TATARUCINGAN YU..?

Nyanggakeun ieu tatarucingan, étang-étang hiburan wé. Ka nu badé ngawaler, mangga baé serta dina komentar, luyu jeung nomerna. Jawaban nu leres (nu teu leres gé) engké dipasihan hadiah. Hadiahna du'a wé nya, mugia sing panjang yuswa, sing ageung rejeki, sing laksana naon nu dipikahoyong, sing salamet dunya ahérat. Amin.
Ieu sisindiran kénging nyutat tina buku Tatarucingan, Yu yasana Hadi AKS (Pamulang, 2006).

  1. Maké baju bodas lain dokter, make topi héjo lain tentara. Naon?
  2. Hayam naon anu sukuna sarébu?
  3. Diubek ditéangan, geus kapanggih dipiceun. Naon?
  4. Naon sababna lamun tumpak mobil sok nundutan?
  5. Sato naon anu teu bisaeun mundur?
  6. Bangku naon anu bisa didahar?
  7. Cing pangnyebutkeun 5 rupa ngaran bungbuahan anu sok didahar, sakali nyebut!
  8. Batu naon anu teu aya di cai?
  9. Oray naon anu teu bisaeun ngaléor?
  10. Jalma naon nu sukuna tilu panonna opat?
  11. Di luar konéng, di jero bodas, nu apaleun monyét.
  12. Hayam naon anu sukuna hiji?
  13. Bapana udud, indungna nyeuseuh, anakna ceurik.
  14. Gajah tumpak béca, gedé naonna?
  15. Baso dibalikkeun jadi naon?
  16. Awakna leutik pisan, sirahna gedé pisan.
  17. Nini-nini bongkok kumaha saréna?
  18. Piring naon anu bisa dipaké nempo bulan?
  19. Manuk naon anu jangjangna dina suku, sirahna dina suku?
  20. Naon sababna ban mobil tina karét?
Tarucing dina wanda wawangsalan

  1. Abdi mah caruluk Arab, henteu tarima téh teuing.
  2. Abdi téh sok ngembang kawung, inggis teu ngareunah teuing.
  3. Abdi téh kapiring leutik, kaisinan ku gamparan.
  4. Ajag désa basa Jawa, naha bet kalangsu teuing.
  5. Alun-alun lamping pasir, bulak-balik siang wengi.
  6. Anak beurit dina karung, kapan Endén mundunt encit.
  7. Anak sapi leutik kénéh, tingsérédét kana ati.
  8. Beulit cingir simpay réma, ulah lali ka sim abdi.
  9. Belut sisit saba darat, kapiraray siang wengi.
  10. Renyu lambey wiru biwir, siang wengi kapiémut.

Comments

Popular posts from this blog

NGARAN PAPARABOTAN JEUNG PAKAKAS

Masrahkeun Calon Panganten Pameget ( Conto Pidato )

Sisindiran, Paparikan, Rarakitan Jeung Wawangsalan katut contona