SAKALI DEUI NGEUNAAN Ki SUNDA

ku : Rachmat MA
(dok.Salakanagara)
BUBUKA
Dina saban pasamoan para inohong Sunda anu alhamdulillah geus rada mindeng diayakeun, meh salawasna muncul pertanyaan, saha jeung kumaha sabenerna Ki Sunda anu baheula pikareueuseun, anu ayeuna saperti taya anu wawuh deui ka inyana. Dalah urang Sunda sorangan.

Para pejuang Sunda anu hayang ngaronjatkeun martabat Ki Sunda, teu eureun-eureun tumanya, kumaha saenyana sifat urang Sunda anu mere pulas kana perjuanganana ? Naha kudu sarua jeung suku-bangsa sejen anu ngeusian Indonesia ayeuna ? Lamun kitu naon untungna da batur ge geuning teu leuwih hade batan urang Sunda, komo diukur ku udunanana kana kajayaan Indonesia mah. Sabalikna lamun kudu beda, palebah mana kudu leuwih punjulna, kapan cenah, urang Sunda teh boga kaleuwihan anu beda ti anu sejen.

Malah dina hiji pasamoan kungsi aya inohong anom anu nyarita kieu :
"Wakca bae, sim kuring mah enya ge urang Sunda kakara ayeuna engeuh jeung aya kahayang milu ngaronjatkeun martabat Sunda teh. Tapi teu terang kumaha prakna Maksudna, naon jeung kumaha falsafat Sunda anu kudu jadi rohna perjuangan Sunda, boh dina widang politik, ekonomi, sosial jeung budaya, da ari tanpa ta mah, perjuangan the bakal hapa. Kapan hebatna perjuanga hiji bangsa teh sabagean gede gumantung kana sakumaha kuatna kayakinan jeung kataatan bangsa eta kana falsafatna. Tah falsafat eta anu kuring tacan terang tepi ka kiwari the, sanajan ari sacara naluriah mah kareueus jadi Sunda teh tos nyampak."

Bawirasa, inohong anom anu kitu the sigana henteu nyorangan. Bisa jadi aya jutana. Anu kitu, penting pisan dijawab.
Tulisan ieu, sacara sederhana pisan seja nyoba nyoba ngajawab pertanyaan :
Saha jeung kumaha ari Ki Sunda ?
Muga-muga aya pupurieunana.

KI SUNDA

Saha Jeung Kumaha ?

Moal salah deui anu disebut urang Sunda teh suku bangsa asli pangeusi tatar Sunda anu umurna geus rebuan taun, anu geus ngalaman rupa-rupa parobahan, naek turun nurutkeun kabudayaan jeung filosofi hirupna.

Dina waktu ieu, jumlah urang Sunda geus meh 40 juta urang, nomer dua panglobana di Indonesia sabada suku bangsa Jawa.

Anu pon tanahna, ku para ahli sadunya katotol tanah endah tur subur ma’mur, beunghar ku rupa-rupa kakayaan alam, kasebut tanah pangbeungharna jeung pangendahna saalam Indonesia. Malah aya anu yakin pengendahna jeung pangbeungharna saalam dunya. Subhanallah!!!

Kanyataanana, urang Sunda the hiji kaum anu jumlahna loba pisan, leubih loba batan rakyat sababaraha nagara sejen boh Eropa boh di Asia. Tatarna, kasohor subur, beunghar jeung endah. Cek paribasana, iteuk ditanclebkeun pasti akaran. Ngali tanah dimana bae, baris manggihan barang mangpaat keur kahiruupan, ka mana bae tetenjoan di kencar taya anu katembong jaba ti kaendahan. Cindekna, Sunda teh loba jumlahna, endah jeung beunghar tatarna.

Lobana suku Sunda, beungharna tatar Sunda lain jadi ku maneh. Tapi istuning ngahaja diciptakeun ku Allah SWT. Mungguhing dadamelan Allah tea taya anu kabeneran, sagala ge dihaja dicipta ku AnjeunNa, bari pasti mawa maksud jeung mangpaat. Nya kitu deui urang Sunda jeung tanahna, diciptakeun kalawan aya maksud khsus anu kudu kapanggih ku urang Sunda sorangan. Nyakitu deui mangpaatna memeh ku sasaha the kudu karasa ku urang Sunda heula.

Bangsa Sunda diciptakeun loba jeung beunghar. Teu beda ti hiji manusa biasa anu diciptakeun ku Allah pinter jeung beunghar, urang Sunda oge kudu jadi bangsa anu pinter, rancage, kakayaanana kudu mawa darajat jeung martabat anu mulya ka dirina sorangan, jembarna kudu mawa mangpaat jeung kahadean ka sakurilingeunana, jeung akhirna kudu wanoh ka anu Nyiptakeunana. Jadi, lamun ditanya saha ari Sunda, jawabna :
sukubangsa anu mimiti pisan ngeusian tatar Sunda, anu diisaratan tur dibekelan ku Anu Nyiptakeunana kudu jeung bisa jadi sukubangsa anu rancage hatena, beunghar dunyana, nyongcolang martabatna jeung mere loba mangpaat ka sasama banga Indonesia khususna ka bangsa sadunya umumna.

KUMAHA ARI KI SUNDA ?

Nanya kitu hakekatna nanyakeun kumaha ari jatidiri urang Sunda ? Atawa kumaha ari sipat utama urang Sunda, atawa kumaha ari karekteristik urang Sunda umumna anu nangtukeun pulas jeung wanda diriina. Tepi ka kiwari, anu rek ngajawab pertanyaan ieu sok ngaralieuk kana paribasa jeung ungkara Sunda, terus ngayakinkeun yen eta pisa jati diri Sunda teh. Upamana, Diana kayaan frustasi loba inohong Sunda boga pamanggih pajah urang Sunda mah sok kumeok memeh macok, teu bias diandelkeun dina diadu, nu matak sagala anu alus jeung anu ngeunah anu aya di Indonesia direbut batur. Atawa teu mandiri cenah lantaran pageuh teuing nyekel papatah kolot bongkok ngaroyok bengkung ngariung anu nyababkeun urang Sunda tara daek ngumbara.

Atawa tukuh kana piwuruk teu langkung anu dibendo tepi ka tara boga kahayang sorangan, atawa dina zaman sagala kudu ku duit jeung loba panipuan masih keneh bae nganggap mulya lamu boga sikep ulah pupulur memeh mantun. Malah teu euleum-euleum aya anu boga pamadegan kieu, eta paribasa herang caina beunang laukna geus teu pantes dikeukeuweuk dina jaman ayeuna mah. Kiwari mah leuwih merenah tur leuwih produktif lamun boga sikep keduk bae balongna kadek laukna. Jeung masih keneh loba deui. Cindekna mah, loba pamanggih anu ngajak urang ninggalkeun atawa ngarobah harti paribasa jeung ungkara basa Sunda lantaran dianggap geus lain jamana deui.

Ngajawab pertanyaan kumaha ari jatidiri Sunda kiwari ku cara kitu ngandung rupa-rupa kasalahan bari teu aya benerna hiji-hiji acan. Kahiji, lamun sakabeh paribasa dipake ciri jatidiri, meureun urang Sunda teh rimbil ku rupa-rupa jatidiri. Komo lamun anu dipake teh paribasa saperti kumeok memeh dipacok, rimbilna the ku anu garoreng wungkul. Sedeng lamun urang nyarita perkara jatidiri, maksudna sipat atawa karakter anu utama ti bangsa eta anu punjulna. Lamun jalma atawa hiji bangsa rimbil ku jatidiri, hakekatna sarua jeung teu boga jatidiri.

Kadua, paribasa sagala bangsa ngagambarkeun filsafat bangsa eta waktu paribasa eta diciptakeun. Aya anu langgeng sipatna, oge aya pikeun sawatara waktu bae, gumantung kumaha nilai-nilai anu dikandung ku filsafat eta. Jadi lamun urang rek nangtukeun jatidir Sunda ku salah sahiji paribasa nu saenyana mahi keur sagala jaman tapi disangka geus teu meujeuhna deui dina jaman kiwari, pasti urang salah. Saperti, herang caina beunang laukna, eta teh paribasa nu ngajar digawe ati-ati, lantip, bijaksana, hentu ngaruksak lingkungan. Cindekna mah, salawasna nincak dina jalan anu bener. Ari nurutkeun basa agama kapan kawijaksanaan atawa jalan anu bener teh, enas-enasna mah shirothol mustaqim. Kumaha filsafat kitu bias rek disebut teu mahi keur sagala jaman ? Atawa, ulah pupulur memeh mantun. Ku filsafat ieu urang Sunda dipentes ulah sok ngabiasakeun ngaheulakeun hak memmeh kawajiban, sabab eta teh henteu hade. Bukti anu nembresna mah kaayaan kiwari. Ruksakna nagara teh lantaran loba teuing urang Indonesia, pangpangna kalangan elitna anu sok resep ngaheulakeun hak batan kawajiban. Nyakitu deui bongkok ngaronyok bengkung ngariung, dihartikeun teu aya alusna ngumbara ninggalkeun lembur. Leuwih hade ngariung jeung dulur dina kaayaan kumaha bae oge. Padahal harti anu sabenerna tacan tangtu kitu lamun urang eungeuh aya paribasa ulah kurung batok, anu hartina patonggong-tonggong pisan jeung anu ti heula. Terus, tina tara ngumbara dipastikeun yen urang Sunda henteu mandiri. Jauh pisan tina bener sabab mandiri mah lain ditangtukeun ku resep jeung teu resep ngumbara. Mandiri mah sikep mental anu timbul lantaran aya kapercayaan anu kuat ka anu aya dina diri. Bisa kabeungharan, bias elmu, bias lantaran boga dulur anu bias dijieun gunung pananggeuhan, bias oge, jeung ieu pang alusna, lantaran aya kayakinan ka Allah SWT. Jaba ti eta kumaha rek disebut urang Sunda teu resep ngumbara padahal di mana-mana moal susah-susah teuing manggihan urang Garut, urang Tasik, urang Ciamis, urang Sumedang anu geus aya taunna ngumbara bari marawa kaahlian khas daerahna.

Katilu, paribasa Sunda ( kaasup paribasa deungeun ) bisa henteu ngagambarkeun jatidiri jaman kiwari. Tapi ngagambarkeun jatidiri karuhun anu nyieunna. Jatidiri Sunda kiwari moal bisa kagambarkeun ku pating rarengkolna paribasa Sunda ayeuna anu aya di mana-mana, tapi ku falsafat naon anu dipake padoman hirup. Jadi jatidiri Sunda kiwari ditangtukeun ku falsafat naon anu dipake padoman hirup ku urang Sunda kiwari. Lamun urang hayang terang jatidiri Sunda ayeuna, baca, tengetan, lenyepan masarakat Sunda ayeuna umumna. Lamun nyugemakeun, jatidirina pikareueuseun. Lamun ngerakeun, hartina jatidirina oge ngerakeun. Nilik kana paribasa-paribasa Sunda anu umumna islami, hartina ngabogaan nilai-nilai anu langgeng, kuring yakin pisan kaayaan Sunda ayeuna anu henteu matak reueus teh lantaran urang Sunda geus lila teuing ninggalkeun falsafat adiluhung anu dikandung ku paribasa-paribasana. Sama sakali lain kulantaran pageuh teuing ngeukeuweuk paribasa-paribasa titinggal karuhun. Kulantaran jatidiri Sunda teh bisa turun naek bareng jeung turun naekna kaayaan bangsa Sunda dina hiji waktu, tangtu bae pikeun urang leuwih utama lamun urang wawuh jeung jatidiri Sunda pangunggulna, hartina jatidiri Sunda anu kungsi nganteurkeun urang Sunda kana kajayaan anu pangnyongcolangna dina sajarahna. Nurutkeun sajarah, bangsa Sunda kungsi ngalaman puncak kajayaan waktu dirajaan ku Prabu Siliwangi anu kamashur. Dina waktu eta, dina wangunan nagara karajaan Pajajaran, masarakat Sunda kungsi ngahontal kajayaan anu pangpuncakna. Hartina rakyatna raharja lahir jeung batin. Dina lahir jeung batin anu raharja sagala rupa kahadean tumuwuh kalawan subur. Cindekna, di nagara anu rakyatna bias ngarasakeun nikmatna raharja lahir batin, sagala urusan poleksosbud oge milu jaya. Kaayaan kieu kungsi kappanggih ku rakyat Sunda, dina jaman Karajaan Pajajaran, dirajaan ku Prabu Siliwangi anu kamashur tea.

Bangsa Sunda bisa tepi kana martabat kitu lantaran jatidirina ngajak jeung nganteur ka dinya. Jatidirina nyumponan bisa ngajadikeun Sunda kitu. Sedeng jatidiri hiji bangsa, lamun lain identik oge pasti dipangaruhan ku jatidiri anu jadi pamingpinna, anu jadi rajana. Lantaran kitu lamun urang hayang terang jatidiri Sunda harita urang kudu maluruh jeung nangtukeun jatidiri Prabu Siliwangi heula.

Saha jeung kumaha ari Prabu Siliwangi ?

Prabu Siliwangi teh raja anu adil, pinter, wijaksana, jujur jeung kagungan dangiang atawa komara. Sipat sipat ieu pasti aya di ajeunna, sabab, lamun teu kitu pamohalan bisa mimpin karajaan anu rakyatna raharja lahir jeung batin. Bisa jadi bae hiji raja ngabogaan sipat pinter ngolah nagara, tapi teu dibarengan jujur jeung adil da moal matak raharja lahir batin ka rakyatna. Paling paling ukur mere kamakmuran materi. Sipat sipat adil, pinter, wijaksana, kagungan dangiang jeung komara, mangrupa sipat sipat luhung anu aya di jelema, mangrupa kekecretan tina tina sipat sipat Allah anu mulya. Hartina, moal aya jalma anu ngabogaan sipat mulya kitu lamun lain meunang kekecretan tina sabagean sipat Allah Anu Maha Mulya. Jeun moal aya jalma meunang kekecretan sipat mulya lamun lain jalma anu dimulyakeun ku Allah SWT. Sedeng jalma anu dimulyakeun ku Allah teh jalma anu yakin jeung taat ka MantenNa. Cek agama Islam mah, jalma anu takwa. Kasimpulanana, Prabu Siliwangi teh jalma, raja anu yakin jeung taat ka Allah sarta masrahkeun jiwana ka Anu Maha Tunggal tur Maha Kawasa. Cek agama Islam mah jalma jeun raja anu tauhid.
Muncul pananya, naha bisa Prabu Siliwangi kaasup jalma tauhid padahal henteu kungsi ngagem agama Islam ? Samemeh Kangjeng Nabi Muhammad saw digelarkeun nyebarkeun agama Islam, geus loba pisan jalma-jalma anu kaasup jalma tauhid. Anu pasti bae para Nabi saheulaeun anjeuna. Malah nembrak pisan ku al Quran para Nabi samemeh Nabi Muhammad disebat muslimin, jalma-jalma anu ngagem agama Islam, anu yakin yen Allah teh aya tur Tunggal, terus taat sarta masrahkeun jiwa-ragana ka MantenNa. Sanajan ngaran agama jeung sareatna beda-beda tapi sakabehna disebut Islam lantaran ngandung unsur percaya, taat jeung masrahkeun jiwa-raga ka Anu Tunggal, saperti anu diajarkeun ku Kangjeng Nabi Ibrahim as. Sakabeh agama anu sawarna jeung sajalan jeung agama Nabi Ibrahim disebut agama anu lempeng, cikal-bakalna sagala agama langit, kaasup agama Islam anu dicandak ku Nabi Muhammad saw.
Agama Sunda, anu wallahu alam saha nabina ( tapi pasti aya lantaran seueur Nabi di luar anu 25 anu dikenal ku manusa jeung nabi eta pasti kaasup anu disebut muslim ku Quran ), anu geus nyampak samemeh aya Islam candak Nabi Muhammad saw, agama anu monoteistis, nyembah Dzat Anu Tunggal tur Maha Kawasa, kaasup kana golongan agama anu dicandak Nabi Ibrahim, agama anu hanif atawa agama anu lempeng identik jeung Islam.

Jalma anu taat kana agama langit, kaasup agama Sunda, ngandung harti jalma anu percaya jeung taat ka Allah SWT. Sedeng pikeun jalma anu taat ka Allah SWT aya jangji Allah anu diembarkeun ku Nabi Muhammad saw dina salah sahiji hadits Qudsyi :

"Hey abdi-abdi KAMI, pek geura taat ka KAMI. KAMI jangji baris maparin sabagian tina sipat-sipat KAMI. Jeung lamun maraneh aya kahayang, cukup sebutkeun kun fayaa kun."
Prabu Siliwangi ngagem agama Sunda pasti kalawan kafah, paham kana lahiriahna katut batiniahna. Lamun hentu kitu mustahil kagolongkeun ka anu dimulyakeun ku Allah. Jadi asup akal pisan lamun Prabu Siliwangi, sabagi Raja anu taat ka Allah dipaparinan kekecretan tina sipat-sipat Allah anu nyukupan pikeun ngaheuyeuk dayeuh ngolah nagara, nyaeta adil, pinter, wijak sarta kagungan dangiang. Jalma badag pantaran Prabu Siliwangi biasa pisan ngajarkeun elmu jeung falsafah hirupna ka balarea. Aya anu ku cara nembrak, aya anu disilokakeun. Sabagaean gede ajaran Prabu Siliwangi disilokakeun. Anu pangutamana, minangka anu jadi babonna disilokakeun dina pakarang Sunda, Kujang. Sesana, anu aya ratusna, pating rarengkol dina paribasa-paribasa Sunda.

Tina Kujang anu dua pangadekna anu nyilokakeun dua rupa elmu mangrupa pakarang hirup, urang bias terang yen Prabu Siliwangi kagungan falsafat yen hirup teh lumangsung di dua alam. Lantaran kitu manusa kudu ngabogaan dua pakarang anu sawadina manunggal dina hiji diri manusa, nyaeta elmu kadunyaan pikeun ngahontal kabagjaan dunya jeung elmu kaaheratan pikeun meunangkeun kabagjaan aherat. Bisa oge disebut pikeun meunangkeun karaharjaan lahir jeung batin. Luyu pisan jeung udagan ajaran agama Islam anu dicandak ku Nabi Muhammad saw anu kasohor disebut kasaean dunya jeung kasaean aherat. Lamun urang nengetan paribasa-paribasa Sunda baris karasa pisan yen sabagean gede ngandung falsafat-falsafat anu Islami. Sabab kitu ajenna bisa dimangpaatkeun saban jaman. Contona, herang caina beunang laukna, ngajar ati-ati dina digawe, bati-bati hasil maksud oge ulah bari ngaruksak lingkungan atawa ngarugikeun nu lian, hartina kudu wijaksana.
Atawa, ulah kurung batok. Maksudna kudu daek ngalegaan wawasan jeung kanyaho, lamun perlu kaluar ti lembur sorangan. Naon bedana ajaran ieu jeung `uthlubul `ilma wa lao bisysyin geura teangan elmu sanajan ka nagri Cina. Nya jauh, katurug-turug waktu hadits eta disaurkeun Cina the tacan kaasupan Islam. Aya paribasa Sunda anu ayeuna sering pisan dicutat dina pidato atawa tulisan, malah sering disebut puncakna falsafat Sunda anu unina silih asih, silih asuh, silih asah, anu hartina silih pikanyaah kalayan lillahi ta'ala, silih ayunkeun atawa silih salametkeun jeung silih simbeuh ku pangarti. Lamunn ku urang ditengetan kalawan leleb, dirarasakeun kalawan anteb, da moal henteu, pasti tepi kana kasimpulan naon bedana ajaran anu aya dijerona teh jeung ajaran Islam rahmatan lil `aalamiin, mawa kahadean, kasalametan jeung rahmat kasakuliah alam. Loba urang Sunda anu reueus ku rarasaan Sunda teh Islam. Islam teh Sunda. Teu salah-salah teuing da puguh samemeh Islam datang oge Sunda mah geus Islam.

Tina katerangan di luhur anu sanajan samporet muga-muga urang henteu kaliru lamun nyindekkeun jadi diri Prabu Siliwangi jeung jatidiri Sunda jaman harita. Jatidiri Prabu Siliwangi teh, nyakitu deui jatidiri sabagean gede rakyat Sunda harita, Taat ka Allah, ngawasa dua rupa elmu, nyebarkeun kahadean jeung kasalametan ka mana-mana. Sunda jaman ayeuna oge lamun hayang luhur martabatna kudu ngabogaan jatidiri kitu. Teu bisa henteu, urang Sunda anu ngabogaan jatidiri kitu, ku basa buhun mah mun anu ngarora disebut pandita sinatria. Cek basa Sunda pawayangan lalaki langit lalanang jagat. Cek basa Sunda modern, patriot-patriot anu religius. Pertanyaan Kumaha Ari Ki Sunda ? jawabna : Ki Sunda baheulla teh satria pinandita jeung pinandita sinatria. Sunda jaman ayeuna kudu jaradi lalaki langit lalanang jagat.

Nyambung ti Saha jeung kumaha ari Prabu Siliwangi ?......

Saha ari seke-seler Ki Sunda ?

Lamun urang nyebut Sunda, anu dimaksud bangsa Sunda umumna. Tapi lamun geus nyebut Ki Sunda, anu dimaksud leuwih ngariut, khusus urang Sunda anu istimewa, anu ngabogaan sipat khusus, anu pantesna ngabogaan jati diri Sunda. Jadi lamun ditanya saha seke seler KiSunda, maksudna urang Sunda anu ngabogaan jatidiri urang Sunda baheula, nyaeta para satria pinandita atawa pinandita sinatria atawa lalaki lalanang jagat tea. Ssaha eta teh ?
Sateuacan ngahiang Prabu Siliwangi kantos ngariungkeun baladna sarta ngembarkeun yen lalakon Pajajaran ngan tepi ka poe harita. Kulantaran anjeunna teue kersaeun nyandak rakyat balangsak, anjeunna maparin opat pilihan. Masing-masing bebas milih nurutkeun kahayangna.
Pilihan kahiji, anu rek tetep satia ka anjeunna supaya misah di beulah kidul.
Pilihan kadua, anu rek baralik deui ka nagara anu arek ditinggalkeun supaya ngariung di beulah kaler.
Pilihan katilu, anu rek kumawula ka anu keur jaya, supaya ngumpul dibeulah wetan.
Pilihan kaopat, anu moal milu ka saha-saha supaya ngumpul di beulah kulon.
Anu milih kadua, katilu jeung kaopat ku anjeunna ditorah. Saurna, anu nyokot pilihan kadua, anu ngumpul di beulah kaler, bakal jaradi somah. Lamun aya oge anu luhur pangkat moal boga kakawasaan. Bakal kaseundeuhan ku batur anu sarusah jeung anu nyusahkeun. Golongan ieu, kitu ge anu hade laku lampahna tur butuheun, sawaktu-waktu baris dilanglang ku anjeunna dibantuan ngungkulan kasusahna.
Anu nyokot pilihan katilu, anu misahkeun maneh di beulah wetan, saur anjeunna, bakal milu jaya jeung anu kawasa, bakal marentah dulur sorangan jeung ka batur jeung bakal kamalinaan. Antukna bakal narima wawalesna. Sedeng anu milih anu kaopat, anu ngariung di beulah kulon, anu moal milu kasasaha, diparentahkeun sangkan jaradi ahli sajarah, nyukcruk galur mapay laratan urang Sunda nyingraykeun tapak-lacak Ki Santang, terus jadi juru geuing ka batur salembur, dulur sauyunan, ka sakabeh anu rancage dina hatena. Anu milih tetep satia ka anjeunna mah henteu disabit-sabit.
Nilik kana sipat pilihan jeung ramalan anjeunna, sigana anu milih kawetan mah, anu rek biluk ka anu kawasa moal bisa disebut Ki Sunda da sidik geun ninggalkeun jati diri Sunda. Anu milih ka beulah kaler najan masih bisa disebut seke seler Sunda, tapi kaasup golongan anu lemah an henteu boga kakawasaan, anu baris sarusah hirupna. Kaayaanana jauh tina implengan ajeunna, tepi ka perlu dilanglang ku kanyaah anjeunna jeung baris dibantuan. Kitu ge ukur anu hade laku lampahna.
Anu milih ka lebah kulon, diparentahkeun jeung diramalkeun bakal jadi kaum terpelajar urang Sunda, khususna dipentes jadi ahli sajarah kasundaan anu boga kawajiban ngelingan dulur jeung batur batur salembur jeung batur anu kungsi sauyunan, ka sakabeh anu rancage dina hatena. Anu dina hatena aya rasa hormat, reueus, nineung jeung nyaah ka anjeunna, aya keneh kadaek najan bari hese beleke ngajalankeun ajaranana. Golongan ieu jeung turunanana bisa disebut seke-seler Ki Sunda.
Nu milih tetep satia mah, anu misahkeun maneh di beulah kidul, henteu disabit-sabit. Tapi ku urang bisa kabaca yen satiana the lahir batin tanpa pamrih. Teu keueung ku kabalangsakan anu digambarkeun ku anjeunna. Jumlahna pasti saeutik pisan dibandingkeun jeung anu sejenna. Malah dijumlahkeun jeung anu milih ka kulon oge tetep jauh leuwih saeutik batan anu kakaler jeung ka wetan dihijikeun. Jumlah anu saeutik, tur bisa dianggap ngawakilan balarea, jaman ayeuna mah disebut kaum elit. Jadi. Ki Sunda teh elitna urang Sunda. Seke seler Ki Sunda elitna urang Sunda kiwari anu kudu ngabogaab jatidir Sunda seperti anu dicontoan tur diajarkeun ku Prabu Siliwangi : satria pinandita, pandita sinatria atawa lalaki langit lalanang jagat. Lamun para elit Sunda ngabogaan jatidir ieu, teu mustahil Sunda geus luhung martabatna ti beh ditu keneh, moal kokosodan bari rumahuh kawas ayeuna

Comments

Popular posts from this blog

NGARAN PAPARABOTAN JEUNG PAKAKAS

Masrahkeun Calon Panganten Pameget ( Conto Pidato )

Sisindiran, Paparikan, Rarakitan Jeung Wawangsalan katut contona