Mohammad Toha, Pahlawan Bandung Selatan


Saha ari Mohammad Toha teh? Rada hese neangan jalma nu apal kana raratanana, galur bajuangna, komo kana riwayat hirupna Mohammad Toha. Ukur tatalepa tina cenah kana cenah nu jolna ti kolot, nu kungsi milu jadi pajuang angkatan 45. Mang Didi, nu disarebut Abah hiji kolot nu legok tapak genteng kadek, lega ambahan pangalamanana, malah kungsi jadi pajuang 45, milu ngarebut kamerdekaan Indonesia.

Ngalaman perang jeung tentara Inggris Ghurka, tentara Jepang, malah jeung tentara Walanda KNIL, tentara Walanda APRA (Angkatan Perang Ratu Adil) pingpinan Kapten Westerling. Sakur bangsa deungeun nu hayang ngajajah Indonesia, arasup ka dayeuh Bandung. Dilalawan ku organisasi-organisasi pamuda pajuang, BKR (Badan Keamanan Rakyat, nu engkena jadi TNI ).

Di hiji gedong di jalan Tamblong, nu ayeuna dijieun museum Mandala Wangsit Siliwangi, mun teu salah harita antara taun 1945-1946, dipake markas tentara Walanda. Maranehna mutuskeun dina hiji rapat komando, yen Bandung Selatan, kudu diratakeun jeung taneuh. Tegesna diancurkeun. Boh ku tentara udara atawa ku tentara darat Walanda. Sababna, aya saurang tentara Walanda nu ditembak di Ciateul. Hasil gawe panalungtikan PID (Intel) tantara Walanda, kapanggih nu nembak na teh, salahsahiji organisasi pejuang ti Bandung Kidul (Selatan).

Nya ditangtukeun, poe Jumaah, bakal diayakeun serangan gede, rek ngancurkeun Bandung Kidul (Dayeuhkolot, Majalaya, Ciparay, Banjaran, Soreang, jeung Ciwidey), sabab cenah di daerah-daerah eta, loba dipake panyumputan para pejuang kamerdekaan. Malah aya tentara pajuang wanoja, nu disebut LASWI (Laskar Wanita Indonesia) nu markas pusatna di Ciparay. Ayeuna Laswi teh, dipake ngaran jalan antara parapatan Talagabodas jeung jalan Ahmad Yani. Mapay we eta mah ti mimiti bunderan jalan Elang nepi ka jalan Ahmad Yani. Aya jalan Peta (Pembela Tanah Air), jalan BKR, jalan Pelajar Pejuang, jeung jalan Laswi.



Harita Walanda boga gudang senjata,nu sok disebut gedong peteng, nu ayana di Dayeuhkolot. Sisi jalan ka Bandung, persis sisi kaler Citarum. Sagala bedil jeung mesiu diteundeun di dinya. Ti mimiti pestol, sten, bren, granat, miltaliur, kanon, nepi ka bom. Aya di eta gudang senjata. Ceuk beja bom nu diteundeun di gudang senjata Dayeuhkolot teh, lobana nepi ka 8 megaton. Ku kakuatan bom satengah megaton ge bisa ngancurkeun hiji kota jaman harita.
Najan ukur tina harewos, nu asalna ti jongos (pelayan) tukang masak di markas Walanda, kanyahoan yen nyerang Bandung Kidul teh, rek make senjata jeung mesiu nu aya di gudang senjata Dayeuhkolot. Ieu beja intelejen teh, beunang ku juru sandi pasukan BKR, parat ka BBRI (Barisan Banteng Republik Indonesia), nu dipingpin ku Letnan Mohammad Toha. Najan umur Toha karek salapan welas taun, tapi ku gedena kawani, jeung geus meunangkeun 10 bedil Walanda, tina sabab strategi nyerang nu tepat, manehna dipiserab, dihormat jeung diajenan ku babaturan jeung anakbuahna. Pasukan BBRI teh boga sapuluh regu. Salahsahijina na aya nu disebut regu “istimewa”, nu dipingpin ku Mohammad Ramdan. Antara Toha jeung Ramdan aya hubungan sosobatan nu dalit naker, beunang disebutkeun sobat kentel. Ramdan mah urang Ciparay, imah kolotna di tukangeun pasar Ciparay ayeuna, cenah. Nu beda teh pangawakan eta dua dedengkot BBRI nu pada-pada dipiserab. Toha mah jangkung, rada begang, ngalampanyat (semampai), kasep, pakulitan koneng, teuteup panonna seukeut, tara loba omong. Ramdan mah sabalikna, pendek dedepe ngeusi, sok daek heureuy. Pakulitan hideung santen.



Beja sejen nu katarima ku BBRI, horeng nu maehan tentara Walanda teh, salahsaurang anggota Laswi. Meureun Walanda nu keur jaga, iseng, ngaheureuyan awewe nu dagang gorengan. Padahal eta teh anggota laskar wanita nu keur nyamar, nu boga tugas malingan bedil. Da eta ge tentara Walanda nu paeh teh,bedilna leungit. Toha jeung Ramdan ge sok nyamar jadi tukang cendol, atawa jadi musapir (pengemis), dimana tentara Walanda bongoh, sok dicokot bedil na, atawa pelorna. Naon we nu kaburu. Ngan tara daekeun nyokot barang sejenna, iwal ti pelor jeung bedil. Kalakuan kitu teh, kudu boga kawani nu gede, Sabab mun kapanggih, pasti disiksa nepi ka dipaehan.
Beres salat lohor, di tajug nu aya di Manggahang, Toha ngaharewos ka Ramdan,”
Dan, ”pokna,” Jumaah pageto, wanci subuh, munding bule rek ngamuk. Cenah kakuatanana sabatalion, infantri. Didukung ku opat pesawat . dua rek nerjunkeun pasukan baret hejo, nu dua deui rek ngabom. Nu jadi sasaran utama, nu dianggap daerah kantong, di Bandung kidul.Bisa Ciparay, Soreang, atawa Majalaya”
“Amunisi mah angger ti gedong peteng (gudang senjata) Dayeuhkolot? Moal nu ti Cikoneng?” Tanya Ramdan.
“Enya, jadi taya deui jalan, rencana 1 kudu dilaksanakeun.” Tembal Toha.
Aeh, enya, ari Oha enggeus nepungan aki teh?” Ramdan nanya.
“Pan poe Minggu kamari, kuring karek balik ti Garut, tepung tur sosonoan, jeung sarerea.Ema, adi, paman, aki, nini, malah kungsi dipotret heula, di toko potret si Asiong, nu deukeut statsion tea.Tuluy kana kareta api nepi ka Kadungora, ti dinya leumpang make jalan Cijapati. Nepi ka Majalaya tabuh opat sore.”
“Cenah, adi Oha rek kawin? Lebar euy heug geulis, dicokot batur”. Ramdan heureuy.”Kunaon nya bet embungeun ka kuring?” Ceuk Ramdan deui. Toha ukur imut, teu ngajawab.
“Barudak mah dibejaanana engke we dina waktuna nya?” Ceuk Ramdan.Maksudna anggota reguna moal waka dibejaan rencana Ramdan jeung Toha.Bisi rasiah kaburu bocor.
“Enya, kitu we.”Tembal Toha pondok. Sanggeus duanana garanti baju, make calana pondok, nyorendang samping, mawa jeujeur. Duanana ngadigleu laleumpang ka Citarum, rek nguseup. Barang nepi ge, lung useup teh dialungkeun kana cai. Tapi anehna teu tuluy nagog, ngadagoan disanggut. Lalaunan duanana leumpang ka hilirkeun, nyenyekel jeujeur, nuturkeun useup nu dibawa palid ku cai walungan Citarum. Horeng nu tembong beungeut cai na ngeuyeumbeu, tenang teh, di jerona mah nyedot tarik.


Barang nepi ka hiji tempat, Toha eureun, gog nagog, kawas nu keur nguseup we.Diturutan ku Ramdan. Bari panonna nempo kana beungeut cai, Toha ngomong ngagereyem, “Tuh, Dan. Eta hong caina.” Cenah nuduhkeun ku gado.
“Euh enya,”Ramdan ngajawab pondok.
“Tuh nu di juru tembok, eta munara lampu.Handapeun lampu nu nyorot, aya bedil mesin.” Ceuk Toha deui.
“Eta nu dituruban deklit?” Tembal Ramdan
“Enya. Kabehna aya 3 munara lampu. Yu ah..”Toha ngajak Ramdan mapay walungan balik deui ka girang. Sabab katempo, dina luhur tembok gedong peteng, aya nu ngajuringkang. Meureun tentara Walanda nu keur tugas jaga. Nepi ka lebah sasak beusi, duanana haranjat. Tuluy ngagaredig mapay susukan leutik, jeung galengan sawah, ka lembur Manggahang deui. Ngahaja teu mapay jalan, bisi aya nu nyuriga.
Sadatangna ka tajug nu tadi, lung miceun jeujeur ka kolong, top nyarokot ransel butut, leos we arindit, ka Cangkring-keun. Dur magrib, nyarimpang ka Ciheulang, beres salat Isya, asup ka imah Undang, alahsahiji anggota regu Ramdan nu kacida dipercaya jeung diandelkeun. Tiluan baradami di jero kamar, ting harewos, dicaangan ku lantera. Toha meberkeun keretas, tuluy nyokot patlot gede,beureum bulao, paranti tukang bas, ngagurat papan. Walungan Citarum jeung wangunan gedongpeteng tea digambar. Set set ngaguratkeun tanda panah. Ting harewos, papelong-pelong. Jep taya sora.lantera dibawa ka tengah imah.Toha ngagoler dina samak, sirahna diganjel angel lepet. Ramdan mah jeung Undang ngagoler di tengah imah.Bari ngareukeupan bedil. Horeng bedil Ramdan jeung pestol Toha, disumputkeun di imah Undang, memeh ngaruseup ka Citarum teh. Lain bedil otomatis cara ayeuna, tapi karaben sesa Jepang.
Poe Kemis, di markas BBRI, tembong aya kasibukan, rupa-rupa laku para pajuang.Aya nu meresihan bedil, nu boga bedil mah. Aya nu ngasah pedang. Aya nu meulitkeun lamak beureum dina puhu bamburuncing. Toha jeung sababaraha urang komandan regu,keur baradami dina meja. Jam sawelas kakara rapat bubar. Karasa ku anggota pasukan,aya nu aneh. Pangpangna sikep Toha nu beda ti sasari. Najan lain jalma sombong, tapi irit ngomong. Najan pasemon mah tara robah, ambek ge Toha mah tara kaciri, da teu weleh imut. Harita mah teu kitu, bet wani ngaheureuyan anak buah, malah make jeung menta udud sagala. Pan tara,biasana mah. Da Toha nu sok ngabagi ududeun. Tempo dahar, Toha teu dahar di kamar nu aya di markas, tapi bareng sarila, ngariung, malah wani menta sambel sagala ka Tatang. Beres dalahar, bari ngadagoan waktu lohor, Toha baceo, ngadongengkeun kaayaan kulawargana nu diungsikeun ka Garut.Malah cenah, resep nempo Si Amoy, geulis, anak Si Asiong, tukang potret. Ger saleuseurian. Ah heureuy we poe eta mah, Toha teh. Komo digoongan ku Ramdan nu memang geus nyarahoeun sok heureuy. Atuh beuki ager-ageran, saleuseurian. Si Uso mah make jeung ngengklak, ngigel, dikaleprokan ku baturna, bari tarembang lagu perjuangan:
Cooolenak, kueh dangdeur digulaan,
awas bom batok, awas bom batok,
rebu-rebu budak montok,
leumpangna dicentok-centok,
sieun nincak taikotok,
hallow hallow Bandung,
ibukota periyangan,
hallow hallow Bandung,
kota kenang-kenangan
sudah lama beta tidak berjumpa dengan kau
sekarang telah menjadi lautan api
mari bung rebut kembali,
cooolenak…prok prok prok..
Oh beginilah nasibnya soldadu
Diosol-osol dan diadu-adu
Tapi biar tidak apa asal untuk Indonesia
Pasukan Siliwangi
Saeutik ge mahi….prok prok prok
Tapi taya saurang anggota laskar BBRI nu wani nanyakeun, naon sababna sikep Toha kitu. Aratoh we, da memang pada harayang gaul deukeut jeung Toha mah.
Kira tabuh lima sore, Toha ngayakeun briefing(mere instruksi jeung informasi penting), jeung kabeh komandan regu. Tuluy, ngajelaskeun rencana strategi partahanan, pikeun nyanghareupan serangan musuh, dina isuk subuh.
“Jadi, peuting ieu sarerea kudu sare, kajaba nu tugas jaga. Jam 3 janari, kudu nempatkeun diri dina pos sewang-sewangan, nu engke ditangtukeun ku komandan regu.Merdeka!” Ceuk Toha nutup intruksina, bari ngacungkeun leungeun nu dipeureupkeun. Nu dijawab ku sarerea dina sumanget nu ngagedur,”Merdeka!” cenah. Bubar weh.



Tengah peuting, basa kabeh angota laskar, sarare, Toha jeung Ramdan, katut reguna, aya 10 jalma kaasup Undang, rerencepan, ngalolos ti markas, mapay susukan, motong jalan ka pasawahan, kabeneran poek bulan. Unggal aya kingkilaban, maranehna gancang caringogo,nyumput handapeun tangkal Cau, Hiris, atawa Kihujan. Lebah sasak beusi Dayeuhkolot, meuntas jalan, tuluy tuturubun ka sisi Citarum. Toha ngingkig tiheula. Kira 100 meter, dituturkeun ku Ramdan jeung regu na.Leumpang ngeteyep bari mopoek, teu kadenge sora sakecet. Iwal ti sora angin jeung cai nu ngagulidag. Nepi ka tempat nu geus dicirian dina gambar, di imah Undang tea, pasukan ngarandeg. Ramdan masang steling. Anak buahna ditempatkeun duaan-duaan. Aya nu dina gawir, sisi cai, handapeun Kirinyuh, jeung sajabana. Instruksi teumeunang udud.Sabab buricak seuneu bisi katangen ku musuh
Sajongjongan jempe taya sora jalma kadenge, nu carindekul nyarumput, dibulen ku simpena peuting. Barang kadenge aya sora manuk Sit Uncuing, kode ti Toha ka Ramdan, harita Ramdan mere kode ku sora manuk Tikukur. Hartina nu aya dina gawir, kudu mimiti nembak, ka munara lampu sorot. Ngadenge tembakan sakali, jol bray wae lampu sorot teh caang ditutukeun ku berebetna sora miltaliur. Gorowok saurang anak buah Ramdan ngagoak, katembak lebah dadana, jungkel gejebur ragrag ka Citarum. Sabot keur ragot silih tembak, Toha ngojay nyerong, meuntas Citarum, tuluy asup kana hong cai, nu gedena sagede beuteung munding.Perhitungan Toha teu salah, tungtung hong teh nyambung ka kamar mandi, Walanda di jero markas.Najan bari barau, tur hese beleke, ahirna Toha bisa, asup ka kamar mandi. Ti dinya, neangan rohang paneundeunan bom.Nu cenah handapeun taneuh. Teu burung kapanggih. Barang Toha ngadeukeutan panto beusina, kadenge ngedepruk sora sapatu nu jaga. Taya panyumputan, kapaksa asup kana dreum wadah runtah. Ana gajlok teh tina jero dreum aya nu luncat kaluar, teu wudu Toha ngagebeg. Horeng ucing. Ngadenge turub dreum ngagulupruk, tentara Walanda nu ngontrol, nyampeurkeun. Kadenge sora ucing uang-eong. Tentara Walanda teh, teu tulus nyampeurkeun, ukur ngomong “ Ow..” geus weh, manehna balik deui. Sabot kitu di luar nu bertempur teu saimbang ragot keneh.Ramdan katembak. Manehna sempet keneh, nyoehkeun bajuna nu bodas kolot. Tuluy nulis ku getih. Sok dibikeun ka Undang, sina dianteurkeun ka lanceukna. Undang geus narima baju pinuh getih, ngabelecet, lumpat, tapi teu burung manehna ge katembak, nepi ka leungeunna sabeulah semplak. Sadatangna ka Ciheulang, cenah Undang kapidara. Tapi baju nu aya aksara getih Ramdan mah, teu burung nepi ka lanceuk Ramdan. Beres mikeun baju, tea, Undang ngagolepak, gugur.
Sanggeus tentara Walanda nu ngontrol ngaleos, Toha gura-giru bari tartib, nyampeurkeun deui panto paneundeunan bom. Harita ti jero aya saurang tentara Walanda nu rek bijil. Teu antaparah deui, gabrug ku Toha dirontok, ger galungan. Kabeneran najan Walanda teh jangkung gede, ku Toha bisa dihompet, dipiting. Sret nyabut pestol, peletok sirah Walanda teh ditakol ku gagang pestol, kulahek, rumpuyuk we kapaehan. Geuwat Toha ngodokan saku tantara Walanda, neangan konci. Geus beunang, bray panto dibuka. Trek dikonci ti jero. Barang bus ge kareret, di jero gudang teh, bom ngajajar neundeuna ditumpuk, lobana teu kaitung. Kacaangan ku lampu listrik nu teu pati mabra. Toha ngahuleng, terus ngangkat dua leungeunna, ngadu’a,ka Mahasuci, menta dihampura ka indung, ahirna satengah ngajorowok, nitah neruskeun perjuangan ka babaturanana. Tah basa Toha keur ngadu’a di jero gudang bom, tentara Walanda nu tadi kapaehan teh, inget, hudang, ngadenge di jero aya sora kawas nu keur ngadu’a, manehna ngagebrug-gebrug panto rek muka. Tapi pageuh. Belenyeng we manehna lumpat rek lapor ka komandanna. Tapi teu kaburu. Sabab Toha nyabut pin (konci) granat, terus dibaledogkeun kana tumpukan bom.Geleger..sora bom bitu handaruan, malah eundeur-handaruan geleger sorana kadenge nepi ka Patengang. Eta kajadian dina malem Jumaah. Gedongpeteng teh salin jinis jadi talaga, sabab Citarum asup, kana legok urut bituna bom. Atuh lapur, Walanda teh teu tulus ngancurkeun Bandung Kidul, sabab kabeh parabot perang senjata jeung amunisi, malah puluhan tentara Walanda nu aya di dinya, ancur. Kasawang kuma rajetna awak Mohamad Toha. Boa jadi cai. Matak dina tugu nu bareto mah diadegkeun di tengah talaga(ayeuna mah geus disaeuran, sawareh dijieun lahan kantor jeung markas Kujang seksi Zeni Tempur,( Zipur). Aya tulisan: Di sini Toha dan kawan-kawan beristirahat. Aya deui patung Toha, nu diadegkeun,dina lahan nu ayeuna dipake terminal Dayeuhkolot. Hanjakal teu dipiara. Sakuriling patung loba runtah. Kitu tah Jang lalakon Pahlawan Toha mah, “Ceuk Si Abah Didi. “Teuing da paroho deui,”Cenah.
Najan ayeuna Pahlawan Toha meh taya nu ngajenan, malah aya nu nyebut , sagala. Tapi Abah mah tetep reueus, jeung hormat ka anjeuna. Da Pahlawan Toha mah, pakokolot supa atuh jeung abah, kolot anjeuna beda 3 taunan.”Pokna.”Atuda ku hebat-hebatna bitu eta gedongpeteng, mobil jip jeung tankwaja Walanda nu aya di jalan ge, caroplok ban na teh.Lini na karasa inggeung nepi ka Cicalengka.” Ceuk Bah Didi mungkas wangkonganana.Ngagambarkeun yen Moh.Toha Pahlawan nu gede wawanen.

Ti Salaka

Comments

Popular posts from this blog

NGARAN PAPARABOTAN JEUNG PAKAKAS

Masrahkeun Calon Panganten Pameget ( Conto Pidato )

Sisindiran, Paparikan, Rarakitan Jeung Wawangsalan katut contona