GURAT BADAG AWAL SAJARAH JAWA BARAT – dok Salakanagara

DATA-DATA ARTEFAK NGEUNAAN MASYARAKAT SUNDA, KAPANGGIH DINA :
1. Warta Cina: Dina taun 132 M raja YE TIAO nu ngaran TIAO-PIEN ngirim utusan ka Cina. Ye Tiao = Jawadwipa, jeung Tiao-Pien = Dewawarman.
2. .Warta Ptolemeus; Dina taun 160 M saurang ahli elmu bumi urang Iskandariyah turunan Yunani, nu ngaranna CLAUDIUS PTOLEMEUS nulis catetan, nu sumberna ti pelaut Arab nu sering ngabuniaga ka India,nerangkan yen IABADIO = YAWA-DWIPA nagri nu subur. Aya kota dagang nu disebut ARGYRE = Kota Perak >Rajata pura, di SALAKANAGARA.
3. .Warta FA-HIEN inyana pendeta Budha, samulangna ti India , balayar ngaliawatan laut kidul. kasarung tur angkleung-angkleungan hanjat ka hji pulo salila 5 bulan. Pulau teh disebut Ya-Va-Di dina tgl. 14 April tahun 414 M. Inyana nyebutkeun aya nagari endah tur badag, disebut TO-LO-MO = Ta ru ma (Nagara)
4. .Prasasti, nu kapanggih aya 20 :
a. Prasasti Tarumanagara:-Ciaruteun (Bogor)
-Kebon kopi (Bogor)
-Pasir Gintung (Bogor)
-Cidangiang (Pandeglang)
-Tugu (Bekasi)
b..Prasasti Karajaan Sunda:
- Kawali (Ciamis)
- Cibadak (Sukabumi)
c. Prasasti Karajaan Galunggung: di Geger Hanjuang (Tasikmalaya).

d. Prasasti Karajaan Pajajaran: di Kabantenan (Bekasi), Batutulis (Bogor).

5. Titinggal Kuno:
b. di puncak gunung Agrabinta , sawareh aya di sawaah(Cianjur selatan)
c. di puncak gunung Padang (Ciwidey Kab.Bdg)
d. di Dalem agung Pakungwati (Cirebon)
e. di Sunyaragi (Cirebon)
f. di Cangkuang (Garut)
g. di Bojong Menje (Cicalengka)
6.Titinggal mangrupa naskah Kuno:
a. Kropak No. 406 CARTA PARAHYANGAN ( Museum Pusat, Jkt).
b. Kropak No. 630 SANGHYANG SISKSAKANDA KARESIYAN(s.d.a)
c. Kropak No. 632 AMANAT TI GALUNGUNG (s.d.a)
d. Kropak No. 410 CARITA RATU PAKUAN (s.d.a)
kabeh ditulis dina daun lontar.
e. Naskah kuno PUSTAKA WANGSAKRTA sajarah ti 90 daerah di Nusantara nu ditulis tahun 1677 M.-1698 M. aya 52 nashkah kuno, nya eta:
1) PUSTAKA RAJYA-RAJYA I BHUMI NUSANTARA, 25 jilid.
2) PUSTAKA PARARATWAN I BHUMI JAWADWIVA, 12 julid.
3) PUSTAKA NAGARA KERTABHUMI, 12 jilid.
4) PUSTAKA CARITA PARAHYANGAN, 5 jilid.
Catetan kacindekan Mang Usep:
NGADEGNA KARAJAAN DI TATAR SUNDA, SALILA 14,5 ABAD, MIMITI TAUN 130 M Npk.TAUN 1579 M. RUNTUYANANA:
I. Karajaan SALAKANAGARA (Th. 130 M – 363 M.
Pernahna: di Pulasari-Pandeglang
Piseur dayeuhna: Rajatapura (Kota perak)
Raja munggaran: AKI TIREM SANG AKI LUHUR MULYA
Disebut oge Panghulu Sunda. Hulu=sirah.> Pemimpin.
Raja kawentar: DEWAWARMAN
Agama Nagara: Sanghyang agama
Raja-raja liannya: - Pohaci Larasati; Dewawarman I npk.. Dewawarman VIII. (Prabu DARMAWIRYA DEWAWARMAN) Ku minantu Dewawarman VIII puseur karajaan dipindahkeun ka Jayasinghapura, ngadeg Tarumanagara
II. Karajaan TARUMANAGARA(Th. 345 - 666 M.)
Pernahna di Bogor kulon.
Puseur dayeuh: JAYASINGHAPURA (Jasinga?)
Raja munggaran: MAHARESYI JAYASINGAWARMAN GURU DARMAPURUSA atawa RAJADIRAJAGURU.(mantu Dewawarman VIII –nikah ka Iswari Tunggal Pretiwi Warmandewi.
Raja kawentar: PURNAWARMAN.(Raja ka-3)
Agama Nagara: Hindu
Raja-raja sejenna:Aya 12, diantarana: Wisnuwarman, Candrawarman, Suryawarman, Kretawarman,Sudawarman,Nagajayawarman.Tarusbawa.
Tarumanagara 12 kali ganti raja. Ku Tarusbawa.minantu Nagajayawarman, poseur karajaan dipindahkeun ka Sundhapura(Bekasi) ngadeg karajaan Sunda.
III. Karajaan SUNDA (669 M-1175 M)
Wewengkonna antara basisir kidul Sumatra (basisir Lampung_ npk. Kali Serayu di Jawa Tengah.
Puseur dayeuh: SUNDAPURA (Bekasi)
Raja munggaran: Prabu TARUSBAWA DARMAWASKITA SUNDA SEMBAWA.(mantu Nagajayawarman, ti Tarumanagara)
Raja pamungkas: DARMAKUSUMA.
Raja kawentar: SRI JAYABUPATI (mantu Erlangga,).
Agama Nagara: Hindu-Budha-Sanghyang
Raja-raja lianna: Rakeyan Kamuninggading; Rakeyan Jayagiri; Atmayadarma Hariwangsa; Limbur Kancana; Munding Ganawirya; Rakeyan Wulunggadung; Brajawisesa; Dewa Sanghyang; Sanghyang Ageng.; Langlangbumi, Menakluhur.
IV. Kerajaan GALUH (620 M-1350 M).
Pernahna : di wetanneun Citarum npk. Cipamali-Jateng.
Puseur dayeuh : Galuh Pakuan (Kawali-Ciamis)
Raja munggaran : WRETIKANDAYUN (turunan Kudungga nu datang ka Sunda, jeung adina (Sang Kandiawan tur Sang Kandiawati), dibere tanah ku Purnawarman di wewengkon Nagreg, ngadegkeun karajaan Kendal. Nyieun candi Cangkwang di Bojongmenje (Cicalengka). Ngadeg karajaan Galunggung, ahirna ngadeg karajaan Galuh.
Raja kawentar: PRABU MAHARAJA LINGGAWISESA(nu gugur di Bubat).PRABU WASTUKANCANA.
Raja pamungkas : SANG MANARAH (Ciung Wanara) Agama Nagara: Hindu-Budha.
Raja-raja liana: Sang Mandiminyak; Sena(Bratasenawa); Sanjaya; Sang Premana Di Kusuma; Rakeyan Tamperan Barmawijaya
V. Karajaan PADJADJARAN (1330 M – 1579 M).
Pernahna : di Bogor
Puseur dayeuh : Sri Bhima Punta Narayana Mandura Suradipati Pakuan Pajajaran. (ngaran karaton, jadi ngaran puseurdayeuh, jadi ngaran karajaan).
Raja munggaran :Prabu Susuk Tunggal (Putra cikal Wastukancana ti Karajaan Sunda).Wastukancana ngabagi 2 Sunda, jadi Sunda jeung Galuh, da putrana 2: Sang Haliwungan gelar Susuk Tunggal +Ningrat Kancana gelar Dewa Niskala)
Raja kawentar: Prabu Siliwangi(Sri Baduga Maharaja, ngahijikeun deui Sunda+Galuh jadi Pajajaran).
Raja pamungkas: Prabu Sedah (Suryakencana).
Agama nagara: Hindu, Sanghyang, Islam.
Raja-raja liana : Dewa Niskala; Linggadewata; Amuk Murugul; Surawisesa; Gurugantangan; ,Ratu Dewata; Ratu Sakti Sang Mangabatan; Nilakendra; Ragamulya.
Padumuk(penduduk) puseur dayeuh Pakuan 48.271 jiwa, kaduabadag sanggeus Demak,49.197 jiwa, ka tilu, Pasai, 23.121 jiwa.
Dina tanggal 11 paro-terang, bulan Wesaka, taun 1501 Caka sarua jeung tgl. 11 Rabiul awal 987 Hijriyah atawa tgl. 8 Mei 1579 M. puseurdayeuh Pakuan Pajajaran Sirna ing Bhumi ,nyakitu puseurdayeuh heubeul Pajajaran(Salakanagara) di Pulasari Pandeglang.beak dijorag pasukan

VI. HUBUNGAN KULAWARGA
MIMITI Ti pamarentahan Purnawarman di Tarumanagara, aya hubungan getih/kekerabatan, jeung KUTAI /BAKULAPURA .(putrid cikal raja Kudungga.). Aswawarman-putra Purnawarman, ti orok keneh, dicandak ti Taruma, dirorok ku eyang ti pihak Ibu ( Kudungga.) jadi raja Kutai. engkena digentos ku Mulawarman.Putu Mulawarman jadi raja munggaran di Sriwijaya,Palembang.
Hubungan getih/kekerabatan saterusna sina mangsa karajaan Sunda.Putra mahkota karajaan Sunda, migarwa putri ti Sriwijaya.
Kakulawargaan diteruskeun, ku nikahna putra mahkota karajaan Galuh, RAKEYAN DARMASIKSA ka putri Mahisa Campaka ti Singosari. nu
ngalahirkeun Rd.WIJAYA. ti burey diaping ku Patih Pakuan RAKEAN BANYAKWIDE (Diangkat jadi bupati Madura, jujuluk ARYA WIRARAJA). Masih kajadian deui, Sri Jaya Bupati, Raja Sunda, nikah ka putri Erlangga ti Kuripan Jawa Timur. Terus Sanjaya (Raja Galuh) nikah ka putri RATU SHIMA/ RATU BHAKA/ di Jawa tengah. Sagala rupa pernikahan ka urang tatar wetan, ANCUR, TEUMEUNANG, CADU, BUYUT sabada “peristiwa BUBAT”.
Ngadegna karajaan Islam Cirebon jeung Banten, mangrupa seler karajaan Pajajaran..
Catatan leutik, ngeunaan Prabu Siliwangi.:
Jenengan nuju alit: Pamanahrasa, saparantos jadi prabu anom robih jadi Jayadewata.
Jayadewata, teh incu munggaran Prabu Wastukancana (Prabu Wangisuta). Jayadewata diistrenan jadi raja 2 kali. ngawitan ku Prabu Dewa Niskala, jadi raja GALUH, kadua ku Prabu Susuk Tunggal (mertua) jadi Raja Pajajaran, dengan gelar SRI BADUGA MAHARAJA SRI SANGRATU DEWATAPRANA.Dua karajaan dihijikeun, sapertos ku Wastukancana Gelar Siliwangi kaceluk ku rahayat GALUH. pedah sikep tur perilakuna sarimbag sareng Prabu Wangi (Eyang buyutna nya eta Prabu Maharaja,nu gugur di BUbat, nya kitu seueur sarimbag sareng sikep Prabu Wastukancana/Prabu Wangisuta, (eyangna) nu leuwih condong merhatikeun rahayat, tur teu mikaresep kamewahan dunya.. Eta sababna dianggap sarua jeung Prabu Wangi, Dijadikeun pangganti Prabu Wangi, disebut we SILIHWANGI/ SILIWANGI
Istri munggaran Siliwangi, NYI RAMBUT KASIH, putri Ki Gedeng Sindangkasih(Pamanna), teu gaduh putra. Ti istri kadua, NYI SUBANGLARANG putri pamanna keneh, Ki Gedeng Tapa). Subanglarang tos Islam, alumnus pesantren SYEH QUROO di Karawang.. Istri katilu, adi Prabu Amuk Murugul (putra Ptabu Susuk Tunggal), NYAI KENTRING MANIK MAYANG SUNDA gaduh putra SURAWISESA(putra mahkota,engkena jadi raja Pajajaran. ti Nyai Subanglarang, kagungan putra, WALANGSUNGSANG (ngadegkeun karajaan Islam Cirebon), RARASANTANG, jeung JAKASENGARA.tiluanana ISLAM.
NB: Mun aya putra Siliwangi nu jenengan KEAN SANTANG, ti istri nu mana? SAHA IBU KEAN SANTANG? Komo disebut PRABU KEAN SANTANG, dimana jadi rajanya?(Prabu=raja nu maotna diduruk, tina per-abu-an)
Istri kaopat,ti Pajajaran keneh, NYAI EMAS LENGGANG PAKUAN, Siliwangi, kagungan putra
saurang (SUNAN BURUNGBAOK) diangkat jadi raja daerah di karajaan Panjalu.. PRABU SILIWANGI palastra tahun 1521 M. Sabada dikubur 12 tahun, dibongkar, diduruk tulang ragana ( panghormatan ka Raja Utama), lebu janazahna disimpen di KABUYUTAN RANCAMAYA, kuloneun puseur dayeuh Pakuan. 58 tahun ti harita, basa Pajajaran dirajaan ku Prabu Sedah, karajaan Pajajaran diancurkeun ku tentara Islam gabungan Cirebon, Banten jeung Demak.(jadi, bohong Siliwangi di Islamkeun,da asupna Islam ka Pajajaran sabada Siliwangi pupus).
Aya “penghancuran” budaya, nu dipilampah ku Gubernur Jenderal Hindia Belanda, SNUCK HURGRONYE, inyana mawa misi ngancurkeun Islam, bari nyebarkeun Kristen di Hindia Belanda. Samemehna, inyana diajar heula keislaman di Mesir salila 5 tahun. Di Hindia Belanda (Indonesia) dibaturan ku WILLIAM VANDER PLASH, nu diangkat jadi Gubernur militer (Jawa Timur),duanana nyamur bari nguriling Nusantara. kanyahoan, tina 400 sukubangsa nu aya di Hindia Belanda, aya 2 sukubangsa nu sulit ditalukkeun /dikristenkeun, nyaeta SUNDA jeung ACEH. Sunda teu bisa digempur ku militer, sabab urang Sunda ahli perang (karajaan di Tatar Sunda can kungsi eleh diranjah ku karajaan sejenn,(kaasup ku Majapahit) sabab system pertahanan tur teknik tempurna ulung, ngan teu kungsi dipake narajang kerajaan sejen di luar Tatar Sunda,(teu ngajajah nagara sejen) salila 14,5 abad), jeung dipiserab sabab rengkak paripolahna nu handap asor,someah,darehdeh tapi tangoh.
Mangka digorogot budayana, ku nyiptakan DONGENG SANGKURIANG, jeung SILIWANGI JADI MAUNG(ngamangpaatkeun hasil panalungtikan sersan VOC Scopio, nu kungsi nempo maung badag dina urut karaton Pajajaran), cenah sanggeus dibeberik Kean Santang rek di Islamkeun. Maksudna, ngarah tembong gorengna Islam ngaliwatan peristiwa ANAK MAKSA TUR NGUDAG-NGUDAG BAPA.(padahal taya paksaan dina agama, sabab geus jelas mana nu bener , jeung mana nu salah) .Sedeng Dongeng Sangkuriang, ngawujudkeun manusa SUNDA leber wawanen, pinter, tur tangoh, jadi MINDERWARDIG COMPLEXS alias rendah diri,(lain “rendah hati “) sabab dicaritakeun Sunda TURUNAN ANJING TUMANG, INCU BABI WAYUNGYANG.Sunda dirusak TI JERO.
Aceh sulit diruksak budayana, kapaksa DIHANTEM KU KAKUATAN MILITER.
SNUCK HURGRONYE jeung WILLIAM VANDER PLASH, apal ditalar eusi Al Qur’an (kungsi ngarobah 1 ayat Al Qur’an,-jalma nu sabar bakal asup surga, diganti jadi jalma nu sangsara bakal asup surga, ngan kayahoan) jeung 1800 Hadits.
Saciwit ,ngeunaan “peritiwa” Bubat dumasar naskah kuno Pustaka Wangsakerta:
Geus kanyahoan, yen Rd.Wijaya nu ngadegkeun Majapahit teh incu Prabu Rakeyan Darmasiksa ti karajaan Sunda. Sedengkae Prabu Hayam Wuruk (incu Rd.Wijaya) neruskan sumpah akina, nu MOAL NGAGANGGU BHUMI SUNDA. sabab Sunda teh luluhur Majapahit ti pihak laki-laki. Sumpah Rd.Wijaya teh diucapkeun di keraton Kawali basa ngadeuheus ,sarengsena upacara diistrenan jadi raja Majapahit) Tapi kusabab Gajahmada (tadina penyebar agama Budha ti Thailand teu apaleun kana sumpah Rd.Widjaya. malah ngembarkeun sumpahna sorangan(Palapa) hayang nalukeun Nusantara.
Pasukan Sunda nu datang ka alun-alun Bubat, ngan 100 urang, miang ti Sundakalapa make 2 kapal layar. (da datangna ka Majapahit rek ngawinkeun) nya eta; raja, prameswari, 2 urang patih (Rakeyan Sang Anapaken jeung Rakeyan Buyut Mantri), putri mahkota (Dyah Citraresmi Pitaloka),50 urang pengawal istana, sesana wanoja pangiring penganein .satepina ka alun-alun Bubat, Prabu Linggawisesa mgirim surat embaran ka Hayam Wuruk, ditarima ku Gajahmada (nu geus lila panasaran hayang nalukkeun Sunda, pedah sakuliah Nusantara malah nepi ka Philipina geus taluk, iwal Sunda ). Tanpa bebeja ka Hayam Wuruk, dibalesan surat raja Sunda, teh yen putri Dyah Citraresmi Pitaloka kudu diserenkeun sabage UPETI ciri takluk. Puguh we raja jeung para ksatrya Sunda asa dihina
Kajadian we pertempuran nu teu saimbang (100 urang dikepung ku 10.000 tentara Majapahit) urang Sunda tumpur, teu nyesa

.Sanggeus eta kajadian, salila 3 bulan Hayam Wuruk gering parna, nepi ka aya 7 kali na menta dihampura ka puseur dayeuh kawali, diluluguan ku pandita agama Hindu Mahayana, Sundayana jeung Tantrayana, bari ngirim 20 dongdang emas berlian minangka tanda bhakti tur handeueul.. Parmenta dihampurana, DITARIMA ku adi Prabu Linggawisesa,nu myuluran rakana jadi raja Sunda, salila putra mahkota WASTUKANCANA (adi Dyah Citraresmi Pitaloka, nu karek yuswa 9 tahun) can dewasa. Eta sababna teu kungsi kacarita aya serangan ka Majapahit, padahal 40 kerajaan di luar Sunda sayaga mantuan Sunda, mun rek nyerang Majapahit.
Akibat “peristiwa PEMBANTAIAN” (lain pertempuran) di Bubat ,sakur karajaan jajahan majapahit,kaasup Philippina ngamerdekakeun diri. Atuh Jenengan raja Sunda kawentar ka sakuliah Nusantara jenenganana seungit (wangi), mangka disarebut Prabu Wangi. Putrana, Wastukanca, disebut Prabu WANGISUTA, atuh buyutna, disebut Prabu SILIHWANGI (gaganti Prabu Wangisuta) robah jadi SILIWANGI. Ti harita, unggal raja Sunda nu nikah ka putri ti Majapahit(Tatar wetan) pasti dimakzul (diturunkeun tina tahta), saperti Sri Jaya Bhupati nu nikah ka putri Prabu Erlangga, jeung rama prabu Siliwangi (Linggadewata,raja Galuh) nikah ka putri ti Mataram Hindu. Unggal putri ti “wetan” disebut rara hulanjar,hartina wanoja buyut.

Catetan leupas sumpah bubat (tina lontar) : Nihan ta wuwusna rudiarana iking bhubat sabha,ksatrya sunda tan atemahan ring nagara pada jaya mami. “ Najan banjir getih, bedah di palagan Bubat, cadu ksatrya Sunda ancur ajen diri di lemahcai sorangan”. Cag.

Ciwidey, 19 Nopember, 2005
(Asep Idjuddin)

Comments

Popular posts from this blog

NGARAN PAPARABOTAN JEUNG PAKAKAS

Masrahkeun Calon Panganten Pameget ( Conto Pidato )

Sisindiran, Paparikan, Rarakitan Jeung Wawangsalan katut contona