Pawayagahan (carita aheng) KAUSAP KOROD

Kintunan : Kang asep idjuddin

Kasangtukang
Di Bandung aya ngaran jalan Dipati Ukur, nu can kapanggih di kota-kota sejen di Tatar Sunda, boa ngan hiji-hijina sadunya. Saha atuh Dipati Ukur teh? Bureng bin poek, matak ngahudang kapanasaran. Inget-inget poho, keur kuring di SD kelas 4 (1959), kungsi pun biang ngadongeng Rd. Dipati Ukur, cenah makamna di Kabuyutan, deukeut sasak kareta api, antara Soreang-Ciwidey. Nincak ka kelas 6 (1961), kuring kungsi maca buku kandel “Carita Dipati Ukur”, nu ngagoler dina meja tulis di kamar pun bapa. Les we poho deui. Ka behdieunakeun, basa kuring jadi wartawan majalah PIP Jakarta. Kungsi ngadenge dongeng Dipati Ukur, ti Pa Letkol (purn) RH Lily Sumantri (Bupati Bandung manten), cenah Dipati Ukur teh perang jeung Mataram, katewak di gunung Rakutak (tempat katewakna pamingpin DI/TII, Kartosuwiryo, 1962) deukeut Pangalengan. Makamna di Baleendah, da cenah Baleendah (Pabuntelan?) teh urut puseur ayeuh kabupaten Bandung, wewengkon Dayeuhkolot.
Ngadenge deui dongeng Pa Atja,suargi, memeh kuliah di rohang K Fasa-Unpad, 1979. Akur jeung dongeng Kang Saleh Danasasmita, suargi, di rohang redaksi Mangle, 1980. Cenah Dipati Ukur teh, bentrok jeung Mataram, katewak di gunung Lumbung, deukeut Cililin, dibabandan ka Mataram (Jogja), ditunggel jangga di alun-alun Mataram. Tangtu dikuburna ge di Mataram. Kungsi ngadenge dongeng Pa Endan Wirasasmita, suargi, di bumi Pa Yuyun Wirasasmita (Rektor Unpad manten), di Setrasari, cenah Dipati Ukur teh jenengan aslina Wongsonoto, salahsaurang panglima Mataram, nu nikah ka Nyi Gedeng Ukur (dalem Bandung) dina raraga eksvansi. Lieur. Tapi beuki kataji, sabab karasa aya nu disumputkeun. Nyaritakeun figure pamingpin Sunda, nu luhur elmu gede wawanen limpas pangabisa, punjul lingga papak, tangoh nyekel bebeneran lir karang curi laut kidul, nu sayaga dibabad galura, bet disimbutan.

Ka dieunakeun, maca desertasi Edi S. Ekadjati, suargi, “Carita Dipati Ukur Karya Sastra Sejarah Sunda” (1979), desertasi Emuch Herman Sumantri “Sejarah Sukapura, Sebuah Telaah Filologis” (1979). “Nagara Kerta Bumi I.5” (Disebut naskah Pangeran Wangsakerta(1980) hasil panalungtikan Pa Atja, Kang Saleh Danasasmita, jeung Kang Ayatrohaedi (tiluanana parantos tilar dunya). Pareng ka pabukon Geologi Bandung taun 1981, manggih TBG (Tijdscrhift Voor Indische Taal-land-en Volkenkunde. Uit Gegeven door het koninlijk Bataviaasch Genootchap Van Kunsten en Wetenschappen), aya pedaran tina catetan VOC ngeunaan Dipati Ukur. Taun 2002 manggih buku ipis”Mengenal Dalem Kawasen”, tulisan Drs. Djenal Abidin (2001), nembrakeun naon sababna Dipati Ukur ngabaruntak ka Mataram.

Kakara rada lengkep tah kaweruh ngeunaan Dipati Ukur teh, tapi angger can buled, masih loba keneh kapanasaran, ngan kaharti naon sababna kolot-kolot nyaritakeun Dipati Ukur teu sageplakna (kawasna sieun ku kalangkang Sultan Agung di puseurdayeuh nagara?). Alusna sajarah mah ulah disumput-sumput, keun we da peristiwana dipandang kalawan rasional tur dewasa,bari sadar kana ugeran NKRI.
Sumebarna Islam jeung Pangaruh Mataram ka Tatar sUNDA. Karajaan Galuh, nu diadegkeun taun 612 ku Wretikandayun, dina auban karajaan Tarumanagara , tahun 1528 ditalukkeun ku karajaan Islam Cirebon. Samemehna, kira taun 1524, datang Fadhilah Khan (letah Portugis nyebutna Faletehan) ka Cirebon. Inyana putra sultan Huda ti Samudra Pasai. Sabada diangkat jadi panglima prajurit Demak, ku sultan Trenggono, Faletehan dibere pancen nyebarkeun Islam di wewengkon Pajajaran, mantuan Syarief Hidayatullah. Cirebon.
Gabungan prajurit Demak,Cirebon, bisa ngawasa Banten dina taun 1526. Nyakitu deui Sundakalapa, palabuan Pajajaran dikawasa dina taun 1527.Karajaan Hindu Talaga, ditalukkeun taun 1529, pamanggul juritna (panglima Islam)Pangeran Walangsungsang (putra Prabu Siliwangi ti Nyi Subanglarang). Malah puseur dayeuh karajaan Sunda di Pakuan, runtag taun 1579 ku gabungan prajurit Demak, Cirebon jeung Banten (Sabada Prabu Siliwangi pupus/tilem, taun 1521 M.). Tah ku bisa hasilna nalukkeun sababaraha karajaan, nepi ka arasup Islam, bray we muka, lawang pikeun Mataram ngawasa Tatar Sunda.
Tanggal 30 Mei 1619, VOC datang ngalindih Jakarta. VOC nu mangrupa kongsi dagang, kacida pisan gancang majuna, campur sarakah, nepi ka sababaraha wewengkon Mataram di Sunda, dijieun wewengkon monopoli. Tangtu we ieu perkara teh mendet tataniaga Mataram. Sultan Agung nu keur ngawasa (1613-1645), ngarasa dirugikeun ku polah VOC. Nya dina taun 1628 Mataram ngajorag VOC di Batavia. Gagal.

Dipati Ukur Ngabaruntak
Tanggal 12 Juli 1628, datang utusan Mataram ka Timbanganten (Tatar Ukur). Mawa surat tugas ti Sultan Agung, sangkan Adipati Wangsanata disebut oge Wangsataruna alias Dipati Ukur, mingpin pasukan (panglima) nu kudu ngajorag VOC di Batavia. Bulan Oktober katompernakeun taun 1628, Pasukan Sunda miang ka medan perang. Aya perjangjian, yen pasukan Sunda kudu ngadagoan pasukan Jawa di Karawang. Kulantaran geus saminggu pasukan Jawa teu embol-embol, Dipati Ukur hariwang bisi pasukan Jawa lila keneh datangna. Pasukan Jawa dianggap jalir jangji udar tina subaya.Kumaha mun saminggu deui pasukan Jawa teu datang, tangtu bakal mangaruhan kana sumanget tempur prajurit Sunda, di sagigireun bekel (logistik) kaburu ngipisan.Nya mutuskeun yen pasukan Sunda indit tiheula ka Batavia, ngagempur VOC, bari ngadagoan pasukan Jawa. Kakara dua poe pasukan Sunda ngagempur VOC, pasukan Jawa datang ka Karawang. Nempo pasukan Sunda euweuh, Bahureksa kasigeung asa teu dihargaan. Nimbulkeun gesekan nepika patelak antara pasukan Sunda jeung Jawa. Padahal harita pasukan Sunda keur unggul perang ngalawan VOC. Pasukan Sunda jadi nyanghareupan dua lawan, nya eta pasukan VOC jeung pasukan Jawa. Keur paciweuh kitu, ti dayeuh ukur, aya nu datang, mawa surat ti Enden Saribanon (istri Dipati Ukur). Yen mojang-mojang rahayat, istri-istri para panganggung, malah dirina oge digadabah ku panglima utusan Mataram sabaladna, nu nepika poe eta (sabada nganteurkeun surat ti Sultan Agung) can marulang ka Jawa, alesanana istirahat heula. Katerangan liana datang ti nu mawa iber, yen lain ukur mojang jeung para istri, tapi harta banda rahayat jeung pangangung tatar Ukur, dirampas. Taya nu wani ngalawan ka para utusan Mataram teh, sabab keur nyekel pancen penting ti Sultan Agung. Musibah gede.
Ku dua perkara eta (patelak jeung Bahureksa, jeung musibah di kabupaten akibat kalakuan para utusan Mataram), Dipati Ukur sabaladna mulang ka Pabuntelan (puseurdayeuh Tatar Ukur, di wewengkon Baleendah-Dayeuhkolot, ayeuna). Dipati Ukur nu bendu ngagugudug, ngarasa dihina ku utusan Mataram, sadatangna ka Pabuntelan. Langsung mere hukuman pati ka para utusan Mataram nu milampah nirca. Aya saurang nu ngalolos.

Geus kasawang, laporan nu nepi ka Sultan Agung, boh ti Bahureksa, atawa ti utusan nu lolos tina hukuman Dipati Ukur, pasti ngagogoreng jeung nyalahkeun Dipati Ukur.
Dina Nagara Kerta Bumi, disebutkeun yen salahsahiji watek (karakter) Sultan Agung, mun mere pancen ka bawahan, eta pancen teu meunang gagal. Mun gagal, resikona pasti di hukum pati. Bahureksa panglima Mataram,boga kasempetan pikeun ngabeladiri,nepakeun jurig pateuh, sagala kasalahan nu ngakibatkeun gagalna pertempuran ngalawan VOC, diteumbleuhkeun ka Dipati Ukur. Jadi Bahureksa salamet tina hukuman.

Ku mundurna Dipati Ukur, jadi karugian gede keur Mataram, sabab;
1. Leungitna kakuatan pasukan,
2. Taya ahli siasat perang (Abidin,2001:30)

Sultan Agung nyahoeun Dipati Ukur ahli stretegi perang,buktina tanpa pasukan Jawa, Pasukan Sunda meh bisa ngelehkeun VOC. Pasukan Sunda mundur teh, ngakibatkeun gagalna Mataram ngarebut Batavia. Sultan Agung nganggap Dipati Ukur jadi sabab elehna Mataram ku VOC. Matak Dipati Ukur dicap baha, ngabaruntak ka Mataram. Jadi kudu dihukum, mun perlu kudu dihukum pati.

Dina kaayaan kitu, Dipati Ukur sadar, yen inyana kudu nyanghareupan Mataram. Nya sakur bupati bawahanana (Dipati Ukur panglima perang), kayaning bupati Karawang, Ciasem, Sagalaherang Taraju, Sumedang, Pamanukan,Limbangan, Malangbong, Batulayang, Medangsasigar, Jaba ti bupati aya sababaraha umbul nu diajak: Ki Mananggel umbul Cianjur, Ujang Sara umbul Indihiang, Demang (Camat) Sawunggata,jeung Ngabehi Yudakerta ti Taraju, diajak ngabebaskeun diri ti Mataram, jadi kabupaten nu mandiri. Eta ajakan nimbulkeun pro jeung kontra. Nu teu satuju kana maksud Dipati Ukur, di antarana; Ki Somahita ti Sindangkasih, Ujang Sara ti Indihiang, Ki Astamanggala ti Cihaurbeuti, jeung Ki Wirawangsa ti Sukakerta. Kapikir ku Dipati Ukur, jaba ti nyanghareupan Mataram teh, kudu nyangharepan papada urang Sunda. Ahirna Sultan Agung mere pancen ka Cirebon, jeung kabupaten/umbul nu teu satujueun ka Dipati Ukur, sangkan newak Dipati Ukur, dipingpin ku Tumenggung Narapaksa ti Mataram. Sabada rempugan, saurang ge taya nu sanggup nyanghareupan Dipati Ukur teh, nya menta tulung ka Bagus Sutapura, hiji nonoman nu luhur elmu tur gede wawanen, putra bupati Kawasen, wewengkon Galuh.

Sanggeus Dipati Ukur kabandan, dibawa ka Cirebon, ti dinya dijogrogkeunkeun ka Mataram. Dihukum pati di alun-alun Mataram. Teu kasawang, ku teknologi patalimarga jaman harita, jeung kumaha sieunna rahayat Sunda ku Sultan Agung,moal aya nu wani nyokot layon Dipati Ukur ,pikeun dikubur di tanah Sunda.

Kakawasaan Mataram di Sunda beuki jero napakna. Utamana di basisir kaler, loba pasukan Mataram nu teu baralik deui, tapi bumen-bumen, karawin ka urang dinya. Pikeun kahirupan, sesa prajurit Mataram teh, nyarieun sawah di Karawang. Padahal umumna di tatar Sunda mah harita ngahuma. Gorehel weh katangen, kacatet dina sajarah, aya tilu manusa Sunda Linuhung, nu wani ngorbankeun dirina demi kayakinan jeung ajen diri; Prabu Maharaja Linggabuana (aki buyutna Prabu Siliwangi) gugur di Bubat, Dipati Ukur, jeung R Otto Iskandar Di Nata (Si Jalakharupat). Kawas nu kajiwaan sumpah Bubat, nu unina: Nihan ta wuwusna rudiarana iking Bubat shaba, namung ksatriya Sunda tan atemahan ring nagara padajaya mami. (Najan banjir getih bedah di palagan Bubat, cadu ajen diri ksatrya Sunda ,ruksak di lemah cai sorangan.). Cag.

Daftar Bacaan:
1. Atja,Drs.jeung Ayatrohaedi,Dr. Nagara Krtabhumi ,Sundanologi,1986,Bandung
2. Djenal,Abidin,Drs.,Mengenal Kadaleman Kawasen,YPI Al Hidayah,2001,Ciamis.
3. Ekadjati,Suhardi,E,Dr.Carita Dipati Ukur Karyasastra Sejarah Sunda,Desertasi,UI,1979,Jakarta.
4. ———-,dkk.Sejarah Revolusi Kemerdekan Daerah Jawa Barat, Proyek Inventarisasi dan Dokumentasi Kebudayaan Daerah,1980/81,Bandung.
5. Hermansumantri,Emuch,Dr,Sejarah Sukapura Sebuah Telaah Filologis,Desertasi, UI,1979,Jakarta.
nu nulis, wartawan,sastrawan,budayawan Sunda

Comments

Popular posts from this blog

NGARAN PAPARABOTAN JEUNG PAKAKAS

Masrahkeun Calon Panganten Pameget ( Conto Pidato )

Sisindiran, Paparikan, Rarakitan Jeung Wawangsalan katut contona