PURWAKANTI BASA JEUNG GAYA BASA
Purwakanti nyaéta padeukeutna sora kecap dina ungkara kalimah,
bagian-bagian kalimah, atawa réndonan kecap-kecap; utamana dina puisi.
Perenahna bisa ngaréndéng dina sakalimah atawa sapadalisan, bisa ogé
ngaruntuy dina antar padalisan.
Rupa-rupa purwakanti
Purwakanti pangluyu
Purwakanti pangluyu téh nyaéta purwakanti anu aya dina saungkara atawa sapadalisan, lain purwakanti antarungkara atawa antarpadalisan; jadi mangrupa purwakanti rantayan. Pangna disebut pangluyu, duméh nyaluyukeun sora atawa wianjana dina kecap-kecap.
Contona:
diteuteup ti hareup sieup (eu, eup)
disawang ti tukang lenjang (a, ang)
ditilik ti gigir lenggik
Purwakanti maduswara
Purwakanti maduswara nyaéta purwakanti anu murwakanti sora vokalna.
Contona:
Kokoro nyoso malarat rosa (o,o;a,a)
ambek nyedek tanaga midek (e)
kapipit galih, kadudut kalbu (i,i;u,u)
lalaki langit lalanang jagat (a,i;a,a)
Purwakanti cakraswara
Purwakanti cakraswara nyaéta purwakanti anu timbul lantaran aya sora-sora vokal anu patukeur tempat dina kecap anu padeukeut atawa saungkara.
Contona:
hirup-hurip
anjuk hutang
ngumbar napsu
Purwakanti laraspurwa
Purwakanti laraspurwa téh nyaéta purwakanti anu murwakanti engang atawa wianjana awal kecap, boh rantayan boh runtuyan.
Conto laraspurwa wianjana:
Purwakanti larasmadya
Purwakanti larasmadya teh nyaeta purwakanti anu dumasar kana perenahna aya di tengah-tengah ungkara antarpadalisan. Jadi mangrupa purwakanti runtuyan.
Contona:
Sok hayang nyaba ka Bandung
Sok hayang nyaho nanjakna
Sok hayang nanya nu pundung
Sok hayang nyaho nyentakna
Purwakanti laraswekas
Purwakanti laraswekas nyaéta purwakanti anu murwakanti engan tungtung, boh dina kecap-kecap anu saungkara (sapadalisan) boh dina kecap-kecap antarpadalisan (di tungtung padalisan). Jadi, anu jadi patokanana téh perenahna.
Contona:
Pecat sawed bati ewed
tengah dalu ngan hanjelu
mo humandeuar ku kadar
teu rék lumpat ku nu ngupat
Purwakanti mindoan kawit
Purwakanti mindoan kawit nyaéta purwakanti anu muncul lantaran aya kecap anu dipindo (dibalikan) deui dina awal padalisan atawa awal ungkara. Anu jadi patokanana téh nyaéta perenahna éta purwakanti.
Contona:
Lain bangban lain pacing,
lain kananga kuduna.
Lain babad lain tanding,
lain ka dinya aduna
Purwakanti mindoan wekas
Purwakanti mindowan wekas nyaéta purwakanti anu muncul lantaran aya kecap anu dipindo (dibalikan) deui dina tungtung padalisan atawa ungkara.
Contona:
Kaseuseueuran istrina sok hayang ginding
teu diturut ka carogé maling-maling
carogéna keur goréng ulaheun ginding
samping goréng bajuna teu maké kancing.
purwakanti mindoan kecap
Purwakanti mindoan kecap nyaéta purwakanti anu muncul lantaran malikan kecap dina kalimah, tapi hartina béda. Purwakanti mindokecap sarua jeung diapora.
Contona:
Hujan ngaririncik, kawas méré kila-kila yén bakal hujan cisoca.
Awakna nu ngalangkang katojo cahaya bulan purnama, teu weléh ngalangkang dina kongkolak panon.
Purwakanti margaluyu
Purwakanti margaluyu téh nyaéta purwakanti anu timbul lantaran aya kecap dina tungtung padalisan, dina puisi anu dibalikan deui dina awal padalisan sapandeurieunana.
Contona:
Sukingki haté sukingki
sukingki paselup bungah
Bungah kagiridig simpé
Simpé awak talipurna
talipurna manjing sirna
sirna ringkang nu sakujur
sakujur kadua rasa
GAYA BASA
Gaya basa nyaéta rakitan basa (kalimah) anu dipaké sangkan bisa nimbulkeun pangaruh (éfék) anu leleb karasana ka nu maca atawa nu ngadéngékeun, ku jalan ngabandingkeun hiji barang jeung barang séjénna. Gaya basa, ceuk istilah séjén, mangrupa plastis-stilistik , nyaéta lamun dipaké nyarita atawa dilarapkeun dina kalimah, éstu matak jadi mamanis basa, écés témbrés beunang rasa basana.
Kawas basa Indonésia, dina basa Sunda ogé aya sababaraha gaya basa, contona:
Ronaldo lumpatna tarik pisan kawas peucang
Ari manéh gawé téh ngan saré waé kawas si Kabayan
Usep mah siga bapana, awakna jangkung badag
rhoma irama “Si raja dangdut” boda nak nu sarua penyanyi
tangkal kalapa gugupay ka para pamayang nu keur ngambah sagara
ulah ngautan thing bisi aya urang leuweung
jang,yeuh kanggo ngagaleuh baso
étah awak, meni sagedé gajah
kuring ngadéngé ku ceuli sorangan
Kamari kuring nigali rhoma irama
Di kampungna aya 50 suhunan
sumber: su.wikipedia.org
tamsyah,budi rahayu.1994.pangajaran basa sunda.Bandung:
tamsyah,budi rahayu.1994.pangajaran sastra sunda.Bandung:

- Cing cangkeling manuk cingkleung cindeten (tina kakawihan)
- Laut kidul kabéh katingali (tina guguritan)
- Kembang bodas buah bunder (tina wawangsalan)
- palataran pasini pati
- sakadar sabrang salayan
- nu nyaksrak nyaliara
ngaruksak ngaraksuk
kaniaya kamanala
mamalana manjang ngabanding ngaranjing ngambah jagat duriat
Purwakanti larasmadya
Purwakanti larasmadya teh nyaeta purwakanti anu dumasar kana perenahna aya di tengah-tengah ungkara antarpadalisan. Jadi mangrupa purwakanti runtuyan.
Contona:
Sok hayang nyaba ka Bandung
Sok hayang nyaho nanjakna
Sok hayang nanya nu pundung
Sok hayang nyaho nyentakna
Purwakanti laraswekas
Purwakanti laraswekas nyaéta purwakanti anu murwakanti engan tungtung, boh dina kecap-kecap anu saungkara (sapadalisan) boh dina kecap-kecap antarpadalisan (di tungtung padalisan). Jadi, anu jadi patokanana téh perenahna.
Contona:
Pecat sawed bati ewed
tengah dalu ngan hanjelu
mo humandeuar ku kadar
teu rék lumpat ku nu ngupat
Purwakanti mindoan kawit
Purwakanti mindoan kawit nyaéta purwakanti anu muncul lantaran aya kecap anu dipindo (dibalikan) deui dina awal padalisan atawa awal ungkara. Anu jadi patokanana téh nyaéta perenahna éta purwakanti.
Contona:
Lain bangban lain pacing,
lain kananga kuduna.
Lain babad lain tanding,
lain ka dinya aduna
Purwakanti mindoan wekas
Purwakanti mindowan wekas nyaéta purwakanti anu muncul lantaran aya kecap anu dipindo (dibalikan) deui dina tungtung padalisan atawa ungkara.
Contona:
Kaseuseueuran istrina sok hayang ginding
teu diturut ka carogé maling-maling
carogéna keur goréng ulaheun ginding
samping goréng bajuna teu maké kancing.
purwakanti mindoan kecap
Purwakanti mindoan kecap nyaéta purwakanti anu muncul lantaran malikan kecap dina kalimah, tapi hartina béda. Purwakanti mindokecap sarua jeung diapora.
Contona:
Hujan ngaririncik, kawas méré kila-kila yén bakal hujan cisoca.
Awakna nu ngalangkang katojo cahaya bulan purnama, teu weléh ngalangkang dina kongkolak panon.
Purwakanti margaluyu
Purwakanti margaluyu téh nyaéta purwakanti anu timbul lantaran aya kecap dina tungtung padalisan, dina puisi anu dibalikan deui dina awal padalisan sapandeurieunana.
Contona:
Sukingki haté sukingki
sukingki paselup bungah
Bungah kagiridig simpé
Simpé awak talipurna
talipurna manjing sirna
sirna ringkang nu sakujur
sakujur kadua rasa
GAYA BASA
Gaya basa nyaéta rakitan basa (kalimah) anu dipaké sangkan bisa nimbulkeun pangaruh (éfék) anu leleb karasana ka nu maca atawa nu ngadéngékeun, ku jalan ngabandingkeun hiji barang jeung barang séjénna. Gaya basa, ceuk istilah séjén, mangrupa plastis-stilistik , nyaéta lamun dipaké nyarita atawa dilarapkeun dina kalimah, éstu matak jadi mamanis basa, écés témbrés beunang rasa basana.
Kawas basa Indonésia, dina basa Sunda ogé aya sababaraha gaya basa, contona:
- ngupamakeun (similé) nya éta ungkara basa anu ngabandingkeun atawa ngumpamakeun barang nu geus disebut saméméhna jeung barang deui. Biasana ngagunakeun kecap kawas, siga, cara, saperti, lir, ibarat.
Ronaldo lumpatna tarik pisan kawas peucang
Ari manéh gawé téh ngan saré waé kawas si Kabayan
Usep mah siga bapana, awakna jangkung badag
- lalandian (métafora) nya éta ungakara basa anu mapandékeun barag kana barang deui nu mibanda sipat nu sarua. Contona:
rhoma irama “Si raja dangdut” boda nak nu sarua penyanyi
- mijalma (personifikasi) nya éta ungakara basa anu mapandékeun barang paéh kana barang hiup. Contona:
tangkal kalapa gugupay ka para pamayang nu keur ngambah sagara
- rautan (eufimisme) nya éta ungkara basa nau dipaké pikeun ngaganti kecap séjénna nu patali jeung sopan santun atawa kapercayaan. Contona:
ulah ngautan thing bisi aya urang leuweung
- ngasor (litotés) nya éta ungkara basa anu ngagunakeun kecap nu lalawanan hartina jeug nu dimaksud pikeun tujuan ngasor . contona:
jang,yeuh kanggo ngagaleuh baso
- rarahulan (hiperbol) nya éta ungkara basa anu ngaganti kecap ku kekecapan anu kaleuleuwihi atawa pamohalan. Contona:
étah awak, meni sagedé gajah
- kadalon (pleonasme) nya éta ungkara basa anu ngagaunakeun kekecapan nu sabenerna mah teu perlu digunakeun deui sabab geus karagum dinakandungan harti kecap nu saméméhna. Contona:
kuring ngadéngé ku ceuli sorangan
- silib-sindir (alégori) nya éta ungkara basa nu ngagunaken sababraha gaya basa sarta gumulung jadi hiji ngawangun ungkara anu maksudna dibalibirkeun. Contona:
- mindoan (repetisi) nya éta ungkara basa nau diwangun ku cara ngucakeun kecap-kecap sarua sababaraha kali pikeun maksud leuwih ngantebkeun maksudna. Contona:
- Ocon (metanimia) nya éta ungkara basa kekecapan anu geus ilahar sarta anu dipaké pikeun nuduhkeun idéntitas hiji barang. Contona:
Kamari kuring nigali rhoma irama
- Raguamn (sinekdok) aya dua nya éta gaya bagsa raguma sagemblengna pikeun sabagian (totem properte) jeung gaya basa raguman sabagian pikeun sagemblengna (pars pro toto) contona:
Di kampungna aya 50 suhunan
sumber: su.wikipedia.org
tamsyah,budi rahayu.1994.pangajaran basa sunda.Bandung:
tamsyah,budi rahayu.1994.pangajaran sastra sunda.Bandung:
hatur nuhun nambihan elmu kanggo sisebarkeun kabalarea
ReplyDelete