RIWAYAT TI MAJALAYA DÉSA NAGRAK TEMPAT NIISNA PRABU SÉDA
- Get link
- X
- Other Apps
Kintunan : Kang Aan Merdeka Permana
URANG Désa Nagrak Kacamatan Pacét, Kabupatén Bandung, loba anu henteu
arapaleun yén di antara maranéhna aya turunan Prabu Séda atawa Prabu
Ragamulya Suryakancana ti Putri Parahitra Suliyasahri, ti Karajaan
Parung Kuyah. Ari éta karajaan téh perenahna di Gunung Manik, Désa
Nagrak.
DI wewengkon Majalaya tebéh kidul, aya désa nu
katelahna Nagrak, kaéréh ka Kacamatan Pacét. Keur ukuran jaman ayeuna,
éta tempat téh teu penting-penting teuing, da euweuh hal-hal anu
has.Masarakatna sawaréh tani, sawaréh jadi pagawé jeung lolobana arusaha
ka kota. Ngan baé mun mireungeuh mangsa ka tukang, tétéla di éta
wewengkon, dipaké tempat penting keur jalma-jalma penting jaman baheula.
Contona baé, ka éta tempat téh, baheula jauh ka baheula, Prabu Séda
atawa Prabu Raga Mulya Suryakancana raja pamungkas Pajajaran (1567-1579)
remen ngayakeun lalampahan ti Karaton Pakuan ka dinya. Naha?
“Margi baheula jauh ka baheula di Nagrak, kantos aya karajaan anu
katelahna Karajaan Parung Kuyah,” ceuk urang Nagrak. Éta téh karajaan
leutik nu kaéréh ka Pajajaran. Prabu Séda, remen ngayakeun lalampahan ka
éta karajaan, ngadon niiskeun pikir. Tonggoheun makam kuna baheula aya
balé paniisan, perenahna di Salaawi, tempat Kangjeng Prabu niiskeun
pikir.
Di hiji mumunggang tengah sawah, sisieun Ci Tarum, aya
makam kuna dua. Nu hiji cenah makamna Éyang Radén Suryakancana, hiji
deui, makam istrina, Putri Parahitra Suliyasahri. Ka dieunakeun, bréh
baé écés yén anu dimaksud Éyang Radén Suryakancana téh, taya lian iwal
ti Prabu Ragamulya Suryakancana, raja Pajajaran pamungkas téa.
“Tiasa janten kitu, margi di ieu tikungan anu nanjak téh ayeuna
katelahna Lawang Gintung,” ceuk Ujang (45) nu aktip dina ngokolakeun
nonoman di désana. Ari kasebutna lawang gintung mah, pasti aya patalina
jeung karaton. Kapan posisi karaton-karaton di Sunda téh baheula kitu.
Nyaéta aya lawang gintung, aya lawang sakéteng atawa aya lawang
bangogong.
Ceuk Ujang, lamun aya ngaran-ngaran anu kasebut di luhur kitu, pasti di dinya aya karajaan.
Kolot-kolot baheula di dinya, nyebutkeun yén Parung Kuyah dirajaan ku
Prabu Surgia Dandang. Ngadeg salila Pajajaran aya kénéh. Malah sawaktu
Pajajaran nu dipingpin ku Prabu Séda aya kénéh gé ari Karajaan Parung
Kuyah mah geus carem. Caremna lain duméh dirurug musuh tapi alatan nu
jadi raja maot ku kakolotan, tapi teu boga turunan.
“Nu aya
harita mah, mung raina, istri saurang, namina Parahitra Suliyasahri. Éta
istri ditikah ku Prabu Séda janten selir kaopat. Ku margi istri
dianggap teu pantes janten raja, atuh nu ngadalikeun éta karajaan téh
nya ku Prabu Séda. Namung da kitu gé Parung Kuyah téh henteu
dibabandingkeun sareng hiji karajaan. Mung tibang aya baé,” ceuk
masarakat.
Waktu Pajajaran burak, Prabu Séda gé kungsi nyamuni
di éta tempat. Ku sabab ku musuh hantem dibeberik, atuh inyana
maréntahkeun wadiabaladna pikeun ngadamel makam. Éta makam dijaga ku
ponggawa anu ngadegkeun pasanggrahan di sisieun Citarum, lebakeun
“makam” téa, katelahna Galuh Sangkuan.
“Anu leres makam mah,
nyaéta makamna selir Kangjeng Prabu Séda, nyaéta Ratu Parahitra
Suliyasahri, dipusarakeun di gédéngeun makam Prabu Séda,” ceuk masarakat
deui. Ratu Parahitra Suliyasahri loba ngarundaykeun turunan di éta
tempat. Ngan baé henteu kabéh urang Nagrak apaleun yén maranéhna turunan
Prabu Séda ti Putri Parahitra Suliyasahri.
AMANAT PRABU SEDA KEUR URANG NAGRAK MAJALAYA
NAGRAK téh hiji lembur di wewengkon Majalaya. Nagrak jembar ku harti.
Na’ hartina sarsilah, grak hartina rusiah. Harti sagemblengna, sarsilah
anu dirusiahkeun. Iraha éta rusiah kabukana, éta mah gumantung ka urang
Nagrakna sorangan, daék muka rusiah atawa henteuna
.
Ngan nu écés, mun neuleuman pangalaman Prabu Séda waktu dibeberik ku musuh, ieu tempat téh kaasup wewengkon anu dirusiahkeun.
“Tapi kaula datang ka dieu lain nyumput, lain sieun, atawa lain
kabur,” saur Prabu Séda anu ditepikeun sacara turun-tumurun ku
rundayanana. Ceuk sakaol, Prabu Séda bumetah di éta tempat, geus tara
maké pakéan karajaan. Cukup ku pakéan sarwa bodas, rambut digelung jeung
dibengker ku kaén bodas, ngan ari nyorénkeun keris mah tetep.
Prabu Surgia Dandang, raja Karajaan Parung Kuyah, kacida ajrihna ka
Prabu Séda. Nu matak, sawaktu Kangjeng Prabu masihan nami ka éta tempat
(Nagrak), ku Prabu Surgia Dandang kacida diéstokeunana.
Ka urang Nagrak katut sabudeureunana, Prabu Séda masihan amanat, kieu:
Haté curingkak, ragawi patulak
Walas alang singlar
Piheunjeureun reureuh ka nu si balung
Nincak cindeten
Léngkah bareuh.
Maksud sabeuleugeunjeurna: kahayang haté kudu luyu jeung kamampuh.
Kudu sanggup nyinglarkeun nu goréng-goréng. Engké saeutik-saeutik bakal
kahontal naon anu dipimaksud. Sabab lamun sagalana kurang sampurna,
cicing teu karasa untung, maju kalahka rugi.
Saur Prabu Séda,
ciri-ciri pamingpin kudu jiga Prabu Surgia Dandan Raja Karajaan Parung
Kuyah, nyaéta wijaksana, leubeut ku kaasih, boga wibawa kasundaan jeung
haté anu teu sieun ku nanaon. *** Dicutat tina Majalah Sasakala Sunda
Ujung Galuh.
Keterangan gambar : Kayaan Majalaya taun 1936 (wikipedia)
URANG Désa Nagrak Kacamatan Pacét, Kabupatén Bandung, loba anu henteu arapaleun yén di antara maranéhna aya turunan Prabu Séda atawa Prabu Ragamulya Suryakancana ti Putri Parahitra Suliyasahri, ti Karajaan Parung Kuyah. Ari éta karajaan téh perenahna di Gunung Manik, Désa Nagrak.
DI wewengkon Majalaya tebéh kidul, aya désa nu katelahna Nagrak, kaéréh ka Kacamatan Pacét. Keur ukuran jaman ayeuna, éta tempat téh teu penting-penting teuing, da euweuh hal-hal anu has.Masarakatna sawaréh tani, sawaréh jadi pagawé jeung lolobana arusaha ka kota. Ngan baé mun mireungeuh mangsa ka tukang, tétéla di éta wewengkon, dipaké tempat penting keur jalma-jalma penting jaman baheula.
Contona baé, ka éta tempat téh, baheula jauh ka baheula, Prabu Séda atawa Prabu Raga Mulya Suryakancana raja pamungkas Pajajaran (1567-1579) remen ngayakeun lalampahan ti Karaton Pakuan ka dinya. Naha?
“Margi baheula jauh ka baheula di Nagrak, kantos aya karajaan anu katelahna Karajaan Parung Kuyah,” ceuk urang Nagrak. Éta téh karajaan leutik nu kaéréh ka Pajajaran. Prabu Séda, remen ngayakeun lalampahan ka éta karajaan, ngadon niiskeun pikir. Tonggoheun makam kuna baheula aya balé paniisan, perenahna di Salaawi, tempat Kangjeng Prabu niiskeun pikir.
Di hiji mumunggang tengah sawah, sisieun Ci Tarum, aya makam kuna dua. Nu hiji cenah makamna Éyang Radén Suryakancana, hiji deui, makam istrina, Putri Parahitra Suliyasahri. Ka dieunakeun, bréh baé écés yén anu dimaksud Éyang Radén Suryakancana téh, taya lian iwal ti Prabu Ragamulya Suryakancana, raja Pajajaran pamungkas téa.
“Tiasa janten kitu, margi di ieu tikungan anu nanjak téh ayeuna katelahna Lawang Gintung,” ceuk Ujang (45) nu aktip dina ngokolakeun nonoman di désana. Ari kasebutna lawang gintung mah, pasti aya patalina jeung karaton. Kapan posisi karaton-karaton di Sunda téh baheula kitu. Nyaéta aya lawang gintung, aya lawang sakéteng atawa aya lawang bangogong.
Ceuk Ujang, lamun aya ngaran-ngaran anu kasebut di luhur kitu, pasti di dinya aya karajaan.
Kolot-kolot baheula di dinya, nyebutkeun yén Parung Kuyah dirajaan ku Prabu Surgia Dandang. Ngadeg salila Pajajaran aya kénéh. Malah sawaktu Pajajaran nu dipingpin ku Prabu Séda aya kénéh gé ari Karajaan Parung Kuyah mah geus carem. Caremna lain duméh dirurug musuh tapi alatan nu jadi raja maot ku kakolotan, tapi teu boga turunan.
“Nu aya harita mah, mung raina, istri saurang, namina Parahitra Suliyasahri. Éta istri ditikah ku Prabu Séda janten selir kaopat. Ku margi istri dianggap teu pantes janten raja, atuh nu ngadalikeun éta karajaan téh nya ku Prabu Séda. Namung da kitu gé Parung Kuyah téh henteu dibabandingkeun sareng hiji karajaan. Mung tibang aya baé,” ceuk masarakat.
Waktu Pajajaran burak, Prabu Séda gé kungsi nyamuni di éta tempat. Ku sabab ku musuh hantem dibeberik, atuh inyana maréntahkeun wadiabaladna pikeun ngadamel makam. Éta makam dijaga ku ponggawa anu ngadegkeun pasanggrahan di sisieun Citarum, lebakeun “makam” téa, katelahna Galuh Sangkuan.
“Anu leres makam mah, nyaéta makamna selir Kangjeng Prabu Séda, nyaéta Ratu Parahitra Suliyasahri, dipusarakeun di gédéngeun makam Prabu Séda,” ceuk masarakat deui. Ratu Parahitra Suliyasahri loba ngarundaykeun turunan di éta tempat. Ngan baé henteu kabéh urang Nagrak apaleun yén maranéhna turunan Prabu Séda ti Putri Parahitra Suliyasahri.
AMANAT PRABU SEDA KEUR URANG NAGRAK MAJALAYA
NAGRAK téh hiji lembur di wewengkon Majalaya. Nagrak jembar ku harti. Na’ hartina sarsilah, grak hartina rusiah. Harti sagemblengna, sarsilah anu dirusiahkeun. Iraha éta rusiah kabukana, éta mah gumantung ka urang Nagrakna sorangan, daék muka rusiah atawa henteuna
.
Ngan nu écés, mun neuleuman pangalaman Prabu Séda waktu dibeberik ku musuh, ieu tempat téh kaasup wewengkon anu dirusiahkeun.
“Tapi kaula datang ka dieu lain nyumput, lain sieun, atawa lain kabur,” saur Prabu Séda anu ditepikeun sacara turun-tumurun ku rundayanana. Ceuk sakaol, Prabu Séda bumetah di éta tempat, geus tara maké pakéan karajaan. Cukup ku pakéan sarwa bodas, rambut digelung jeung dibengker ku kaén bodas, ngan ari nyorénkeun keris mah tetep.
Prabu Surgia Dandang, raja Karajaan Parung Kuyah, kacida ajrihna ka Prabu Séda. Nu matak, sawaktu Kangjeng Prabu masihan nami ka éta tempat (Nagrak), ku Prabu Surgia Dandang kacida diéstokeunana.
Ka urang Nagrak katut sabudeureunana, Prabu Séda masihan amanat, kieu:
Haté curingkak, ragawi patulak
Walas alang singlar
Piheunjeureun reureuh ka nu si balung
Nincak cindeten
Léngkah bareuh.
Maksud sabeuleugeunjeurna: kahayang haté kudu luyu jeung kamampuh. Kudu sanggup nyinglarkeun nu goréng-goréng. Engké saeutik-saeutik bakal kahontal naon anu dipimaksud. Sabab lamun sagalana kurang sampurna, cicing teu karasa untung, maju kalahka rugi.
Saur Prabu Séda, ciri-ciri pamingpin kudu jiga Prabu Surgia Dandan Raja Karajaan Parung Kuyah, nyaéta wijaksana, leubeut ku kaasih, boga wibawa kasundaan jeung haté anu teu sieun ku nanaon. *** Dicutat tina Majalah Sasakala Sunda Ujung Galuh.
Keterangan gambar : Kayaan Majalaya taun 1936 (wikipedia)
- Get link
- X
- Other Apps
Comments
Post a Comment
Saumpamina aya nu peryogi di komentaran mangga serat di handap. Saran kiritik diperyogikeun pisan kanggo kamajengan eusi blog.