Posts

Showing posts with the label Basa Sunda

Papatah Kolot Baheula Bahasa Sastra Sunda Buhun

Pepatah orang tua zaman dahulu dalam  siloka sunda  disebut juga dengan bahasa buhun kolot baheula. Uraian pada bahasan kata bahasa Sunda - mangrupakeun Papatah kolot baheula - Ieu seratan mangrupi pepeling buhun kanggo bahan renungan dina raraga ngamumule sastra basa sunda anu kiwari melempem kasered budaya deungeun. Postingan  papatah kolot baheula  di handap ieu nyaeta paribasan jeung babasan sunda paling lengkep jeung hartina dina bahasa Indonesia, mudah-mudahan tiasa janten referensi kangge bahan renungan khususna pikeun urang sunda anu kiwari budayana tos ka geser ku budaya basa deungeun alias kabudayaan barat:

Kecap Panganteur

Bahasa daerah Bandung sebagai salah satu daerah tatar Priangan adalah Basa Sunda (Bahasa Sunda).  Parahyangan atau Priangan (Bahasa Belanda: Preanger) adalah daerah kebudayaan Sunda di Jawa Barat yang luasnya mencakup wilayah Ciamis, Tasikmalaya, Garut, Sumedang, Cimahi, Bandung, Cianjur, Sukabumi dan Bogor.  Pada kesempatan ini kita akan sama-sama belajar Seri Pelajaran Bahasa Sunda bagian 1 yakni tentang " kecap panganteur " (kata pengantar) yakni kata tambahan yang tidak mengandung arti namun berguna intuk memantapkan sebuah pembicaraan baik pengantar keadaan/ kata sifat maupun pengantar kata kerja.  Contoh penerapan kecap panganteur silakan perhatikan kalimat di bawah ini: "Barang nepi ka sisi susukan jrut manehna turun " (terjemahan dalam Bahasa Indonesia: begitu sampai di pinggir sungai, " jrut " ia turun).  "jrut" pada kalimat di atas tidak mengandung arti apapun, hanya penegasan dari kata kerja "turun", kecap panganteur "...

Ngaran Patempatan Basa Sunda

Untuk suatu nama patempatan di masyarakat Sunda khususnya di Bandung dan sekitarnya, yakni Cimahi, Sumedang dan orang suku sunda lainnya, ada beberapa nama khusus, yakni diantaranya :   Alun-alun = tanah lapang (hareupeun kacamatan, kabupaten, jsb)   Babakan = lembur anyar;  ngababakan = nyieun lembur anyar   Babantar = bagian walungan anu leah sarta deet.  

Pidato Seserahan Basa Sunda

PIDATO NYERENKEUN PANGANTEN  Asalamualaikum Warohmatulohi Wabarokatuh Bismillah Alhamdulillah Asolatu Wa salamu Ala Rosulillah Wa ala alihi wasoh bihi wama walah Wa Lahaula wa lakuwata ila bilah. Ama ba’du  Hadirin rohimakumulloh  Sadaya puja sareng puji syukur nu utama saleresna eta kagungan gusti Alloh nu murbeng alam, rohmat miwah kawilujengan mugi tetep ngocor ka jungjunan urang sadaya Kanjeng Nabi Muhammad S.A.W. ka kulawargina ka para sahabatna sareng kasadaya umatna nu tumut kana sunahna tigin kana ajaranan dugi ka akhir Zaman.  Kanca Mitra miwah Sepuh-sepuh anu mulya  Simkuring sakulawarga miwah pun dulur sadaya tumorojog tanpa larapan nyanggakeun wilujeng tepang, tipayun manuhun seja nyambat nyebat ma’af, cukup lumur jembar hampura, bilih kirang tata titi duduga peryoga. 

Contoh Masrahkeun Calon Panganten Pameget #2

Assalamualaikum, wr.wb. Du’a……………… Minangka pamuka pisanggem, sim kuring nyanggakeunsadaya puji ka Alloh anu Murbeng alam, anu midamel bumi langit katut pangeusina.Ku ayana widi ti Mantenna urang sadaya tiasa kumpul ngariung patepung  lawung paamprok jonghok enggoning nepangkeunsareng manjangkeun silaturahmi antawis kulawargi ti Karangnunggal sarengkulawargi ti Kawali Ciamis. Mugia bae ieu pajemuhan teh aya dina ridlo sarengginulur rahmat Gusti Alloh. Solawat sinareng salam mugia salalamina ngocor kajungjunan urang sadaya Kanjeng Nabi Muhammad SAW, oge ka parakulawargina, kaparasohabatna. Mugia aya leleberanana kanggo urang sadayana, kalayan mugiaurang sadaya kenging sapaat ti Mantenna di yaumal kiyamah. Amin. Bapa Haji Sasmita miwah Ibu, kitu deui wargi-wargi anusami-sami ngaluuhan ieu pajemuhan, hormateun sim kuring,

Masrahkeun Calon Panganten Pameget ( Conto Pidato )

Nyanggakeun bilih aya nu peryogi kanggo conto pidato dina raraga masrahkeun calon panganten pameget, dihandap aya 3 (tilu) conto anu tiasa di angge, wilujeng : Conto ka-1 Bismillaahirrahmaanirrahiim, Assalamu'alaikum Wr.Wb. Alhamdulillahi rabbil 'alamiin, washalatu wasalamu ala asrofil anbiyai walmursalin wa'ala alihi washohbihi ajmain. Robbisrohli sodri, wayasirli amri wahlul ukdatamillisaani yafqohu qouli. Para wargi anu sami dimulyakeun ku Alloh, sumangga urang sami-sami nagdo'a ka nu kagungan ieu alam katut sapangeusina, urang neda jiad ijabahna mugia ieu pamaksadan ginanjar karahayuan. Dulur-dulur anu sami kumpul, sanak baraya nu pada aya, sepuh anom jaler istri, kalayan asmana sepuh miwah kulawargina cep..........Tipayun mugi sih panghaksami, reh sim kuring saabringan, cunduk rusuh datang geura, tanding walik muru pasir, tanding julang muru rangrang, tanding jogjog moro mondok, moro panonobanana. Dupi anu dimaksad, ieu nganteur nu teu lu...

SEREN SUMEREN PANGANTEN

Boh bilih aya nu peryogi kanggo seren sumeren panganten, nyanggakeun ieu mah kenging niron tina blog nu sanes, alamatna mah aya dihandap, nyanggakeun : PIDATO NYERENKEUN PANGANTEN PAMEGET Assalamu'alaikum Wr. Wb. Alhamdulillahi robbil aalamin, Wabihi nasta'iinu alla umuurid dunia waddin. Was sholaatu wassalaamu alla sayydina Muhammadin khootaminnabiyyin, Wa aalihi wa shohbihii ajma-'iin. Palawargi jaler istri anu mulya utamina ka pangersa saebul bet di dieu, sim kuring atas nami kulawargi bapa ………………………………………….. rawuh rombongan, disarengan ku muji syukur ka Gusti nu Maha Agung, ngahaturkeun rebu-rebu nuhun laksa keti kabinghan kapalawargi didieu wirehna sim kuring parantos gasik ditampi enggal-enggal ditarima, dipapag di hiap-hiap ku basa anu endah someah, diawur ku kembang tanjung paselang kembang kananga, malati nu jadi saksi, tawis kaweningan galih pribumi nampi rombongan nu sumping. Estu matak tingtrim kana ati, matak betah kana manah anu nyemah. Mugia p...

Diajar Basa Sunda Kecap Rundayan (Dok. Banyolan Sunda.com)

Rarangken hareup kaasup kecap rundayan, nyaeta kecap anu wangun dasarna geus dirangkenkeun. Rarangken diba basa Sunda aya 4: rarangken hareup (awalan/afiks), rarangken tengah (infiks/sisipan), rarangken tukang (sufiks/ahiran), jeung rarangkeun barung (konfiks). Rarangken hareup nyaeta rarangken anu ngantet hareupeun wangun dasarna. Nu kaasup rarangken hareup nyaeta: 1. Rarangken hareup ba- Gunana ngawangun kecap pagawean nu hartina 'ngalakukeun' Conto dina kalimah: Kang Jack ayeuna geus balayar deui ka Papua make kapal laut. 2. Rarangken hareup barang- Gunana ngawangun kecap pagawean nu hartina 'ngalakukeun pagawean nu teu tangtu atawa teu puguh obyekna' Conto dina kalimah: Eta si Gembul kabeukina teh barangdahar we.

BASA URANG SUNDA (dok.Salakanagara)

Image
Informasi pangkolotna ngeunaan basa jeung aksara nu dipaké di wilayah Kepulauan Nusantara, kalibet Tatar Sunda, aya dina prasasti ti abad ka-5 Masehi. Dina éta abad digunakeun basa Sanksekerta jeung aksara Palawa pikeun nuliskeun sababaraha prasasti di Kalimantan Timur (Karajaan Kutai) jeung Tatar Sunda (Karajaan Tarumanagara). Éta basa jeung aksara lain basa pituin diajangkeun pikeun nuliskeun dokumen resmi, henteu digunakeun pikeun komunikasi social. Jaman Karajaan Galuh jeung Karajaan Sunda, prasasti jeung naskah ditulis ngagunakeun dua basa jeung dua aksara, nya éta basa jeung aksara Sunda kuna sarta basa jeung aksara Jawa kuna. Basa Sunda resmi diaku salaku basa nu madeg mandiri ti mimiti taun 1841, dicirikeun ku ayana (terbitna) kamus basa Sunda nu munggaran (kamus basa Belanda-Melayu dan Sunda). Kamus éta diterbitkeun di Amsterdam, disusun ku T. Roorda, Sarjana basa timur, sedengkeun kandaga kecapna mah dikumpulkeun ku De Wilde. Tuluy Roorda ngajieun perny...

RUPA-RUPA LEUMPANG

(Pangdeudeul pangajaran basa Sunda) Ku: Iing Firmansyah Boyot = leumpang kendor bangun beurat awak. Déog/péngkor = leumpang dingdet lantaran suku nu sabeulah rada pondok. Dohot-dohot = leumpang lalaunan bari semu dodongkoan cara peta nu ngadodoho. Égang/égol = leumpang cara budak nu anyar disunatan lantaran bisul dina palangkakan, jsté. Gonjléng = leumpang awéwé bari ngobah-ngobahkeun awak, haying narik perhatian lalaki. Ingkud-ingkuan/jingkrung = leumpang teu bener lantaran nyeri suku, jsté. Jarigjeug/jumarigjeug = leumpang bari semu rék labuh (biasana jalma nu geus kurang tanaga atawa nu kakara hudang gering). Jingjet = leumpang semu hésé ngaléngkah lantaran cacad suku atawa make samping nu heureut teuing.

UCAPAN RINEKA SASTRA (dimuat bilih hilap deui)

Urang Sunda mah gede rasa sumaduduluranana sarta gede kanyaah. Ku kolot mindeng diucapkeun : Hirup kudu sabilulungan jeung dulur kudu akur runtut raut sauyunan nya kitu deui kudu welas asih ka sasama. Sakabeh a nu diucapkeunnana oge henteu luput tina tujuan hayang ngangeunahkeun ka anu ngadengekeun, contona : ANDUK ANDUK PALALAKU Neda agung cukup lumur mugi jembar panghaksami, bilih aya kalepatan, kirang tata titi,kirang duduga peryoga, tuna harta sepi harti, awon garihal basana,pondok nyogok panjang nyugak, matak jaheut mamanahan, ulah kirang nya nawakup, mugi ageing hapuntenna. MASRAHKEUN Nyanggakeun bandanna sakujur,getihna satetes, buukna salambar, ambekanna sadami.Ti luhur sasipat rambut ka handap sahibas dampal. Kabodoanana,katalingeuranana, kalaipanana,siangna,wengina, ilang-ilang marga hina, katinggang pangpung diudag maung,sumangga nyanggakeun. NARIMA Ditampi ku asta kalih, kasuhun kalingga murda, bingah amarwata suta, bingah anu teu aya hingana...

Jampe Urang Sunda Boga Ajen Sastra (Dok.Salakanagara)

Ku : Uga Ujung Galuh SANAJAN waktu nyieunna lain keur kapentingan kurung-karang jiga jaman ayeuna tapi jampe bisa disebutkeun karya sastra sabab milih kekecapanana leubeut ku estetika basa. JAMPE atawa mantra ceuk basa sansekerta mah, kungsi dipiwanoh ku urang Sunda. Jampe teh ucapan-ucapan atawa kalimah anu dianggap boga kakuatan gaib mun dipigawe bari samemehna dibarengan ku rupa-rupa pasaratan. Eta kakuatan gaib teh bisa dipake jang ngaleungitkeun kasakit, nyinglar bahaya atawa nyinglar bangsa dedemit. Mun mireungeuh kana kaperluanana, tetela jampe teh lain karya sastra. Tapi mun nilik kana pilihan kecap anu leubeut kuidiom-idiom anu kuat, jampe ku pangajen basa mah bisa diasupkeun kana karya sastra puisi. Lirik-lirikna boga kakuatan anu leubeut ku estetika basa. Kaendahan kecap kacida dicekelna. Dina ngarakit wirahma matak genah kadengena jeung kacida mangaruhan anu ngadengena. Jampe teh rupa-rupa. Aya anu disebut ajian, nyaeta bacaan elmu gaib jang kapentingan ...

Kabeungharan Basa (dok.Salakanagara)

Kintunan : Ike Tasrika, S.Pd. (Guru SD ) Panganteur: Pun sapun ampun paralun, sanes bade kokolot-begog, teu gaduh maksad guminter, ieu mah etang-etang ngelingan diri sorangan, jisim abdi bade nyuguhkeun saciwit tina kabeungharan/kajembaran basa Sunda, manawi aya mangpaatna. Kitu oge teu nganggo sistematika ilmiah, nu runut-ngaruntuy, da nu diseratna, mana we nu tipayun mucunghul dina emutan, janten tangtos karaosna gagajlokan. Jisim kuring nampi saran sinareng kritikna. 1. SESEBATAN KA JALMA Sesebatan/predikat, ka jalma, di Sunda kawilang seueur. Nu didamel patokan, aya opat, nya eta: a) Ngabantun tina benten yuswa, b) Ngabantun tina rupa/wanda,sareng kaayananana, c) Ngabantun tina tingkah-laku, sareng d) Ngabantun tina pangkat/kalungguhan/padamelan.

SIKEP URANG SUNDA NU ALUS PIKEUN KAMAJUAN SUNDA

URANG SUNDA TEH KUDU : 1.Congo nyurup kana puhu, ka luhur sirungan ka handap akaran. 2. Cageur, bageur, bener, pinter, jeung singer. 3. Nu weruh ka semuna apal ka basana, rancingas rasana, rancage hatena. 4. Nu bisa ngajaga panon ku awasna, ngajaga ceuli ku dengena, ngajaga letah ku ucapna, ngajaga hate ku ikhlasna. 5. Subur di lembur, bagja di kota. 6. Heug urang teundeun di handeuleum sieum, geusan sampeureun. cag urang tunda di hanjuang siang, geusan alaeun. 7. Bru di juru, bro di panto, ngalayah di tengah imah, rea ketan, rea keton, buncir leuit, loba duit. Di hareup undeureun, di tukang alaeun, di pipir petikeun, di kolong aya si jambrong, na parango aya si jago.

RUPA-RUPA LEUMPANG - dok Salakanagara

(Pangdeudeul pangajaran basa Sunda) Ku: Iing Firmansyah Boyot = leumpang kendor bangun beurat awak. Déog/péngkor = leumpang dingdet lantaran suku nu sabeulah rada pondok. Dohot-dohot = leumpang lalaunan bari semu dodongkoan cara peta nu ngadodoho. Égang/égol = leumpang cara budak nu anyar disunatan lantaran bisul dina palangkakan, jsté. Gonjléng = leumpang awéwé bari ngobah-ngobahkeun awak, haying narik perhatian lalaki. Ingkud-ingkuan/jingkrung = leumpang teu bener lantaran nyeri suku, jsté. Jarigjeug/jumarigjeug = leumpang bari semu rék labuh (biasana jalma nu geus kurang tanaga atawa nu kakara hudang gering). Jingjet = leumpang semu hésé ngaléngkah lantaran cacad suku atawa make samping nu heureut teuing.

SMS, STATUS, LEBARAN KU BASA SUNDA

Image
Kenging Niron Tina Grup Salakanagara     CONTO kangge sms-an dina nyanghareupan boboran Siam .Wios lami keneh oge ,bilih hilap… 1. Niti wanci nu mustari , ninggang mangsa nusampurna , dina Idul Fitri anu ieu.. hayu urang sami-sami ngabersihkeun rereged ati.. tina khilaf sinareng dosa.. Taqqobalallahu minna wa minkum, Shiyamana wa shiyamakum. 2. Bilih aya tutur saur nu teu kaukur, reka basa nu pasalia, laku lampah nu teu merenah, wilujeng boboran shiam neda sih hapunten tina samudaya kalepatan lahir sinareng bathin. 3. Sadaya jalmi tiasa ngiring lebaran....... tapi teu sadaya jalmi tiasa ngiring Idul Fitri.... mugi urang kalebet jalmi nu tiasa ngiring Idul Fitri..... wilujeng boboran shiam 1434 H. Hapunten samudaya kalepatan. 4. Laligarna tarate dina talaga hate. nyambuangna seungit malati nu ligar dina taman ati janten ciciren lubarna kalepatan antawis urang. Wilujeng boboran shiam 1434 H. Taqqobalallahu minna wa minkum, Shiyamana wa shiyamakum. ...

Pasipatan jalma (hade vs goreng)

Pasipatan jalma aya dua rupa, nyaeta sipat hade jeung sipat goreng. A. PASIPATAN JALMA NU HADE: Getol = upama digawe henteu loba ngareureuh, budak sakola jarang absen. Rajin = daekan kana gawe Rapekan = sagala pagawean dicabak Wekel = digawe henteu bosenan Singer = kana gawe trampil Berehan = resep barang bere Tanghian = resep hudang isuk-isuk Someah,sarehseh,gerewel = akuan, resep nanya Gemi, rikrik = resep neundeun rejeki Banteran,wanter = wani henteu eraan Daekan = lamun dititah tara hese Pinter = uteukna sagala bias Sopan = nyaho anggah-ungguh tatakrama Parimpen = neundeun barang dina tempatna, henteu asal bae Tartib = ati-ati dina sagala pagawean Satuhu = nurut kana sagala papatah/parentah Apik = Ati-ati kana pagaweann supaya hasilna hade

SEJARAH KEMUNCULAN Undak Usuk Basa Dalam Masyarakat Sunda

Oleh : Hiski Darmayana Bahasa merupakan instrumen penting interaksi sosial antar individu dalam masyarakat. Bahasa lahir sebagai jawaban bagi munculnya kebutuhan manusia akan proses komunikasi dalam rangka menjaga kebersinambungan hidup. Pada komunitas manusia yang hidup dari berburu dan meramu (tribes), bahasa berfungsi sebagai alat penghubung di antara anggota kelompok untuk memudahkan proses perburuan terhadap mahluk hidup tertentu. Namun pada masyarakat sederhana semacam itu, struktur bahasanya pun masih sederhana serta belum ditemukan adanya stratifikasi atau hirarki bahasa seperti yang kini lazim dijumpai pada beberapa masyarakat. Salah satu masyarakat yang dalam kebudayaannya memiliki stratifikasi bahasa ialah masyarakat Sunda. Dalam masyarakat dan kebudayaan Sunda ditemukan adanya hirarki struktur bahasa yang berbasiskan pada kategorisasi kelas sosial dan usia atau lebih dikenal sebagai Undak Usuk Basa. Lalu bagaimana sejarah kemunculan dari Undak Usuk Basa S...

HURIP BAHASA SUNDA! (Dok.Salakanagara)

Image
oleh Chye Retty Isnendes (Diposting di Salakanagara karena permintaan dari beberapa teman, setelah sebelumnya diedit bagian yang dianggap mengandung provokasi-nya). Bagaimana mungkin memahami suatu budaya tanpa mempelajari bahasanya? Bagaimana mungkin pendidikan karakter tanpa bahasa ibunya? Bahasa Sunda adalah salah satu bahasa daerah yang juga bahasa ibu di Tatar Sunda dan di Indonesia. Tak perlu diperbincangkan lagi mengenai landasan hukum konstitusional tentang hal ini. UUD 45 dan amandemennya sudah demikian fasihnya kita menghapal. Tak perlu diperbincangkan lagi bagaimana UNESCO memberi penghargaan yang begitu tinggi pada bahasa ibu. Karena pada bahasa ibu, warisan dunia dan karakteristik manusia sebagai individu yang unik berada. Tak perlu diperbincangkan lagi tentang UU Sisdiknas No. 20 tahun 2003 dan PERDA Provinsi Jawa Barat No. 5 tahun 2003 Tentang Pemeliharaan Bahasa, Sastra, dan Aksara Daerah, juga Keputusan Gubernur Jawa Barat No. 3 Tahun 2004 tentan...

Puraga Jati Sunda

MUSTIKA PURAGA JATI SUNDA “Ngama’naan falsafah sarta ajén-inajén kamanusaan Sunda dina nata diri, nata raga keur hahirupan” Sanggian: Ki Laras Maya “BUBUKA ANJINING RASA” Ki Laras Maya Poerba Sasaka Niat kuring aji-ning rasa. Rasa goib titipan nu Maha Tunggal. Tunggal sarasa , tunggal sa-pangawasa, Jalan nu rahayu mapag alam kabagjaan, Eunteungeun diri pribadi. Basa mah gambaran rasa. Budi mah gambaran ati. Ngancik’na raga salira. Dina batin anu sidik, anutara daek nga-bohong, jeung di bohongan. Jaga diri ati-ati. Pinasti hirup taliti Dumugi mapagna pati. Hirup pasti, ku cageur na, ku bageur’na ku bener’na. Sing taat ka pamarentah. Repeh rapih, beres roes, tur akur reujeung sasama. Mahluk nu sugih hartina, beunghar harta, salamet hirup kumbuhna. Amjalu papadang ati. Awaking bujang ka sakti. Bisa maca bisa ngaji. Ngajina na tungtung ati. Macana na tungtung rasa. Nu hurung dina jajantung. Nu herangna, di kalilipa. Hurung t...