KIANSANTANG NGALANGKANGAN (Dok.Salakanagara)

Panganteur
Sanaos simkuring sanes filolog tapi aya kereteg hoyong tiasa ngabandingkeun naskah,utamana naskah kuno atanapi carita babad, carita sajarah jsb. Sanaos tacan tiasa nangtoskeun mana nu asli sareng sanesna, sahenteuna, janten apal kana sawarnaning versi ngalankungan indikator variable nu nyampak dina unggal naskah. Pan ari naskah unikum mah ( hiji-hijina) rada sesah milari variable nu benten. Bari kitu, tetep cekeldeleg kana papagon ka-sajarah-an, yen sajarah teh mangrupi rekaman kajantenan nu puguh kasangtukangna (boh tempat atawa waktu), puguh salang-surupna, puguh untuyan-sungapanana, sareng objektif/realistis.
Da tokoh sajarah mah sanes tokoh fiktif nu tiasa diarula-arileu, dilelempeng, dibebener sangkan dugi kana maksad nu ngarekamna. Tapi kajantenan saujratna. Dina ngajegkeun eta perkara, taya kajaba iwal kedah taliti , ati-ati, bari apik tur nyanghulu kana patokan.

Teukinten bingah sareng reueusna, waktos nampi buku ipis (16 kaca) nu judulna “Sejarah Sunan Rohmat Suci Godog Garut” (saterasna disebat SSRS) yasana pa Kusnadi, nu medal bulan Maret taun 1996, di Garut. Inyana saurang inohong kabudayaan nu kaleresan nyepeng kalungguhan penilik kebudayaan di Kabupaten Garut. Kusnadi dina nyusun seratanana teu samarangan, tapi winangun team work. Sae pisan, sabab moal aya seratan sanes ngeunaan Sajarah Godog nu benten versi. Lebah dieu, syarat apik, tos katedunan ku Kusnadi. Katawis Kusnadi nu PNS, nu abdi nagara tur abdi masrakat, ngaladenan masyrakat ku cara nyerat buku. Leupas tina kaahengan eusi naskahna (Sayyidina Ali nu tos pupus ratusan taun, didohirkeun), kuring nyobian masihan babandingan, bari teu ngirangan rasa hormat ka Kusnadi (sanes ngiritik, sumawonan ngaduan, ampun paralun) nu insya Alloh mo leupas tina ajen objektifitas. Saparantoss maca buku SSRS kuring emut, kantos maca Purwaka Caruban Nagari (PCN), sareng Nagara Kertabhumi (NK)hiji rekaman beunang karuhun Sunda nu tos nganggo metode sareng sistematika ka-sajarah-an,boa karuhun mah teu eungeuheun yen cara kitu teh ilmiah. Katangen aya sababaraha veriabel nu rada benten. Supados kantenan pereleanana, urang bandingkeun ngajojoan kaca bae.

Katerangan:
Dina SSRS Raja Pajajaran sungapanana teu disebutkeun. Turunanana Prabu Lingga Raja Kencana. Turunan Prabu Lingga Raja Kencana, nya eta Wastu Kancana, turun ka Prabu Siliwangi, turun ka Prabu Kiansantang, Dewi Rarasantang, sareng Walangsungsang. Janten Wastukancana teh rama Prabu Siliwangi.
Dina NK, Raja munggaran Pajajaran teh Ragamulya saderek misan wangsatunggal. Ragamulya eyang Wastukancana. (teu kapendak aya jenengan Lingga Raja Kencana), Sri Baduga/Siliwangi putu Wastukancana . Turunan Prabu Siliwangi ti Kentring Manik Mayang Sunda (jaranten raja di karaton Pajajaran), taya putrana nu jenengan Kiansantang.

Dina PCN : Jayadewata alias Prabu Dewatasrana alias Sri Baduga Maharaja, alias Prabu Siliwangi, nikah deui ka Subanglarang kagungan putra 3, nu cikal Cakrabuana alias Walangsungsang, ka dua Rarasantang, nu bungsu Jakasengara (Syeh Abdulah Iman). Dina PCN ge taya putra Siliwangi nu kasebat jenengan Kiansantang.

Dina NK, Jayadewata putra Ningratkanana, diistrenan jadi raja di Galuh (1482) Gelar nobatna Dewatasrana, dina taun eta keneh diistrenan deui di Sunda, gelar nobatna Sri Baduga. Ti rama kagungan warisan tahta di Galuh, ti mertua (Prabu Susuk Tunggal) kagungan warisan tahta di Sunda.
Dina SSRS, kaca 3, Prabu Kiansantang atawa Syeh Sunan Rohmat Suci putra Prabu Siliwangi ti Dewi Kumala Wangi.

Dina NK, Jayadewata/Siliwangi, nikah ngawitan ka Nhay Rambut Kasih/Ambet Kasih, putra Ki Gedeng Sindangkasih (paman anjeuna). Teu kagungan putra. Nikah deui ka Nhay Subanglarang, putra Ki Gedeng Tapa (pamanna keneh), kagungan putra 3; Cakrabuana/Walangsungsang, Rarasantang, Jakasangara.(akur jeung PCN). Nikah deui ka Nhay Kentring Manik Mayang Sunda, putra Prabu Susuk Tunggal, kagungan putra Surawisesa Jayaperkosa. Nikah deui ka Nhay Lenggang Pakuan, rayi Amuk Murugul ti karaton Japura,teu kasebat kagungan putra. Janten istri Prabu Siliwangi teh 4 (Nhay Rambut Kasih, Nhay Subanglarang, Nhay Kentring Manik Mayang Sunda, Nhay Lenggang Pakuan) teu kasebat istri Siliwangi nu jenengan Kumala Wangi (putra saha? Ti karajaan mana?)

Dina SSRS,Prabu Kiansantang lahir taun 1315 M.
Dina NK, Bagian ka VI kaca 33 subjudul Pasunda Bubat, disebatkeun; Prabu Maharaja Linggabuana, ti Dewi Rara Lingsig kagungan putra 4. Nu cikal Dyah Pitaloka Citraresmi, lahir taun 1339 M, nu kadua jeung nu ka tilu pupus, nu ka 4 /bungsu lahir taun 1348 M nya eta Niskala Wastu Kancana. Jadi antara Kiansantang jeung Wastukancana teh sajaman, lahirna beda 33 taun. Kiasantang tos yuswa 33 taun, Wastukancana nembe dilahirkeun. Dina SSRS Kiansantang ka Mekah taun 1348 M, dina mangsa eta Wastukancana dilahirkeun. Dina NK, Pasunda Bubat (Perang Bubat), kajantenan dina taun 1357 M. Wastukancana nembe 9 taun, teu ngiring ka Bubat, dititipkeun ka pamanna (Bunisora Suradipati), yuswa Kiansantang harita tos 33 taun , janten Kiansantang mah pasti uningaeun kana kajantenan perang Bubat. Siliwangi tetebiheun keneh kana lahir. Padahal Wastukancana dina SSRS rama Prabu Siliwangi, dina NK mah eyang Prabu Siliwangi. Dina SSRS Prabu Siliwangi teh rama Kiansantang.

Dina SSRS; taun 1337 Prabu Kiansantang diangkat janten dalem Bogor. Dina NK, karaton Sri Bhima Punta Narayana Mandura Suradipati Pakuan Pajajaran, di puseur dayeuh karajaan Sunda (daerah Batutulis Bogor ayeuna, direhab taun 1333 M. Kecap Bogor tacan aya. Jadi daerahna tacan aya, Kiansantang mah tos janten dalem? Istilah/kalungguhan dalem, lumaku di Sunda, ngawitan abad ka 17, sabada tatar Sunda di kawasa ku Sultan Agung Mataram. Di ` Sunda taya istilah dalem, aya oge prabu anom/raja daerah disebatna yuwaraja (NK). Istilah dalem,bupati eta konsep pamarentahan Mataram Islam. Sapertos sawah, di Sunda ngawitan aya sawah abad ka 17 (1630) di Karawang. Sateuacana mah melak pare teh di tegal/pasir/disebat huma. Julukan kota BOGOR, mangrupi kalepatan ilat/nyebat tina basa Walanda BUITENZORG, analog sapertos OH DAT DING janten Odading, Houz dat janten hordah, frend janten pring. Atanapi reust bank, janten risbang.

Dina SSRS,Prabu Munding Kawati, putra Prabu Susuk Tunggal, diserenan tongkat pusaka karajaan sakatenan diistrenan janten panglima besar Pajajaran. Eta kajantenan diserat dina batu (batutulis), ku Prabu Susuk Tunggal
Dina NK, Munding Kawati putra Wangsatungal (saderek misan Ragamulya) tingali silsilah. Yuswa Munding Kawati, pakokolot supa sareng Wastukancana (rama Susuk Tunggal).

Dina naskah Aki Baju Rambeng, rintisan penelusuran masa silam, asal mula Pelabuhan Ratu (Anis Jati Sunda,1980) panglima Pajajaran jenengan RAKEAN KALANG SUNDA. Nu ngaping Dewi Purnamasari sareng carogena RAKEAN KUMBANG BAGUS SETRA ngalolos ti karaton, waktos digempur ku pasukan Islam. Malih males pati ka Syeh Al Kowana (tilas mantri Majeuti/Sekneg Pajajaran,nu lebet Islam, nu ngudag-ngudag Dewi Purnamasari).

Dina NK eusi/harti tulisan dina batu di Batutulis Bogor, mung 9 baris:
"wwang na pun ini sakakala, prebu ratu purane pun, diwastu diya dingaran prebu guru dewata prana,diwastu diya dingaran sri baduga maharaja, ratu haji di pakwan pajajaran sri sang ratu dewata pun ya nu nyusuk na pakwan diya anak rahyang dewaniskala sa(ng) sidamokta di gunatiga i(n)cu rahyang niskala wastuka(n)cana sa(ng) sidamokta ka nusa larang, ya siya nu nyiyan sakakala gugunungan ngabalay nyiyansamida, nyiyan sanghyang talaga rena mahawijaya, ya siya pun++ I saka, panca pandawa e(m)ban bumi"

Tarjamahna:
Muga salamet, ieu tanda peringetan keur prabu ratu suwargi, nu dinobatkeun make gelar prabu guru dewataprana; dinobatkeun deui make gelar Sri baduga maharaja,ratu ngawasa di pajajaran,Sri sang ratu dewata. Dia Anak rahyang dewa niskala nu pupus di gunatiga,incu rahyang Niskala wastu kancana nu pupus di Nusalarang.

Inyana nu nyieun tanda peringetan mangrupa gugunungan, ngabalay jalan ku batu, nyieun leuweung Samida, nyieun talaga rena mahawijaya, ya dia (nu nyieun eta kabeh). Ditulis dina taun saka lima pandawa ngasuh bumi (1455+78 taun = 1533 M).Janten seratan dina batutulis dipidamel sabada Prabu Siliwangi pupus (1521 M). Margi disebatkeun ;..sakakala, prebu ratu purane diwastu diya ngaran………..sri baduga maharaja…. =…. Peringetan, ka prebu ratu purane (nu tos pupus). Nu jenengan……..sri baduga maharaja…

Jadi nurutkeun eusi/harti tulisan dina batu tulis Bogor teh, mangrupi peringetan Sri Baduga/Prabu Siliwangi nu pupus tur raja manten di Sunda, di karaton Pajajaran. Dina NK jenengan karaton karajaan Sunda teh SRI BHIMA PUNTA NARAYANA MANDURA SURADIPATI PAKWAN PAJAJARAN. Eusi tulisan batutulis sanes peringetan ngajenengkeun Munding Kawati nu diserenan tongkat pusaka janten panglima besar Pajajaran.

Babandingan prase PRABU, nu disebut/ nu kagungan gelar kalungguhan PRABU, biasana raja (non-muslim.) Sabab PRABU tina asal kecap PER-ABU-AN, hartina sanggeus pupus jasadna di-perabu-keun alias diduruk. Jasad PRABU SILIWANGI ge diduruk, mung rada aneh. Didurukna teh sabada 12 taun dikubur. Janten Siliwangi mah jasadna dikubur heula, nembe diduruk. Raja-raja sanesna, pupus langsung diduruk. Lebu PRABU SILIWANGI disimpen dina kendi di gugunungan/pasir Badigul di daerah Rancamaya 7 km, kiduleun kota Bogor ayeuna. Di sisi tilas Talaga Rena Mahawijaya (nu tos jadi sawah, kiwari jadi perumahan Rancamaya Indah). Pangna jasad Siliwangi dikubur, tangtos aya pangaruh Islam. Duka upami waktos nikah ka Nhay Subanglarang, harita Siliwangi ngaos sahadat, margi sanaos kengengna Nhay Subanglarang teh ngalangkungan saembara, apan Subanglarang mah murid Syeh Quro ti Karawang. Janten sidik pisan Subanglarang mah tos Islam. Dupi Syeh Quro teh salasawios tentara Cina nu sumping ka Semarang, dicandak ku panglima Cheng Ho nu tos Islam, dina jaman Wastukancana. Malih salasawios rayi sabrayna Wastukancana, lebet Islam nu disebat Haji Purwa Galuh. Muslim munggaran di tatar Sunda. Rupina kaislaman Siliwangi disamunikeun, margi harita rahayat sareng gegeden Sunda masih keneh ngagem agama Sanghyang. Anu nyembahna ka Sang Rumuhun, sareng Sunan Ambu, sanes ka dewa atanapi ka Sidharta Ghotama.
Dina SSRS kaca 9, Prabu Kiansantang mulih ti Mekah, sabada 7 taun ngamukim, dina taun 1362 M. Harita di puseur dayeuh karajaan Sunda di dialihkeun ka karaton Kawali, nu janten raja, paman Wastukancana, nya eta Mangkubumi Bunisora Suradipati, nyuluran Wastukancana nu burey keneh, Bunisora kagungan gelar Prabu Batara Guru Pangadiparamarta Janadewabrata, disebat oge Batara Guru Jampang, disebat oge Sang Kuda Lalean. Marentah salami 14 taun (1357 – 1371 M).Jadi upami mulih ti Mekah Prabu Kiansantang nepangan tur ngajak lebet Islam ka Prabu Siliwangi, ramana, rada aneh, margi Prabu Siliwangi tacan lahir ka dunya.

Babandingan gelar/prase WANGI. Dina NK, nu nganggo gelar atanapi sebutan WANGI mung 3 urang. Nu ka hiji, Prabu Maharaja Linggabuana, nu gugur di palagan Bubat taun 1357 M, jenengan sang Prabu raja Sunda, seungit nyambuang sa-Nusantara, sabab ku kajantenan Bubat, sadaya raja d Nusantara,ngamerdekakeun diri tina kakawasaan Majapahit, teu panuju kana kalakuan Patih Gajahmada. Sang Prabu Raja Sunda kawentar disebat PRABU WANGI. Nu kadua Prabu Niskala Wastukancana, putra bungsu Prabu Wangi, sabab kalakuan, sifat sareng pribadi Wastukancana sadidinten, nyeples Prabu Wangi, ramana. Ahli satmata (teu condong kana kakayaan dunya, merhatikeun rahayat, ngutamakeun kasajahtraan rahayat),Wastukancana disebast PRABU WANGI SUTA (Putra Prabu Wangi). Nu katilu, Jayadewata/Prabu Dewatasrana/Sri Baduga Maharaja, dina nyakrawati bahudenda ngaheuyeuk dayeuh-ngolah nagara, sikep sareng pasipatan pribadina, sapertos Prabu Wangi Suta, malah inyana ngahijikeun deui wewengkon Sunda jeung Galuh, ngalihhkeun deui puseur dayeuh Sunda ti Karaton Kawali ka Pakwan Pajajaran, eta margina, Sri Baduga disebat PRABU SILIWANGI, tegesna Gegentos Prabu Wangi Suta.

Dina SSRS kaca 11,12, Prabu Siliwangi saperti nu “disupata” Kiansantang, ngadadak janten meong. Malah Siliwangi kabur ka daerah Garut pedah alim diislamkeun.
Dina NK, Taun 1821 saurang sersan VOC nu ngaran Scipio, ti Benteng Kalapa, nalungtik tilas karaton Pajajaran, inyana datang ka wewengkon Batutulis-Bogor, ka suku gunung Salak. Ku urang kampung di dinya( tadina urang Sumedang), dianteur, ka leuweung wewengkon tilas karaton. Dina urut lawang saketeng (pintu gerbang) aya meong sababara hiji. Tuluy dina tilas karaton, malah dina batu pangcalikan raja, dina tilas sinewaka paseban, aya 2 meong badag. Marulang tina nempo kanyataan kitu, ti harita jalma sakampung eta, yakin yen raja katut ponggawa karaton Pajajaan jaranten meong.

Upami Siliwangi dugi ka kabur ti karaton, tangtos aya kajantenan sapertos “paksaan” atanapi sapertos “intimidasi” ti Kiansantang. Rada aneh komo Kiansantang karek mulang ti Mekah. Apan taya paksaan dina Islam mah, da tos jelas mana nu lepat/batil mana nu leres/haq ( Laa ikro khafiddin khodtabayyanurrusdu minal khoiyyi).

Dina SSRS kaca 13, disebutkeun yen tilas Istana Pajajaran teh, kebon raya Bogor ayeuna. Tapi upami maca Sajarah Bogor, eta kebon raya teh dijieun ku Gubernur Jendral Raffles. Taun 1800-an. Keur panalungtikan Botani (tutuwuhan).
Dina SSRS Taun 1400 M Kiansantang diangkat jadi raja di Pajajaran ngaganti Prabu Munding Kawati (Anapaken I).

Dina NK, Prabu Wastukanca , rama Siliwangi (SSRS), Dina NK,aki Prabu Siliwangi , marentah taun 1371 – 1475 M.di karaton Kawali, puseur dayeuh karajaan Sunda. Jadi taun 1400 tacan aya karajaan Pajajaran. Siliwangi diistrenan jadi raja Sunda di Pajajaran taun 1482 M. Sateuacanna tos janten Yuwaraja. Upami Kiansantang diistrenan jadi raja taun 1400, panginten payun keneh Kiansantang janten rajana batan Siliwangi. (Emut,Pajajaran jenengan karaton, tina Sri Bhima Punta Narayana Mandura Suradipati Pakwan Pajajaran, sanes jenengan karajaan).
Dina SSRS kaca 15, Kiansantang wafat taun 1419 M. Sakumaha disebat di luhur, antara taun 1371 dugi ka 1475 karajaan diparentah ku Wastukancana. Upami kitu wafatna Kiansantang teh, nuju Wastukancana jadi raja. Dumasar fakta SSRS Kiansantang wafatna dina umur 104 taun pan lahir taun 1315 M. Wastukancana marentah salami 104 taun.

Dina NK, Dewa Niskala, putra kadua Wastukacana jadi raja di Galuh/Kawali/karaton Surawisesa ngan 7 taun, tahta diapasrahkeun ka Jayadewata/Siliwangi taun 1482. Pangna kitu Dewa Niskala di makzul, sabab ngawin rara hulanjar, istri nu gungsi ti Majapahit. Harita Siliwangi geus jadi raja di Pajajaran warisan mertua , Prabu Susuk Tunggal. Jadi dina taun 1482 Susuk Tunggal jeung Dewa Niskala sataun reujeung bareng ngecagkeun kalunguhan raja. Harita Dewa Niskala ampir digempur ku Susuk Tungagal(lanceuk beda indung), sabab sanggeus kajadian perang Bubat,raja di Sunda teu meunang kawin ka urang Majapahit.Najan Hayam wuruk geus 3 kali menta dhampura ka Sunda nu ditarima ku Prabu Bunisora Suradipati. Jadi sabenerna peristiwa Bubat geus anggeus, geus beres, geus damai. Pan sangeus kajadian Bubat, Patih Gajahmada diusir ku Hayamwuruk. Hayangwuruk nganggap Patih Gajahmada ngarempak sumpah Rd. Wijaya, ka Prabu Darmasiksa, akina, di karaton Surawisesa,nu moal wani-wani ngaganggu bhumi Sunda. Rd. Wijaya nu ngadegkeun Majapahit teh, incu Prabu Darmasiksa, raja Sunda.

Upami sumender kana data rekaman untuyan runutna-sungapan silsilah sareng taun kajantenan dina SSRS, panginten SSRS tiasa dikatagorikeun kana babad, sanes sajarah. Sanaos babad tiasa dijantenkeun sumber sajarah. Katawis aya variable nu benten, rada pamohalan. Namung carios Kiansantang teu tiasa dipupus kitu wae, angger ngalangkangan sajarah, da rupina tos ngurat-ngakar di masrakat Sunda, janten asset kakayaan budaya.*** (Ku tim Salaka.net)

Daftar bacaan:
1. Anis, Jatisunda, Asal-usul Pelabuhan Ratu, Makalah Rintisan penelusuran masa silam,1984, Bandung
2. Carbon, Pangeran, Purwaka Caruban Nagari ,1982, Bandung
3. Kusnadi, Sejarah Sunan Rohmat Suci Godog Garut, 1996, Garut
4. Wangsakerta, Pangeran, Nagara Krta Bhumi, Sejarah Jawa Barat Rintisan penelusuran masa silam Sarga I – VI, 1983-1984, Bandung

Comments

Popular posts from this blog

NGARAN PAPARABOTAN JEUNG PAKAKAS

Masrahkeun Calon Panganten Pameget ( Conto Pidato )

Sisindiran, Paparikan, Rarakitan Jeung Wawangsalan katut contona