Karajaan Sumedanglarang


Nurutkeun catetan Bujanggga Manik,deukeut gunung Tompo Omas, aya karajaan Medang Kahyangan, Ngaran eta karajaan kacatet oge dina naskah Carita Parahyangan mangrupa sasaran anu diserang ku Cirebon, dina mangsa kakawasaan Surawisesa. Can jelas naha aya patalina antara Sumedanglarang (larang=rata/datar, padalarang= rata/datar kabeh)jeung Medang Kahyangan? Ngan basa Bujangga Manik datang ka Medang Kahyangan, Sumedanglarang harita geus ngadeg nu puseur dayeuhna di Cipamengpeuk, deukeut kota Sumedang ayeuna. Teu mustahil Bujangga Manik ngambah jalan sisi kaler gunung Tampomas. Sabab harita keur di perjalanan antara Cipunagara (kecamatan Cisalak, Subang) jeung Padabeunghar, kalereun gunung Cereme. Lamun Sumedanglarang teh Medang Kahyangan tangtu kudu nguriling ka kalereun gunung Tampomas. Jalan kalereun gunung Tampomas teh kungsi dipake ku VOC keur ngakut mariem, jeung amunisi, nohonan pamenta Bupati Rangga Gempol III. Eta mariem teh diakut kana rakit ngaliwatan Ciasem, nepi ka Cileungsing, tuluy dikunjal make jalan darat.Kanyataan sejen nya eta Kiduleun Sumedang ge aya deui karajaan nu ngaran Medang Sasigar. Nu dina abd ka 17 dibagi dua jadi Bandung jeung Parakanmuncang. Ku kituna can aya hiji bukti nu nyndekeun kana saruana ngaran eta dua karajaan. Medang Kahyangan urang anggap tatangga Sumedanglaran nu kahalangan ku Gunung Tampomas.


Nu ngadegkeun karajaan Sumedanglarang teh, Praburesi Tajimalela. Nu Karatonna di Gunung Tembong Agung, nu dina kropak no.410 disebut Mandala Hibar Buana. Can jentre timana asal-usul tokoh Tajimalela. Dina kropak 410 mah ieu tokoh teh disebut Panji Romahyang putra Demung Tabela Panji Ronajaya, ti dayeuh Singapura (deukeut Cirebon ayeuna. Pen.). Nurutkeun babandingan entragan, Tajimalela teh saentrag jeung Ragamulya (1340-1350 M.) raja Kawali, jeung Suryadewata bapa Batara Gunung Bitung, ti wewengkon Majalengka. Dina mangsa kakawasaan Wastukancana, Singapura dicekel ku putra nu kadua, Surawijayasakti, nu engkena diganti ku adi bungsuna Ki Gedeng Tapa, nu jadi jurulabuan disebut Jumajanjati. Lamun aya patali antara Sumedang jeung Singapura, wajar mun dina kropak 410, Ki Gedeng Sindang Kasih, putra Wastukancana nu ka tilu, disebut Mangkubumi Sumedanglarang, sabab tangtu Sumedanglarang harita aya dina kakawasaan karajaan Galuh. Kasus munculna karajaan Sumedanglarang teh, sajalan jeung kasus munculna karajaaan Talaga. Dirintis ku Praburesi, jadi otonom, ngan sacara yuridis aya dina pangawasa Galuh.

Raja Sumedanglarang nu kadua nya eta Atmabrata, nu disebut Prabu Gajah Agung, karatonna di Cicanting. Carita munggaran ieu raja, dina naskah “Darmaraja” sarimbag jeung carita awal karajaan Mataram dina versi Babad Tanah Jawi. Nurutkeun eta carita, Ki Ageng Sela nu ngala jeung nyimpen duwegan.Basa inyana indit, datang Ki Ageng Pamanahan, tuluy eta duwegan teh diinum. Atuh jadi turunan Ki Ageng Pamanahan nu untung, ngarundaykeun raja-raja Pulo Jawa. Dina naskah “Darmaraja” carita duwegan teh kajadian antara Prabu Gajah Agung, jeung dulurna, Lembu Agung.

Prabu Gajah Agung diganti ku putrana nu ngaran Wirajaya, atawa Sunan Pagulingan. Ngancik di Cipameungpeuk. Jadi tilu raja Sumedanglarang, ngancik di tilu tempat nu beda. Ciri yen eta karajaan teh,acan nepi kana tahap mapan, atawa can aya karaton anu “permanen” panyicingan turun tumurun.Kaayaan kieu lumangsung sababaraha entragan (generasi).

Putri cikal Sunan Pagulingan, ngaranna Ratu Ratnasih alias Nyi Rajamantri, dikawin ku Sri Baduga Maharaja. Eta sababna, adina nu ka opat, Mertalaya ngaganti kalungguhan Sunan Pagulingan, jadi raja nu ka opat ngawasa Sumedang, kalawan dileler gelar Sunan Guling.Aya nu nyebut yen Sunan Guling teh ngancikna di Ciguling (antara Sumedang-Tanjungsari) tapi teu disebut dina Pustaka Nusantara III/2. Sunan Guling diganti ku putra cikal Tirtakusuma, atawa Sunan Patuakan jadi raja ka lima. Raja ka genep, putrid cikal nya eta Ratu Sintawati alias Nyimas Patuakan. Sabab anak & bapa disebut dina gelar nu sarua “ patuakan”. Mungkin sacara siratan, dunana nganjrek di tempat nu anyar deui. Ratu Sintawati ngajodo ka Sunan Corendra, raja Talaga, putra Ratu Simbar Kancana ti Kusumalaya (putra Dewa Niskala). Jadi Sintawati teh incu-buyut nu ngawasa Galuh.

Sunan Corendra boga dua permaisuri, nya eta Mayangsari putri Langlang Buana, ti Kuningan, jeung Sintawati ti Sumedanglarang. Ti Mayangsari ngarundaykeun Ratu Wulansari atawa Ratu Parung, nu ngajodo ka Rangga Mantri, alias Sunan Parung Gangsa (Pucuk Umun Talaga) putra Munding Surya Ageung. Inyana putra Sri Baduga. Dina taun 1530 M. Sunan Parung Gangsa ditalukkeun Cirebon, tur asup Islam. Putrana, Sunan Wanaperih, ngaganti Sunan Parung Gangsa jadi raja Talaga ka dua, dina auban kakawasaan Cirebon.

Ti Sintawati, Sunan Corendra ngarundaykeun putri Satyasih.Nu engkena jadi raja Sumedang, make gelar Pucuk Umun. Dina mangsa pamarentahan Sintawati, agama Islam sumebar di Sumedang taun 1529 M. Nu nyebarkeun Islam di Sumedang nya eta Maulana Muhammad alias Pangeran Palakaran. Inyana putra Maulana Abdurahman alias Pangeran Panjunan. Samemehna, taun 1504, Pangeran Palakaran ngajodo ka putrid Sindangkasih. Tina eta perkawinan lahir Ki Gedeng Sumedang alias Pangeran Santri (kira-kira tanggal 29 Mei 1505 M).Pangeran Santri ngajodo ka putrid Satyasih ahli waris tahta Sumedang. Satyasih kakoncara gelar Pucuk Umun(umun =sembah). Dina naskah-naskah babad biasa ditulis umum (Arab).Sabab istilah umun geus teu dipiwanoh deui ku nu narulisna.

Sindangkasih kacida raketna patali jeung Sumedang. Eta sababna mindeng pahili jeung Sindangkasih Cirebon. Kiwari Sindangkasih duanana jadi ngaran desa.Nu hiji aya di kacamatan Majalengka,( deukeut Cideres), nu hiji deui aya di kacamatan Beber, Cirebon. Nyai Ambetkasih nu ditikah ku Siliwangi asalna ti Sindangkasih Cirebon. Sedengkeun tokoh nu ngawasa Majalengka, ngaranna Nyai Rambutkasih. Sindangkasih nu ka hiji kungsi jadi puseur Dayeuh (ibukota) kabupaten Maja, dina abad ka 19. Tuluy ku SK Gub.Jend.Hindia Walanda, tanggal 11 Pebruari 1840, kabupaten MAJA nu Puseur Dayeuh (ibukota)na SINDANGKASIH, diganti jadi Kabupaten MAJALENGKA. Kecap lengka = pait . Eta sababna dina naskah Serat Centini, ngaran Majalengka jeung Majalangu, dipake pikeun sinonim ngaran Majapahit. Miturut sajarah Majalengka( stensilan, 1978), Rambutkasih dulur Munding Surya Ageung, dulur sabrayna Walangsungsang. Mun kitu bisa diteguh, yen Rambutkasih teh putri Sri Baduga ti Ambetkasih.Lanceuk sabrayna Subanglarang, ibuna Walangsungsang.Kulantaran inyana incu Ki Gedeng Sindangkasih, wajar mun Rambutkasih nerapkeun ngaran Sindangkasih keur ibukota karajaan panganjrekanana.

Comments

Popular posts from this blog

NGARAN PAPARABOTAN JEUNG PAKAKAS

Masrahkeun Calon Panganten Pameget ( Conto Pidato )

Sisindiran, Paparikan, Rarakitan Jeung Wawangsalan katut contona