Basa Sunda: Wirasa, Wirahma, Wiraga

Rumpaka-rumpaka samodel tads sanes mung ukur tiasa nembangkeunana, tapi mangga paluruh eusina. Apan cenah, nembang teh kudu dibarengan ku : Wirasa, Wirahma jeung Wiraga. Cindekna lamun eta tembang teu dibarung ku : Wirasa, Wirahma jeung Wiraga, moal karasa ni’matna turta moal anteb karasana. Bakal nyerep kana hate, malah teu saeutik dina nembang sok aya nu dibarengan ku ngembeng cisoca. Komo jeung lamun dibarung ku karumaosan, cek basa kiwari mah dihayati. Geura ieu titenan, rumpaka ;

Papatat 1
Pajajaran kari ngaran
Pangrango geus narikolot
Mandalawangi ngaleungit
Nya dayeuh geus jadi leuweung
Nagara geus lawas pindah
Saburakna Pajajaran
Gunung gumuruh geus sawung
Geus Nem jeung nagarana
Papatat 1
Ting haraung ting haregung
Meong leuweung ngahaleuang
Meong sancang meong kumbang
Meong loreng rerendengan
Panilsan banas pati
Panonoban genderewo
Panyicingan jin siluman
Siluman marakayangan
Tatalegongan
Bangkong dikongkorong kujang
Ka cai kundang cameti,…….da kole
Kole di buah hangasa
Utah ngomong samemeh leumpang,…..da hirup
Katungkul ku pati
Paeh teu nyaho dimangsa
Hirup katungkul ku pati
Paeh teu nyaho dimangsa
Panambih laras Madenda, yasana Bapa Bakang Abubakar.

Muntang ngeumbing
- Kalayan widi lisan ti Bapa Bakang Abubakar
Abdi neda ka Pangeran
mustang ngeumbing mung ka Gusti
da ari ka manusa mah
matak bosen nganti-nganti
nu puguh api lain
mung ukur dodoja wungkul
sakitu sagala brukbrak
nyembahkeun katineung ati
taya pisan saeutik ge ngaji rasa
Ieu rumpaka estu pedareun urang sadaya, sangkan dina engke nembangkeunana bari dibareng ku Wirasa, Wirahma jeung Wiraga.
Mangga urang guar, manawi bae aya mangpaatna. Urang awitan ti kecap-kecap dina Daweung, boh anu alit oge anu ageung.

1. Daweung diajar iudeung
Ieu ngandung hartos, diajar nembrakeun bebeneran. Ceuk babasan tea mah teu hariwang teu haringhang, ari bener mah prung geura padungdung.

2. Daweung menak Pajajaran
Mangrupi katineung atawa rasa tineung ka Nagara Pajajaran, anu mangrupi hiji nagara beurat beunghar. Bari adil palamarta turta kakoncara ka janapria anu kiwari ngan kari ngaran.

3. Raden ngarees heula sakeudeung
Dina kaayaan rineh umajak ka balarea reureuh sakedapan, bari ngagalindengkeun hlji lagu papantunan. Malar ieu galindeng bisa mepes hate, jadi panglesu kalbu.

4. Sumangga urang kawitan
Sagala rupa pagawean kudu dimimitian ku niat, tangtu diniatan kalawan tujuan hade.

5. Sok emut jaman kapungkur
Jaman Pajajaran Murba
Hartosna ampir sami sareng anu no 2 tadi langkung nandeskeun, yen Nagara Pajajaran kantos dirajaan ku Prabu Siliwangi. Anu kenging jujuluk Sribaduga Maharaja, hartosna raja diraja.

6. Bukakeun panto bangongong
Jalan gede sasapuan
Nyanggakeun balungbang timur
Caang bulan opat welas

Bangongong the baham
Jadi urang muka baham teu asal engab
Tapi kudu jiga jalan meunang nyapukeun
Bersih teu disarengan niat anu awon
Ditema ku balungbang timur
Caang bulan opat welas
Mabra manah teu geuneuk teu meleukmeuk
Mabra jiga caang bulan opat welas
Ngandung hartos yen urang sadaya kudu kitu
Ari cumarios teh ngagunakeun basa nu payus
Anu genah kakupingna bari teu lali kana rengkuh jeung lentong
7. Nyukcruk parung meulah bentar
Birit leuwi peupeuntasan
Ieu mangrupi wawadi ti para Budayawan, sagala padamelan kedah diilarian teh kasalametan. Tebihan pibahlaeun, sakumaha pada uninga dugi ka di ibaratkeun kana meuntas.
Parung bagian wahangan anu deet, tapi tarik. Nyakitu deui babantar, nya jero nya tarik. Nya meuntas teh kuduna ge dina birit leuwi, nya deet nya lindeuk (henteu tarik)
Padahal dina hartos anu jembar, tangtos sanes mung ukur eta. Tiasa oge, dihartoskeun hijrah. Meuntas tina kaawonan, kana kahadean. Dina meuntasna, tangtos bae seueur gogodana.
Nyakitu deui dina mamaosna, rumpaka teh ngandung hartos teu kitu bae. Jiga anu diserat di luhur tadi, lagu papatat. Aya Papatat 1, aya Papatat 2 sareng sajabina.
Numutkeun pinisepuh di Cianjur, papatat teh sadayana aya 7 (tujuh) rupi. Nyakitu lagu-lagu sanesna, sepuh-sepuh Cianjur nyebatna teh rangkepan lagu. Anu tangtos ieu rangkepan-rangkepan mamaos oge estu leubeut ku hartos, euyeub ku siloka, seueur guareun turta pesekeun.
Mangga urang sami-sami buka, naon anu dikilungkeun dina ieu lagu. Sakumaha anu digambarkeun dina lagu Papatat 1 sareng Papatat 2. Raja anu sakitu rongkahna kalawan jujuluk “ Sri Baduga Maharaja ” ahirna runtuh, ngahiang taya tapakna, ilang tanpa karana. Karajaan ngajadi leuweung, anu pangeusina leuweung ganggong simagonggong. Diibaratkeun ngajadi meong kumbang, meong sancang jeung meong loreng rerendengan.
Eta sadaya tangtuna oge geus takdir ti ajalina kadar ti nu Maha Kawasa, teu bisa dipungpang deui. Geuning karajaan-karajaan sejenna oge, ngalaman nasib anu sarua jeung Pajajaran. Teu kudu helok teu kudu aneh, da kitu hirup kumbuhna, jalanna aya nu ngatur.
Atuh lagu anu ka 3 tatalegongan ieu, nuduhkeun kahayang teu jeung wiwaha, teu puguh-pugub hayang di kongkorong “kujang”. Kujang mangrupa pakarang Raja Pajajaran, asa ku humayua bangkong hayang make kujang. Dienyana oge moal kabawa, malah kalah katuruban. Hal ieu disisilibkeun ka manusa nu boga kahayang tapi moal katepi, teu munasabah.
Ka cai kundang cameti : naha aya naon di cai teh, jiga aya pibahayaeun. Da pantesna oge lamun leueur paling-paling kundang lteuk, lain cameti.
Atuh kole, da asana tara buahan cau kole mah. Rajeun buahan hangasa, nya haseum, nya kesed. Nya kitu, eta leuwih ngeceskeun maksud anu teu munasabah tadi. Hasilna oge moal jauh ti kitu.
Ulah ngomong, samemeh leumpang. Da hirup hartina kudu loba gawe tibatan omong, sabab omong ngan ukur miceunan waktu.
Ari hirup katungkul ku pati : Sakabeh anu hirup pasti bakal paeh, sanajan eta teh oray apan sok megar. Tapi da ahirna mah bakal paeh.
Hirup katungkul ku pati
Paeh teu nyaho di mangsa
Saha jalma anu terang kana pimaoteun, asa moal aya. Kumargi kitu urang kudu age-age sing seueurkeun ibadah, kangaranan ibadah loba ambahanana.
Ibadah ka Allah salaku umat Islam wajib hukumna, atuh ibadah ka papada manusa ulah tinggaleun. Nya kitu deui ibadah-ibadah sejenna.
Tuh geuning eta lagu teh, lamun di guar mah aya pulungeunana. Nya kitu deui lagu-lagu panambih atawa sarungsum, teu eleh loba pulungeunana.
Geura urang titenan.
Conto dina lagu kenging bapa Bakang Abubakar anu judulna :
 ” Muntang Ngeumbing “
Dina pada ka dua
2. Abdi neda ka Pangeran
Muntang ngeumbing mung ka Gusti
Kateranganana :
Pikeun umat Islam haram hukumna neneda salian ti ka Allah, sadaya pamenta mung ka Allah Anu Maha Kawasa. Da ari ka manusa mah, kalah bosen nganti-nganti
Kateranganana :
Da atuh enya menta tulung ka jalma mah, daek bae ditulungan lamun embung apan sok diapi lainkeun. Malah matak bosen ngadago-dago putusanana, anu antukna tepi ka henteuna. Nu puguh api lain, ngan ukur dodoja wungkul.
Anu ahirna kulantaran teu dicumponan apan tangtuna jadi ambek, malah teu saeutik jadi papaseaan. Sanajan kabutuh jeung kahayang geus ditembrakkeun, tetep bae teu nulungan. Anu ahirna nya kitu, teu aya pisan rasrasan, teu boga rasa yen batur teh keur aya kabutuh.
Tah kitu ari menta tulung lain ka Allah SWT teh balukarna, matak diwajibkeun ka sakur umat Isiam yen menta tulung teh ka Allah SWT.
Allah Maha wijaksana, Maha adil ka umatna turta tara jalir. Ieu sadaya aya dina Al-Qur’an, beuki tetela bae yen Mamaos teh ngaguar eusining AI-Qur’an. Matak pantes pada mikacinta, da eta geuning teu pisan papalingpang jeung ajaran Agama Isiam.
Sajaba ti kitu teh deuih, pan eta ari Mamaos mah dibarung ku rasa anu jero. Rasa anu endah lir nembangkeun lagu ” Goyong “, anu make guguritan Laut Kidul. Da kitu R. Ece Madjid mah lamun ngadamel rumpaka teh, sok teras ditembangkeun ku anjeunna. Kacipta sagalana, padahal ngadamel eta lagu (Guguritan) teh, di basisir kidul di kawasan Cidamar. Tapi kacipta tungtung kaler, Batawi, Gunung Gede jeung sabangsana, da eta anu digawe teh lain panon lahir tapi panon batin. Sajaba dibarung ku rasa teh, eta deuih wirahma laguna estu leuleuy halon. Da nyakitu reujeung ngembeng cisoca, naha make kitu ?
Margi nya nembe harita R. Ece Madjid tepang deui sareng kangjeng Dalem anu jenenganna R.A. Prawiradiredja II, sabada abur-aburan ngalalana.
Kieu rumpakana :

Laut Kidul
Laut kidul kabeh katingali
ngembat Paul kawas dina gambar
ari ret katebeh kaler
Batawi ngareunggeuneuk
lautna mah teu katingali
ukur lebah-lebahna
semu-semu biru
ari ret ka kaler wetan
Gunung Gede jiga nu ngajakan balik
abdi kalunta lunta
Bapa R.E. Muhtarman dina hiji dinten kantos ngadongeng, perkawis guguritan Laut Kidul. Dina hiji waktos saurna, R. Etje Madjid (R. Ece Madjid), kantos lobos ti kadaleman Cianjur ngalalana kajauhna. Singetna carios, anu ahirna nya nganjrek di Wadana Cidamar anu jenengan R. Niti Kusumah.
Dina waktos anu sami, Dalem R.A. Prawiradiredja II aya maksad bubujeng ka pakidulan. Angkatna ka pakidulan kairing ku para menak, teu kakantun Obing Ibrahim. Sakumaha pada uningan yen R. Obing Ibrahim teh, salah sawios tokoh maenpo anu kawentar teu mung wungkul di Cianjur.
R. Obing Ibrahim anu lumrah disebat Gan Obing, salah sawios murid kadeuheusna R.H. Ibrahim Cikalongkulon. Anu mawi dugi ka jenenganana diwariskeun ka Gan Obing, nganggo jenengan mantenna. Margi anu sanesna mah henteu dialajar langsung ka R.H. Ibrahim namung ka putrana, R. Brata ( Gan Brata ).
Nalika Dalem R.A.A. Prawiradiredja II angkat bade bubujeng ka pakidulan Cianjur tea, katingalna asa alum teu aya kaberagan. Nya Gan Obing sasauran kieu :
“ Pangapunten Kangjeng Dalem manawi teu kaabotan, sim abdi bade gaduh pisanggem “
Kitu pokna, bari teu weleh rengkuh turta ngagunakeun lentong Cianjur.
Kangjeng Dalem milahir
” Aya naon Obing, pok wakcakeun ka kula “, kitu basa Dalem, ka Gan Oblng Ibrahim. Bari nya kitu mantenna oge, nganggo basa Cianjur. Sok sanaos ka pawongan, basa Cianjur mah teu ka kantun jeung lentongna.
Gan Obing cumarios, kieu pokna :
” Awon kapiunjuk Pangaulaan, ti wit Pangersa angkat katingalna asa kirang berag “, saurna.
Nya eta atuh, pilahir kangjeng Dalem Prawiradiredja II, bari neraskeun cariosanana :
” Kula teh sono ka Ki lanceuk R. Ece Madjid, asa geus lawas teu patepang “
Teu talangke teu di engkekeun Gan Obing ngawaler, Gan manawi teu lepat kuping R. Ece Madjid teh aya di Cidamar. Katingal raray kangjeng Dalem robih sapada harita, asa hegar margi mendak kabingah bari pok ngalahir.
” Syukur atuh ! “, bari teras namprakeun dua panangan, tawis syukuran ka Allah SWT nu Maha Kawasa.
Bubujengna Kangjeng Dalem R.A Prawiradiredja II ka pakidulan Cianjur estu henteu mung kitu bae, tapi bari ngaroris padukuhan sarta pakampungan. Boh bilih aya masyarakatna anu keur nandang cocoba atanapi aya sabagian masyarakat anu katalangsara, estu toweksa ka rahayatna. Anumawi nyangking kalungguhanana lami ti taun 1862 dugi ka taun 1910, kaanggo boh ku masyarakat oge ku Pamarentahan Kolonial jaman harita.
Kacarioskeun rombongan Dalem R.A.A Prawiradiredja II, cunduk ka Kawadanaan Cidamar (kiwari Cidaun). Barang tepang sareng R.Ece Madjid dugi ka silih gabrug, nawiskeun kasono anu lami teu patepang.
Dina hiji sonten anu disarengan ku kaayaan nuju cangra, langit lenglang taya aling-aling. Kangjeng Dalem Prawiradiredja II kairing ku para ponggawana teu kantun R. Ece Madjid sareng Gan Obing, angkat nyacat ka hiji mumunggang anu plungplong titingalan ka mana-mana, matak waas matak kelar karaosna.
Dina mangsa rineh, Kangjeng Dalem Prawiradiredja II sasauran ka R. Ece Madjid kieu unggelna.
” Cing kula pangdamelkeun lagu, da salira mah bujangga ! “.
Teu hararese teu talangke sapada ngimpleng sakedapan, gutrut R. Ece Madjid nyerat. Sabada rengse, ngong ditembangkeun, iaguna Goyong dina pupuh Dangdanggula anu judulna Laut Kidul.
Anu aya dina waktos eta sadayana jempling ngadangukeun R. Ece Madjid nuju mamaos, naha kitu ? Margi eta rurnpakana sae tur endah, ditembangkeun dina kaayaan rineh ku hiji Budayawan anu sagala tiasa matak pogot matak sono. R.A Prawiradiredja II nganuhunkeun kana karya tur karsana R. Ece Madjid, bari pok ngalahir deui.
“ Ku merenah eta rumpaka, tur genah pisan ditembangkeunana, kataji kuia ku eta guguritan “.
Eta guguritan sohor dugi ka kiwari, saur para sepuh di Cianjur, eta guguritan teh aya 27 pada. Sedengkeun anu kapendak ku Kang Nani Supriatna, saurna mah nembe 23 pada.
Salajengna eta guguritan diwulangkeun ku R. Ece Madjid ka menak-menak Bandung. Diantawisna kalipah Apo, R. Ihot, R Emung Purawinata oge Pa Uce anu linggihna di Sasak gantung.
Eta guguritan ngagambarkeun lalampahanana R. Ece Madjid waktos nuju amprung-amprungan. Cindekna Mamaos Cianjuran mah teu sagawayah, aya hartosna.

referensi: cianjurkab

Comments

Popular posts from this blog

NGARAN PAPARABOTAN JEUNG PAKAKAS

Masrahkeun Calon Panganten Pameget ( Conto Pidato )

Sisindiran, Paparikan, Rarakitan Jeung Wawangsalan katut contona