban jiwa mah nyaéta rahayat Sumedang anu mantuan
nyieun jalan di palebah Cadaspangéran kiwari,” ceuk Aki Sasmita.
Ukur ku jalma jaman ayeuna katelahna Cadaspangéran téh sabab ari baheula jaman keur ditugar mahkatelahna Leuweung Geumbeut.
“Disebut Cadaspangéran mah béh dieu, nyaéta keur ngajénan Pangéran
Kornél, Dalem Sumedang anu mingpin éta proyék,” ceuk Aki Sasmita.
Kawas anu geus dipedar dina sajarah, disebut Cadaspangéran téh sanggeus
aya pangbéla ti Pangéran Kornél ka para pagawé nu mantuan proyék jalan.
Di palebah Leuweung Geumbeut mah, kaayaan téh kacida hara-haraeun.
Pagawé kudu meulah cadas anu teuas jeung nangtawing, mangkaning ari
alat-alat kacida basajanna. Ari urang Belanda anu nitahna jiga anu teu
hayang nyaho kasusah rayat.
Pangéran Kornél ngarasa tugenah ku
polah Belanda. Ceuk catetan sajarah, basa Daéndéls ngaroris Leuweung
Geumbeut, tur ngajak sasalaman, ku Pangéran Kornél ditampanan ku
leungeun kénca, ari leungeun katuhu nyekel keris. Sakurang-kurangna kitu
ceuk catetan sajarah malah parat jadi legenda anu kasohor di Sumedang.
Sohor sotéh Bupati Sumedang, da ari rahayatna mah ukur jaradi “pahlawan
tak dikenal”. Aya kurang-leuwih 200 korban tiwas, boh ku panyakit, boh
ku kalaparan, boh ku disiksa Belanda. Aya anu jasadna dibawa ka
lemburna, aya anu langsung dikurebkeun di sisi jungkrang jeung lolobana
mah,diantep kitu baé, nyaéta anu maot tigorobas ka handapeun jungkrang.
Dimuat dina Buku lalakon ti Sumedang
Kintunan : Aan Merdeka Permana
PARA korban pangwangunan Jalan Raya Daéndéls di wewengkon Cadaspangéran ngangluh duméh maranéhna asa teu diajénan jeung asa teu diurus.
TEPIKEUN ka taun 1950-an mah, sakur kandaraan anu ngaliwat ka Cadaspangéran sok ngalungkeun rampé atawa seuseungitan, atawa duit jeung rook, teuing naon maksudna. Ngan ceuk Aki Sasmita urang Ciséda mah, lamun tas ngalungan, panumpang anu lalar-liwat di Cadaspangéran téh haténa sok ngarasa reugreug.
“Sabab harita, samangsa jalan Cadaspangéran jembet kénéh ku kakayon, bangsa lelembut di éta tempat remen némbongan, matak reuwas nu ngaliwat,” ceuk Aki Sasmita. Jaman harita, sababaraha kali kandaraan tigorobas murag kana jungkrang, tur supir ngaku saméméhna mireungeuh anu meuntasan jalan. Mun teu kitu, supir sok ngarasa, jalan téh lempeng ngabulungbung, padahal sabenerna nikung.
Ari urang Ciséda séjénna, nyaéta hiji lembur leutik, handapeun jungkrang, make aya anu ngimpi kadatangan ku korban proyék jalan Cadaspangéran. Cenah para korban pangwangunan jalan Cadaspangéran jamanna Gupernur Jénderal Daéndéls téh asa teu diajénan, dipopohokeun ku jalma jaman kiwari.
“Padahal maranéhna téh sasat jaradi korban pangwangunan. Ari ayeuna nu lalar-liwat téh saeutik gé teu inget ka kami,” ceuk salah sahiji korban dina impian uirang Ciséda téh.
Tina hasil obrolan jeung urang Ciséda, , mun jaman dipulangkeun deui kana 196 taun kaliwat ( ieu artikel medal dfina Majalah Ujung Galuh No.4 Taun 2006), bréh baé kagambar pangalaman jeung suka-duka rayat Sumedang dina babakti nyieun proyék jalan di Cadaspangéran antara taun 1808-1811.
Ari nu nyieun jalan téh,mémang tanaga kasarna mah bangsa pribumi. Jalan raya anu dijieun sapanjang 1000 km ti Anyer (Banten) tepika Panarukan (Banyuwangi) téh, geus ditebus ku késang jeung getih bangsa pribumi anu harita keur dijajah ku Belanda.
“Mung anu pangseueurna korban jiwa mah nyaéta rahayat Sumedang anu mantuan nyieun jalan di palebah Cadaspangéran kiwari,” ceuk Aki Sasmita.
Ukur ku jalma jaman ayeuna katelahna Cadaspangéran téh sabab ari baheula jaman keur ditugar mahkatelahna Leuweung Geumbeut.
“Disebut Cadaspangéran mah béh dieu, nyaéta keur ngajénan Pangéran Kornél, Dalem Sumedang anu mingpin éta proyék,” ceuk Aki Sasmita.
Kawas anu geus dipedar dina sajarah, disebut Cadaspangéran téh sanggeus aya pangbéla ti Pangéran Kornél ka para pagawé nu mantuan proyék jalan.
Di palebah Leuweung Geumbeut mah, kaayaan téh kacida hara-haraeun. Pagawé kudu meulah cadas anu teuas jeung nangtawing, mangkaning ari alat-alat kacida basajanna. Ari urang Belanda anu nitahna jiga anu teu hayang nyaho kasusah rayat.
Pangéran Kornél ngarasa tugenah ku polah Belanda. Ceuk catetan sajarah, basa Daéndéls ngaroris Leuweung Geumbeut, tur ngajak sasalaman, ku Pangéran Kornél ditampanan ku leungeun kénca, ari leungeun katuhu nyekel keris. Sakurang-kurangna kitu ceuk catetan sajarah malah parat jadi legenda anu kasohor di Sumedang.
Sohor sotéh Bupati Sumedang, da ari rahayatna mah ukur jaradi “pahlawan tak dikenal”. Aya kurang-leuwih 200 korban tiwas, boh ku panyakit, boh ku kalaparan, boh ku disiksa Belanda. Aya anu jasadna dibawa ka lemburna, aya anu langsung dikurebkeun di sisi jungkrang jeung lolobana mah,diantep kitu baé, nyaéta anu maot tigorobas ka handapeun jungkrang. Dimuat dina Buku lalakon ti Sumedang
- Get link
- X
- Other Apps
Comments
Post a Comment
Saumpamina aya nu peryogi di komentaran mangga serat di handap. Saran kiritik diperyogikeun pisan kanggo kamajengan eusi blog.