TARUMANAGARA, Karajaan Gede Di Nusantara (Dok.Salakanagara)

Ku : Asep Idjuddin

Dina taun 348 Masehi, aya saurang maharesi hindu ti kulawarga Calankayana ngungsi ka pulo-pulo kiduleun India. Inditna diiring ku murid-muridna, tentara, rahayat awewe-lalaki, sabab nagarana diburak-barik ku raja Samudragupta. Jenengan eta maharesi teh Jayasingawarman, anjog ka pulo Jawa tuluy matuh di Jawadwipa bang kulwan (Jawa Barat), sanggeus samemehna meunang pangbagea tur diidinan ku Sang Prabu Dewawarman VIII (Raja Salakanagara), nu jenengan aslina Darmawirya, teureuh kulawarga Palawa, sarua aki-buyutna papada pangungsi ti India.

Sang Mahar
esi Jayasingawarman nyieun babakan pamatuhan di sisi walungan Citarum. Kulantaran beuki lila jadi kajojo tur loba jalma nu marilu matuh, antukna nepi ka jadi desa, disebut desa Taruma. Sapuluh taun ti harita eta desa teh ngalegaan, nepika jadi kota = nagara, atuh katelahna Tarumanagara. Sang Maharesi dipulung minantu ku Sang Prabu dewawarman VIII, dijodokeun ka Dewi Iswari Tunggal Pertiwi Warmandewi, disebut oge Dewi Minati. Beuki lila wewengkon Tarumanagara teh beuki lega, nepi ka ngadeg karajaan Tarumanagara, dipingpin ku Maharesi, nu disebut Rajadirajaguru marentah ngabahudenda jadi raja munggaran di Tarumanagara, kalawan dileler abhiseka (dilantik) jenengan Jayasingawarman Gurudarmapurusa.

Waktos mertuana tilar dunya (Dewawarman VIII) taun 368 M. korsi gading gilangkancana karaton Salakanagara diwariskeun ka adibeuteungna nu bungsu, dileler gelar Dwawarman IX. Tapi kulantaran pamor Salakanagara geus mimiti surem, Dewawarman IX jeung Salakanagara kapaksa jadi bawahan Tarumanagara dumasar kasaluyuan dua pihakanana. Jayasingawarman marentah ti taun 358 M nepi ka 382 M, inyana wafat dina umur 60 taun, lebu na dipusarakeun di sisi walungan Gomati.

Nu ngaganti Yajasingawarman teh putra cikal, nya eta Darmayawarman, dileler gelar Rajaresi Darmayawarman-Guru. Sabab jaba ti nyekel pucuk pamarentahan teh oge nyekel kalungguhan guru agama. Sanajan raja jeung kulawarga karaton ngagem agama Hindu, tapi rahayat di padesaan wewengkon Tarumanagara, tetep loba nu muja arwah karuhun (Animisme), nuturkeun adat taliparanti ninibuyutna ti Salakanagara. Padahal raja teh geus ngayakeun rupa-rupa tarekah ngajarkeun agama Hindu, nepi ka ngadatangkeun brahmana ti India, tapi teu kabeh rahayat ngagem agama Hindu.Harita mimitina pangeusi nagri dijadikeun 4 kasta: Brahmana, Ksyatria, Waisya, jeung Sudra. Pangeusi nagri dibedakeun jadi 3 tingkat: Nista, Madya, jeung Utama. Rahayat nu kaasup golongan Nista,kacida sieunna ku agama Maharesi. Darmayawarman, jadi raja ka dua di Tarumanagara salila 13 taun, ti taun 382 M nepi ka 395 M. Sabada tilar dunya, lebu na dipusarakeun di sisi walungan Candrabaga/Bekasi. Katelah weh Sang Lumahing Candrabhaga. Dua taun samemeh Darmayawarman tilar dunya, putra cikal nu jenengan Purnawarman, diistrenan jadi raja anom. Purnawarman dilahirkeun tanggal 16 Maret taun 372 M. Atuh nya inyana nu jadi raja katilu di Tarumanagara. Diistrenan jadi raja tanggal 12 Maret taun 395 M. Ramana (Rajaresi Darmayawarman-Guru) lungsur tina korsi karajaan, teras tatapa ngambah manurajasunya, nya eta tatapa sanggeus turun tina tahta, bari ngadagoan ajal.

Dina ngalaksanakeun pamarentahan, nu pangheulana dipilampah ku Purnawarman, mindahkeun puseurdayeuh (ibukota), ti Jayasingapura (Jasinga), nu diadegkeun ku ramana, dipindahkeun ka sisi walungan Gomati, dingaranan Sundhapura= Kota Sunda (wewengkon Bekasi ?). Kecap Sunda asalna tina basa Sangsakerta sundha hartina bersih,herang,suci. Perlu dikanyahokeun yen di India kidul, aya tempat nu ngaran Tarumapura, aya deui ngaran tempat Sinda jeung Sindapura. Dina The Hammond World Atlas,wedalan Time (USA), ditulisna Sundagarth (red).

Sanggeus tilu taun jadi raja, Purnawarman nyieun palabuan di basisir kaler,dijieunna ti tanggal 15 Desember 398 nepi ka 11 Nopember 399 M. Ieu palabuan teh rame ku kapal-kapal perang karajaan Taruma. Salila mangsa pamarentahanana, Purnawarman nalukkeun karajaan-karajaan laleutik di Jawa Barat. Kulantaran inyana ahli siasat jeung strategi perang, balarea nyarebutna raja gagah perkasa (Bhimaparakramoraja), lantaran gede wawanen jeung pinter ngolahkeun pakarang perang, inyana disebut Maung Tarumanagara (Wyagrha ning Tarumanagara). Pikeun karahajaan hirup rahayat, Purnawarman kacida merhatikeunana kana lingkungan hirup walungan/cai. Taun 410 M. ngomean sisi walungan Kaligangga, deukeut Cirebon ayeuna. Nu harita aya dina kakawasaan karajaan daerah Indraprahasta.

Nyieun tanggul walungan Cisuba.Tuluy salametan sarengsena garapan, ku cara ngahadiahkeun 500 sapi, pakean, jeung 20 kuda, ditambah kadaharan nu ngareunah, ka rahayat nu milu karyabakti. Dua taun ti harita, Purnawarman ngomean jeung ngawewegan sisi walungan Cupunagara, nya kitu, beres gawe, Purnawarman mere deui hadiah 400 sapi, 80 munding, 10 kuda, bandera Tarumanagara, pakean jeung kadaharan. Boh di sisi walungan Gangga atawa di sisi walungan Cupunagara, Purnawarman nyieun prasasti make kalimah nu endah (sarwabhasana), ngeunaan kaagunganana jeung perwatekna nu memper dewa Wisnu. Taun 413 M.

Purnawarman ngalusan jeung ngawewegan sisi walungan Manukrawa (Cimanuk), Ku kitu teh wewengkon Tarumanagara/Jawa Barat tara kakurangan cai najan kahalodoan. Di tempat sejen, Purnawarman loba nyieun prasasti nu dilengkepan ku patung pribadi, tapak suku, tapak suku gajah Erawata, gambar Sang Brahmara (nyiruan), Sanghyang Tapak, Kembang Tarate(Padma), Maung jeung sajabana dina tulisan batu teh. Teu kaliwat Walungan Citarum ge diomean. Komo deui Citarum mah walungan panggedena. Angkatan perang diwewegan, boh darat boh laut. Gagaman lengkep. Nepi ka pasukan Tarumanagaramindeng unggul dina pangperangan di mana wae. Sanggeus karajaan Taruma jadi nu panggedena di Nusantara, Sang Purnawarman dileler gelar, Sri Maharaja Purnawarman Sang Iswara Digwijaya Bhimaparakrama Suryamahapurusajagatpati. Di pangperangan disarebutna Sang Purandara Saktipurusa (manusa sakti ngancurkeun benteng). Ari panglima perangna nu kamashur, kaceluk ka awun-awun kawentar ka janapria,nya eta Sang Cakrawarman, adi tegesna, ari duta kurilingna nu ngambah unggal nagara, nya eta pamanna disebut Sang Nagawarman., antarana ka nagara; Sangka, Yawana, Cambay di India, Sopala, Bakulapura/Kutai,China,Sumatra,jsb. Bandera Tarum,anagara,mangrupa kembang tarate dina hulu gajah Erawata. Bandera angkatan lautna, gambar nagadwjarupha,(naga), ditambah ku bandera gambar pakarang, ciri kolompok pasukan tempur(batalyon). Karajaan bawahan Taruma aya 44, boga bandera sewang-sewangan, gambar sasatoan.

Nagara - nagara nu jadi bawahan Tarumanagara, nyaeta: Salakanagara, Cupunagara, Nusa Sabay, Purwanagara, Ujungkulon, Gunungkidul (Jateng), Purwalingga (Jateng), Agrhabinta (Cianjur Kidul), BhumiSabara (Jateng), Bumi Sagandu, Paladu, Kosala, Legon, Indraprahasta, Manukrawa, Malabar, Sindangjero, Purwakerta, Wanagiri (Jateng), Galuhwetan (Purwagaluh), Cangkuang (Nagreg), Sagara Kidul, Gunung Kubang, Gunung Cupu, Alengka (Srilangka/Indiakidul), Gunung Manik, Karang Sindulang, Gunung Bitung, Tanjung Kalapa, Pakuan Sumurwangi, Kalapa Girang, Sagara Pasir, Rangkas, Pura Dalem (Karawang), Linggadewata, Tanjung Camara, Wanadatar, Setyarata, Jati Agung, Wanajati, Duakalapa, Pasirmuhara, Pasir Sanggarung jeung Indihiang.

Ngembatna wewengkon Tarumanagara; ti kulon selat Sunda, ti wetan Kali Serayu, Jateng kidul, jeung ti kaler Brebes. Jasa Purnawarman dina widang sejen, di antarana nyieun: 1) Undang-undang karajaan, 2)Aturan Katentaraan, 3)Siasat perang, 4)Data(geografi) wewengkon Jawa Barat, 5)Silsilah Dinasti Warman, jeung 60 Kumpulan Malumat Karajaan.

Purnawarman tilar dunya dina umur 62 taun, tanggal 24 Nopember taun 434 Masehi. Lebu na dipusarakeun di sisi Citarum, seta sababna gelarna Sang Lumahing Tarumanadi.Saterusna Tarumanagara diparentah ku turunan Purnawarman. Putra cikal Purnawarman nya eta Wisnuwarman, jadi raja ka opat, ti taun 434 M nepi ka 455 M.Raja ka lima Indrawarman ti taun 455 M nepi ka 515 M. Diteruskeun ku rundayanana, Candrawarman ti taun 515 M nepi ka535 M. Raja kagenep, putracikal Candrawarman, nya eta Suryawarman, ti taun 535 M nepi ka taun 561 M. Raja katujuh, putra cikal Suryawarman, nya eta Kertawarman, marentah ti taun 561 M. nepi ka taun 628 M, diteruskeun ku adina nyaeta Sudawarman ti taun 628 M nepi ka taun 639 M. Sudawarman boga adi nu nhgaran Dewi Tirtakancana nu ditikah ku Manikmaya, nu engkena ngadegkeun karajaan Galuh. Raja ka sapuluh nya eta Dewamurti, inyana putra cikal Kertawarman, da Sudawarman teu gaduh anak. Dewamurti marentah ti taun 639 M. nepi ka taun 640 M. Putra Dewamurti nya eta Nagajayawarman jadi raja ka sawelas, ti taun 640 nepi ka 666 M. Putra cikal Nagajayawarman jadi raja ka duawelas di Tarumanagara, nya eta Linggawarman nu nikah ka Ganggasari. Linggawarman ngadeg raja ti taun 666 M. nepi ka 669 M. Putra Linggawarman mah cikalna istri nya eta Dewi Manasih, nikah ka Tarusbawa. Tah ku Tarusbawa, puseurdayeuh dipindahkeun, ngaran nagara dirobah jadi karajaan Sunda, nu puseurdayeuhna di Sundhapura (wewengkon Bekasi). Jadi Tarusbawa teh raja Sunda mimiti, ngadeg raja taun 669 Masehi.

Salapan poe sabada wafatna Purnawarman, putra mahkota, Wisnuwarman dijungjung –lungguh jadi raja Tarumanagara ka opat, dina tanggal 14 bagian can, bulan Posya taun 356 Saka (3 Desember taun 434 M). Pesta ngadegraja lumagsung tilupoe tilupeuting. Dina tanggal 2 bagian caang,bulan Jesta taun 357 Saka (Mei/Juni taun 435 M), dikirim utusan Tarumanagara, mere iber ka sakur nagara sobat.Diantarana ka Cina, Syangka, Campa, Yawana, , Sumatera, Bakulapura, India, Srilangka, Darmanagari, jeung sababaraha nagara di Nusantara.Kalawan mawa pesen Purnawarman, sangkan sosobatan leuwih diraketkeun.

Tilu taun sabada Wisnuwarman ngadegraja,diayakeun upacara mandi di walungan Gangga(ayeuna jadi Setu Gangga, huluwotan Cisuba,di Cirebon) di Indrapahasta, nu harita diparentah ku Wiryabanyu. Karajaan Indrapahasta teh diadegkeun ku Maharesi Santanu, saurang pandita Syiwa, nu asalna ti lengkob Gangga, India. Santanu nikah ka Dewi Indari, putri Dewawarman 8. Dewi Indari teh adi Dewi Minati permaisuri Rajadirajaguru, raja Tarumanagara mimiti. Dina mangsa pamarentahan raja Jayasatyanagara, Indraprahasta jadi bawahan Tarumanagara,kawas Salakanagara. Eta sababna Wiryabanyu,anak Jayasatyanagara, ngabageakeun Wisnuwarman, make tatacara kanagaraan.Upacara mandisuci (matirtha) diiluan ku para gegeden nagara.

Basa Wisnuwarman keur moro di leuweung,meh meunang bahla, aya opat jalma nu teu dipiwanoh rek maehan .Untung beunang diungkulan ku bhayangkara,opatanana dipateni. Peutingna aya nu nyulusup ka kamar sare raja, sarua rek maehan Wisnuwarman. Ngan barang nu jahat asup,inyana ngahuleng,sabab nempo permaisuri sare teu dibaju (tan rumasuk anggwan, tan inambeng ring wedihan sawiji).Si jahat teh geus lila pisah jeung pamajikan.Nempo kitu awakna ngadegdeg nafsu birahi, nepika bedogna ragrag.Wisnuwarman ngorejat,si Jahat diringkus. Da Wisnuwarman ge gede wawanen tur ahli kasantikaan,jago perang kawas ramana. Tanggal 14 bagian poek,bulan Asuji taun 359 Saka (September/Oktober taun 437 M), si Jahat nu diringkus teh dijagragkeun ka balewatangan. Wisnuwarman,ngahaja nanya bari lemah-lembut,nepika nu Jahat teh ceurik,era ku kawijaksanaan Wisnuwarman.Malah tuluy dileupaskeun ,dihampura,bari dibere hadiah. Dihareupeun para gegeden, nu jahat teh balaka, yen inyana dititah ku Sang Cakrawarman.

Sarerea ngagebeg. Jeung enya Cakrawarman teu milu nyakseni persidangan. Cakrawarman teh paman Wisnuwarman,da adi Purnawarman. Cakrawarman dipercaya jadi panglima angkatan perang Tarumanagara(senapati baladhika),dipiserab sakumna eusi nagara. Loba pertempuran darat/laut nu dipiunggulna. Gegeden nu biluk ka Cakrawarman nya eta; Sang Hastabahu,wakil panglima angkatan laut; Sang Kuda Sindu,mentri urusan istana; Sang Bayutala, putra mahkota Gunungkidul; Sang Jayagiri,senapati Ujungkulon; Sang Bratawirya, Sang Tenggiling Wesi,panglima angkatan darat (wadya padati), Tumenggung Purwalingga, Sang Surayudha; Sang Purnawangi, mentri Argabhinta; Sang Tegalaksana,mentri Purwanagara; Sang Jayaghana, panglima daerah Sabhara; jeung Sagarantaka, saurang ksatrya ti Nusa Sabay.Pangna Sang Cakrawarman kitu laku,sabab manehna nu geus jadi wakil raja,teu dijenengkeun raja.Manehna ngarasa cape gawe teu kapake.Padahal geus dijangjikeun ku Purnawarman,yen mun engke kanyahoan Wisnuwarman teu nyumponan syarat jadi raja,mangka inyana nu kudu nyuluran. Tapi para sesepuh karaton, bet ngangkat Wisnuwarman,nu ceuk ukuran Cakrawarman,can pantes jadi raja. Sedengkeun inyana, geus gede jasa ka nagara,bari sagetih jeung Purnawarman. Cakrawarman kulantaran mindeng ngawakilan raja, ka jabaning nagri, teu apaleun yen Wisnuwarman geus digembleng elmu agama jeung kanagaraan. Cindekna Cakrawarman teh nyeri hate ku para sesepuh panasehat raja.

Upacara mandi suci dipake kasempetan keur mateni Wisnuwarman.Hanjakal gagal.Kagok borontok kapalang carambang, manehna sakalian ngayakeun pangbaruntakan,dibantuan ku para gegeden nu milu mangnyerikeun. Kulantaran para gegeden teh marawa pasukan sewing-sewangan, Cakrawarman ngayakeun kakacowan di mana-mendi,keur ngabuyarkeun perhatian pasukan Tarumanagara. Kulantaran pasukan Cakrawarman kawilang badag, pasukan Tarumanagara teu wani samarangan ngajorag. Wisnuwarman mepek balad pasukan inti Tarumanagara, dieuyeuban ku pasukan Wiryabanyu,jeung sababaraha nagara leutik Beulah wetan, nu sakira satia keneh ka Tarumanagara. Cakrawarman milih wewengkon leuweung Wanagiri, sisi Sarasahnadi (Cimanuk), manehna nyieun markas. Kungsi menta tulung ka mitohana, Prabu Satyaguna raja Cupunagara,tapi ditolak, disagigireun sieun ku pangwales Wisnuwarman, apan adi beuteung Cakrawarman alias putrid Satyanagara teh,aya nu kawin ka senapati laut Tarumanagara, nu harita keur miang ka Semenanjung. Satyanagara ngan nyanggupan bekel wungkul (logistik)
.
Pasukan Wiryabanyu, dibagi dua, nyerang ti Beulah Wetan jeung Kulon, masing-masing diluluguan ku Sang Raga Belawa, jeng senapati laut Sang Limbursakti. Dilengkepan ku Sang Bonggol Bumi,panglima darat. Disagigireun eta masih keneh dirempegan ku,panglima wadana, Sang Tambak Giri, mentri tanda, Sang Tunggul Wesi, kapala urusan istana Sang Tapak Batara, Prabu Sela Lingganagara,adi Wiryabanyu,nu dibere pancen jadi pranala (penghubung), buyut Wanagiri, Sang Babarkalih, amatya-tuha/mentri sepuh Sang Jarandewa, mentri anom Sang Wisagni, jeung panangkes padepokan kali Gangga, Sang pandita Brahmanaresi Samhitaka. Dina pasukan Wiryabanyu ge milu pasukan Sanggarung nu dipingpin ku Senapati Gorawa. Sawareh mapay walungan Cimanuk,dipingpin ku Sang Welutbraja. Bari ngadagoan pasukan ti Singanagara, Sindu Gurnita,jeung Gula Sagandu, pasukan Wiryabanyu nu geus datang tiheula, nyarieun kemah tengah leuweung Wanagiri. Sanggeus pasukan parahu haranjat ti Manukrawa,kakara pasukan gabungan teh usik ka kidulkeun,tuluy mengkol ngulon.Tegesna markas Cakrawarman teh dikepung ti unggal juru. Serangan dimimitian mangsa fajar.Dibuka ku apuy cinakraken(panah seuneu),nepi ka pasukan Cakrawarman nu lolobana sarare keneh,pahibut bari lulungu, paburisat lalumpatan ,bari tingkoceak tinggolepak kasambut panah.Perang pupuh perang campuh teu bisa dikelah deui. Poe ka dalapan kakara tembong hasilna,perang sadulur teh Cakrawarman pejah ku Wiryabanyu. Kabeh tawanan diakut ka puseurdayeuh Tarumanagara di Sundapura. Kabeh ditibanan hukuman sacara adil nurutkeun darma. Pangbaruntakan Cakrawarman nu salila 28 poe, ti tanggal 14 bulan Asuji,nepi ka tanggal 1 bulan Kartika,taun 359 Saka = 437 M. Mangrupa pangbaruntakan nu mimiti jeung panungtung di karajaan Sunda,salila 14,5 abad (ti mimiti Salakanagara taun 130 M, nepi ka runtagna Pajajaran taun 1579 M). Sarengsena perang, Wisnuwarman kawin ka Suklawatidewi, putri Wiryabanyu. Wisnuwarman diistrenan jadi maharaja Tarumanagara kalawan gelar,Sri Maharaja Wisnuwarman Iswara Digwijaya Tunggal Jagatpati Sang Purandarasuta,marentah salila 21 taun ti taun 356 nepi ka 377 Saka = 434-455 M. Diganti ku Indrawarman,raja Tarumanagara ka lima,nya eta putra cikal turunan ti Suklawatidewi. Prameswari Wisnuwarman teh adi raja Bakulapura/Kutai. Nya eta Dewi Suklawarmandewi. Sabenerna antara Wisnuwarman jeung Suklawarmandewi teh pada-pada buyut (turunan ka tilu) Dewawarman VIII.Hanjakal putri geulis ti Kutai teh wafat anom keneh,teu kungsi ngalahirkeun turunan,gaduh panyawat gering weteng nonjok(maag?).

Indrawarman,raja Tarumanagara ka lima,nurutkeun pustaka Jawa, Pararatwan I Bhumi Nusantara, diistrenan jadi maharaja taun 377 Saka= 455 M. make gelar Sri Maharaja Indrawarman Sang Paramarta Saktimahaprabawa Lingga Triwikrama Buanatala.Marentah salila 60 taun(455-515 M).Di jaman pamarentahan Indrawarman,Tarumanagara ngalaman puncak kajayaan.Boh perdagangan,pertanian,jeung kaagamaan.Tilu palabuhan; Ujungkulon,Kalapa,jeung Bulakkapal,pinuh ku kapal dagang nagri deungeun.Nu istimewa najan raja,para gegeden jeung prajurit ngagem agama Wisnu,tapi nu agama lain Wisnu ge diaku (winursita),tengtrem taya pacogregan teu silih curiga (tan hanakeng irsya). Indrawarman ge milampah regenerasi,paman Indrawarman (adi Wisnuwarman),Sang Karabawarman,ngaping jadi mentri utama Tarumanagara,Widalawarman,adi Indrawarman jadi panglima angkatan perang ngaganti Cakrawarmanan. Ti prameswari, Indrawarman ngarundaykeun turunan putr/putri.Nu cikal Sang Candrawarman,digadangkeun jadi putra mahkota.nu istri Dewi Komalasari, nikah ka mentri Karajan Kandari. Nu katilu, Sang Santawarman, jadi brahmanaresi.

Sang indrawarman waafat taun 515 M,diganti ku Candrawarman,raja kagenep Tarumanagara, marentah salila 20 taun, (ti 515-535 M).Candrawarman dibere gelar nobat, Sri Maharaja Candrawarman Sang Hariwangsa Purusasakti Suralagawagengparamarta.Sabage raja ka genep,Candrawarman kawaris katengtreman jeung karaharjan rahayat (kretasubhika), inyana raja nu jembar panalar,jembar hampura. Toleransi agama dilegaan kana pamarentahan.pikeun meungkeut raja-raja daerah,sangkan satya, carana ku dibere kapercayaan nu leuwih gede pikeun ngolah nagarana sewang-sewangan (otonomi daerah). Pamarentahan di unggal daerah dipasrahkeun ka turunan anu hak, dasarna kasatiaan ka Tarumanagara. Katerangan dina Jawadwipa parwa I sarga 3 kasebut, nembongkeun yen pamarentahan “tangan besiâ€jaman Purnawarman geus ditinggalkeun.Ieu ge jadi indikasi yen situasi politik jaman Candrawarman stabil. Maharaja Candrawarman ngarundaykeun tilu putra saurang putri. Nu cikal Suryawarman,engkena jadi raja ka tujuh. Nu kadua Mahisawarman,engkena jadi mentri utama Tarumanagara, nu katilu Sang Matsyawarman.jadi panglima pasukan laut (senapati sarwajala).Nu kaopat Dewi Bayusari, ditikah ku putra mahkota karajaan Pali (pernahna di Sumatra bagian tengah kaler.taun 676 M.Kulawarga Karajan Pali ngungsi ka pulo Bali,sabab diserang ku Sriwijaya (Pustaka Nusantara, parwa 1 sarga 3).

Sawafatna Candrawarman, korsi karajaan dipasrahkeun ka Suryawarman,kalawan gelar wisuda na, Sri Maharaja Suryawarman Sang Mahapurusa Bhimaparakrama Hariwangsa Digwijaya. Nyakrawati bahudenda salila 26 taun, ti 535-561 M. Pancenna neruskeun galur ramana,pamasrahan pamarentahan raja daerah ka turunanana dilegaan. Suryawarman ninggalkeun prasasti batu, di wewengkon Pasir Muhara-Cibungbulang- Bogor,sisi sawah kira 1 kilometer ti prasasti Purnawarman.Eusi prasasti mangrupa inkripsi 4 jajar. Bacaanana (ceuk Bosc ):
Ini sabdakalanda rakryan juru panga
mbat I kawihaji panyca marsa
ndesa barpulihkan haji su nda

Tarjamahna: Ieu tanda ucapan Rakryan juru Pangambat dina (tahun saka) 458 (yen) pamarentahan daerah dipulihkeun ka raja Sunda.
Ngeunaan daerah atawa desa Sunda nu kapanggih dina katerangan pustaka Jawadwipa, parwa 1 sarga 3 kaca 79, basa nyaritakeun Maharaja Tarusbawa, dina taun saka 592 = 670 M.ngaganti ngaran Tarumanagara jadi karajaan Sunda. Disebutkeun yen, “Telas karuhun wus hana ngaran desa Sunda tathapi ri sawaka ning raja Taruma. Tekwan ring usana kangken ngaran kitha Sundapura. Iti ngaran purwaprastawa saking Bhratanagari†(Satemenna baheula geus aya ngaran daerah Sunda tapi masih ngaub ka karajaan Taruma,dina mangsa baheula dingaranan daerah(kota) Sundapura,ieu ngaran teh asalna ti India).

Dina prasati tambaga ti Kabantenan, abad 15/16, daerah/desa Sunda teh disebutna Sunda Sembawa (Sunda nu asal), ieu prasasti teh ngondang dua panalek nu can kajawab; kahiji, Naha mungkin, di jaman Suryamarman, ibukota Tarumanagara geus dipindahkeun,henteu di Sundhapura deui? Ka dua, Naha prasasti ngeunaan pamulihan pamarentahan ka raja Sunda, bet aya di kampung Muhara,padahal Sunda Sembawa,atawa Sundhapura, kuat disangka, aya di wewengkon basisir Bekasi?. Eta dua panalek payus diasongkeun, sabab kampung Muhara,tempat kapanggihna sababarahiji prasasti Purnawarman, baheulana urut karajaan Pasir Muhara,bawahan Tarumanagara.

Perlu dikanyahokeun, ciri Tarumanagara karajaan gede, aya 46 karajaan leutik nu aub, nu lega wewengkonna mimiti basisir Lampung, nepi ka Kali Serayu, Jawa tengah, tur dibere status nagara bagian, hartina boh raja-rajana, boh sistim pamarentahan, teu bina ti otonomi daerah kiwari. Karajaan kasebut, di antarana; Salakanagara, Cupunagara, Nusa Sabay, Purwanagara, Ujung Kulon, Gunung Kidul, Purwalingga/Purbalingga, Agrabinta, Sabara, Bumi Sagandu, Paladu, Kosala, Legon, Indraprahasta, Manukrawa, Malabar, Sindang Jero, Purwokerta, Wanagiri, Galuh Wetan (Purwagaluh), Cangkuang /Kendan (Nagreg), Sagara Kidul, Gunung Kubang (Kubang Giri), Gunung Cupu (Cupugiri), Alengka, Gunung Manik (Manikparwata), Salaka Gadang, Pasir Batang, Karang Sindulang, Gunung Bitung(Bitung Giri), Tanjung Kalapa, Pakuan Sumurwangi, Kalapa Girang, Tanjung Camara, Sagara Pasir, Rangkas, Pura Dalem(Purwakarta), Lingga Dewa, Wanadatar, Jati Ageung, Setyaraja, Wanajati, Dua Kalapa, Pasir Muhara, Pasir Sanggarung, jeung Indihiyang.

Tarumanagara Di bagi dua
Suryawarman, raja Tarumanagara ka tujuh, wafat taun 483 Saka (561 M.), sabada ngawasa 26 taun, turunan Suryawarman aya tilu, nu cikal Kretawarman, nu kadua Sudawarman, jeung saurang putri, Tirtakancana, nu kawin ka Maharesi Manikmaya, raja Kendan. Kretawarman ngadeg raja taun 561 M – 628 M. raja Tarumanagara ka dalapan salila 67 taun. Taun 565 M. Kretawarman ngirim utusan ka Cina. Di tengah-tengah laut Cina, kapalna ditarajang bajak laut. Tangtu kajadian perang, untung harita datang kapal Cina, nu memang ngahaja mapagkeun. Para bajak laut, paeh kabeh, kapalna di duruk ku tentara Cina. Mayitna ditumpukeun dina galadag kapal. Kapal Cina ngawal kapal Taruma nepi ka nagara Cina. Jaba ti kitu, Kretawarman ngirim utusan ka nagara-nagara di India; Syangka, Yawana, Campa, Kamboja, Sopala, Gaudi (Bengala), Mahasin (nurutkeun Pustaka Nusantara parwa I sarga 3, Mahasin engkena jadi Tumasik – Singapura ayeuna-, basa diserang ku Sriwijaya, kualawarga karajaan Mahasin, ngungsi ka Banjar, di Kalimantan kidul)., Semenanjung, Singanagara, jeung karajaan sejen di Nusantara. Permaisuri Kretawarman, putri kulawarga Calankayana, istri nu kadua, Satyawati. Ti duanana teu bisa mere turunan, sabab Sang Maharaja mandul. Tapi Kretawarman, ngukut anak nu dianggap anak pituin (swaputra), dingaranan Brajagiri. Ceuk beja, Brajagiri teh anak tukang suluh (wwangamet samidha). Nya kitu deui Dewi Satyawati, cenah mah, ngaran kolotna Ki Parangdami jeung Nyi Sembada, padumukanana deukeut walungan Candrabaga (Bekasi) boh Brajagiri atawa Satyawati kaasup kasta Sudra.

Kageulisan Satyawati, ngelehkeun prameswari. Matak Satyawati leuwih dipikanyaah, nepi ka Satyawati nu tadina selir, diangkat jadi istri resmi (pinakastri). Eta sababna Kretawarman dianggap ngalanggar adat. Sabab awewe Sudra, teu meunang jadi istri raja (binihaji), luyu jeung adat, kuduna Kretawarman turun, alias lengser tina kalungguhan raja. Tapi kabuktian yen Kretawarman mampuh nyakrawati, ngabahudenda salila 67 taun. Kabeneran harita Sudawarman keur maguron di India, calon maharesi.

Brajagiri dijenengkeun jadi senapati ku Kretawarman, puguh we jadi nimbulkeun pasirikan. Pangkat senapati dicekel Brajagiri nepi ka Sudawarman di jadi raja ngaganti Kretawarman nu wafat. Sudawarman di wisuda tur dileler gelar Sri Maharaja Sudawarman Mahapurusa Sang Paramartaresi Hariwangsa, nyakrawati jadi raja Tarumanagara ka salapan, salila 11 taun ( 628 M – 639 M). Kulantaran ti burey keneh, cicing di Kanci wewengkon Palawa, wajar mun prameswari Sudawarman, adi Mahendrawarman, raja Palawa. Tina ieu perkawinan lahir Dewamurti, nu diurus ku nini pihak indung, di India.

Dina mangsa pamarentahan Sudawarman Tarumanagara geus mimiti nyirorot, Sabab ngadeg karajaan-karajaan sejen anu potensina leuwih gede pikeun mekar. Di Tatar Taruma wetan-kidul, ngadeg karajaan Galuh. Wretikandayun naratas ieu karajaan ti taun 612 M. Wretikandayun teh incu Titrakancana, adi teges Kretawarman jeung Sudawarman. Di Jawa Tengah, muncul karajaan Kalingga, 632 M.- 648 M., nu sosobatan jeung karajaan Cina. Rajana , mitohana Ratu Shima (saurang ratu nu ngawasa, nu nepi ka ayeuna kanyahoan ngaliwatan beja ti Cina). Raja Kalingga wafat taun 648 M. diganti ku putra mahkota, Kartikeyasinga nepi ka taun 674 M. inyana wafat diganti ku istrina, nya eta Ratu Shima nu marentah ti taun 674 M – 695 M. Di Sumatra, muncul puluhan karajaan-karajaan leutik nu jadi dua kolompok. Beulah kaler tunduk ka karajaan Pali, di Beulah Kidul tunduk ka karajaan Melayu, nu puseurna di Palembang. Sriwijaya harita mangrupa Karajan leutik di Jambi dina auban karajaan Melayu. Karek dina taun 670 M, Sriwijaya nguliat hudang bari ngawasa karajaan-karajaa sejen di sabudeureunana.

Sawafatna Sudawarman, Dewamurti dijungjung lungguh jadi raja Tarumanagara ka sapuluh,Kalawan gelar nobat, Maharaja Dewamurtyatma Hariwangsawarman Digwijaya Bimaparakrama. Beda jeung ramana nu sabar tur mibanda budi nu luhur, Dewamurty tabeatna kasar. Teu boga rasa nyaah jeung karunya. Nu pangheulana keuna ku kakasaran Dewamurty, nya Brajagiri. Nu lain wae ditindak, tapi dihina jeung diwiwirang. Pangkat Brajagiri diturunkeun tina Senapati, jadi pupuhu regu gulang-gulang (hulu ning wira kanista) nu ditugas ngajaga lawang saketeng. Tangtu Brajagiri nyeri hate, ngan kulantaran inyana gegeden, teu kaciri ku batur. Pangna leuwih nyeri hate, sabab beja yen Brajagiri kaum Sudra, digegedekeun. Tur teu meunang pangkat Senapati dicekel ku kaum Sudra. Brajagiri dianggap jadi bahaya panghareupna (kawilang sang mahabahaya). Tindakan Dewamurty jauh tina sikep satria. Brajagiri diasingkeun tina kulawarga karaton, nu ku inyana diteuleuman ti leuleutik. Untung Brajagiri kungsi dididik ku Sudawarman, nepika hatena lemes.

Manehna teu ngawangun kelompok, teu mepek balad, tapi sgalana dipilampah ku sorangan, teu ngalibetkeun batur. Ahirna Brajagiri bisa nelasan Dewamurty, bari teu kanyahoan. Salahna bet tuluy ngalolos ti karaton, nepi ka nu sejen curiga. Lacak Brajagiri di hiji leuweung, kapangih ku Nagajaya, raja Cupunagara, minantu Dewamurty. Dina tarung patutunggalan, di jero leuweung, Dewamurty palastra . Nagajaya teh salaki Dewi Mayasari, turunan Dewamurty nu cikal. Nagajaya diwisuda jadi raja tarumanagara nu ka sawelas, make gelar Maharaja Nagajayawarman Darmastya Cupujayasatru. Marentah salila 26 taun ( 640 M – 666 M.) Astuwarman, adibeuteungna, dijungjunglungguh jadi purohita ( pandita agung karaton ). Karajaan Cupunagara, diserenkeun ka adi Nagajaya, nya eta Prabu Jayaguna.

Sanggeus Nagajayawarman wafat, nu ngagantina putra cikal, nya eta, Maharaja Linggawarman Atmahariwangsa Panunggalan Tirtabumi, jadi raja Tarumanagara ka duawelas, ti taun 666 M - 669 M. Permaisurina, Dewi Ganggasari, putri Prabu Wisnumurti (raja kasawelas) ti Indraprasta. Turunan Linggawarman aya dua, nu cikal Dewi Manasih, nu kawin ka Tarusbawa ti karaton Sunda Sembawa. Nu bungsu dewi Sobakancana, kawin ka Sri Jayanasa, raja Sriwijaya. Linggawarman marentah salila 3 taun, inyana wafat. Gantina nya Tarusbawa, kalawan gelar nobat, Maharaja Tarusbawa Darmawaskita Manumanggalajaya Sunda Sembawa. Marentah salila 54 taun (669 M-723 M.). Tarusbawa boga cita-cita hayang malikeun deui kajayan Tarumanagara, kawas Purnawarman di Purasaba. Eta sababna dina taun 670 M. Tarusbawa ngaganti ngaran karajaan tina Tarumanagara, jadi karajaan Sunda. Ieu hal jadi kasemepetan hade keur Wretikandayun, nu hayang ngabebaskeun Galuh ti Tarunagara, jadi nagara merdeka. Inyana ngirim surat ka Tarusbawa, sangkan karajaan dibagi dua, watesna Citarum. Ti Citarum ka kulon, nepi ka basisir Lampung wewengkon karajaan Sunda, nu puseur dayeuhna di Sundhapura (Bekasi), ti Citarum ka wetan nepi ka kali Serayu, karajaan Galuh atawa Parahyangan,nu puseur dayeuhna di Kawali. Tarusbawa nu miboga watek resep-damey, embung aya pacogregan, katambah, antara Tarusbawa jeung Wretikandayun, sarua pada-pada buyut Suryawarman, raja Tarumanagara ka VII, Tarusbawa nyatujuan kana maksud Wretikandayun. Eta kajadian masih keneh dina taun 670 M. sababaraha bulan sabada Tarusbawa ngaganti ngaran karajaan. (Cag.)

Ilustrasu gambar tina Google

Comments

Popular posts from this blog

NGARAN PAPARABOTAN JEUNG PAKAKAS

Masrahkeun Calon Panganten Pameget ( Conto Pidato )

Sisindiran, Paparikan, Rarakitan Jeung Wawangsalan katut contona