Sunda Islami

Islam jeung kabudayaan Sunda nu kumaha atuh nu bisa dipake kaajegan jeung kapancegan hirup-hurip teh? Cek sakaol, apan Islam teh aya 37 aliran (?), nu masing-masing ngarasa pang-Islamna. Bari sarua Qur'an-na, sarua Roosul-na. Islam nu mana atuh nu satemenna nu jadi ageman urang Sunda teh? Laju, nu disebut kabudayaan Sunda. Kabudayaan Sunda nu mana atuh nu rek dijieun tangtungan urang Sunda kiwari teh? Sabab mun nilik kana sajarah, aya sababaraha jaman nu kungsi mangaruhan hirup-huripna urang Sunda.
Di antarana bae:
1. Sunda zaman Purba (Purwayuga)
2. Sunda zaman Nusantara (Dwipantara)
3. Sunda zaman pangaruh Hindu
4. Sunda zaman pangaruh Budha
5. Sunda zaman pangaruh Islam
6. Sunda zaman pangaruh Mataram
7. Sunda zaman pangaruh jajahan Eropa (Portugis, Belanda, Inggris)
8. Sunda zaman pangaruh jajahan Jepang
9. Sunda zaman Revolusi
10. Sunda zaman Indonesia Merdika
11. Sunda zaman Demokrasi Terpimpin (Orla)
12. Sunda zaman Demokrasi Pancasila (Orba)
13. Sunda zaman PJPT I
14. Sunda zaman PJPT II
15. Sunda zaman “Era Globalisasi”
Rek nyokot adeg-adeg kabudayaan Sunda nu mana? Samar, samar, samar! Ana pak-pek-pok nyarita ngeunaan kabudayaan Sunda, tara sa-persepsi, Masing-masing boga pamadegan jeung tapsiran nu beda ngeunaan kabudayaan Sunda. Tapi mun nilik zaman-zaman nu tadi ditataan, nu jadi patalekan teh, naha urang Sunda bet bisa 99,9 % Islam? Saha jeung kumaha cara ngislamkeunana? Cek catetan sajarah heubeul, cenah mah diislamkeunana teh ku urang Gujarat. Ieu jadi samar, sabab urang Gujarat, enya ge Islam, daratangna ka basisir Pulo Jawa, ukur daragang. Kasebut dagang alias bisnis, langka waktu nu nyalse pikeun ngajarkeun Islam kalawan daria. Beh dieu beh dieu, kapanggih sababaraha data sajarah, yen nu mimiti aya karep hayang ngislamkeun urang Sunda teh kapiadina Mahapraburesi Niskala Wastu Kancana, nyaeta Bratalagawa nu ganti ngaran jadi Haji Purwa Galuh, nu lahir di Kawali Ciamis taun 1350 Masehi. 
Tarekah Haji Purwa Galuh can hasil mucekil, ngan ukur bisa ngislamkeun sababaraha urang somah di Dukuh Pasambangan Cirebon.
Jalma nu kadua “Sadar Islam”, nyaeta Nyai Subanglarang, alumni Pondok Quro Karawang taun 1410-an, nu jadi pamajikanSri Baduga Maharaja ti Karajaan Pajajaran. Tarekah Nyi Subanglarang dituluykeun ku anakna, Pangeran Walangsungsang jeung Nyai Larasantang, nu satuluyna jaradi haji kalawan gelar masing-masing Haji Abdulah Iman jeung Hajjah Syarifan Muda’im. 
Tarekah nu rongkah pikeun nyebarkeun Islam di Tatar Sunda, dilaksanakeun ku anakna Hajjah Syarifah Muda’im, nyaeta Syarif Hidayatullah alias Susuhunan Jati Cirebon, kalawan ngadegkeun Karajaan Islam munggaran di Tatar Sunda, Pakungwati Cirebon.
Pikeun mikat masarakat Sunda nu agamana rupa-rupa: Agama Sunda; Agama Hindu; Agama Budha, Syarif Hidayatullah make cara nu lantip, nyulusup kalawan rikip. Henteu awong-awongan nyarekan umat di jero masjid. Rumusan nyebarkeun Islam di Tatar Sunda henteu nerag radikal. Conto nu bukti bae nyieun ngaran masjid henteu jiga jaman kiwari, Al Hidayah, Al Jihad, Al Furqon , jeung rupa-rupa Al lianna. Haji Abdulah Iman, mere ngaran masjid munggaran di Cirebon “Tajug Sang Jalagrahan” Atuh Syarif Hidayatullah, mere ngaran masjid nu kadua di Cirebon “Tajug Sang Ciptarasa” Boh kekecapan jalagrahan boh kekecapan Ciptarasa, duanana ge kekecapan basa Sunda, nu bisa dipaluruh ngaliwatan naskah-naskah kuna. 
Mun nilik kana bukti, rada hese mun nyebutkeun yen urang Sunda teh baheulana ngagem agama Hindu jeung Budha. Sabab euweuh candi-candina, hese dipaluruh indikasi na.
Nu kapaluruh tina naskah kuno Carita Parahiyangan, Sanghiyang Siksakandang Karesian, jeung Amanat Galunggung, kalawan nilik cagar budaya Kanekes Baduy, bisa dianalogikeun, yen urang Sunda teh baheulana ngagem Agama Sunda. 
Kumaha struktur Agama Sunda teh? Tuhanna ngan hiji-hijina, Hiyang Tunggal, nu dina naskah kuna sok disebut Hiyang Seda Niskala (Seda = Sempurna; Niskala = goib). Malah teuboga nabi-nabi acan.
Udagan sabada maot henteu aya istilah sawarga jeung naraka, nu dicita-cita ku urang Sunda baheula, nyaeta “Ngahiyang”. Ngahiyang dina harti Ngahiji deui jeung Hiyang Tunggal, lebur jeung zat Asal. Ngan hanjakal anggapan Ngahiyang ieu sok disaruakeun jeung Tilem alias Ngaleungit jeung raga badagna.
Nyokot dua poko nu bieu, bisa dibanding-banding jeung agama Islam, sakumaha nu dijentrekeun dina Surat Al-Ikhlas, yen Gusti Alloh teh ngan hiji. Atuh lebah Ngahiyang, bisa dibanding-banding jeung katantuan “Innalillahi Wainnailaihi Roji’un.
Alesan ku naon urang sunda 99,9 % Islam beuki kapaluruh:
1. Nu nyebarkeunana “tokoh” Urang Sunda ti kalangan karaton Pajajaran.
2. Aya struktur religi nu sarua dina “Ketuhanan Yang Maha Esa”.
3. Aya kultur nu sarua antara Kobllah-kobllah Arab jeung pahuma-pahuma Sunda nu teu tumetep di hiji tempat, nu teu merlukeun sesembahan wujud batu, arca, candi jsb.
Ti harita antara Islam jeung Sunda geus euweuh hijab nu ngahalangan, lebur ruket dalit jadi pangabutuh hirup sapopoena, jadi “tatanan” hirup kumbuh sapapanjangna.
Mun enya Islam, naha geuning aya keneh urang Sunda nu sok meuleum menyan?

Comments

Popular posts from this blog

NGARAN PAPARABOTAN JEUNG PAKAKAS

Masrahkeun Calon Panganten Pameget ( Conto Pidato )

Sisindiran, Paparikan, Rarakitan Jeung Wawangsalan katut contona