OTO ISKANDARDINATA (Dokumen Salakanagara)

Ku: Djodi Prihatna, A.Md-MG

Dugi ka kiwari teu kapendak di mana jasadna saparantos dipergasa di basisir Mauk, Tangerang. Makamna di Pasir Pahlawan, Lembang, Kab. Bandung, mung sakadar simbolik. Padahal anjeunna the Pahlawan Nasional. Peryogi ayana panalungtikan anu langkung teges, saha nu mergasana, dimana jasadna nu saleresna.
Raden Oto Iskandardinata pahlawan nasional ti tatar Sunda anu tos kakoncara wawanenna, lain wae jadi lawan penjajah Walanda tapi oge lawan politik bangsa urang keneh anu miyuni hayam kabiri. Anjeunna dibabarkeun di Bandung kaping 31 Mart 1897 sarta pupus di basisir Mauk, Tangerang dina bulan Des 1945. anjeunna teh guru, politikus, sesepuh Paguyuban Pasundan, menteri negara, pahlawan nasional. Sanajan asal ti kulawarga priyayi tapi Pa Oto mibanda jiwa karakyatan.

Paguyuban Pasundan
Sanggeus tamat Sakola Dasar inyana nuluykeun ka Sakola Guru (Kweekschool) di Bandung, tuluy pindah ka Purworejo. Sanggeus tamat ditugaskeunn jadi guru HIS di Banjarnegara dina taun 1920), di Bandung antara 1921-1924 jeung Pekalongan antara 1924-1928. Nya di Pekalongan Oto jadi anggota Boedi Oetomo nepi ka kapilih sabage anggota Dewan Kota (gemeenteraad). Taun 1925 jeung babaturanana inyana ngadegkeun sakola Kartini. Nya harita inyana ngiritik Paguyuban Pasundan malahan nyarita arek nazar meuncit hayam (terusna mah domba) lamun eta pakumpulan dibubarkeun, nepi ka muncul reaksi anu keras ka inyana ti kalangan anggota Paguyuban Pasundan dina media pers, sanajan aya nu mere saran sangkan diayakeun usaha pendekatan ka Oto Iskandardinata, lantaran apan hate manusa mah bisa wae robah.

Taun 1928 Oto Iskandardinata dipindahkeun ka Jakarta kalawan tugas ngajar di HIS Muhamadiyah, nya harita inyana karek asup jadi anggota Paguyuban Pasundan. Karesepna kana politik jeung perjoangan kamerdekaan Indonesia beuki hurung. Henteu lila inyana kapilih jadi Ketua Pangurus Puseur Paguyuban Pasundan jeung ngawakilan dina Dewan Rakyat (Volksraad). Lantaran kritik jeung biantara-biantarana di Dewan Rakyat ka pamarentah Hindia Walanda seukeut pisan jeung kalawan terang-terangan nyebutkeun yen kamerdekaan Indonesia pasti bakal datang."Eta mah kari kumaha Walanda bae sabage penjajah hayang indit kalawan hade sakumaha sobat nu rek ninggalkeun, atawa hayang diusir ?." Kitu saurna. Ku kawanina kitu inyana dibere jujuluk Si Jalak Harupat, hiji ngaran pikeun hayam adu anu luhur wawanenna jeung tara eleh.

Dina masa jabatan saterusna di Dewan Rakyat, inyana jadi anggota anu ngaliwatan pamilihan. Taun 1941 jadi anggota GAPI wawakil ti Paguyuban Pasundan, sarta jadi anggota Majelis Rakyat Indonesia. Dina mangsa pamarentahan jajahan Jepang saperti halna organisasi sejen, Paguyuban Pasundan dibubarkeun. Oto satekah polah nyalametkeun harta kakayaan Paguyuban Pasundan ku jalan nyieun badan usaha Yayasan Pasundan anu dipingpin ku Sanusi Hardjadinata. Pa Oto sorangan jadi pamingpin umum suratkabar Cahaya, hiji-hijina media citak anu diijinan terbit di Jawa Barat. Sarua jeung Bung Karno, Bung Hatta atawa pamingpin nasional sejenna, Oto Iskandardinata gawe bareng jeung Jepang. Inyana jadi anggota Jawa Hokokai (Himpunan Kebaktian Rakyat Jawa) sarta waktu Jepang rek ngabentuk pasukan PETA (Pembela Tanah Air), Pa Oto nugaskeun anakna Sentot Iskandardinata milu latihan jeung para pamuda sejenna. Inyana oge diangkat jadi anggota Chuo Sangi In jeung BPUPKI (Badan Penyelidik Usaha-usaha Kemerdekaan Indonesia) anu ngabahas ngeunaan nagara Indonesia nu bakal dijieun, konsep undang-undang dasar, jrrd.

Waktu PPKI (Panitia Persiapan Kemerdekaan Indonesia) disusun, Pa Oto oge jadi salasaurang anggotana. Dina sidang PPKI tanggal 18 Agustus 1945, sapoe sanggeus dibacakeun proklamasi kemerdekaan, dilaksanakeun pangesahan UUD jeung pamilihan pangurus negara. Pa Oto ngusulkeun Soekarno sabage presiden jeung Moh. Hatta sabage wakil presiden. Usulan Pa oto ditarima kalawan aklamasi ku sakabeh anggota PPKI. Dina kabinet presidential anu dipingpin ku Presiden Soekarno, Pa Oto diangkat jadi menteri negara. Pa Oto aktif mangsa ngabentuk BKR (Badan Keamanan Rakyat) anu terus ganti ngaran jadi TKR (Tentara Keamanan Rakyat), TRI (Tentara Republik Indonesia) jeung akhirna jadi TNI (Tentara Nasional Indonesia).

Makam Tanpa Jasad
Hanjakalna dina bulan Desember 1945 Pa Oto diculik ku sarombongan pamuda sarta dibawa ka basisir Mauk, Tangerang. Jigana mah di dinya anjeunna ditelasan. Tapi jasadna teu kapanggih sarta ieu kajadian teu acan kungsi aya nu mere penjelasan. Dina pertengahan taun 1950 sacara simbolis dijieun makamna di Pasir Pahlawan, Lembang, Kabupaten Bandung. Akhirna dina taun 1966 Pa oto diangkat jadi Pahlawan Nasional.

Hal ieu ngondang tanda tanya, sabenerna kumaha ieu kajadian teh? Naha anjeunna diculik ku para pamuda kalawan titahan pamarentah RI, pamarentah Walanda, atawa aya konspilasi sejen ? Sawadina aya panalungtikan anu leuwih gemet jeung terbuka, ngeunaan pupusna Pa oto. Da piraku aya makam simbolis? Lamun sakadar tugu mah teu naon-naon. Asal lain dina wangun makam. Asa teu kaharti lamun aya makam tanpa jasad, iwal ti makam bohong-bohongan. Ka para wargi anu sami-sami mikanyaah jeung mideudeuh ka bangsana, nyaeta urang Sunda, mangga urang aremutan. Cag.****
Bahan diantarana: ENSIKLOPEDI SUNDA, Penerbit PT Dunia Pustaka Jaya. Citakan Ka-1 Agustus 2000

fOTO TINA gOOGLE

Comments

Popular posts from this blog

NGARAN PAPARABOTAN JEUNG PAKAKAS

Masrahkeun Calon Panganten Pameget ( Conto Pidato )

Sisindiran, Paparikan, Rarakitan Jeung Wawangsalan katut contona