PURNAMAAN DI SUKAWAYANA
- Get link
- X
- Other Apps
Kintunan : Aan Merdeka Permana
Ritual Mandi Suci di Palabuanratu
Dina Jaman Pajajaran
RITUAL mandi suci di muara walungan, geus jadi tradisi dina jaman
Pajajaran. Ti mangsa ka mangsa, dina jamanna raja-raja Pajajaran, biasa
ngayakeun mandi suci di muara Cimandiri atawa di muara Sakawayana,
sisieun Samudera Béach Hotél, Palabuanratu.
GENEP bulan
sanggeus Sri Baduga Maharaja dibenum jadi raja munggaran Pajajaran (1821
Maséhi), aya ramalan bakal datangna musibat lini (gempa). Poéna,
bulanna, geus ditangtukeun. Ku sabab kitu, dua poé saméméhna, Sri Baduga
Maharaja dibarengan ku Purohita (pandita agung), mingpin sabagéan
ambarahayat pikeun ngayakeun upacara mandi suci di sisi muara Walungan
Cimandiri. Ana balikna deui ka Pakuan, sababaraha pal saméméh asup ka
lawang saketeng, enya we musibat lini datang. Harita nu perlaya aya 30
urang sabab maranéhna teu percaya kana ramalan.
Di muara
Cimandiri ngayakeun upacara mandi suci téh lain rék nolak bala, sabab
ceuk ukuran jaman harita, lamun Alloh geus nyieun putusan, manusa mah
kari tumamprak. Paling usaha satékah polah kumaha sangkan bahaya anu
datang teu loba nyieun korban. Dina éta upacara mandi suci ogé saréréa
niat nyusikeun diri, ménta pangampura ka nu murbeng alam, sangkan mun
téa mah kudu cilaka tepikeun ka tiwas, dosa-dosa salila hirup, bisa
nampa pangampura.
Upacara mandi suci dina jaman Pajajaran téh
disebutna Nyimprén. Biasana, lamun boga kagundah haté, boh raja boh
kulawadetna, sok ngayakeun upacara nyimprén. Putri Kanditan, putrana Sri
Baduga Maharaja, anu di Palabuanratu jeung Sancang katelahna Ibu Ratu
Kidul (lain Nyi Roro Kidul), samangsa jumenengna sok ngayakeun upacara
Nyimprén. Putri Kanditan boga haté anu gundah sawaktu inyana ditundung
ti Karaton Pakuan sabab katarajang panyakit budug ladang diwerejit
deungeun. Putri Purnamasari, putrana Prabu Séda raja pamungkas
Pajajaran, ogé kungsi ngayakeun upacara nyimprén di Muara Sakawayana,
sabab hariwang ku nasib nagara katut ibu-ramana di karaton. Inyana ku
ingkang rama dipiwarang ngungsi ka pakidulan sabab nagara dirurug musuh
ti Banten. Aya deui salah sahiji putra Sri Baduga Maharaja ti selirna nu
kadua, nu namina Nyai Aya Déwi Prianingrum Lestari. Ieu gé kungsi
ngayakeun upacara Nyimprén. Ceuk sakaol, upacara Nyimprén téh terus
dipilampah tepika ieu jaman, tempatna di muara Sakawayana, sanajan teu
bisa kabireungeuh ku panon lahir.
Tata-cara upacara téh kieu.
Nu boga maksud, ngeueum manéh di tengah cai. Geus kitu, sababaraha
iangan ngerelepkeun manéh ka jero cai bari neneda ka nu murbeng alam.
Ari di darat, sabubuhan dayang arémok macakeun jangjawokan semu haréwos.
Salah saurang nu jadi pejang sora (juru mamaos), nembangkeun lagu-lagu
buhun. Kieu rumpakana :
Mustina pamanah rasa
Eulang balik nalakan asa
Bilih eusi ratu cameta
Urang malikan agunganana
Nutur sieur calikan asih
Meueur-meueurna sacekelanana
Tatihan talapak nata sajalarna ati
Geuning putri taya ilarna
Tuh, labuan gelar cai
Gurulung, juralung-jularang jalirna jangji
Cai alir sarasana panénjoan
Panénjoan waler ulur tilarna mah
Ajénna ajénna awih pisétra
Yang yang gulung patrinama sétra
Cah ni dieu na kana salira
Wersih ragrag hadé pan wadahna
Ajén-ajénna na ampih ti putri
Yang-yang gulung panggihkeun guna
Yap ti putri déwi ratu muja
Manjangkeun wasuh galuhan kana ... ***
Kintunan : Aan Merdeka Permana
Ritual Mandi Suci di Palabuanratu
Dina Jaman Pajajaran
Ritual Mandi Suci di Palabuanratu
Dina Jaman Pajajaran
RITUAL mandi suci di muara walungan, geus jadi tradisi dina jaman Pajajaran. Ti mangsa ka mangsa, dina jamanna raja-raja Pajajaran, biasa ngayakeun mandi suci di muara Cimandiri atawa di muara Sakawayana, sisieun Samudera Béach Hotél, Palabuanratu.
GENEP bulan sanggeus Sri Baduga Maharaja dibenum jadi raja munggaran Pajajaran (1821 Maséhi), aya ramalan bakal datangna musibat lini (gempa). Poéna, bulanna, geus ditangtukeun. Ku sabab kitu, dua poé saméméhna, Sri Baduga Maharaja dibarengan ku Purohita (pandita agung), mingpin sabagéan ambarahayat pikeun ngayakeun upacara mandi suci di sisi muara Walungan Cimandiri. Ana balikna deui ka Pakuan, sababaraha pal saméméh asup ka lawang saketeng, enya we musibat lini datang. Harita nu perlaya aya 30 urang sabab maranéhna teu percaya kana ramalan.
Di muara Cimandiri ngayakeun upacara mandi suci téh lain rék nolak bala, sabab ceuk ukuran jaman harita, lamun Alloh geus nyieun putusan, manusa mah kari tumamprak. Paling usaha satékah polah kumaha sangkan bahaya anu datang teu loba nyieun korban. Dina éta upacara mandi suci ogé saréréa niat nyusikeun diri, ménta pangampura ka nu murbeng alam, sangkan mun téa mah kudu cilaka tepikeun ka tiwas, dosa-dosa salila hirup, bisa nampa pangampura.
Upacara mandi suci dina jaman Pajajaran téh disebutna Nyimprén. Biasana, lamun boga kagundah haté, boh raja boh kulawadetna, sok ngayakeun upacara nyimprén. Putri Kanditan, putrana Sri Baduga Maharaja, anu di Palabuanratu jeung Sancang katelahna Ibu Ratu Kidul (lain Nyi Roro Kidul), samangsa jumenengna sok ngayakeun upacara Nyimprén. Putri Kanditan boga haté anu gundah sawaktu inyana ditundung ti Karaton Pakuan sabab katarajang panyakit budug ladang diwerejit deungeun. Putri Purnamasari, putrana Prabu Séda raja pamungkas Pajajaran, ogé kungsi ngayakeun upacara nyimprén di Muara Sakawayana, sabab hariwang ku nasib nagara katut ibu-ramana di karaton. Inyana ku ingkang rama dipiwarang ngungsi ka pakidulan sabab nagara dirurug musuh ti Banten. Aya deui salah sahiji putra Sri Baduga Maharaja ti selirna nu kadua, nu namina Nyai Aya Déwi Prianingrum Lestari. Ieu gé kungsi ngayakeun upacara Nyimprén. Ceuk sakaol, upacara Nyimprén téh terus dipilampah tepika ieu jaman, tempatna di muara Sakawayana, sanajan teu bisa kabireungeuh ku panon lahir.
Tata-cara upacara téh kieu. Nu boga maksud, ngeueum manéh di tengah cai. Geus kitu, sababaraha iangan ngerelepkeun manéh ka jero cai bari neneda ka nu murbeng alam. Ari di darat, sabubuhan dayang arémok macakeun jangjawokan semu haréwos. Salah saurang nu jadi pejang sora (juru mamaos), nembangkeun lagu-lagu buhun. Kieu rumpakana :
Mustina pamanah rasa
Eulang balik nalakan asa
Bilih eusi ratu cameta
Urang malikan agunganana
Nutur sieur calikan asih
Meueur-meueurna sacekelanana
Tatihan talapak nata sajalarna ati
Geuning putri taya ilarna
Tuh, labuan gelar cai
Gurulung, juralung-jularang jalirna jangji
Cai alir sarasana panénjoan
Panénjoan waler ulur tilarna mah
Ajénna ajénna awih pisétra
Yang yang gulung patrinama sétra
Cah ni dieu na kana salira
Wersih ragrag hadé pan wadahna
Ajén-ajénna na ampih ti putri
Yang-yang gulung panggihkeun guna
Yap ti putri déwi ratu muja
Manjangkeun wasuh galuhan kana ... ***
- Get link
- X
- Other Apps
Comments
Post a Comment
Saumpamina aya nu peryogi di komentaran mangga serat di handap. Saran kiritik diperyogikeun pisan kanggo kamajengan eusi blog.