Basa Sunda: Hariring Panggeuing

Sakumaha inohong Mamaos Cianjuran sateuacanna, Aki Dadan oge seueur nyiptakeun rumpaka Mamaos Cianjuran ku anjeun. Utamina nu sering pisan mah dina ngolah rumpaka Rajah Pangjajap, lian ti rumpaka-rumpaka sanesna.
Danget ieu Aki Dadan remen kenging uleman, kanggo ngahaleuangkeun Rajah Pangjajap ciptaanana dina sagala rupi kagiatan. Rajah Pangjajap ngarupikeun du’a panganteur, dina wangun Mamaos Cianjuran. Biasana dihaleuangkeun rengse lantuman ayat suci Al-Qur’an, nu rumpakana disaluyukeun sareng thema acara.
Saleresna seueur pisan Rajah Pangjajap anggitan Aki Dadan teh, namung henteu sadayana tiasa dikempelkeun tur dilebetkeun kana ieu buku. Kumargi aya diantawisna nu tos dihaleuangkeun, namung henteu teras dirawatan deui ku anjeunna.
Numawi dina buku ieu, mung sababaraha hiji nu tiasa kapidangkeun. Diantawisna bae ;

Hariring Panggeuing
1. Instrumental Kacapi Suling
………………………
………………………


2. Narasi :
Dulur-dulur Nu Mangkuk di Tatar Pasundan
Baraya Saantero Jagat
Jagat di Buana Panca tengah
Peupeujeuh ……………….. peupeujeuh
Mangka waspada mangka iatna
Ulah kajongjonan teuing

Aranjeun geus lali ka purwadaksi
Aranjeun boga pancen …………
Aranjeun boga pancen mirosea
Nagara katut pangeusina

Tembang Ki Dadan :
Geura balik geura balik
Geura mulang geura mulang
Mulang kana kasundaan
Geura teang geura teang
Geura sampeur geura sampeur
Titinggal ti Pajajaran
Warisan ti Siliwangi

3. Instrumental Kacapi Suling …….,

Narasi :
Beberkeun jangjang aranjeun !
Sabab anjeun bakal ngambah sagara umpalan
Prung ! ………. prung sampiung geura manggung ngaheuyeuk nagri ngolah Nagara
Tapi omat …… Tapi omat sing sareundeuk saigel sabobot sapihanean
Tembongkeun silih Asih ….tembongkeun silih Asah …tembongkeun silih Asuh tembongkeun Silih Wangi. Sunda sadu santa budi
Bral !…….. bral geura penta du’a Indung Bapa aranjeun
Geura penta Rachmat Pangeran, kurihit pangasih Gusti
Bekelna Iman jeung takwa ! jadikeun tameng pikeun nyorang sagara kahirupan
Bareng (ragem) :
Run turun Jati rahayu
Bray siang banjaran bagja
* * *
Rajah Pangjajap

1. Puji syukur ka Maha Agung
Ya Robi Gofururohim
Taqobballahu mina wa minkum
minal aidin wal faidin
lubarkeun urang silih lubarkeun

2. Amit ampun nya paralun
ka Gusti Nu Maha Agung
ka Nabi anu linuhung
Muhammad anu jinunjung
rachmat syafaat kasuhun
limpahkeun kanu sami hadir

3. Kaluhur neda papayung
papayung Nu Maha Agung
kahandap neda pangraksa
pangraksa Maha Kawasa
kaler kulon kidul wetan
Indonesia mugi diaping dijaring

4. Saum disasih Romadhon
panggeuing ti Mahasuci
panggupay Maha Kawasa
sangkan takwa tur toweksa
ngahontal martabat utama
punjul mumbul darajatna
mibanda elmuning pare

5. Rumaos abdi rumaos
can kahontal saum nu husu
ngan saukur – ngan saukur
ngan saukur nahan lapar
ngan saukur nahan dahaga
panca indra toloheor
luput meruhkeun hawa nafsu
hapunten Gusti hapunten

6. Pihatur jungjunan alam
sakur muslimin muslimat
to’at uswatun hasanah
tembongkeun katuladanan
Insya Allah — Insya Allah
Indonesla walagri

Amin Ya Robbal Alamin
mugi Gusti nangtayungan
* * *
Sunda Mekar
Cacandran para luluhur
Ciri bumi dayeuh pancatengah ciri dayeuh pancatengah
Lemah duhuma..lebak Iengkobna lemah padataranana
(gelenyu) ……………………………………………………………………………………… Naga mukti wibawa perlambangna congkrang kujang papasangan
(Gelenyu)…………………………………………………………………………………………….
Yasana para bujangga, teu sulaya dinyatana
Pasundan tanahna subur
Gemah ripah ma’mur loh jinawi gemah ripah loh jinawi
Gunung-gunungna cur cor caina ngaplak pasawahanana
(Gelenyu) ……………………………………………………………………………………
Cukul sugri pangebonan karaharjaan mencar mawur kajauhna
(Gelenyu) ……………………………………………………………………………………
Nagri nanjung panjang punjung
Murah sandang murah pangan
Sunda surup kana tangtung
sunda sieup ngumbang ka wandana
Sieup ngambang ka wandana
Ajeg adegna budi basana teu ngerakeun wawanen-NA
(Gelenyu) ……………………………………………………………………………………. Someah narima semah matak betah
ka nu ngadon bubuara
(Gelenyu) ……………………………………………………………………………………..
Tara ebreh pangartina teu nembongkeun kabisana
Tetekon basa karuhun
Sunda sadu sandi santa budi………….
sunda sandi santa budi
Leuleus jeujeurna liat talina teguh pamadeganana
(Gelenyu)
Sagolek pangkek dayana tara mundur
mun tacan kacanir bangban
(Gelenyu)
Teu renjagan teu gembangan ayem pasipatanana
* * *
Ampun ka anu Maha Agung,
Nu kagungan Kun fayakun
Jleg ngadeg sakur kersaNA
Bral gumelar kawasaNA
Di langit pating karetip
Dl bumi pating kulisik
Kumelip di alam lahir
Bari muji sihing Gusti
Ayatna Alhamdulillah

Ra’jah du’a, du’a rajah
Du’a medal maring Allah
Dina ati anu suci
Dina rasa nu rumasa
Dina iman dina Islam
Kitabna Qur’anul Karim

Nu Agung Allahu Akbar,
Ieu anu dirajahan
Isuk caang sore padang
Balungbang jalan tincakeun

Nyandak tina hukum sara
Lailaha illallah
Muhammadurosullullah
Ampuuun… ampuuun…
* * *
Sunda Mekar
( Cipt : Aki Endu Sulaeman Apandi )

Cacandran para luluhur
Ciri bumi dayeuh pancatengah ciri dayeuh pancatengah
Lemah duhurna..lebak Iengkobna lemah padataranana
( Gelenyu )
Nagara mukti wibawa perlambangna congkrang kujang papasangan
( Gelenyu )
Pasundan tanah na subur yasana para Bujangga teu sulaya dinyatana

Gemah ripah ma’mur Ioh jinawi, gemahripah loh jinawi
Gunung — gunungna curcor caina ngaplak pasawahanana
( Gelenyu )
Cukul sugri pangebonan karaharjan mencar mawur kajauhna
Nagri nanjung panjang punjung
Murah sandang murah pangan

Sunda surup kana tangtung sunda sieup ngumbang ka wadana
Sieup ngumbang ka wandana
Ajeg adegna budi basana teu ngerakeun wawanenna
( Gelenyu )
Tara ebreh pangartina teu nembongkeun kabisana
Tetekon basa karuhun
Sunda sadu sandi santa budi…sunda sandl santa budi
Leuleus jeujeurna liat talina teguh pamadeganana
( Gelenyu )
Sagolek pangkek dayana tara mundur mun tacan
kacanir bangban
( Gelenyu )
Teu renjangan teu gembangan ayem pasipatanana
* * *
Duh Pasundan lemah cai kuring
Tanah endah tanding indra loka
nu jadi kaabot hate
tempat para luluhur
nya ka anjeun kuring babakti
satia tur bumela
sanggup tandon umur
imbang – imbang jiwa raga
batan Sunda kudu musnah kudu leungit
kajeun kuring nu ilang.
Karya Cipta : Ibu Anah Ruhanah (Almarhumah)
Tokoh Mamaos Cianjuran di Cianjur
Kanggo pangeling-ngeling kana jasa-jasa
Rd. Otto Iskandardinata
* * *
Sunda Mekar “
(Cip : Endu Sulaeman Apandi)
1. Cacandran para luluhur
Ciri bumi dayeuh Pancatengah
Ciri dayeuh Pancatengah
Lemah duhurna lebak lengkobna
Lemah padataranana
Nagara mukti wibawa
Perlambangna congkrang kujang papasangan
Yasana para budjangga
Teu saluyu dinyatana

2. Pasundan tanahna subur
Gemah ripah ma’mur loh jinawi
Gemah ripah Ioh jinawi
Gunung-gunungna cur-cor caina
Makplak pasawahanana
Cukul sugri pakebonan
Karaharjaan mancer mawur ka jauhna
Nagri nanjung panjang punjung
Nagri sandang murah pangan

3. Sunda surup kana tangtung
Sunda sieup ngumbang ka wandana
Sieup ngumbang ka wandana
Ajeg-adegna budi basana
Teu narakeun wawanena
Someah narima semah
Matak betah kanu ngadon bubuara
Tara ebreh pangartina
Teu nembongkeun ka bisana

4. Tetekon basa karuhun
Sunda sadu sandi santa budi
Sunda sandl santa budl
Leuleus jeujeurna liat talina
Teguh pamadeganana
Sagolek pangkek dayana
Tara mundur mun tacan kacanir bangban
Teu renjagan teu gembangan
Ayem pasipatanana

5. Seuweu-siwi Siliwangi
Teureuh terah pencar Pajajaran
Terah pencar Pajajaran
Mangka waspada Sunda Sawawa
Sing priyatna ngariksana
Ngaraksa hemoh caina
Tetep aman Pasundan jaya santosa
Mekar Kabudayaanana
Sunda Jatnika waluya
* * *
Katerangan :
Cacandran ngandung hartos pesan-pesan (peupeujeuh ti luluhur Cianjur keur generasi sapandeurieunana).

Sumber : http://www.dicianjur.com

Comments

Popular posts from this blog

NGARAN PAPARABOTAN JEUNG PAKAKAS

Masrahkeun Calon Panganten Pameget ( Conto Pidato )

Sisindiran, Paparikan, Rarakitan Jeung Wawangsalan katut contona