Posts

Showing posts from September, 2013

Pasukan Panah Pajajaran Di Talaga Warna

Image
Kintunan : Kang Aan Merdeka Permana (Dok.Salakanagara) DINA sawatara catetan sajarah kungsi didadarkeun mumusuhan antara Pajajaran jeung Cirebon. Dina jamanna Prabu Surawisésa (1521-1537), Pajajaran salila 14 taun ngalaman 15 peperangan jeung Cirebon. Duanana euweuh nu meunang euweuh nu éléh. Pasukan Cirebon jago perang di laut jeung Pajajaran jago perang di leuweung. Ari Pajajaran jago perang di leuweung téh sabab boga pasukan panah anu katelahna Pasukan Basura. Sanajan di jero euweung luwang-liwung anu embet ku kakayon, pasukan panah tara gagal ngabinasa lawanna. Cirebon kacida sieuneunana. Nu matak dina perang ngalawanPajajaran,Cirebon mah milih nyéntang-nyéntangkeun mariem ti tengah laut ka basisir, mun pareng adu hareupan di basisir. Pasukan panah téh geus aya di jaman Sri Baduga kénéh. Dua taun saméméh Sri Baduga turun tahta, loba nu hayang ngabinasakeun, di antara ti Kelompok Baliang Ulung. Dipingpin ku Muria Sang’ar. Dina bulan purnama ka 13 malem legi, d

PURNAMAAN DI SUKAWAYANA

Ku Aan Merdeka Permana (Dok. SALAKANAGARA ) Ritual Mandi Suci di Palabuanratu Dina Jaman Pajajaran RITUAL mandi suci di muara walungan, geus jadi tradisi dina jaman Pajajaran. Ti mangsa ka mangsa, dina jamanna raja-raja Pajajaran, biasa ngayakeun mandi suci di muara Cimandiri atawa di muara Sakawayana, sisieun Samudera Béach Hotél, Palabuanratu. GENEP bulan sanggeus Sri Baduga Maharaja dibenum jadi raja munggaran Pajajaran (1821 Maséhi), aya ramalan bakal datangna musibat lini (gempa). Poéna, bulanna, geus ditangtukeun. Ku sabab kitu, dua poé saméméhna, Sri Baduga Maharaja dibarengan ku Purohita (pandita agung), mingpin sabagéan ambarahayat pikeun ngayakeun upacara mandi suci di sisi muara Walungan Cimandiri. Ana balikna deui ka Pakuan, sababaraha pal saméméh asup ka lawang saketeng, enya we musibat lini datang. Harita nu perlaya aya 30 urang sabab maranéhna teu percaya kana ramalan.

Elmu Teluh (Dok.Salakanagara)

Image
Kintunan : Japar Sidik Percaya kana mistik pikeun sawaréh urang Indonesia hususna urang Sunda mah lir ibarat percaya ka diri sorangan, éstuning geus jadi kulit jadi daging téh boa lain bobohongan, teu kitu kumaha, lantaran geus aya tipuhuna kénéh, nyaéta tina anemisme jeung dinamisme téa, nu geus ngakar jadi kapercayaan para karuhun urang. Béh dieu hal-hal nu sifatna mistik téh sacara fungsi jadi ngésér, nu asalna pikeun kabutuhan reliji/sacral - spiritual jadi ritual sérémonial. Contona larung saji di Palabuan Ratu nu asalna pituin upacara jang nu goib (nyuguh Loro Kidul) kapan ayeuna mah geus leuwih kana aspek seremonial jang narikperhatian turis, atawa gagaman keris misalna, kapan jaman baheula mah keris téh dijieun jimat, dikukusan di mandian ngala tuahna, ari ayeuna geuning jadi bahan pajangan di imah-imah gedong (pikeun elemen estetis). Tapi kukituna teu kabéh jalma ingkar tina mistik, malah lain ngan ukur golongan biasa baé tapi kaom intelék jebolan paguron

Sejarah Eyang Langlangbuana (Eyang Jagaraksa atau Jagasatru) Pengawal Eyang Prabu Siliwangi.Golok Pusaka Langlangbuana

Image
Oleh Raden Wiraatmadja Warga Jawa Barat, masyarakat Pasundan khususnya, selama ini mungkin banyak mendengar cerita tentang adanya harimau gaib yang diyakini sebagai wujud penjelmaan dari Prabu Siliwangi. Harimau gaib ini digambarkan sebagai hewan berbulu loreng, atau ada juga yang mengatakan berbulu putih dan disebut sebagai Lodaya. Disamping harimau loreng dan Lodaya, yang diyakini sebagai jelmaan Prabu Siliwangi dan para pengikut setianya, sesungguhnya masih ada jenis harimau gaib lainnya, yakni harimau yang berbulu hitam pekat. Nah, jenis harimau hitam inilah yang mungkin masih kurang diketahui seperti apa asal-usulnya. Meski terkesan musykil, namun bagi masyarakat Jawa Barat, khususnya yang tinggal di daerah pinggiran, masih meyakini kalau kesemua jenis harimau gaib tersebut hingga kini masih ada dan kerap menampakkan wujudnya di tempat-tempat tertentu. Fenomena itu utamanya kerap terjadi di sekitar Leuweung Sancang, Garut Selatan. Menurut cerita, di Leuweung

Kabeungharan Basa (dok.Salakanagara)

Kintunan : Ike Tasrika, S.Pd. (Guru SD ) Panganteur: Pun sapun ampun paralun, sanes bade kokolot-begog, teu gaduh maksad guminter, ieu mah etang-etang ngelingan diri sorangan, jisim abdi bade nyuguhkeun saciwit tina kabeungharan/kajembaran basa Sunda, manawi aya mangpaatna. Kitu oge teu nganggo sistematika ilmiah, nu runut-ngaruntuy, da nu diseratna, mana we nu tipayun mucunghul dina emutan, janten tangtos karaosna gagajlokan. Jisim kuring nampi saran sinareng kritikna. 1. SESEBATAN KA JALMA Sesebatan/predikat, ka jalma, di Sunda kawilang seueur. Nu didamel patokan, aya opat, nya eta: a) Ngabantun tina benten yuswa, b) Ngabantun tina rupa/wanda,sareng kaayananana, c) Ngabantun tina tingkah-laku, sareng d) Ngabantun tina pangkat/kalungguhan/padamelan.

KUJANG GAGAMAN PIANDEL (Dokumen SALAKANAGARA)

Image
Catetan Hj.Titien Gilang Hadi   Kujang teh lain ngan saukur pakakas pikeun perang tapi oge pikeun tatanen, pangarak jeung pusaka. Pakarang Sunda nu jadi ciri kasundaan teh rupa-rupa wangun jeung ukuranana. Pikeun neuleuman ngeunaan naon jeung kumaha nyieun kujang, ieu tulisan disusun, Urang Sunda pasti kana reueusna mibanda kujang teh. Sabenerna ti baheula keneh oge kujang sok dipake pakakas pikeun tatanen, salian ti jadi pakarang, pangarak, jeung pusaka. Wujudna anu onjoy dibandingkeun jeung pakakas tradisional lianna anu sajaman nembongkeun sipatna anu jadi ciri mandiri. Upama dititenan kujang mah palebah tangtungan ipis, bahanna tina beusi garing anu kualitasna hade, jeung aya pori, wesi kuning, kitu deui waja, perak atawa emas. Malah kujang anggoan para menak jeung pangagung mah aya anu ditaretes ku batu permata, inten berlian, mapaesan pusaka anu kacida endahna. Kitu deui kujang nu dijadikeun pakarang sok make panambah pamor mangrupa peurah. Biasana peurah or

SUNDALAND = Benua Atlantis yang Hilang? – (Dokumen Salakanagara)

oleh Budi Brahmantyo MENARIK sekali artikel yang ditulis oleh Profesor Dr. H. Priyatna Abdurrasyid, Ph.D., tentang mitos Benua Atlantis yang ternyata adalah Indonesia. Tulisannya mengutip sebuah buku keluaran tahun 2005 karya seorang Brasil Profesor Arysio Nunes dos Santos berjudul “Atlantis, The Lost Continent Finally Found, The Definitive Localization of Plato’s Lost Civilization ”. Terus terang, saya sama sekali belum pernah membaca buku itu. Tetapi, penelusuran melalui dunia maya menemukan satu promosi penerbitan buku tersebut dengan gambar sampul buku yang sangat menarik dan provokatif. Sampul buku itu menampilkan Kepulauan Indonesia bagian barat, yang tidak lain dan tidak bukan adalah apa yang pernah dikenal sebagai Kepulauan Sunda Besar, terdiri dari Pulau Sumatra, Jawa dan Kalimantan yang dipersatukan oleh paparan luas yang dikenal sebagai Paparan Sunda. Jadi Paparan Sunda, atau ketika laut surut pada Kala Pleistosen Akhir menjadi daratan luas disebut dalam