Rupa - rupa Diuk

Andegleng = diuk ajeg tumaninah dina korsi
Andeprok = emok rekep (awewe)
Anjeucleu = diuk ngeunah-ngeunah di tempat nu rada luhur (dina tonggong munding, kuda, jste)
Campego = cingogo kawas aya nu didagoan
Candeluk = diuk sabaraha lilana kawas aya nu didagoan
Cangogo/ cingogo = nagog, peta saperti nu keur bubuang
Emok = diuk awewe, sukuna duanana ditikelkeun semu ka gigir, ditindihan ku dua pingping
Emok cabok = emok nu pingpingna dipatumpangkeun
Nagog = cingogo
Nanggeuy gado = diuk biasa ngan leungeun sabeulah dipake nanggeuy gado, biasana keur ngalamun atawa bararingng pipikiran
Ngabaheuhay = diuk nyanghunjar bari suku direnggangkeun, biasana lantaran cape
Ngebebengkong = diuk lila rada semu bengkung, bari nganggur
Ngalageday/ Ngalegeday = diuk nyangsaya (biasana dina korsi males, jste.)
Nyanghunjar = diuk bari ngalonjorkeun suku sabeulah
Lembar = diuk bari ngalonjorkeun suku duanana

Nyangsaya = diuk bari nyarandekeun awak kana tempat nu disarandean
Sidengdang = diuk bari suku duanana dirumbaykeun (biasana diuk di imah panggung nu aya kolongan); lamun suku duanana diayun-ayun, disebutna ucang-ucangan; lamun suku nu diayun-ayunna bari didiukan budak, disebutna ucangangge (sarupa kaulinan)
Sideuha = diuk emok atawa sila bari leungeun sabeulah dipake nulak awak
Sila = diuk bari nikelkeun suku duanana handapeun pingping nu didengkakkeun
Sila andekak = sila semu rubak, biasana bari nyanghareupan kadaharan
Sila ipis = sila rubak, tuur anggang pisan tepi ka jebrag
Sila mando = sila bari leungeun duanana aya di anatar dua suku nu ditumpangkeun, awak biasana semu doyong ka hareup
Sila tumpang = sila bari dampal suku duanana numpang dina pingping keca katuhu
Sila tutug = suku nu sabeulah sila, sedeng nu sabeulah deui ditutugkeun

Comments

Popular posts from this blog

NGARAN PAPARABOTAN JEUNG PAKAKAS

Masrahkeun Calon Panganten Pameget ( Conto Pidato )

Sisindiran, Paparikan, Rarakitan Jeung Wawangsalan katut contona