Falsafah Moral Mahabharata

  1. Durgandini/Satyawati aya pamenta mun Prabu Santanu keukeuh hayang garwaan ka dirina maka anak turunanana nu kudu jadi ahli waris Karajaan Astina jeung ngajadikeun dirina Permaisuri Karajaan.
  2. Dewa Brata, nu jadi ahli waris mutlak hiji-hijina (putera Santanu), ikhlas tur ridho demi ngarojong kahayang nu jadi bapa rarabi ka Durgandini. Manehna ikrar MOAL KAWIN saumur hirup pikeun nyingkahan PAREBUT WARISAN Karajaan Astina antara turunanana jeung turunan adi-adina nu bakal lahir ti Durgandini.
  3. Amba, putri boyongan nu pinter tur motekar merjuangkeun harga dirina, ngarasa putus pangharepan alatan ditampik ku Bisma, sabab Bisma kabeungkeut ku SUMPAH-na sorangan. Ahirna sukma Amba kumalayang panasaran, marakayangan ngudag-ngudag kahayang nepi ka alam arwah, teu boga patempatan pikeun ngancik. Sukma Amba salawasna nungtut salila Bisma kumelendang di alam dunya.

Eta mangrupa 3 hal nu jaga bakal jadi mamala gede ngawujudkeun PERANG PUPUT JAYAWINANGUN BHARATAYUDA di tegalan KURUSETRA. Perang rongkah teh lain wae ngorbankeun dulur jeung baraya turunan Kuru jeung Bharata tapi ngalibatkeun karajaan-karajaan liana di wilayah India kuno jaman harita.

Jumlah korban nepi ka itungan ratusan rebu nyawa manusa.

Kacindekan :

  1. Ego diri nu ngajajah kahayang demi ngahontal kauntungan duniawi/materi bari ngorbankeun hak-hak batur (Durgandini)
  2. Jujur, jembar jeung ngelehan tapi teu dibarengan ku pasrah jeung tawakal, estuning pesimis bari teu narima papasten Pangeran (takdir) ku sumpah (moal kawin), nu akhirna jadi mamala gede (Dewa Brata/Bisma)
  3. Nafsu duniawi tur dendam nu masih ngancik dina hate, salilana bakal jadi hahalang ku bumi teu di tampa sok komo ku Nu Maha Kawasa, ahirna langgeng di alam marakayangan ngudag-ngudag kapanasaran (Dewi Amba)

KAKAYAAN (Harta)
KALUNGGUHAN (Tahta)
WANOJA (Wanita)
KANYERIAN HATE (Dendam)

Opat hal diluhur nu bakal jadi sumber kaancuran, mun seug jadi Udagan Utama nu diumbar tur dijugjug tanpa di barengan ku ikhtiar, pasrah jeung tawakal, oge teu dirojong ku ikhlas tur rido narima papasten ku cara ngarobah nasib.

Comments

Popular posts from this blog

NGARAN PAPARABOTAN JEUNG PAKAKAS

Masrahkeun Calon Panganten Pameget ( Conto Pidato )

Sisindiran, Paparikan, Rarakitan Jeung Wawangsalan katut contona