SAHA KIANSANTANG ? – Dok.Salakanagara

Ku: Anis Djatisunda

CEUK pangot guratan carita, Raden Santang Aria Cakra Buana Prabu Anom Pajajaran, ahirna ngababakan di “Lemah Bodas” tea, ngarundaykeunn”Rawayan” (turunan) nu ngarunday ngantay nepi ka sakur turunanana nu kiwari, mawa ngaran Batara Cikal, nyaeta di wilayah daerah Kanekes (Baduy) jeung aya oge nu di wilayah Kacamatan Bayah. Anu ceuk “Uga Lebak Cawene” mah pibarisaeun ka hareupna teh, cenah:
“Nya laju rame di Lebak Cawene, rapang damar teu minyakan, nyaangan ka jaman nu bakal datang, sorangeun sakabeh anak-incu rundayan ti Hiyang Santang.”

***

GULUYUR waktu lalampahan Kian Santang kitu teh, ceuk sendang catur Pantun Gunung Kendeng, nyaeta mangrupa “Pantun Gede” (Pantun Sakral) haneuleuman Aki Uyut Baju Rambeng, simpenan Rakean Minda Kalangan, nu kiwari jadi taratasan Sunda nu panasaran. Tegesna aya dina lalakon “Ngahiyangna Pajajaran Madia Nagara”, nu ngebrehkeun mimiti Pakuan Pajajaran digempur ku Banten nepi ka wargana paburencay nu lajuna ngalahirkeun episode-episode lalakon Rundayan Pajajaran nu kiwari can katalungtik sacara daria.

Nu maca aya oge anu teu percayaeun, aya nu ngarasa ragu-ragu. Malah nu ngaranggap salah ge kana guluyur lalampahan kitu teh teu saeutik. Ari sababna, lantaran dongeng sajarah Kian Santang nu sumebar jeung geus nemah di lingkungan Sunda balarea mah, nyaeta Kian Santang nu boga gelar “Sunan Rohmat”, “Gagak Lumayung”, “Walang Sungsang”, jeung gelar-gelar naon deui boa. Nu ceuk eta carita, cenah Kian Santang teh kungsi ngamukim di Tanah Arab, malah geus jadi muridna Bagenda Ali tur geus jadi “Haji” ongkoh, nu kiwri makamna aya di Godog (Garut). Malah, mun teu salah mah di daerah Pandeglang oge aya makamna, ngan kabeneran kuring rada poho deui di mana lebah-lebahna.

Dina mangsa Haji Sunan Rohmat tea geus aya di Pajajaran, lajuna teh cenah ngabeberik Prabu Siliwangi, ramana, sejana deuk dipaksa disundatan,diislamkeun. Tah, ceuk ramena dongeng mah, kitu lalampahan Kian Santang alias Sunan Rohmat nu geus jadi haji teh.

Sacara demokrasina mah, rupa-rupa pamanggih teh, teu jadi masalah, sabab mangrupa hak azasina sewang-sewangan. Ngan anu perelu ku urang kauji teh dina lebah nyarung henteuna nu pikahartieun, boh lebah waktu atawa jamanna, jujutan lalampahanana oge lebah nagara Pajajaran anu dicicinganana.
Mun diukur ku waktu, Kian Santang putra Prabu Siliwangi cenah kungsi tepung jeung Sayidina Ali, diajar bagbagan agama Islam di tanah Arab. Eta kajadian teh kaasup hal anu cukup pamohalan. Sabab deuk kumaha bisa tepungna sacara fisik Kian Santang anu hirupna jaman Pajajaran Prabu Siliwangi (1482-1521) dina abad 16, jeung Sayidina Ali nu hirupna jaman Nabi Muhammad dina abad 7? Lantaran mun diitung mah gesehna waktu teh aya kana ampir samileniumeun, nyaeta kurang leuwih 900 taun.
Tah, kajadian kieu geus teu pikahartieun mun dijujut ku talungtikankasajarahan sacara material mah. Kitu deui ngeunaan jujutan lalampahanana. Kian Santang teh mangrupa Prabu Anom alias putra mahkota nu tugasna jadi wawakil raja, atawa mangrupa pirajaeun nu baris ngaganti ramana, Prabu Siliwangi. Nilik kana pagawean jeung kalungguhanana sarupa kitu, kawas jajauheunmun tea mah make bisa ngabeberik ramana sagala, nu maksudna maksa-maksa ganti agama tina agama “Sunda” kana agama Islam.

Komo deui mun diloyogkeun kana kana nagara ancik-ancikanana. Kian Santang teh apanan Prabu Anom di nagara Pajajaran Tengah (wilayah Bogor kiwari). Kumaha bisana pangna cenah makamna aya di Godog (Garut). Sabab apanan Garut jaman harita mah meureun kaasup wilayah Pajajaran Girang, pada-pada Nagara Pajajaran nu boga kadaulatan jeung otonomi sacara mandiri. Teu beda Pandeglang anu harita teh kaasup Pajajaran Bantar Sagara, lain bagian ti wilayah Pajajaran Tengah.
Malah dina lebah netelakeun sacara pasti makam Kian Santang ge, masih kaasup picangcayaeun. Lantaran ku cara kumaha bisana mastikeun eta makam Kian Santang. Alesanana, kapan cenah ceuk dina Wangsit Siliwangi mah, urang Pajajaran mah “moal nunda kuburan”, nu hartina moal nunda lacak patilasan. Bisa jadi ari kuburan mah meureun aya, kuburan urang Pajajaran (kaasup kuburan Kian Santang) tapi lebah ciri-cirina bisa bae dilaleungitkeun.

Kitu tea mah adat kabiasaan kitu teh, tug nepi ka kiwari ge masih keneh aya dina pranata budaya religiunitas komunitas Sunda, nyaeta di lingkungan masarakat “Urang Rawayan” (Baduy). Arinyana mah aya kabiasaan tara miara kuburan. Dina ngurusanan nu maot teh, ngubur mayit oge cukup di tengah leuweung, jauh ka lembur. Dina ngurusna, tina mangsa dikurebkeun teh ngan tepika 40 poena (matang puluh). Geus kitu mah taneuhna teh sok laju diratakeun dipelakan tangkal hanjuang, cul bae teu diteang-teang deui nepika jadi leuweung deui.
Ku cara kitu teh sacara teu langsung netelakeun, urang Rawayan (Baduy) mah jiwana masih keneh jiwa Pajajaran nu napak dina akidah Agama Sunda Wiwitan, luyu jeung sakumaha cara dina Wangsit Siliwangi tea, di antarana henteu nunda jeung miara kuburan.
Sejen ti kitu, di Pajajaran ceuk catur pantun mah, aya kabiasaan mulasara nu maot teh ku cara “ngawereng geni” (diduruk). Kayu geusan ngadurukna boh ceuk pantunboh ceuk prasasti sajarah, nyaeta nu disebut Kayu Samida tea. Tah, mun enya kitu, geus pasti sakur urang Pajajaran moal baris kapanggih kuburanana.
Matakna dina konteks nu patali jeung ‘makam Kian Santang” teh jigana mah kacida pereluna dilaksanakeun panalungtikan sacara ilmiah. Maksudna supaya bener-bener tinemu jeung beja anu bener-bener otentik, ulah ngan ukur dipapantes atawa aya tujuan-tujuan politisasi ti pihak-pihak nu baroga kapentingan nu tangtu. Sabab rekayasa jiga kitu teh sarua jeung murilit-murilitkeun kabeungharan sajarah jeung banda Ki Sunda sorangan.

Ngalengkepan beja geusan dijadikeun saksi sejenna ngeunaan maka Kian Santang teh aya nu ditulis ku AD El Marzdedek dina buku saku anu judulna “Mithos Kian Santang”. Dina bagian panutup eta buku-saku (kaca 19) Marzdedek netelakeun, unina: “cenah eta aya kuburan Kian Santang di Godog, eta mah biasa bae anu nyieun kuburan palsu. Cara urang Jawa Tengah nyieun kuburan Semiaji tokoh hayal dina carita Mahabharata anu dikarangna 600 taun saemeh Nabi Isa. Anu nyaritakeun kaayaan di India disajamankeun jeung Wali Sanga. Nepika disebutkeun Semiaji teh panggih jeung Wali Sanga nepika cenah asup Islam.Tah, dongeng anu wadul kieu teh pikeun jalma nu kurang akal mah gancang bae ditarima dijieun kapercayaan ...”
Nitenan tulisan AD El Marzdedek kitu, hiji ciri inyana ge teu yakineun kana ayana kuburan Kian Santang di Godog teh. Sakumaha pamanggihna, nu kieu teh mindeng kajadian alatan aya hiji tujuan nu tangtu, bisa bae jelema nyieun tipuan, nu penting tujuanana kahontal tur hasil bari nu kataripuna teu ngarasa katipu. Komo mun eta tipuan teh geus ngaliwatan sababaraha generasi atawa rundayan mah, lila-lila jadi dianaggap bener. Contona cara jadi ayana mitos “Nyai Roro Kidul” di Palabuhanratu, Situs Pajajaran Rancamaya (Bogor). Nu kiwari dirarobah ku suasana “Islami”, atawa ayana kuburan-kuburan anyar handapeun Batu Kendit di Sukawayana Palabuhanratu Sukabumi jeung rea-rea deui.

Teu mustahil mun kajadian kitu teh aya tujuan-tujuan pulitis tea, dina jaman harita, nyaeta geusan nyebarkeun syiar Islam jaman harita, nu boa mah karasa kurang lancar. Ku ngaliwatan taktik Kian Santang dilandi jadi Sunan Rohmat tur diangap geus jadi haji bari dipajarkeun pajaratanana aya di Godog. Meureun geus pasti masarakat sakurlingna jaman harita baris ngaranggap “wong suci” nu salajuna diaragung-agung diugung-ugung laju daraek asup Islam.
Komo mun samemehna diuar-uar heula Jago Pajajaran Tengah (Kian Santang) disebutkeun geus jadi haji kalawanjadi murid nu katelah “Macan Allah” Baginda Asli (Jawara Arab) mah. Laju disebutkeun oge geus wani nguber-nguber ramana, Prabu Siliwangi, taktik tipuan ngelehkeun Pajajaran nu tujuanana supaya wargana asup Islam teh meureun bakal leuwih gancang kahontal hasilna. Tegesna, strategi politis kitu teh.

Yen kungsi aya urang Pajajaran anu ngamukim di Arab memang dina Pantun Bogor Gunung Kendeng ge disebut. Inyana teh urut Mantri Majeti Pajajaran Tengah. Anu ngaranna Jaya Antea. Inyana lunta ka tanah Arab, gara-gara jabatan Mantri Majeti dicopot ku raja. Sakalaian dileungitkeun hak kawarga-nagaraan Pajajaranana. Nya inya laju dibarawa ku sobat-sobat inyana, padagang bangsa Arab. Ari dicaritakeun panggih jeung Bagainda Ali mah Jaya Antea ge henteu. Ngan ukur dicaritakeun diajar bagbagan agama Islam wungkul. Ku saha manehna diajar agama, teu kacaritakeun deuih.

Geusan ngebrehkeun kumaha lalampahan Jaya Antea nu ceuk Uyut Baju Rambeng mah disebut “Kian Santang Palsu”, kacaturkeun saguluyur dina lalakon Pantun Bogor “Kalang Sunda Makalangan”.
Tangtu bakal panasaran, sarerea hayang ngabandungan lalakon Ki Jaya Antea anu ku Ki Baju Rambeng dituduh “Kian Santang Palsu”. Tapi, cag heula carita urang eureunkeun heula. Keun ka hareupna urang laju deui neruskeun carita lalampahan Ki Jaya Antea. *** 
Dimuat dina Majalah Sasakala Sunda Ujung Galuh No.6

Comments

Popular posts from this blog

NGARAN PAPARABOTAN JEUNG PAKAKAS

Masrahkeun Calon Panganten Pameget ( Conto Pidato )

Sisindiran, Paparikan, Rarakitan Jeung Wawangsalan katut contona