Kapamingpinan Di Masyarakat Sunda Dumasar Naskah (Dok,Salakanagara)

Ku Ayatrohaedi *)
Fakultas ilmu Pengetahua Budaya UI

PAMUKA
Tingkahlaku para pamingpin di jaman modern ayeuna teu wudu matak ngabingungkeun rayat. Aya gegeden nu dina unggal kasempetan ngarobah pernyataan nu diomongkeun samemehna. Aya nu mindeng nyebut poho ngeunaan perkara nu sakira nyedekkeun manehna. Aya deui gegeden nu silihtuding, silhihsalahkeun, atawa silihkilungan,gumantung kanyataan situasi. Sagigireun eta aya para pamingpin nu salawasna ngarasa bener jeung nganggap anakbuahna nu kurang faham kana nasehat atawa parentah. Horeng kabehnanana ngan boga hiji tujuan: Nyalametkeun diri boh sacara kalungguhan atawa pangasilan. Tur boga sasaran nu sarua: Ngorbankeun anakbuahna. Nu pasti moal aya nu wani ngalawan, da butuh kalungguhan jeung pangasilan.

Jadi kudu kamana atiuh neangan conto tuladan? Mungkin eta tuladan bisa kapanggih dina sawarnaning warisan budaya nu geus diapilain sabab teu mere alas kana kahirupan jeung ekonomi nu leuwih ngaronjat. Teu musatahil tuladan the bisa kapanggih di masayarakat “primitif” atawa masyarakat nu “katinggaleun” dibanding jeung gaya hirup sapopoe mangsa kiwari.

Naskah

Sajumlah naskah basa Sunda buhun ngandung rucita(konsep) kapamingpinan nu bisa dijieun rujukan dina upaya neuleuman citra kapamingpinan tradisional Sunda dumasar naskah jeung prasasti. Di antara naskah-naskah the aya nu kawilang penting, nya eta Sanghyang Siksa Kanda ng Karesiyan (SSKK) ti taun 1518 M (Atja,1972) jeung Suhamir (1961) disebut minangka “ensiklopedi Sunda”. Naskah lianna nya eta Carita Parahyangan (CP) ti taun 1580 M (Atja,1967),mangrupa “ihtisar sajarah” Tatar Sunda ti karajaaan Galuh jeung Karajaan Sunda, nepi ka runtagna karajaan Pajajaran (Taun 669-1579), Jeung Sewaka Dharma (SD) tanpa taun (Saleh Danasasmita jsb, 1987). Tapi kirakira saasal tina mangsa nu sarua, ata boa leuwih kolot (Ayatrohaedi,2001).

Ieu sababaraha cuplika tina naskah SSKK:

Ni han sinangguh dasa prebakti ngarannya anak bakti di bapa,ewe bakti di salaki,hulun bakti di Panyandaan, sisya bakti di guru, wang tanibakti di Wado, Wado bakti di Mantri, Mantri bakti di Nu nangganan, Nu nangganan bakti di Mangkubumi, Mangkubumi bakti di Ratu, Ratu bakti di Dewata, Dewata bakti di Hyang. Ya ta sianangguh dasa prebakti ngaranna (ieu nu disebut dasa prebakti “sapuluh kabaktian”: anak bakti ka bapa, pamajikan bakti ka salaki, abdi bakti ka dunungan,siswa bakti ka guru,patani bakti ka wado, wado bakti ka Nu Nangganan, nu nangganan bakti ka mantri, mantri bakti ka mangkubumi, mangkubumi bakti ka raja, raja bakti ka dewa, dewa bakti ka hyang. Tah eta nu disebut dasaprebakti ngaranna).

Ini twah ing janma,pigunaeun na urang reya ulah mo turut Sanghyang siksa kanda ng karesiyan, jaga ran dek luput ing na pancagati, sangsara mulah carut mulah sarereh,mulah nyangcarutkeun maneh, kalingannya nyangcarutkeun maneh ma ngarannya: nu aya dipajar hanteu nu hanteu dipajar waya, nu inya dipajar lain, nu lain dipajar inya, nya karah edap na ma kira-kira, budi budi ngajerum mijaheutan, eta byaktana, nyangcarutkeun maneh ngaranna,nyangcarutkeun sakalih ma ngaranna, mipit mo amt, ngala mo menta, ngajeput mo sadu: maka nguni tu numpu maling, ngetal,ngabegal,sing sawatek cekap carut, ya nyangcarutkeun sakalih ngaranna ( ieu kalakuan manusa nu bakal mangpaat keur jalma rea. Tuturkeun sanghyang siksa kanda ng karesiyan waspada ngarah urang leupas tina pancagati (lima panyakit : sarakah, bodo,jahat,takabur,gumede) moal sangsara. Ulah hianat, ulah curaling, ulah ngahianat diri.nu disebut hianat diri nya eta nu aya disebut euweuh nu euweuh diseut aya,nu salah disebut bener nu bener disebut salah.Kitu tekadna pinuh muslihat. Pagawean mitnah, nganyerikeun batur eta kanyataan nu disebut ngahianat diri sorangan.Nu disebut hianat ka batur nya eta, mipit teu amit ngala teu menta nyomot teu bebeja.Nya kitu deui ngarebut,maling, ngarampog, nodong jsb, pagawean nu ngahianat batur.

Ini ujar sang sadu,basana mahayu drebyana.ini tritangtu di bumi.Bayu kita pinaka prebu,sabda kita pinaka rama,hedap kita pinaka resi,ya tritangtu dio bumi ya kangken pineguhning bwana ngaranna (ieu pitutur Sang Budiman dina ngajembarkeun pribadina,ieu tilu katangtuan di dunya, kasantosaan kita kawas raja,ucap kita ibarat sesepuh,budi kita ibarat resi.Eta tritangtu di bumi nu disebut pamageuh dunya).

Ini triwarga di lamba, wisnu kangken prabu,brahma kangken rama,isora kangken resi, nya mana tritangtu paneguh ning bwana, triwarga hurip ning jagat.yasinanggguh tritangtu di nu reya ngaranna(ieu triwarga di lamba ‘tilu golongan dina kahirupan’ Wisnu ibarat raja, brahma ibarat sesepuh (=rama), Isora (iswara) ibarat resi.Eta sababna tritangtu jadi pamageuh dunya, triwarga jadi kahirupan di dunya, eta nu disebut tritangtu di jalma rea ngaranna).

Teguhkeun pageuhkeun sahingga ning tuhu,pepet, byakta warta mana kreta na bwana,mana hayu ikang jagat,kena twah ning janma kapahayu (teguhkeun kukuhkeun wates-wates bener,pinuh sikep hade dina jiwa,nepi ka dunya jadi hade tina akibat kalakuan hade).

Kitu keh sang pandita pageuh di kapanditaananana, kreta: sang wiku pageuh di kawikuanana,kreta:sang manguyu pageuh di kamanguyuanana,kreta:sang paliken pageuh di kapalikenanana,kreta: sang tetega pageuh di katetegaanana,kreta: sang ameng pageuh di kaamenganana,kreta: sang wasai pageuh di kawasianana,kreta: sang ebon pageuh di kaebonanana,kreta: makanguni sang walka pageuh di kawalkaanana,kreta:sang wang tani pageuh di katanianana,kreta: sang owah pageuh di kaowahanana,kreta: sang gusti pageuh di kagustianana,kreta:sang mantri pageuh di kamantrianana,kreta:sang masang pageuh di kamasanganana, kreta:sang bujangga pageuh di kabujanggaanana,kreta:sang tarahan pageuh di katarahanana,kreta:sang disi pageuh di kadisianana,kreta:sang rama pageuh di kareamaanana,kreta:sang resi pageuh di karesianana,kreta:sang prebu pageuh di kaprebuanana,kreta. (Nya kitu sang pandita kukuh di kapanditaanana,sajahtra.Sang wiku (ahli agama) kukuh dina kawikuanana,sajahtra. Sang manguyu (ahli gamelan) kukuh dina kamanguyuanana,sajahtra. Paliken(ahli senirupa) kukuh dina kapalikenanana,sajahtra. Ameng (pelayan biara)kukuh dina kaamenganana,sajahtra. Wasi (catrik,murid agama) kukuh dina kawasianana,sajahtra. Ebon (biarawati) kukuh dina kaebonanana,sajahtra. Tetega (biarawan) kukuh dina katetegaanana,sajahtra. Nya kitu sang walka (pertapa make baju kulit kai) kukuh dikaalkaanana,sajahtra.patani kukuh dina katanianana,sajahtra. Owah (nu ngajaga huma)kukuh dina kaowahanana,sajahtra. Gusti (nu boga lahan) kukuh dina kagustianana,sajahtra. Mantri (mentri) kukuh dina kamantrianana,sajahtra. Sang masang (tukang miatapak sato) kukuh dina kamasanganana,sajahtra. Bujangga (ahli agama) kukuh dina kabujanggaananan,sajahtra. Sang tarahan (nu ngamudi parahu)kukuh dina katarahaanana,sajahtra. Disi (ahli obat) kukuh dina kadisinanana,sajahtra. Rama (pupuhu desa) kukuh dina karamananan,sajahtra. Resi (utama) kukuh dina karesianana,sjahtra.prebu(raja) kukuh dina kaprebuanana,sajahtra.)

Nguni sang pandita kalawan sang dewaratu pageuh ngretakeun ing bwana,nya mana kreta lor kidul kulon wetan, saka kasangga dening pretiwi,saka kakurung dening akasa,pahi manghurip ikang sarwo janma kabeh (kitu deui, mun apndita jeung raja enya-enya dina ngusahakeun kasjahtraan dunya, mangka sajahtralah di di kaler,kidul,kulon,wetan, kabeh kasangga (kacukupan) ku bumi, kabeh nu kaiuhan langit, sajahtra hirupna sakur mahluk manusa).

Disagigireun eta, paparan naskah Sewaka Dharma (SD),umumna ngeunaan kahirupan kaagamaan. SD jadi hiji bukti yen di Sunda kungsi sumebar aliran Tantrayana, eta aliran mangrupa campuran tina Siwasidanta, nu nganggap kabeh ddewa mamalihan Siwa, jeung agama Budha Mahayana. Diantara karajaan di Tatar Sunda, nu nganut eta aliran nya eta karajaan Talagamanggung nu ngadeg abad ka 14 mangrupa karajaan agama Budha aliran Sthawirawada; di daerah puseur karajaan Sunda kapanggih aya batu mandala, hiji bukti yen kungsi mekar aliran Buda Wajrayana (Saleh Danasasmita sbb,1987:2). Campuran agama Siwa jeung Budha nu nyampur keneh jeung agama pribumi (Sanghyang? Pan.) sabab keukeuh aya unsur HYANG dibedakeun ( malah leuwih luhur.pan) batan dewata, najan caricingna dewata the di kahyangan. Mun diteuleuman leuwih jero kapanggih yen kalungguhan Hyang jeung dewata dina naskah SD (kropak 408) rada saimbang. Sedengkeun dina SSKK (kropak 630) geus kanyahoan aya kalimah; dewa bakti di hyang. Jadi bukti yen basa SSKK ditulis, anasir Hindu geus kadeseh ku anasir pribumi atawa Nusantara,sakaligus jadi putuduh yen najan tanpa angka taun, SD leuwih kolot batan SSKK(ayatrohaedi 1978:52).

Kahirupan Masyarakat jeung Kapamingpinan

Naskah SSKK jadi salasahiji sumber penting dina raraga neuleuman kahirupan masyarakat Sunda bihari. Utamana dina jaman samemeh asupna pangaruh Islam.Dieuyeuban ku sawarnaning embaran dina nashkah sejen(Carita Parahyangan,Sewaka Dharma,Ratu Pakuan,Amanat Galungung,Bujangga Manik,Waruga jagat, Waruga Guru)bisa meunang gambaran halihwal ngeunaan kahirupan masyrakat Sunda samemeh Islam. Perkara nu tembong jelas ngeunaan “birokrasi”,bagian kakawasaan,lapisan masyarakat,ksehatan,lingkungan,jeung hubungan tata masyarakat harita.

Nurutkeun sumber Portugis, perjanjian antara Sunda jeung Protugis lumangsung tanggal 22 Agustus taun 1522. Ti pihak Sunda nu nandatangan nya eta Ratu Samiam, nu samemehna ngawasa di daerah Sanghyang jeung bandar Kalapa, dikaitkeun jeung Carita Parahyangan hartina Ratu Samiam, atawa Ratu Sanghyang, teh PRABU SURAWISESA nu ngawas salila 14 taun (1521-1535) di karajaan Sunda. (dina carita Pantun, disebut Mundinglaya Di Kusumah.pan). Tina sumber Carita Parahyangan,kanyahoan yen karajaan Sunda ngadeg salila 900 taun (669-1579) eta karajaa the diwangun ku puluhan karajaan leutik (42 karajaan? Pan)tapi tetep ngaku kana kakawasaan karajaan Sunda.Dina dasarna karajaan Sunda mangrupa “nagara kembar”, ajeg dina dua nagara nu mibanda lega saimbang, Sunda di kulon, Galuh di wetan. Di dua wilayah ieu teh loba nagara jeung raja bawahan, nu umumna masih keneh baraya raja “pusat”. Malah nagara bawahan mindeng dipake “diklat/magang” putra mahkota samemeh jadi raja di Sunda.

Rucita Dasaprebakti dina SSKK ngagambarkeun birokrasi, yen gegeden nu pangdeukeutna sahandapeun raja Mangkubumi (perdanamentri). Mangkubumi nu tanggungjawab kana sagala kajadian atawa naon nu dipilampah ku bawahanana, Nu Nangganan, tuluy mapay ka handap, aya mantri jeung wado. Pangkat/kalungguhan Nu Nangganan oge di sebut dina naskah Carita Ratu Pakuan:/10b.(…)tan liyan girang nangganan nu /11a/nangganan para putri nu geulis(…) taya lian girang nangganan nu nguruskeun/ngasuh para putri geulis (Atja,1970:35-6) jadi Nu nangganan nya eta pejabatan nu jadi kapercayaan raja. Ku kituna struktur karajaan Sunda bisa dibinaulang: Di tingkat pamarentah pusat, ,boga sababaraha urang Nu Nangganan. Di sagigireun eta aya putra makuta, nu bakal ngagantui raja mun tilar dunya, atawa ngundurkeun diri. Keur ngolah/ngurus wilayah nu sakitu legana, raja dibantu ku raja-raja daerah. Dina ngalaksanakeun tugasna raja-raja daerah teh bertindak sakumaha raja merdeka (otda?pan) tapi tetep taat jeung ngaku Raja Sunda jungjunganana. Lamun raja teu boga anak awewe, mangka nu boga hak ngagantina engke nya eta minantuna. Mun putra makuta budak keneh can waktuna diistrenan jadi raja, mangka Mangkubuni bisa nyuluran, nepi ka putra makuta dewasa. Ngeunaan kahirupan ekonomi atawa buniaga, raja dibantu ku sahbandar nu bertindak atasnama raja, di daerah bandar nu dikawasakeun ka manehna. Eta struktur karajaan the dianggap hade/cocok keur karajaan Sunda.(Dina carita-carita pantun umuna ngadongengkeun putra makuta nu nyamur, ngalalana, nalukkeun raja-raja leutik. Ke dimana geus eleh, eta raja teh dijungjung lungguh jadi raja deui, make syarat kudu taat tur ngaku yen kakawasaan pangluhurna teh raja Pakuan Pajajaran).

Dina CP (carita Parahyangan), diembarkeun yen dina waktu sakitu panjangna, aya sababaraha urang raja Sunda nu mawa nagara kana jaman ka-emas-an,kajayaan, kena rampes na agama,kretayuga ‘sabab sampurna ngamalkeun agama, kahontal kabagjaan/kasajahtraan’(Saleh Danasasmita 1984:43). Sacara khusus ngeunaan pamarentahan Niskala Wastukancana, CP ngembarkeun:…. Nya mana sang rama enak amangan,sang resi enak ngaresianana,ngawakan nu purbatisti-purbajati,sang disri enak masini ngawakan na manusasana,ngaduman alas parialas, ku beet hamo diukih,ku gede hamo diukih nya mana sang tarahan enak lalayaran ngawakan manurajasasana.sanghyang apah,teja,bayu,sang bu enak-enak ngalungguh disanghyang jagatpalaka,ngawakan sanghyang rajasasana,angadeg di sanghyang linggawesi,brata siya puja tan palum, sang wiku enak ngadewasasana.ngawakansanghyang watang ageung,enak mangadeg manurajasuniya.’….Kitu Sang rama (sesepuh desa) laluasa ngabimbing rahayat,sang resi laluasa ngalaksanakeun tugas jadi pandita ngamalkeun ajaran,adat istiadat karuhun.Sang Disri laluasa ngatur pangbagian wilayah,ngamalkeun hukum Manu,ngabagikeun leuweung jeung tanah sabudeureunana (ka rayat) nu leutik boh nu gede taya nu ngaguga/protes.nya kitu sang tarahan laluasa,ngambah cai lalayaran ngamalkeun parentah raja. Cai,cahaya,angin,angkasa,eter, ngarasa betah aya dina auban papayung dunya (Wastu Kancana), nu laluasa nerapkeun undang karajaan,ngancik di sanghyang Linggaqwesi (Astana Gede?) inyana milampah tapa jeung puja salilana.Sang Wiku (Wastu Kancana) laluasa ngalaksanakeun undang-undang dewa,ngamalkeun sanghyang watang ageung (ajaran nu disusun ku Sang Kandiawan, bapa Sang Wretikandayun), kalawan tenang milampah manurajasuniya (tapa sanggeus turun tahta).

Sakumaha geus dieceskeun dina SSKK, kapangih aya “trias politika” Sunda mangsa bihari. Eta Padoman the disebut TRITANGTU (di bumi) nu realitasna muncul dina TRIWARGA DILAMBA. padoman nu ngatur jeung nata fungsi,kalungguhan,peran nu napel kanaunsur Tritangtu.Tujuanana nyantosakeun pribadi(individu) Kudu santosa kawasraja, omongan kudu bisa dicekel/dipercaya kawas tuah para sesepuh/rama, sedegkeun budi kudu kawas budi resi. Tritangtu eta kitu. Dina kahirupan sapopoe ge aya tilu hal wujud tritangtu nu dibalikeun kana simbul trimurti (btrahma,wisnu,siwa), luyu jeung fungsina; RAJA IBARAT WISNU, PARA KETUA IBARAT BRAHMA, RESI IBARAT ISWARA/SIWA.Tritangtu jadi pamageuh dunya, Triwarga jadi kahirupan dunya.

Ngarah kabeh jalan sacara hade,mangka unggal jelema luyu jeung darajat kalungguhanana, kudu kukuh, tangoh nyekel jeung ngalaksanakaeun tugas tanggungjawab jeung kudratnasewang-sewangan. Pandita kudu kukuh dina kapanditaan, raja kudu kukuh dina karajaan,resi kudu kukuh dina karesian

Horeng rucita TRITANGTU angger hirup tur lumangsung nepika mangsa jauh ka hareup, malah aya kalimah dina basa Jawa: Guru Ratu Wong Atua karo wajib sinembah. Loba nu nyangka eta the ti jaman Mataram nu karek 400 taunan (Mataram Peretengahan abad ka 17), padahal ti jaman Wastukancana, saumur jeung Majapahit.Naon bedana jeung PREBU – raja, RAMA- dua kolot,RESI-guru nurutkeun SSKK.

Pamunah

Mangka sakumaha kakuatan urang nyekel padoman heubeul nu masih angger ANYAR. Mun upaya nyadarkeun kana warisan budaya (boh jasadi atawaruhani) tetep dipilampah kawas ayeuna,boa moal kungsi lila, urang bakal poek mo bisa ngungkulan dina nyanghareupan kakucrutan nu beuki mahabu.

Prof.Dr. Ayatrohaedi alm.Guru Besar Fak Ilmu Budaya UI, Budayawan Sunda. Pupus di Depok taun 2010.
Disundakeun tina makalah Saresehan Kebudayaan, di Bandung tgl. 29 Agustus 2002.(Asep Idjuddin).

Comments

  1. Seratan nu kalintang saéna. Nyuhunkeun widi copas pikeun catetan pribadi.

    ReplyDelete
  2. hatur nuhun kang, sumangga mugia aya mangfaatna....aamiin...

    ReplyDelete

Post a Comment

Saumpamina aya nu peryogi di komentaran mangga serat di handap. Saran kiritik diperyogikeun pisan kanggo kamajengan eusi blog.

Popular posts from this blog

NGARAN PAPARABOTAN JEUNG PAKAKAS

Masrahkeun Calon Panganten Pameget ( Conto Pidato )

Sisindiran, Paparikan, Rarakitan Jeung Wawangsalan katut contona