Undak-Usuk Basa (DOK.sALAKANAGARA)

Ku : Ike Tasrika, S.Pd.

Panganteur
Ampun paralun teu gaduh maksad kumawantun mapatahan ngojay ka meri, atanapi asa pangtiasana ieu aing uyah kidul. Ieu mah estu urang sasarengan diajar bae, malahmandar aya mangpaatna. Perkawis undak-usuk basa nu kapihatur, mung nu kapendak dina hirup kumbuh sadidinten bae, tetebiheun dugi kana papagon linguistic, kantenan ilmiah mah. Ieu mah dicawiskeun kanggo murangkalih, supados teu ngatog teuing. Dina ieu babaran, kahaturkeunbasa lemes kanggo nyalira sareng basa lemes kanggo nu sanes (sahandapeun, sasama, saluhureun).

Sateuacan neraskeun hanca ngalarapkeun basa lemes dina nyarios sadidinten, urang selang heula ku ngebrehkeun kanyataan basa nu saur para ahli mah kalebet “lemes kampung. Hartosna bakat ku palay lemes, aya sawatara kecap anu teukengeng dilemeskeun, teras dilemeskeun, dugika janten lepat, numutkeun rasabasa, aya oge anu nyebat “salah kaprah” nanging saleresna mah henteu seueur, mung henteu teu aya. Di antawisna:

Jenengan Tempat
Kampung Batu Gede dilemeskeun janten Batu Ageung. Larapna dina kalimah; Tadi teh pun Dadang parantos angkat ka Batu Ageung. Kedahna: Tadi teh pun Dadang parantos angkat ka Batu Gede (nami hiji kampung). Benten deui sareng kalimah; Di tengah pulo aya batu gede, lemesna, Di tengah pulo aya batu ageung.Tah ieu mah leres, margi batu gede nu dimaksad sanes nami kampung, nanging nami barang. Conto sanesna: Maman nembe mulih ti Jl. Balong Ageung. Kedahna, Maman nembe mulih ti Jl. Balong Gede. Aya oge nami, Cimahi. Dilemeskeun janten, Cicekap. Eta oge lepat. Cindekna nami tempat, teu kengeng dilemeskeun.

Kecap Sifat
Seueur nu nyarios kieu; Pribados oge kantos jarah ka Pamijahan. Kecap pribados kawitna tina pribadi, upami dilemeskeun janten lepat. Kedahna; Sim kuring/abdi oge kantos jarah ka Pamijahan.

Kecap Pagawean
Pun adi nuju olahragi. Kedahna, Pun adi nuju olahraga. Upami nuju olah ragi, nu diolahna ragi. sanes raga/awak. Benten deui sareng kalimah; Abdi mantuan ngakut cau ka Mang Dudu, janten Abdi ngabantosan ngakut cau ka Mang Dudu.

Kecap Barang
Tatangga digentos janten tatanggi, lepat. Kedahna tatangga mah angger bae, sapertos; Pun biang nuju ngobrol sareng tatangga.

Kecap Sulur
Kecap sulur/gaganti diri miboga, dina basa Sunda nganggo; pun. Conto, indung abdi janten pun biang,bapa abdi janten pun bapa, pamajikan abdi janten pun bojo.

Nu lepat: Naha geuning angkat teh, henteu sareng pun bojo? (Maksadna istri jalmi nu ditaros). Kedahna, Naha geuning angkat teh teu sareng tuang rayi? Pun bojo = pamajikan abdi. Tuang rayi= pamajikan anjeun (jalmi kadua).Conto sanesna; Pun Ibu mah nuju ka pasar. Lepat, kedahna; Pun biang mah nuju ka pasar. Upami naros; Dupi tuang ibu angkat ka pasar? Aya nu naros; Sareng saha angkat ka Banten teh Jang? Diwaler; Sareng pun rama. Lepat, kedahna; Sareng pun bapa.Aya nu langkung aheng; Pun paman nuju kulem sareng pun bojona. Lepat, margi kecap PUN hartosna gaganti diri miboga tegesna nu kuring. Kedahna, Pun paman nuju kulem sareng pun bibi, atanapi pun paman nuju kulem sareng bojona, atanapi sareng istrina. Aya nu ditumpuk. Conto: Dupi eta saha? Di waler; Ieu pun bojo abdi, lepat. Kedahna; pun bojo.teu kedah nganggo abdi deui.

Kecap sulur sanesna, ngalarapkeun kagungan, sareng gagaduhan. Kagungan larapna kanggo nu sanes, gagaduhan kanggo nyalira. Conto: Pulpen saha ieu teh? Kedah diwaler: Gagaduhan. Teu kengeng; gaduh abdi, atanapi kagungan abdi. Lepat. Nu Leres : Pulpen saha ieu teh? Diwaler; kagungan Pa Dedeng. Conto sanesna ; Dupi bapa, kagungan putra teh sabarahiji? Diwaler; Abdi mah gaduh anak teh mung dua.

Sok aya nu nyarios; Kamari abdi angkat ka Bandung, sareng putra abdi. Kedahna; kamari abdi mios ka Bandung, sareng pun anak.

Nyakitu deui tumali sareng pameget (salaki), kawitna tina pameget (lalaki). Aya nu nyarios: Abdi bade nepangan ibu teh sareng caroge abdi. Maksadna sareng salakina. Lepat kedahna: Abdi bade nepangan ibu teh sareng pun lanceuk. Kecap lanceuk, tiasa dianggo ka saderek saibu-sarama,tiasa oge dianggo ka caroge/salaki.Upami kanggo nu sanes kedah pamegetna atanapi tuang raka, conto: Dupi pameget Bu Ani teh , Pa Diding? Da caroge pun anak mah, Dudung. Bu Dedeh, dupi tuangraka teu ngiring? (pameget, caroge, tuangraka, pun lanceuk, nuduhkeun salaki, dina kalungguhan nu benten, kanggo nu sanes, kulawarga nyalira, diri nyalira). Cindekna, kanggo nyalira PUN… kanggo nu sanes TUANG

Comments

Popular posts from this blog

NGARAN PAPARABOTAN JEUNG PAKAKAS

Masrahkeun Calon Panganten Pameget ( Conto Pidato )

Sisindiran, Paparikan, Rarakitan Jeung Wawangsalan katut contona