Ngaran Pepelakan Mawa Ciri Khasiatna.

1. Pecah Beling: Ginjal, Kencing Batu, Nyeri Kiih (Pecah Nu ngabeling)
2. Sembung: Sesembuhan Nu Katembong. Amandel, Nuhudang Ngajuru
3. Harendong: Hare-hare Ngendong, Harese Ngendong, Lemah Syahwat
4. Handeuleum: Bahan Neueulkeun, Nu Bereum (Ambyen)
5. Kirinyuh: Kiih Nyeri Besi, Nyuuh, Juuh (Karinyuh) Hidrasi, Jeungjeuriheun
6. Dadap: Dada Eungap, Paru-paru, Bronhitis, Asma
7. Bintinu: Bau Biin, Tambah Linu, Nyeri Huntu, Nyeuri Ceuli
8. Waru: Jiwa Kasaru, Sakit Jiwa, Gelo
9. Pringgani: Padi Kanu Gering, Ganjelan Dina Dada, Nyamuni
10. Jarong: Jang Nu Teu Sabrongnrong Nu di Beuteung, Guna-guna, Komplikasi
11. Ki Urat: Panyakit Urat
12. Babadotan: Baluran Bari Dodotan (obat luar)
13. Saliara: Sakur Nu Lieur-lieur Nyaliara, Flu/Salesma Nyaliara
14. Sintrong: Bersin Nongkrong
15. Sena: Hese Naeun, Obat Kuras
16. Kaca Piring: Kaca Beling (Pecah Beling)
17. Taleus Hideung: Etana Leuleus, Teu Ludeung, Susah Hirup, (Lemah Syawat)
18. Eurih: Seueul/seueur Peurih (Maag)
19. Jawer Kotok: Jalma Ngawer-ngawer Siga Kotok Beser
20. Gedang Gandul: Getih Ngandang Ngaganjel, Garinjul, Kanker
21. Tatapayan: Tatana Papay (Struk)
22. Babasaran: Bebeseran (Beser)
23. Kahitutan: Kanggo nu hitut (Boson)
24. Lampuyang: Hayang Caang, Rumeuk, Katarak
25. Jambu: Jampe Murus, Bari Utah
26. Jambe: Jampe Mules (Hese Ee) bari Ee
27. Wera: Ngawer Rea (Beser)
28. Teki: Butek Teu Ngarti
29. Pandan: Padi Kanu Kaeun, Kanu Nyarita
30. Mangandeuh: Mangan Meuweuh Euweuh Kaseubeuh, Nafsu Makan
31. Gelang: Gelo ku Muriang
32. Baruntas: Barau Meuntas (Bau Awak)
33. Jamaras: Jampe Heuras
34. Cangkudu: Kacangcang nu Kudu Jantung, Darah Tinggi
35. Jukut Riut: Nuju Ngukut Rieut Jeung Utah
36. Antanan: Anu Tareunangan
37. Salad Soya: Sasalad Nu Sahaya
38. Saga: Asa Lega
39. Gambir: Ngagirangan Biwir
40. Lame: Landong Muriang
41. Jahe: Jang Tibra Hees
42. Hanjuang: Ngahayu Hariwang
43. Kersen: Hengker, Beresin, Sare teu bosen
44. Kiseureuh: Merekis, Seueul, Bareuh
45. Kaliki: Kali Kili Ceuli
46. Kumis Ucing: Kumis Susah Cicing (Beser)
47. Cikal Balung: Nikel Tulang
48. Turiang: Tuus, Nyeri, Muriang Asam Urat
49. Jaringao: Jang Nu Gering Ngaco
50. Carulang: Ngengar Tulang
51. Susuru: Susuh Susu Nu Ngajuru
52. Ganyol: Ngaganjel Nolol (Wasir)

Comments

Popular posts from this blog

NGARAN PAPARABOTAN JEUNG PAKAKAS

Masrahkeun Calon Panganten Pameget ( Conto Pidato )

Sisindiran, Paparikan, Rarakitan Jeung Wawangsalan katut contona