Nyukcruk Galur
Keur urang Cianjur atawa urang Jawa Barat mah komo ka nu resep Tembang Sunda Cianjuran, geus moal bireuk deui saha ari Aki Dadan.
Anjeunna sering nampi uleman, kanggo midangkeun kaahlianana dina widang nembang Sunda Cianjuran. Boh di Cianjur, boh di Bandung atawa di kota-kota sejenna. Boh dina acara-acara resmi kanagaraan, boh di anu ngayakeun hajatan rongkah atawa basajan.
Tapi saur para ahli mah, Mamaos atanapi Nembang Sunda Cianjuran nu dihaleuangkeun ku Aki Dadan teh, karasa aya bedana ti nu sejen. Sabab haleuang Cianjuran Aki Dadan mah, Mamaos Cianjuran nu asli. Sanes Cianjuran kiwari, nu remen dipasanggirikeun.
Nu rada ‘aheng-na’ teh deuih, Aki Dadan mah estu idealis pisan dina mertahankeun kaaslian Mamaos Cianjuran. Teu kersaeun dikuah kieuh sok kantenan kolaborasi sareng musik lian, nu pajar nyaluyukeun jeung kamotekaran jaman. Nepikeun ka aya Cianjuran nu disebut Garutan, Ciawian jeung sajabana.
” Cianjuran mah nya Cianjuran bae nu bener kawas bareto kahoyong nu nyiptakeunana, tapi lain teu meunang dikembangkeun deui. Eta mah kumaha karesepna, da henteu matak goreng “, ceuk Aki Dadan dina hiji waktos.
Leres pisan ki, upami Cianjuran dipikaresep ku urang Perancis tea mah, pan teu kedah robih janten Paris-an nya ! Duka upami aya Cianjuran ala Paris mah, atanapi ala Tokyo.
Hartosna maksad Si Aki mah panginten, mun arek oge aya Pasanggiri Cianjuran. Nya pasanggiri Cianjuran anu asli atuh, Cianjuran nu bener, basana teh. Lain Cianjuran nu geus meunang ngaropea deui. Samalah lain nu ngan ukur ngaranna wungkul Tembang Sunda Cianjuran, ari lain Mamaos asli nu asalna ti Cianjur mah.
Matak cenah urang Cianjur mah rada heseeun rek jadi pinunjul dina pasanggiri Cianjuran teh, da paingan atuh meureun nu dipasanggirikeunana oge beda jeung Mamaos Cianjuran nu sabenerna.
Kusabab kitu lamun eta hal diantep, lila-lila Mamaos Cianjuran nu sabenerna mah teu mustahil bakal leungit. Atawa sakurang-kurangna pada naringgaikeun da teu nyarahoeun tea, nu kumaha sabenerna nu disebut Mamaos Cianjuran teh. Iwal ti Cianjuran jaman kiwari, nu geus loba diropea. Mamaos nu ngan saukur boga ngaran tea, Tembang Sunda Cianjuran… !
Alatan sikep Aki Dadan anu sakitu kuatna dina nanjeurkeun prinsip Mamaos Cianjuran (idealis tea, kitu), teu saeutik ahli Cianjuran jeung para inohong sejenna nu mikaserab ka anjeunna.
Nu matak ceuk Abah Ruskawan tea mah, eta Pupuhu Paguyuban Pasundan Cabang Cianjur, bari seuri. Aki Dadan teh Seniman Cianjuran anu moyan pisan.[] seniman nu resep moyan isuk-isuk, bari ngopi, Dikitukeun teh, jinisna ku anjeun teu sing pundung Nu puguh mah kalahka ngabarakatak, mangkaning keur ngenyot udud keretek. Atuh jadi rada kabesekan Ku haseup udud, jegroh batuk bari reumbay cipanon.
Nu boga dosana mah Abah Ruskawan, geus ngaleos manten ding kamendi. Ninggalkeun Si Aki nu keur ongkek-ongkekan pameunteuna pias, ari udud ucas acos teu daekeun leupas.
Beu, na eta mah, baku ari geus ngaheureuyan kolot teh. Tapi da geus kitu ilaharna, lamun keur ngariung teh pasti bake dibarengan ku banyol. Nu kudu rada dipikiran mah eta geuning aya kuresep lamun nenjo batur keur manggihan katalangsara teh. Enya, pan ari keur kabesekan haseup teh geuning sok karasa nyeri kana irung, tikoro malah dibarengan ku eungap dada sagala rupa ditambahan ku peurih mata, da reumbay ku cipanon Tapi kunaon ku urang sok kalahka disaleungseurikeun, lain buru ditarulungan.
Tapi mungguhing papada Seniman jeung Budayawan tea, sarua jalma merdeka. Teu mangkuk sapoe ti harita geus ngariung deui di Sekretariat LKC (Lembaga Kebudayaan Cianjur) tingbarakatak saleuseurian, nyeungseurikeun kahirupanana sewang¬sewangan nu beuki tigerat.
Wangsul deui ka Aki Dadan, saha atuh nu saleresna, anjeunna teh ?
Aki Dadan teh nyaeta putrana Mang Endu (Endu Sulaeman Apandi), Seniman Cianjuran nu tina rundayan karuhunna mah kungsi janten murid R. Ece Madjid. Inohong Cianjuran bihari anu kaanggo pisan ku Dalem R.A. Wiranatakusumah. (Lajeng teras diboyong ka Bandung, samalih ditikahkeun sareng R. Siti Munigar). Luyu sareng katerangan Aki Dadan dina hiji waktos, yen bibit buit anjeunna mah ngarupikeun para abdi Dalem Cianjur kapungkur dina widang Seni Budaya.
Kukituna munasabah pisan mun dina ieu buku, Aki Dadan Sukandar (nami lengkepna) medarkeun elmu panemuna ngeunaan Tembang Sunda Cianjuran. Medarkeun asal usul bari ngaguar deui, kumaha mimitina aya Mamaos Cianjuran. Sakumaha nu mindeng kadangueun ku Aki Dadan ti para karuhunna kapungkur, nalika anjeunna nuju anom nincak rumaja atawa boa nuju murangkalih keneh pisan.
Tapi saur Aki Dadan, sateuacan ngaguar Mamaos Cianjuran, urang kedah terang heula ka karuhun nu tos ngawangun ieu Dayeuh Cianjur.
Datangna ieu jalma-jalma ka Cibalagung (kiwari aya di wilayah Kacamatan Mande, Cianjur), kusabab embung diparentah tur dikadalikeun ku Pamarentah Kolonial Belanda. Nu matak jauh dijugjug anggang diteang, bakat kuhayang neangan pitempateun nu aman, bebas tina parentah nu lian.
Tapi eta maksud Embah Kahir saparakanca, kanyahoan ku Pamarentah Kolonial Walanda di Batavia. Nu tungtungna marentahkeun ka Kasulltanan Cirebon, sangkan ngawaskeun gerak gerik eta jalma-jalma ti Banten nu geus ngungsi ka Cibalagung, kalawan jumlah aya ratusna.
Satuluyna Sultan Cirebon nunjuk salah sawios Panglimana nu aya di Tanah Datar, sangkan ngawaskeun gerak gerik eta jalma-jalma ti Banten sakumaha parentah ti Pamarentah Kolonial Walanda.
Ari Tanah Datar ngarupikeun hiji wewengkon di Kasultanan Cirebon, nu Panglimana katelah pinter jeung wijaksana wastana Ki Wiratanu. Salah sawios putra sakaligus santri R. Aria Wangsagoparana ti Pasantren Talaga, Subang nu dipupuhuan ku ramana ku anjeun.
Ari R. Aria Wangsagoparana, ngarupikeun karabat sareng salah sawios santrina Syeh Syarief Hidayatullah (Sunan Gunung Jati).
Teu lami ti harita, Ki Wiratanu katut rombonganana bral mios ka wewengkon Cijagang (kiwari aya di wilayah Kacamatan Cikalongkulon, Cianjur). Teras bubuara naratas pilembureun, muka leuweung geledegan. Pikeun ngawaskeun gerak lengkahna jalma-jalma ti Banten tea, sakumaha parentah ti Sultan Cirebon.
Tina Kapamingpinan Ki Wiratanu anu arif tur wijaksana kalayan henteu weleh muntang ka Nu Maha Kawasa Allah SWT, tuluy nyambuang nyeungitan alam sabudeureunana. Dugikeun ka jalma-jalma nu ti Banten tea daratang ka anjeunna sarta tuluy sapuk ngaku, yen Ki Wiratanu teh pamingpin aranjeunna. Tur ngalandih gelar R. Aria Wiratanu Datar (Wiratanu ti Tanah Datar).
Disagedengeun eta, tilu kokolot ti Banten tea oge langsung dipasihan pancen janten pangawal-pangawal R.A. Wiratanu Datar.
Sawatara taun ti wangkid harita, wewengkon Cibalagung beuki rame, rahayatna beuki nambahan. R.A. Wiratanu Datar, saterasna ngadegkeun Kademangan Cibalagung. Rahayat di wewengkon eta mufakat ngangkat Pamingpin Kademangan, nyaeta putra R.A. Wiratanu Datar pang-ageungna, wastana R.A. Yoedha Manggala janten Dalem Cibalagung. Ieu kajantenan kirang langkung, diantawis Taun 1676-1677.
Sajaba ti eta para pamingpin nu aya disakuliah wewengkon Cianjur lianna, oge sapuk ngangkat Dalem Cikundul janten pamingpin Nagri Cianjur tur disebat Raja Gagang. Hiji pamingpin nu diangkat ngaliwatan hasil musyawarah para pamingpin lianna, nu aya di wewengkon Nagri Cianjur waktos harita.
Dalem Cikundul nu arif wijaksana, uningaeun pisan kana ayana gejala parebut kakawasaan diantawis putrana. Saenggalna anjeunna nyaur Wira Manggala sarta teras nganjurkeun, sangkan eta putra kalima teh mios ka tebeh kulon. Oge ngawidian ka Wira Manggala, sangkan nyandak sabagean rahayat Cibalagung, ngiring milari Taneuh Bahe Ngetan Sisi Walungan.
Teu lami ti harita, Wira Manggala sareng rombonganana miang ka tebeh kulon. Kademangan Cibalagung, salamet tina bancang pakewuh. Ari rombongan Wira Manggala nu harita miang ti Kademangan Cibalagung teh, dipingpin ku Ayah enggong. Sedengkeun ari ayah Enggong ceuk rundayanana mah, nyaeta karuhunna Mang Endu Sulaeman Apandi tea (Aki Dadan, putra ka-tujuh ti Endu Sulaeman Apandi ; Pen)
Salajengna rombongan naratas leuweung dugi ka hiji wewengkon nu pinuh ku tatangkalan, nu eusina Sayang Heulang wungkul. Eta wewengkon saterasna dinamian Kampung Sayang Heulang. (kiwari jalan By Pass/JI. Dr. Muwardi).
Rombongan teras ngabring rada nanjak ka palih kulon, dugi ka hiji wewengkon nu perenahna rada kaluhur. Wira Manggala rarat reret kaditu kadieu, sagala katembong. Tungtungna eta wewengkon teh dinamian, Kampung Panembong.
Aya kereteg dina manah Wira Manggala waktos harita, yen wewengkon nu janten jugjugan parantos caket. Lajeng anjeunna sareng rombongan neraskeun lalampahan, rada mudun deui kahandap ka tebeh wetan. Ngalangkungan seueur tangkal salak jeung tangkal kopi. Ban marapah rombonganana paciweuh, ngalaan heula eta buah salak jeung kopi. Dugi ka wewengkon eta janten nelah tug dugi ka ayeuna, janten Kampung Salakopi.
Tidinya rombongan Wira Manggala neraskeun deui lalampahan, bari tos reup-reupan Maghrib. Nya rombongan teh reureuh dihiji tempat nu taneuhna rada rata, tur sisi walungan rada leutik. Dugi ka rombongan nu kacapean teh ngarereb di eta tempat, milari Pangsarean (tempat pikeun sare). Nya wewengkon eta, nu kiwari janten Kampung Pasarean tea. (Kiwari mah sabagean janten Tempat Pemakaman Umum). Sareng seueur deui wewengkon atanapi nami tempat sejenna nu dugi ka ayeuna masih keneh dianggo, tur saleresna mah ngandung sajarah karuhun Cianjur. (Insya Allah ngeunaan nami-nami tempat ieu, ku LKC bade ditalungtik deui teras dibukukeun, pidu’ana bae).
Pondok carios kinten-kinten Taun 1690, ngadeg Kademangan Pamoyanan. Perenahna tetela sapertos nu dianjurkeun ku R.A. Wiratanu Datar (rama-na), nyaeta di palebah taneuh bahe ngetan sisi walungan tea. (wewengkon Pamoyanan kiwari)
Teu lami ti harita, R.A. Wiratanu Datar wafat di Cikundul. R.A. Mira Manggala ngaraos sedih, lajeng muru sisi walungan. Di sisi walungan anjeunna ngeluk tungkul bari rambisak, emut ka nu janten ramana. Emut yen anjeunna sareng rombonganana tiasa ngadegkeun Kademangan Pamoyanan, ku kawijaksanaan sareng anjur-an ti nu janten ramana, R.A. Wiratanu Datar.
Ku ayana kajantenan eta, walungan tempat ngadeg R.A. Wira Manggala harita, lajeng dinamian ku anjeunna walungan Ci-anjur. Kitu deui Kademangan Pamoyanan dinamian ” Pamoyanan Tepising Cianjur “
Salajengna ku kabinekasan R.A. Wira Manggala, Kademangan Pamoyanan kaetang maju dina pangwangunanana. Dugikeun ka seueur rahayat ti Kademangan Cibalagung, nu ngahaja ngalih ka Pamoyanan. Tungtungna lami-larni, rahayat Cibalagung jadi ngirangan.
Walhasil R.A. Wira Manggala ngarupikeun hiji pamingpin Cianjur bihari, nu kaetang sukses. Salajengna rahayatna harita mufakat nga-anugerahkeun gelar ka anjeunna, janten R.A. Wiratanu Datar kadua. Nu oge disebat Dalem Tarikolot. Sakaligus ngangkat anjeunna, janten Dalem Sunda Kilen (Sunda Kulon). Tug dugi ka ayeuna lokasi waktos nga-anugerahkeun gelar ka Wira Manggala teh masih keneh aya, nyaeta nu disebat Kampung Gelar tea.
Naon margina, sabab Aki Dadan rek neraskeun deui wangkonganana ngeunaan Mamaos Cianjuran tea. Saur Si Aki, karuhunna teh rata-rata seueur nu janten abdi Dalem (Jalmi-jalmi nu diperyogikeun tanagi sareng emutanana, ku kaum ningrat).
Sumangga nyanggakeun, ieu caritaan Aki Dadan ti para karuhunna tea nu langsung diserat ku anjeunna, ngeunaan asal usul Mamaos Cianjuran.
Seni Pantun teh biasana sok dipidangkeun ku nu yuswana tos sarepuh. (Saur paripaosna mah ku aki-aki). Midangkeun haleuang pantun dipayuneun Raja atanapi Ratu, kalayan nganggo guguritan nu eusina nga¬agungkan karuhun Raja atanapi Ratuna. (Kirang langkung abad ka-14 atanapi ka-15 M). Waktos harita bentangan kawat kecapi jumlahna mung aya 6 (genep).
Sri Baduga Maha Raja Prabu Siliwangi nyangklng kakawasaan di Pakuan Padjadjaran, salami kirang langkung 85 atanapi 87 taun. Samaiih aya nu nyebat saratus taun langkung. Waktos harita Ajaran Islam nu dicandak ku urang Gujarat (Padagang Islam Arab) tos ngawitan lebet ka Pakuan Padjadjaran, namung masih keneh teu acan seueur. Sedengkeun dua istri diantawis saratus selir Sri Baduga, tos ngagem Agama Islam.
Tiasa kauninga, salapan Wali (Walisongo) nu aya di Pulau Jawa, remen pisan ngayakeun pasamoan nu lokasina di Mega Mendung, Bogor. Maksadna mah kanggo ngatur siasah (strategi), kumaha carana sangkan tiasa lalugina lebet ka Karaton Padjadjaran bari tiasa langsung adu hareupan sareng Raja atanapi Ratu. Anu maksadna mah bade nyebarkan Agama Tauhid (Syiar Islam).
Dina hiji gempungan salah sawios Wali nyanggeman tiasa lebet ka Karaton, mayunan Raja atanapi Ratu. Ari sarana nu dianggo nyaeta ngagunakeun Seni Pantun, hiji kalangenan anu waktos harita dipikaresep pisan ku Raja sareng Ratu Padjadjaran.
Salah sawios Wali nu nyanggeman tea bade nyamar salaku Juru Pantun, midangkeun lagu-lagu bari metik kacapi sapertos biasa. Namung nganggolagu Sunda, nu sya’irna Islami.
Ti wangkid Narita Ki Juru Pantun sering diulem ku Radja, kanggo midangkeun lagu-agu pantun payuneunana. Dina hiji waktos Ki Juru Pantun mamalihan teh midangkeun sya’ir, nu uni-na sapertos kieu ;
Teu lami, Sang Raja tumaros deui ;
Anjeunna sering nampi uleman, kanggo midangkeun kaahlianana dina widang nembang Sunda Cianjuran. Boh di Cianjur, boh di Bandung atawa di kota-kota sejenna. Boh dina acara-acara resmi kanagaraan, boh di anu ngayakeun hajatan rongkah atawa basajan.
Tapi saur para ahli mah, Mamaos atanapi Nembang Sunda Cianjuran nu dihaleuangkeun ku Aki Dadan teh, karasa aya bedana ti nu sejen. Sabab haleuang Cianjuran Aki Dadan mah, Mamaos Cianjuran nu asli. Sanes Cianjuran kiwari, nu remen dipasanggirikeun.
Nu rada ‘aheng-na’ teh deuih, Aki Dadan mah estu idealis pisan dina mertahankeun kaaslian Mamaos Cianjuran. Teu kersaeun dikuah kieuh sok kantenan kolaborasi sareng musik lian, nu pajar nyaluyukeun jeung kamotekaran jaman. Nepikeun ka aya Cianjuran nu disebut Garutan, Ciawian jeung sajabana.
” Cianjuran mah nya Cianjuran bae nu bener kawas bareto kahoyong nu nyiptakeunana, tapi lain teu meunang dikembangkeun deui. Eta mah kumaha karesepna, da henteu matak goreng “, ceuk Aki Dadan dina hiji waktos.
Leres pisan ki, upami Cianjuran dipikaresep ku urang Perancis tea mah, pan teu kedah robih janten Paris-an nya ! Duka upami aya Cianjuran ala Paris mah, atanapi ala Tokyo.
Hartosna maksad Si Aki mah panginten, mun arek oge aya Pasanggiri Cianjuran. Nya pasanggiri Cianjuran anu asli atuh, Cianjuran nu bener, basana teh. Lain Cianjuran nu geus meunang ngaropea deui. Samalah lain nu ngan ukur ngaranna wungkul Tembang Sunda Cianjuran, ari lain Mamaos asli nu asalna ti Cianjur mah.
Matak cenah urang Cianjur mah rada heseeun rek jadi pinunjul dina pasanggiri Cianjuran teh, da paingan atuh meureun nu dipasanggirikeunana oge beda jeung Mamaos Cianjuran nu sabenerna.
Kusabab kitu lamun eta hal diantep, lila-lila Mamaos Cianjuran nu sabenerna mah teu mustahil bakal leungit. Atawa sakurang-kurangna pada naringgaikeun da teu nyarahoeun tea, nu kumaha sabenerna nu disebut Mamaos Cianjuran teh. Iwal ti Cianjuran jaman kiwari, nu geus loba diropea. Mamaos nu ngan saukur boga ngaran tea, Tembang Sunda Cianjuran… !
Alatan sikep Aki Dadan anu sakitu kuatna dina nanjeurkeun prinsip Mamaos Cianjuran (idealis tea, kitu), teu saeutik ahli Cianjuran jeung para inohong sejenna nu mikaserab ka anjeunna.
Nu matak ceuk Abah Ruskawan tea mah, eta Pupuhu Paguyuban Pasundan Cabang Cianjur, bari seuri. Aki Dadan teh Seniman Cianjuran anu moyan pisan.[] seniman nu resep moyan isuk-isuk, bari ngopi, Dikitukeun teh, jinisna ku anjeun teu sing pundung Nu puguh mah kalahka ngabarakatak, mangkaning keur ngenyot udud keretek. Atuh jadi rada kabesekan Ku haseup udud, jegroh batuk bari reumbay cipanon.
Nu boga dosana mah Abah Ruskawan, geus ngaleos manten ding kamendi. Ninggalkeun Si Aki nu keur ongkek-ongkekan pameunteuna pias, ari udud ucas acos teu daekeun leupas.
Beu, na eta mah, baku ari geus ngaheureuyan kolot teh. Tapi da geus kitu ilaharna, lamun keur ngariung teh pasti bake dibarengan ku banyol. Nu kudu rada dipikiran mah eta geuning aya kuresep lamun nenjo batur keur manggihan katalangsara teh. Enya, pan ari keur kabesekan haseup teh geuning sok karasa nyeri kana irung, tikoro malah dibarengan ku eungap dada sagala rupa ditambahan ku peurih mata, da reumbay ku cipanon Tapi kunaon ku urang sok kalahka disaleungseurikeun, lain buru ditarulungan.
Tapi mungguhing papada Seniman jeung Budayawan tea, sarua jalma merdeka. Teu mangkuk sapoe ti harita geus ngariung deui di Sekretariat LKC (Lembaga Kebudayaan Cianjur) tingbarakatak saleuseurian, nyeungseurikeun kahirupanana sewang¬sewangan nu beuki tigerat.
Wangsul deui ka Aki Dadan, saha atuh nu saleresna, anjeunna teh ?
Aki Dadan teh nyaeta putrana Mang Endu (Endu Sulaeman Apandi), Seniman Cianjuran nu tina rundayan karuhunna mah kungsi janten murid R. Ece Madjid. Inohong Cianjuran bihari anu kaanggo pisan ku Dalem R.A. Wiranatakusumah. (Lajeng teras diboyong ka Bandung, samalih ditikahkeun sareng R. Siti Munigar). Luyu sareng katerangan Aki Dadan dina hiji waktos, yen bibit buit anjeunna mah ngarupikeun para abdi Dalem Cianjur kapungkur dina widang Seni Budaya.
Kukituna munasabah pisan mun dina ieu buku, Aki Dadan Sukandar (nami lengkepna) medarkeun elmu panemuna ngeunaan Tembang Sunda Cianjuran. Medarkeun asal usul bari ngaguar deui, kumaha mimitina aya Mamaos Cianjuran. Sakumaha nu mindeng kadangueun ku Aki Dadan ti para karuhunna kapungkur, nalika anjeunna nuju anom nincak rumaja atawa boa nuju murangkalih keneh pisan.
Tapi saur Aki Dadan, sateuacan ngaguar Mamaos Cianjuran, urang kedah terang heula ka karuhun nu tos ngawangun ieu Dayeuh Cianjur.
* * *
Kocap kacarita, harita kirang langkuna Taun 1672. Jalma-jalma ti
Banten saeutik-saeutik mimiti daratang ka Cibalagung. Nepi ka jumlahna
tuluy ngalobaan, aya kana limaratus urangna. Eta jalma-jaima nu daratang
ti Banten teh, diluluguan ku tilu ‘kokolot’. Nyaeta nu disebut Ayah
Enggona, Embah Ilem jeung Embah Kahir. (Kabehdieunakeun, katelah Ahli Maenpo)Datangna ieu jalma-jalma ka Cibalagung (kiwari aya di wilayah Kacamatan Mande, Cianjur), kusabab embung diparentah tur dikadalikeun ku Pamarentah Kolonial Belanda. Nu matak jauh dijugjug anggang diteang, bakat kuhayang neangan pitempateun nu aman, bebas tina parentah nu lian.
Tapi eta maksud Embah Kahir saparakanca, kanyahoan ku Pamarentah Kolonial Walanda di Batavia. Nu tungtungna marentahkeun ka Kasulltanan Cirebon, sangkan ngawaskeun gerak gerik eta jalma-jalma ti Banten nu geus ngungsi ka Cibalagung, kalawan jumlah aya ratusna.
Satuluyna Sultan Cirebon nunjuk salah sawios Panglimana nu aya di Tanah Datar, sangkan ngawaskeun gerak gerik eta jalma-jalma ti Banten sakumaha parentah ti Pamarentah Kolonial Walanda.
Ari Tanah Datar ngarupikeun hiji wewengkon di Kasultanan Cirebon, nu Panglimana katelah pinter jeung wijaksana wastana Ki Wiratanu. Salah sawios putra sakaligus santri R. Aria Wangsagoparana ti Pasantren Talaga, Subang nu dipupuhuan ku ramana ku anjeun.
Ari R. Aria Wangsagoparana, ngarupikeun karabat sareng salah sawios santrina Syeh Syarief Hidayatullah (Sunan Gunung Jati).
Teu lami ti harita, Ki Wiratanu katut rombonganana bral mios ka wewengkon Cijagang (kiwari aya di wilayah Kacamatan Cikalongkulon, Cianjur). Teras bubuara naratas pilembureun, muka leuweung geledegan. Pikeun ngawaskeun gerak lengkahna jalma-jalma ti Banten tea, sakumaha parentah ti Sultan Cirebon.
Tina Kapamingpinan Ki Wiratanu anu arif tur wijaksana kalayan henteu weleh muntang ka Nu Maha Kawasa Allah SWT, tuluy nyambuang nyeungitan alam sabudeureunana. Dugikeun ka jalma-jalma nu ti Banten tea daratang ka anjeunna sarta tuluy sapuk ngaku, yen Ki Wiratanu teh pamingpin aranjeunna. Tur ngalandih gelar R. Aria Wiratanu Datar (Wiratanu ti Tanah Datar).
Disagedengeun eta, tilu kokolot ti Banten tea oge langsung dipasihan pancen janten pangawal-pangawal R.A. Wiratanu Datar.
Sawatara taun ti wangkid harita, wewengkon Cibalagung beuki rame, rahayatna beuki nambahan. R.A. Wiratanu Datar, saterasna ngadegkeun Kademangan Cibalagung. Rahayat di wewengkon eta mufakat ngangkat Pamingpin Kademangan, nyaeta putra R.A. Wiratanu Datar pang-ageungna, wastana R.A. Yoedha Manggala janten Dalem Cibalagung. Ieu kajantenan kirang langkung, diantawis Taun 1676-1677.
Sajaba ti eta para pamingpin nu aya disakuliah wewengkon Cianjur lianna, oge sapuk ngangkat Dalem Cikundul janten pamingpin Nagri Cianjur tur disebat Raja Gagang. Hiji pamingpin nu diangkat ngaliwatan hasil musyawarah para pamingpin lianna, nu aya di wewengkon Nagri Cianjur waktos harita.
* * *
R.A. Wiratanu Datar teh kagungan putra 12 urang, istri pameget.
Kinten-kinten Taun 1682, meh-mehan aya kajadian bancang pakewuh. Alatan
ayana parebut kakawasaan di Kademangan Cibalagung, diantawis R.A. Yoedha
Manggala sareng rayina ku anjeun wastana Wira Manggala. (Putra kalima
Dalem Cikundul).Dalem Cikundul nu arif wijaksana, uningaeun pisan kana ayana gejala parebut kakawasaan diantawis putrana. Saenggalna anjeunna nyaur Wira Manggala sarta teras nganjurkeun, sangkan eta putra kalima teh mios ka tebeh kulon. Oge ngawidian ka Wira Manggala, sangkan nyandak sabagean rahayat Cibalagung, ngiring milari Taneuh Bahe Ngetan Sisi Walungan.
Teu lami ti harita, Wira Manggala sareng rombonganana miang ka tebeh kulon. Kademangan Cibalagung, salamet tina bancang pakewuh. Ari rombongan Wira Manggala nu harita miang ti Kademangan Cibalagung teh, dipingpin ku Ayah enggong. Sedengkeun ari ayah Enggong ceuk rundayanana mah, nyaeta karuhunna Mang Endu Sulaeman Apandi tea (Aki Dadan, putra ka-tujuh ti Endu Sulaeman Apandi ; Pen)
* * *
Iring-iringan rombongan Wira Manggala dugi ka hiji wewengkon, teras
ngabukbak ieuweung. Daerah nu pangpayunna dibuka (dibukbak) teh, nyaeta
Kampung Muka, nu dugi ka ayeuna teu robih tetep janten Kalurahan Muka.Salajengna rombongan naratas leuweung dugi ka hiji wewengkon nu pinuh ku tatangkalan, nu eusina Sayang Heulang wungkul. Eta wewengkon saterasna dinamian Kampung Sayang Heulang. (kiwari jalan By Pass/JI. Dr. Muwardi).
Rombongan teras ngabring rada nanjak ka palih kulon, dugi ka hiji wewengkon nu perenahna rada kaluhur. Wira Manggala rarat reret kaditu kadieu, sagala katembong. Tungtungna eta wewengkon teh dinamian, Kampung Panembong.
Aya kereteg dina manah Wira Manggala waktos harita, yen wewengkon nu janten jugjugan parantos caket. Lajeng anjeunna sareng rombongan neraskeun lalampahan, rada mudun deui kahandap ka tebeh wetan. Ngalangkungan seueur tangkal salak jeung tangkal kopi. Ban marapah rombonganana paciweuh, ngalaan heula eta buah salak jeung kopi. Dugi ka wewengkon eta janten nelah tug dugi ka ayeuna, janten Kampung Salakopi.
Tidinya rombongan Wira Manggala neraskeun deui lalampahan, bari tos reup-reupan Maghrib. Nya rombongan teh reureuh dihiji tempat nu taneuhna rada rata, tur sisi walungan rada leutik. Dugi ka rombongan nu kacapean teh ngarereb di eta tempat, milari Pangsarean (tempat pikeun sare). Nya wewengkon eta, nu kiwari janten Kampung Pasarean tea. (Kiwari mah sabagean janten Tempat Pemakaman Umum). Sareng seueur deui wewengkon atanapi nami tempat sejenna nu dugi ka ayeuna masih keneh dianggo, tur saleresna mah ngandung sajarah karuhun Cianjur. (Insya Allah ngeunaan nami-nami tempat ieu, ku LKC bade ditalungtik deui teras dibukukeun, pidu’ana bae).
Pondok carios kinten-kinten Taun 1690, ngadeg Kademangan Pamoyanan. Perenahna tetela sapertos nu dianjurkeun ku R.A. Wiratanu Datar (rama-na), nyaeta di palebah taneuh bahe ngetan sisi walungan tea. (wewengkon Pamoyanan kiwari)
Teu lami ti harita, R.A. Wiratanu Datar wafat di Cikundul. R.A. Mira Manggala ngaraos sedih, lajeng muru sisi walungan. Di sisi walungan anjeunna ngeluk tungkul bari rambisak, emut ka nu janten ramana. Emut yen anjeunna sareng rombonganana tiasa ngadegkeun Kademangan Pamoyanan, ku kawijaksanaan sareng anjur-an ti nu janten ramana, R.A. Wiratanu Datar.
Ku ayana kajantenan eta, walungan tempat ngadeg R.A. Wira Manggala harita, lajeng dinamian ku anjeunna walungan Ci-anjur. Kitu deui Kademangan Pamoyanan dinamian ” Pamoyanan Tepising Cianjur “
Salajengna ku kabinekasan R.A. Wira Manggala, Kademangan Pamoyanan kaetang maju dina pangwangunanana. Dugikeun ka seueur rahayat ti Kademangan Cibalagung, nu ngahaja ngalih ka Pamoyanan. Tungtungna lami-larni, rahayat Cibalagung jadi ngirangan.
Walhasil R.A. Wira Manggala ngarupikeun hiji pamingpin Cianjur bihari, nu kaetang sukses. Salajengna rahayatna harita mufakat nga-anugerahkeun gelar ka anjeunna, janten R.A. Wiratanu Datar kadua. Nu oge disebat Dalem Tarikolot. Sakaligus ngangkat anjeunna, janten Dalem Sunda Kilen (Sunda Kulon). Tug dugi ka ayeuna lokasi waktos nga-anugerahkeun gelar ka Wira Manggala teh masih keneh aya, nyaeta nu disebat Kampung Gelar tea.
* * *
Kitu rupina, carita salangkung ngeunaan nyukcruk galur karuhun
Cianjur kapungkur. Etang-etang ngemutan deui ka nu tos aruninga,
ngabejaan ka barudak ayeuna. Sangkan ulah poekeun teuing, pareumeun
obor.Naon margina, sabab Aki Dadan rek neraskeun deui wangkonganana ngeunaan Mamaos Cianjuran tea. Saur Si Aki, karuhunna teh rata-rata seueur nu janten abdi Dalem (Jalmi-jalmi nu diperyogikeun tanagi sareng emutanana, ku kaum ningrat).
Sumangga nyanggakeun, ieu caritaan Aki Dadan ti para karuhunna tea nu langsung diserat ku anjeunna, ngeunaan asal usul Mamaos Cianjuran.
* * *
Waktos harita Karajaan Pakuan Padjadjaran, Murba (Murba, hartosna
jaya). Kasenian nu tiasa lebet ka Karaton sareng dipikaresep ku para
Raja, diantawisna Kasenian Pantun.Seni Pantun teh biasana sok dipidangkeun ku nu yuswana tos sarepuh. (Saur paripaosna mah ku aki-aki). Midangkeun haleuang pantun dipayuneun Raja atanapi Ratu, kalayan nganggo guguritan nu eusina nga¬agungkan karuhun Raja atanapi Ratuna. (Kirang langkung abad ka-14 atanapi ka-15 M). Waktos harita bentangan kawat kecapi jumlahna mung aya 6 (genep).
Sri Baduga Maha Raja Prabu Siliwangi nyangklng kakawasaan di Pakuan Padjadjaran, salami kirang langkung 85 atanapi 87 taun. Samaiih aya nu nyebat saratus taun langkung. Waktos harita Ajaran Islam nu dicandak ku urang Gujarat (Padagang Islam Arab) tos ngawitan lebet ka Pakuan Padjadjaran, namung masih keneh teu acan seueur. Sedengkeun dua istri diantawis saratus selir Sri Baduga, tos ngagem Agama Islam.
Tiasa kauninga, salapan Wali (Walisongo) nu aya di Pulau Jawa, remen pisan ngayakeun pasamoan nu lokasina di Mega Mendung, Bogor. Maksadna mah kanggo ngatur siasah (strategi), kumaha carana sangkan tiasa lalugina lebet ka Karaton Padjadjaran bari tiasa langsung adu hareupan sareng Raja atanapi Ratu. Anu maksadna mah bade nyebarkan Agama Tauhid (Syiar Islam).
Dina hiji gempungan salah sawios Wali nyanggeman tiasa lebet ka Karaton, mayunan Raja atanapi Ratu. Ari sarana nu dianggo nyaeta ngagunakeun Seni Pantun, hiji kalangenan anu waktos harita dipikaresep pisan ku Raja sareng Ratu Padjadjaran.
Salah sawios Wali nu nyanggeman tea bade nyamar salaku Juru Pantun, midangkeun lagu-lagu bari metik kacapi sapertos biasa. Namung nganggolagu Sunda, nu sya’irna Islami.
Ti wangkid Narita Ki Juru Pantun sering diulem ku Radja, kanggo midangkeun lagu-agu pantun payuneunana. Dina hiji waktos Ki Juru Pantun mamalihan teh midangkeun sya’ir, nu uni-na sapertos kieu ;
Raja-na sagala RajaSri Baduga Maha Raja ngaraos kataji, ku sya’ir ditembangkeun sang Juru Pantun eta. Kumargi kitu saparantosna nembang sareng ngadangukeun pantun teh, dilajengkeun kana pancakaki. Utamina Sang Prabu seueur naros ka Ki Juru Pantun, diantawisna ;
Gusti-na sagala Gusti Anu ngarajaan Bumi
Jeung langit katut eusina.
Raja : ” Aki, ari nu dimaksad ku Aki – Raja¬na sagala Raja. Gusti-na sagalaSaparantos ngadangu kitu, Sri Baduga Maha Raja katingal ngahuleng lami pisan. Rupina bae anjeunna emut ka dua istri selirna nu tos ngagem Agama Islam, namung henteu diwagel ku anjeunna kantenan diganggu mah.
Gusti teh, saha atuh ? “
Juru Pantun : ” Gusti Nu Murbeng Alam “
Raja tambih panasaran ; ” Saha atuh nu Murbeng Alam teh ? “
Diwaler ku Ki Juru Pantun teh, dugi ka tilu kali ;
” Allah — Allah — Allahu Akbar “
Teu lami, Sang Raja tumaros deui ;
” Ari Aki teh, saha tea atuh ? “Salajengna dina pasamoan pamungkas, Sri Baduga Maha Raja Prabu Siliwangi cumarios deui ka Juru Pantun ;
Ki Juru Pantun ngawaler ;
” Ari saur nu nyebat mah Aki teh : Ki Nurul Tohidi ” Saatos rada lami ngahuleng deui, Sang Raja cumarios bari dumareuda ;
” Oh kitu ! “
“Ageman kuring keur kuring,Dugi ka anjeunna tos bade wafat Prabu Siliwangi masih keneh ngalahir ka sadaya rahayat Padjadjaran sareng Ratu miwah para selima, yen ;
Ageman anjeun keur anjeun “
“Ageman kuring keur kuring,
Ageman anjeun keur anjeun ”
* * *
” Sareng sing saha and wedi ku
kalungguhan Pangeranana, sarta ngariksa dirina tine hawa nafsu.
Sayaktosna, nya sawarga geusan pangbalikanana “
( QS. 79 : 40-41)
referensi: cianjurkab
Comments
Post a Comment
Saumpamina aya nu peryogi di komentaran mangga serat di handap. Saran kiritik diperyogikeun pisan kanggo kamajengan eusi blog.