CADAS PANGERAN BAHEULA (Dok.Salakanagara)

PARA korban pangwangunan Jalan Raya Daéndéls di wewengkon Cadaspangéran ngangluh duméh maranéhna asa teu diajénan jeung asa teu diurus. TEPIKEUN ka taun 1950-an mah, sakur kandaraan anu ngaliwat ka Cadaspangéran sok ngalungkeun rampé atawa seuseungitan, atawa duit jeung rook, teuing naon maksudna. Ngan ceuk Aki Sasmita urang Ciséda mah, lamun tas ngalungan, panumpang anu lalar-liwat di Cadaspangéran téh haténa sok ngarasa reugreug.

“Sabab harita, samangsa jalan Cadaspangéran jembet kénéh ku kakayon, bangsa lelembut di éta tempat remen némbongan, matak reuwas nu ngaliwat,” ceuk Aki Sasmita. Jaman harita, sababaraha kali kandaraan tigorobas murag kana jungkrang, tur supir ngaku saméméhna mireungeuh anu meuntasan jalan. Mun teu kitu, supir sok ngarasa, jalan téh lempeng ngabulungbung, padahal sabenerna nikung.

Ari urang Ciséda séjénna, nyaéta hiji lembur leutik, handapeun jungkrang, make aya anu ngimpi kadatangan ku korban proyék jalan Cadaspangéran. Cenah para korban pangwangunan jalan Cadaspangéran jamanna Gupernur Jénderal Daéndéls téh asa teu diajénan, dipopohokeun ku jalma jaman kiwari.

“Padahal maranéhna téh sasat jaradi korban pangwangunan. Ari ayeuna nu lalar-liwat téh saeutik gé teu inget ka kami,” ceuk salah sahiji korban dina impian uirang Ciséda téh.

Tina hasil obrolan jeung urang Ciséda, , mun jaman dipulangkeun deui kana 196 taun kaliwat ( ieu artikel medal dfina Majalah Ujung Galuh No.4 Taun 2006), bréh baé kagambar pangalaman jeung suka-duka rayat Sumedang dina babakti nyieun proyék jalan di Cadaspangéran antara taun 1808-1811.

Ari nu nyieun jalan téh,mémang tanaga kasarna mah bangsa pribumi. Jalan raya anu dijieun sapanjang 1000 km ti Anyer (Banten) tepika Panarukan (Banyuwangi) téh, geus ditebus ku késang jeung getih bangsa pribumi anu harita keur dijajah ku Belanda.

“Mung anu pangseueurna korban jiwa mah nyaéta rahayat Sumedang anu mantuan nyieun jalan di palebah Cadaspangéran kiwari,” ceuk Aki Sasmita.

Ukur ku jalma jaman ayeuna katelahna Cadaspangéran téh sabab ari baheula jaman keur ditugar mahkatelahna Leuweung Geumbeut.

“Disebut Cadaspangéran mah béh dieu, nyaéta keur ngajénan Pangéran Kornél, Dalem Sumedang anu mingpin éta proyék,” ceuk Aki Sasmita.

Kawas anu geus dipedar dina sajarah, disebut Cadaspangéran téh sanggeus aya pangbéla ti Pangéran Kornél ka para pagawé nu mantuan proyék jalan.

Di palebah Leuweung Geumbeut mah, kaayaan téh kacida hara-haraeun. Pagawé kudu meulah cadas anu teuas jeung nangtawing, mangkaning ari alat-alat kacida basajanna. Ari urang Belanda anu nitahna jiga anu teu hayang nyaho kasusah rayat.

Pangéran Kornél ngarasa tugenah ku polah Belanda. Ceuk catetan sajarah, basa Daéndéls ngaroris Leuweung Geumbeut, tur ngajak sasalaman, ku Pangéran Kornél ditampanan ku leungeun kénca, ari leungeun katuhu nyekel keris. Sakurang-kurangna kitu ceuk catetan sajarah malah parat jadi legenda anu kasohor di Sumedang.

Sohor sotéh Bupati Sumedang, da ari rahayatna mah ukur jaradi “pahlawan tak dikenal”. Aya kurang-leuwih 200 korban tiwas, boh ku panyakit, boh ku kalaparan, boh ku disiksa Belanda. Aya anu jasadna dibawa ka lemburna, aya anu langsung dikurebkeun di sisi jungkrang jeung lolobana mah,diantep kitu baé, nyaéta anu maot tigorobas ka handapeun jungkrang. ( Tina lalakon Sumedang di sarungsum ku Salakanagara )

Comments

Popular posts from this blog

NGARAN PAPARABOTAN JEUNG PAKAKAS

Masrahkeun Calon Panganten Pameget ( Conto Pidato )

Sisindiran, Paparikan, Rarakitan Jeung Wawangsalan katut contona