NGARAN PAPARABOTAN JEUNG PAKAKAS
- Get link
 - X
 - Other Apps
 
1. Patik = paranti nuar tatangkalan jeung meulahan suluh anu galede
 2. Baliung = paranti nuar tatangkalan
 3. Kampak =  paranti meulahan suluh anu laleutik (dahan)
 4. Balincong = matana dua, anu lancip pikeun nugar barangkal, bagian anu rubak  pikeun ngagalo taneuh
 5. Parang = paranti babad galeng, rubak ka tungtungna
 6. Arit = paranti ngala jukut
 7. Bedog = paranti nuar awi, paranti nutuhan dahan kai
 8. Gobang = leuwih panjang ti bedog
 9. Pedang= leuwih panjang ti gobang, sok dipake parabot perang
 10. Kolewang = pedang pulisi jaman belanda, dina gagangna make panghalang
 11. Betekok = bedog pondok (bedog si cepot)
 12. Abir = peso rubak paranti nyacag daging
 13. Kujang = peso anu seukeut tukang jeung hareupna
 14. Sekin = bedog kapalang, lencop ka congona
 15. Balati = sarua jeung sekin
 16. Peso raut =paranti ngaraut
 17. Keris = pakakas menak baheula sok diselapkeun  kana lamban
 18. Pendok = sarangka keris
 19. Landean = gagang keris
 20. Pacul = paranti mencug taneuh
 21. Doran = gagang pacul
 22. Ampil = beusi leutik  tungtungna ngeluk, pamageuh doran
 23. Garpu = paranti nyongkel taneuh
 24. Kared = paranti ngored jukut
 25. Singkup = paranti ngeduk keusik atawa barangkal
 26. Lincung = saperti balincong ngan matana hiji teu aya nu lancipan
 27. Congkrang = paranti ngala suluh atawa nuar awi
 28. Tumbak = pakakas lancip gagangna panjang paranti perang atawa moro di leuweung
 29. Tah
 30. Langko = paranti ngunyalan suluh atawa batu
 31. Salang = paranti nanggu make dingkul dijieunna tina injuk
 32. Sigay = taraje tina awi saleunjeur dipake tukang nyadap.
- Get link
 - X
 - Other Apps
 
Ari pragi nyebor tatangkaln non Nami na
ReplyDeletePunten bade tumaros, upami pakakas sareng parabot teh sami atanapi henteu?
ReplyDeleteAsana mah benten kang...
Delete