Paribasa - Babasan ( conto kalimat & hartina ) bag. 2
(H)
Hadé gogog hadé tagog
Hadé basa, hadé tata, hadé paripolahna.
Satuju Ema mah, upama Si Nyai kawin ka Cép Nurna téh. Budakna bageur, hadé gogog, hadé tagog.
Hadé ku omong goréng ku omong
Sagala rupa perkara bisa disebut hade atawa goreng lantaran omonganana.
"Enya kitu Ujang nu maok buah Pa Haji teh?"
"Sumuhun!"
"Menta dihampura ka dituh!"
"Alim, isin!"
"Keun bae najan dicarékan ogé, hadé ku omong goréng ku omong!"
Halodo sataun lantis ku hujan sapoé
Kalakuan hadé, bisa lantis alatan ku sakali nyieun kasalahan.
"Jang Omad teh santri nu leket ibadah. Bageur jeung soméah ka tatangga. Tapi hiji poé kalepasan malengpeng hayam Pa Erté nepi ka paéhna. Atuh dibaraeudan ku urang lembur. Abong halodo sataun lantis ku hujan sapoé,"
Hambur bacot murah congcot
Mindeng nyarékan tapi béréhan, resep barangbéré.
Keun baé, tong asup haté dicarékan ku Bi Mursih. Manéhna mah hambur bacot murah congcot.
Hampang birit
Hampang leungeun
Babari tunggal-teunggeul.
"Ku naon tarang siga buncunur?"
"Ditakol ku Si Buruy!"
"Matak ogé tong dideukeutan geura, Si Eta mah da hampang leungeun."
Handap lanyap
Hadé basa, puguh éntép-seureuhna, tapi nu saenyana mah ngunghak atawa ngahina.
Ari sikep ka saluhureun mah ulah sok handap lanyap, tapi kudu handap asor.
Haréwos bojong
Ongkoh ngaharéwos, tapi matak kadéngé ku batur.
Ieu mah ceuk haréwos bojong, isukan urang bakal kaanjangan Pa Camat.
Haripeut ku teuteureuyeun
Babari kapincut ku pangbibita
Ulah sok haripeut ku teuteureuyeun, bisi katipu!
Harus omong batan goong
Béja mah sok babari pisan sumebarna.
"Perkara Néng Onah reuneuh méméh kawin, ulah dibéja-béja nya, da geuning ari kangaran béja siga kieu mah sok harus omong batan goong.
Hayang untung kalah buntung
Ti batan untung kalahka rugi.
Tadina mah ngajual sawah téh jang modal ngukut cacing. Tapi cacing téh geuning teu payu. Nyaan, Jang Obay hayang untung kalah buntung.
Héjo tihang
Resep gunta-ganti tempat atawa pagawéan.
"Bingung kuring mah, digawé téh taya nu ngeunah!"
"Atuda manéh mah héjo tihang!"
Henteu asa jeung jiga
Geus loma pisan.
Kuring mah geus henteu asa jeung jiga ka Kang Yayat téh.
Hérang caina beunang laukna
Lulus-banglus, hasil maksud bari henteu ngarugikeun batur.
Ku tarapti jeung titih-rintih usaha téh, ngarah hérang caina beunang beunang laukna.
Hérang-hérang kari mata, teuas-teuas kari bincurang
asalna jalma beunghar jadi miskin
"Miskin ayeuna mah Juragan Agus téh, alatan pabrikna kahuruan…"
"Enya, nu matak ulah sok adigung ogé, kabuktian tah hérang-hérang kari mata, teuas-teuas kari bincurang…"
Heueuh-heueuh bueuk
Ongkoh nyaluyuan (nyebut heueuh) tapi henteu terus kana haténa, henteu jeung prakna.
Manéh mah ukur heueuh-heueuh bueuk. Ongkoh rék ngala suluh, tapi ayeuna ngajentul kénéh.
Heuras genggerong
Caritaanana sugal jeung garihal.
"Montong mantog deui ka dieu siah!"
"Na jelema teh, mani heuras genggerong,"
Heuras létah
omonganana matak nyugak atawa teu ngeunah batur.
Najan nyaritana lemes oge, Si Eta mah heuras létah.
Heureut pakeun pungsat bahan
Taya pisan kaboga.
"Na manéh téh ngan nganjuk baé!"
"Atuda kuring mah heureut pakeun pungsat bahan!"
Heurin ku létah
Rék nepikeun hiji perkara, tapi henteu daek pok lantaran éra atawa sieun.
Ari papanggih jeung Si Manéhna téh, sok ngadadak heurin ku létah, padahal rarancang carita mah geus disusun sapeuting jeput.
Hirup dinuhun paéh dirampés
Pasrah, rido, nurut kumaha hadéna.
Abdi mah ngarumaoskeun janten badéga. Hirup dinuhun, paéh dirampés. Nyanggakeun badé dihideungkeun, badé dibeureumkeun ogé.
Hirup teu neut paéh teu hos
Henteu walagri, diganggayong.
Geus tujuh taun aki kuring gering. Tapi nepi ka ayeuna can cageur kénéh. Estuning hirup teu neut paéh teu hos.
Hujan cipanon
Ceurik balilihan, loba anu careurik
Basa Mang Minta maot, tatanggana ngadadak hujan cipanon, bubuhan jalma béréhan.
Hurung nangtung siang leumpang
Hirup senang jeung méwah, tara kakurang.
Pantes Si Eta mah hurung nangtung siang leumpang ogé, da puguh loba warisan.
(I)
Inggis batan maut hinis
Kacida paurna, risi pisan.
Sieun salah kuring ari nyarita jeung ménak téh, inggis batan maut hinis.
Ipis kulit beungeut
Éraan.
Hésé dibawa masamoanana budak ipis kulit beungeut mah.
Iwak nangtang sujén
Wani nyorang pibahayaeun.
Tumpak parahu keur banjir mah sarua jeung iwak nangtang sujén.
(J)
Jabung tumalapung
Milu nyarita bari ngarumasakeun taya kabisa, tapi alatan kapaksa.
Punten baé badé ngiring jabung tumalapung. Ayeuna téh nuju usum hujan, janten acara piknik téh langkung saé dibatalkeun baé.
Jadi sabiwir hiji
Geus jadi caritaan jelema réa.
Béja ngeunaan Jang Isud hayang ka Néng Lina téh geus jadi sabiwir hiji.
Jajar pasar
Sedeng atawa meujeuhna (kana rupa).
"Geulis kabogoh manéh téh, Dun?" ceuk Asep.
"Ah, jajar pasar, wé!"
Jantungeun
Kawas anu kasima.
Keur maén voli mah, lamun aya bal nyampeurkeun téh ulah kalah jantungeun.
Jati kasilih ku junti
Pribumi kaéléhkeun ku sémah.
Ayeuna mah di urang téh geus loba Kasenian ti barat. Boa engké mah jati kasilih ku junti.
Jauh ka bedug
Dusun pisan
Abong budak jauh ka bedug, diajak naék lip ogé mani utah-uger.
Jauh tanah ka langit
Ilikan anjing ngagogogan kalong.
Jogjog neureuy buah loa
Ilikan anjing ngagogogan kalong.
(K)
Ka cai jadi saleuwi, ka darat jadi salebak
Layeut pisan, sauyunan, teu weléh babarengan.
Abong anyar pangantén, mani reureujeungan baé. Teu sirikna ka cai jadi saleuwi ka darat jadi salebak.
Ka luhur teu sirungan ka handap teu akaran
Taya pisan kamajuan lantaran doraka atawa tideuha.
"Hirupna téh si Ukro mah ti baheula ngan balangsak jeung balangsak. Ari pagawéan tukang nganyerikeun haté batur…"
"Enya, nu kitu téh ngaranana Ka luhur teu sirungan, ka handap teu akaran…"
Kabala-kabalé
Bisa nyaluyukeun jeung tempat atawa kaayaan jelema.
Si Éta mah kabala-kabalé, nu matak loba baturna ogé.
Kabawa ku sakaba-kaba
Kabawa ku nu teu pararuguh
"Jang, Hirup téh ulah kabawa ku sakaba-kaba, bisi kaduhung ahirna.!" kitu ceuk aki Ukro ka incuna.
Kacanir bangban
Meunang wiwirang.
"Tadi mah kuring kacanir bangban!"
"Kumaha kitu?"
"Ari sugan anu mukakeun panto téh di dinya, boro ku kuring digebah. Ari hég Ibu Guru!"
Kaceluk ka awun-awun, kawentar ka janapria
Kakoncara ka mana-mana
Kaahéngan Candi Borobudur geus kaceluk ka awun-awun kawéntar ka janapria.
Kaciwit kulit kabawa daging
Kababawa kana hiji perkara.
"Ayeuna mah Bi Mursih téh loba nu mikangéwa!"
"Naha?"
"Pédah anakna ditéwak pulisi!"
"Karunya teuing, jadi kaciwit kulit kabawa daging,"
Kajeun kendor ngagémbol ti batan gancang pincang
kajeun kendor tapi hasilna hadé, manan gancang tapi hasilna goréng.
"Ulah gurunggusuh barang gawé téh…"
"His, ngarah buru-buru cair duitna!"
"Teu meunang éta téh. Kajeun ken?dor nga?gémbol ti batan gancang pincang,"
"Saé atuh…"
Kalapa bijil ti cungap
Ngucah-ngacéh kagoréngan sorangan.
"Sabenerna mah, kuring anu nyumputkeun buku Si Réni téh!"
"Tuh geuning, kalapa bijil ti cungap!"
Ka luhur teu sirungan, ka handap teu akaran
Kandel kulit beungeut
Sabalikna tina ipis kulit beungeut, nyaéta euweuh kaéra.
"Gan Kodir mah sakitu geus kanyahoan korupsi, angger wé rék nyalonkeun kuwu…"
"Enya, meni kandel kulit beungeut."
Katempuhan buntut maung
Nu boga dosana batur, urang nu katempuhanana.
"Ku naon tadi disaur ku Pa Guru?"
"Diseukseukan puguh ogé,"
"Naha?"
"Magarkeun téh kuring kalahka heureuy basa Pa Guru keur nerangkeun. Padahal Si Udin anu heureuy mah!"
"Katempuhan buntut maung téa atuh!"
Kawas anjing tutung buntut
Berebet ka ditu, berebet ka dieu, kawas anu samar rasa.
Cicing atuh di imah mah, ulah kawas anjing tutung buntut.
Kawas bancét katuruban batok
taya kanyaho
"Si Buruy mah sagala teu nyaho, sagala teu apal, meni kawas bancét katuruban batok…"
"His… ari ngomong téh sok sangeunahna pisan…"
"Apan ieu mah conto kalimah…"
"Oh, enya, poho…"
Kawas beusi atah beuleum
Beungeut anu euceuy-beureum lantaran ambek.
Basa Pa Guru nuju nyeuseulan Si Buruy anu kaperego ngaroko di wc, rarayna mani kawas beusi atah beuleum.
Kawas cai dina daun taleus
Taya pisan tapakna.
Cik atuh, dipapagahan téh ulah kawas cai dina daun taleus.
Kawas careuh bulan
Camérok ku wedak.
Cing atuh, sing pantes ari dangdan téh, geuning mani kawas careuh bulan.
Kawas cucurut kaibunan
Jadi goréng patut lantaran kulimis kabaseuhan.
"Ti mana ari Ujang, mani kawas cucurut kaibunan?"
"Wangsul ngojay ti leuwi, Ma!"
Kawas gula jeung peueut
kacida dalitna, tara paséa
Si Buruy jeung Si Aték sosobatan ti keur leutik nepi ka ayeuna geus rumaja. Silih tulungan, jauh kana papaséaan, kawas gula jeung peueut.
Kawas hayam keur endogan
Ilikan kawas anjing tutung buntut.
Kawas hayam panyambungan
Talag-tolog euweuh kanyaho
Basa munggaran datang ka kota mah, manéhna téh mani kawas hayam panyambungan.
Kawas kacang ninggang kajang
Capétang jeung gancang (kana caritaan)
Sing ancad-laér atuh ngomong téh, ulah kawas kacang ninggang kajang.
Kawas kuda leupas ti gedogan
nyaba ataa ulin sakarep-karep, taya kabeurat, taya nu ngalarang.
Sanggeus Nyi Imas kuliah, ayeuna kost di deukeut kampus. Saban peuting ulin nepi ka ampir poho ka balik, meni kawas kuda leupas ti gedogan. Sasarina di lemburna mah dikerem ku kolotna, ari ayeuna euweuh nu ngawaskeun.
Kawas lauk asup kana bubu
Teu bisa ngejat deui.
Sanggeus dikerem di jero jaruji beusi mah, nu maling télévisi téh kawas lauk asup kana bubu.
Kawas leungeun anu palid
Teu daék cicing, uyup-ayap baé.
"Cik atuh entong noélan baé, kawas leungeun palid!" ceuk Néng Lina bari ngépéskeun leungeun Jang Isud.
Kawas nu mulangkeun panyiraman
Boga kahayang nu lain-lain. Cenah anu dipikahayangna sok kawas indungna keur nyiram.
"Kawas nu mulangkeun panyiraman, ari tengah peuting hayang és lilin mah."
Kawas térong beulah dua
Sarimbag pisan
Abong adi lanceuk, mani kawas térong dibeulah dua.
Kawas wayang pangsisina
Kacida goréngna (kana rupa)
"Goréng patut geuning budak Bi Mursih téh, kawas wayang pangsisina,"
"Jep ah, ulah ngomongkeun batur!"
Kecebur caina, geletuk batuna
Henteu kudu dipikiran, kumaha béhna baé.
"Sok sieun goréng wé peunteun ulangan téh, Dun!" ceuk Adun ka Asép.
"Ah, kuring mah kumaha kecebur caina geletuk batuna baé!"
Kejot borosot
Babari nyokot kaputusan bari henteu dipikir heula.
"Ma, mending wang jual sawah téh. Urang beulikeun kana motor!"
"Ih, Ujang, ulah kejot borosot. Meureun urang teu bisa dahar, ari sawah dijual mah,"
Kembang buruan
Budak anu keur meumeujeuhna lucu, resep ulin di buruan.
Budak téh keur meujeuhna jadi kembang buruan, nu matak kudu ditalingakeun bisi ulin jauh.
Kembang carita
ilikan geus jadi sabiwir hiji
Kembang soca
Nu keur meujeuhna dipikanyaah.
"Sanggeus Néng Sari maot téh, Bi Mursih jadi mindeng hulang-huleng!"
"Sahanteuna atuh, kaleungitan kembang soca buah ati!"
Kiruh ti girang kiruh ka hilir
Lamun pamingpin lampahna kurang hadé, tangtu nu dipingpinna ogé kurang hadé.
"Paingan di kantor désa loba nu korupsi,"
"Na kumaha kitu?"
"Atuda pajabat di pusatna ogé réa nu korupsi,"
"Heueuh… Kiruh ti girang kiruh ka hilir,"
Kokolot begog
Nyanyahoanan, budak anu pipilueun kana urusan kolot.
"Montong kokolot begog, cicing budak mah!" ceuk Aki Amanta ka Si Buruy, anakna anu kakara kelas genep SD.
Kokoro manggih Mulud, puasa manggih Lebaran
Dilarapkeun ka jelema nu meunang ka?untungan (makmak-mekmek) nepi ka poho di kapantesan.
"Sembako téh kuduna mah dibagikeun walatra, ngarah saréréa kabagéan. Tapi ieu mah meni hayang panglobana baé, abong kéna jadi panitiana!"
"Heueuh… dasar siga anu kokoro manggih mulud, puasa manggih lebaran!"
"Urang balédogan yeup imahna!"
"Ulah! Peupeujeuh, ulah! Sabab ieu mah ukur conto ngalarapkeun paribasa dina kalimah.
Kudu bisa ngeureut miceun
Kudu bisa nyésakeun rejeki.
Geus boga gawé mah kudu bisa ngeureut neundeun, ngarah aya sampeureun geus kolot.
Kudu boga pikir rangkepan
Henteu bolostrong, ulah babari percaya kana omongan batur.
Urang teh kudu boga pikir rangkepan, bisa batur boa niat goréng.
Kulak canggeum bagja awak
Nasib urang boh hadéna, boh goréngna, geus ditangtukeun ku Nu Maha Kawasa.
Geus kulak canggeum bagja awak, urang mah meureun kudu jadi jelema sangsara.
Kumaha bulé hideungna
Ilikan kecebur caina geletuk batuna.
Kuméok méméh dipacok
Geus nyebut seunggah atawa teu sanggup bari acan prak.
"Teu wani maén-bal ngalawan SMPN Panjalu mah!"
"Ulah kuméok méméh dipacok atuh!"
Kuru cileuh kentel peujit
Ngurangan saré jeung dahar lantaran aya nu dimaksud.
Paingan téréh beunghar, da manéhna mah ti ngora kénéh geus diajar kuru cileuh kentel peujit.
Kurung batok
Tara indit-inditan jauh, kurang kanyaho.
"Resep nya, ulin ka Pangandaran mah!"
"Duka atuh, da abdi mah teu acan ka ditu. Rumaos kurung batok!"
"Ulah kurung batok atuh ari boga cita-cita hayang jadi wartawan mah.
(L)
Lain ku tulang munding, ka?beureuyan mah ku cucuk peda
perkara leutik matak cilaka.
"Ulah maling ah, mending mulung wé…"
"Pilakadar maling jambu, moal matak rugi miliaran…!"
"His, lain ku tulang munding, kabeureuyan mah ku cucuk peda…"
Lain lantung tambuh laku, lain leumpang tanpa béja
Indit bari mawa tujuan anu pasti.
"Kuring mah datang ka dieu téh lain lantung tambuh laku lain leumpang tanpa seja,"
"Ari kitu?"
"Puguh ogé rék nginjeum duit!"
"Har, geuning!"
Lanca-linci luncat mulang
Jalir jangji, udar subaya.
Teu percaya kuring mah ka Si Éta téh, sok lanca-linci luncat mulang!
Landung kandungan laér aisan
Gedé tinimbangan, asak hampura.
Pantes dijieun kokolot ogé, da Ustad Otong mah landung kandungan laér aisan.
Langsung saur bahé carék
Nyaritana matak nyentug atawa nyeri haté batur.
Sing malibir ari nyarita téh, ulah langsung saur bahé carék.
Lauk buruk milu mijah
Pipilueun lantaran nurutan batur, tapi goréng katénjona.
Cicing wé ari euweuh kabisa mah, bisi disangka lauk buruk milu mijah!
Legok tapak genteng kadék
Loba luang pangalamanana
Aki Uhro mah geus legok tapak genteng kadék dina urusan ngadu jangkrik. Ngalalana ngurilingan dunya néangan jangkrik ogé cenah mah nepi ka mangtaun-taun.
Léngkah kapiceun
Henteu beubeunangan atawa henteu hasil maksud.
Néangan gawé ka kota téh kalah loba léngkah kapiceun.
Lésang kuras
Teu bisa nyimpen duit, sok béak waé
Si Apip mah meunang duit sakumaha gedéna ogé tara nyésa, da lésang kuras.
Leuleus awak
Gampang dititah.
Pantes loba nu mikanyaah ogé, da Si Adun mah leuleus awak.
Leuleus jeujeur liat tali
Leumpeuh yuni
Babari kapangaruhan, tara kuat nahan gogoda.
"Teu kaop nenjo getih, Bi Mursih mah sok kapiuhan,"
"Atuda leumpeuh yuni!"
Leutik burih
Borangan
Ulah dibawa liar peuting budak leutik burih mah!
Leutik ringkang gedé bugang
Sanajan awakna leutik, tapi upama maot, jelema mah loba uruseunana.
Sanajan Si Buruy begang jeung cacingeun ogé, tapi ari jelema mah apan leutik ringkang gedé bugang.
Leuwi jero beunang diteuleuman, haté jelema najan déét teu kakobét
Pikiran jelema mah hésé dikira-kirana, boh hadéna, boh goréngna.
Hésé hayang ngabadé anu nyangkaruk dina jeroning dada Néng Cici téh. Bingung ku dua ku tilu. Naha naon atuh kahayangna? Abong-abong leuwi jero beunang diteuleuman, haté jelema najan déét teu kakobét.
Lieuk euweuh ragap taya
Ilikan heureut pakeun pungsat bahan.
Luhur kuta gedé dunya
Ilikan hurung nangtung siang leumpang.
Luhur tincak
Kalakuanana sok nurutan nu luhur (pangkatna) atawa nu beunghar.
Ulah luhur tincak urang mah, kudu ngarumasakeun jadi jelema sangsara.Lungguh tutut
Siga lungguh, tapi saenyana mah henteu.
Budak téh lungguh tutut, da di luar mah geuning ngeleyed.
(M)
Manan léwéh mending waléh
Leuwih hadé wakca balaka, ti batan ahirna manggih kasusah.
Daripada ti Cigorowék ka Bandung leumpang mah, mending bébéja wéh ka mitoha téh mun yén teu boga ongkos, manan léwéh, mending waléh.
Manuk hiber ku jangjangna
Jalma hirup ku akalna, ulah nepi ka ngandelkeun piwelas batur.
"Jig kadituh néangan gawé,"
"Apan uing téh henteu boga ijazah, Ma…"
"His, hirup mah ulah ngandelkeun ijazah. Naon wé pigawé, asal halal. Tuh Ajip Rosidi ogé apan hirupna henteu ngandelkeun ijazah, da puguh manuk hiber ku jangjangna.
Mapagahan ngojay ka meri
Ilikan endog mapagahan hayam.
Marebutkeun paisan kosong
Marebutkeun perkara anu taya mangpaatna.
"Si Adun gelut jeung Si Asép!"
"Pédah naon!"
"Pira ogé paréa-réa omong masalah asal-muasal Néng Cici bogoheun ka uing."
"Lah... marebutkeun paisan kosong atuh nu kitu mah!"
Maung ngamuk gajah meta
Bancang pakewuh
Mun aya maung ngamuk gajah meta mah, keun kuring anu nyanghareupanana!
Maut nyéré ka congona
Sangsara ka kolotnakeun.
Kitu tah, ari ngaberung napsu keur ngora téh sok maut nyéré ka congona.
Medal sila
Ninggalkeun riungan lantaran ambek atawa wirang.
Lantaran henteu satuju kana putusan rapat, harita kénéh ogé Pa Erté medal sila.
Melengkung bekas nyalahan
Keur ngorana bageur, tapi ari geus kolot henteu eucreug.
Teu sangka, geuning boga salaki téh melengkung bekas nyalahan.
Meubeut meulit
Mamawa ka nu séjén.
Ulah meubeut meulit ka kuring atuh, da henteu rumasa salah.
Meungpeun carang ku ayakan
Api-api teu nyaho, ngantep batur milampah pagawéan anu salah.
Si Asép sok niron ari ulangan téh, tapi batur sabangkuna mah meungpeun carang ku ayakan.
Miceun beungeut
Ngabalieur, embung pateuteup lantaran ngéwa atawa éra.
Teuing ku naon, unggal papanggih, Si Eta mah sok kalah miceun beungeut ari ditanya téh.
Mihapé hayam ka heulang
Mihapé barang ka nu boga niat goreng (upamana bangsat)
Mihapé duit ka nu sok ceceremed mah, sarua jeung mihapé hayam ka heulang.
Mipit kudu amit ngala kudu ménta
Teu meunang cocorokot kana barang batur.
Najan euweuh nu bogana ogé, mipit kudu amit ngala kudu menta, teu meunang sangeunahna ari nginjeum motor téh.
Miyuni hayam kabiri
Leutik burih, babari sumerah atawa éléhan.
Jadi lalaki mah ulah miyuni hayam kabiri, ngérakeun.
Miyuni kembang
Loba nu mikaresep.
Nyi Déwi mah miyuni kembang, nu matak loba nu bogoheun.
Moal ceurik ménta eusi
Henteu maksa hayang dibéré.
Keun baé henteu diajakan ngagarap proyék ogé, da uing mah moal ceurik ménta eusi.
Moal mundur sasiku, ngejat satunjang béas
Moal ingkah, henteu ngarasa sieun atawa gimir.
Sok aya kawani mah, kuring moal mundur sasiku ngejat satunjang béas.
Moal néangan jurig teu kadeuleu
Moal néangan nu jauh.
"Sanés, Pa, sanés abdi anu ngabantun buku mah!"
"Moal néangan jurig teu kadeuleu, kari-kari manéh ngan sorangan di kelas, ari hég buku Bapa euweuh!"
Moal ngabéjaan indung suku
Rusiah pisan, moal dibéja-béja.
Kuring mah moal ngabéjaan indung suku, caritaan Akang tangtu dijaga rusiahna.
Mobok manggih gorowong
Ilikan aya cukang komo meuntas
Monyét kapalingan jagong
Dilarapkeun ka jelema nu cileureun (nu ngajaga, ku?rang awas).
"Ulah dijieun kiper Si Kowi mah!"
"Na kumaha kitu?"
"Kamari ogé aya bal ngagulutuk, ukur dipencrong wé lain ditéwak, siga monyét kapalingan jagong."
Mopo méméh nanggung
Ilikan kumeok méméh dipacok
Mun teu ngakal moal ngakeul
Lamun henteu digawé nyiar kipayah, moal bisa hirup walagri.
Ulah ngarepkeun paméréan batur baé, da mun teu ngakal moal ngakeul.
Mun teu ngarah moal ngarih
Ilikan mun teu ngakal moal ngakeul
Mun teu ngomprék moal nyapék
Ilikan mun teu ngakal moal ngakeul
Muncang labuh ka puhu
Ilikan kebo mulih pakandangan
Murag bulu bitis
Teu betah cicing di imah.
Geus murag bulu bitis budak téh, da kamari ogé geus mimiti begér,.
(N)
Nanggeuy endog beubeureumna
Nyaah anu taya wates wangenna, inggis nu dipikanyaahna tinemu balai.
Abong ka anak munggaran, mani kawas nanggeuy endog beubeureumna.
Népakeun jurig pateuh
Mindahkeun kagoréngan ka batur sangkan sorangan salamet.
"Kuring téh dititah nganteurkeun sapatu ka Pa Érté,"
"Terus?"
"Manahoreng aya nu népakeun jurig pateuh, da geuning éta sapatu téh kungsi leungit aya nu maling!"
Nété porot ngeum?bing lésot
sagala tarékah teu hasil.
"Teu hasil baé usaha téh, sanajan geus usaha bébéakan…"
"Kari sabarna wé atuh…"
"Enya, da kuring téh geus nété porot ngeum?bing lésot,"
Nété semplék nincak semplak
Sagala salah, keur ninggang di naas.
Usaha téh keur meujeuhna nété semplek nincak semplak, ti batan untung mah kalah rugi.
Nété tarajé, nincak hambalan
Kudu Merenah, kudu puguh péréléanana (ti handap heula).
Piraku ujug-ujug hayang kelas tilu sakola téh, da kudu nété tarajé nincak hambalan heula.
Neukteuk curuk dina pingping
nyilakakeun baraya sorangan
"Ulah neukteuk curuk dina pingping siah!"
"Kumaha? Piraku curuk diteukteuk? Komo dina pingping? Uing téh lain nu gélo!"
"Dasar teu nyaho paribasa! Gara-gara manéh nyimpen narkoba di imah, adi manéh dikerewed ku pulisi!"
Neundeun haté
Aya kahayang anu henteu dikedalkeun.
Enya kitu, anjeun téh neundeun haté ka kuring?
Ngabéjaan bulu tuur
Ngabéjaan anu geus nyahoeun
"Érté urang téh meunang pangajén ti Pa Kuwu!"
"Ngabéjaan bulu tuur atuh, apan kuring anu nyokot pialana ogé!"
Ngabudi ucing
Siga (api-api) nu henteu hayang, padahal ngarep-ngarep bongoh batur.
Budak ngabudi ucing kitu mah kudu mindeng ditalingakeun. Basa mangkukna ogé ditawaran jambu, sugan téh enya embung. Na ari kuring indit, manéhna langsung naék ku sorangan. Jambu satangkal, méh béak dipupu.
Ngabuntut bangkong
Teu puguh tuluyna, teu puguh pamustunganana
Kasus di nagara urang mah loba pisan anu ngabuntut bangkong, tara kungsi aya nu nepi ka réngsé.
Ngadaun ngora
Jadi ramé jeung harénghéng.
Sanggeus diumumkeun dina pangeras sora mah, pamilihan kuwu téh mimiti ngadaun ngora.
Ngadék sacékna, nilas saplasna
Nyarita satarabasna, henteu di-tambahan atawa dileuwihan.
Ngarah henteu piomongeun mah, ari nyarita téh kudu ngadék sacékna nilas saplasna ulah loba ngabohong.
Ngadeupaan lincar
Api-api ngadeukeutan, padahal haying dibéré atawa diaku.
Ceuk dongeng mah, mun aya nu hajat téh Si Kabayan sok ngadeupaan lincar.
Ngalebur tapak
Jadi hadé laku lampah sanggeus nyieun kagoréngan.
"Nu kakara kaluar ti bui téh ayeuna mah geus ngalebur tapak."
"Enya, sukur atuh, ari geus éling mah..."
Ngalétak ciduh
Teu tulus atawa ngabatalkeun hiji perkara anus améméhna kungsi dikedalkeun
"Anu rék meuli sawah téh ngabustam, teu embol-embol deui, ngalétak ciduh nu kitu téh,"
"Enya, da harita téh apan meni amis nyaritana mah…"
Ngaliarkeun taleus ateul
Resep ngucah-ngacéh kagoréngan batur.
Ulah ngaliarkeun taleus ateul siah! Mana buktina lamun Ulis Kowi bobogohan jeung Néng Lina?!"
Ngarawu ku siku
Hayang loba panghasilan ku cara sagala dicabak, tapi tungtungna henteu kaurus.
Lantaran ngarawu ku siku, tungtungna pagawéanana jadi ngarancabang.
Ngarep-ngarep Béntang ragrag
Ngarep-ngarep nu can karuhan tur pamohalan kajadian.
Hayang loba rejeki bari gawé ukur moyan mah kawas ngarep-ngarep béntang ragrag.
Ngarep-ngarep kalangkang heulang
Ilikan ngarep-ngarep bentang ragrag.
Ngawurkeun kasintu, nyieuhkeun hayam
Ari ka batur bageur, ari ka dulur sorangan medit.
"Si Mamang mah, pira ogé ménta pulsa nu sapuluh rébu, mani teu méré. Na ari ka kabogohna, bélaan nganjuk-nganjuk ka Jang Ono,"
"Enya, Mamang ilaing mah ngawur ka sintu, nyieuhkeun hayam."
Ngebutkeun totopong
Ngetrukkeun élmu-pangabisa
Ari geus kadéséh mah, jawara ti pakidulan téh kakara ngebutkeun totopong.
Ngégél curuk
Lapur, henteu meunang hasil nanaon.
Ukur bisa ngégél curuk basa dahareun geus béak téh.
Ngembang wéra
Ambek
Basa anakna aya nu ngahina, Mang Mursin nepi ka ngembang wéra.
Ngeunah angen jeung ngeunah angeun
Haté senang jeung ngeunah barang dahar
Pamajikan geulis jeung soléhah, jaba boga pagawéan nu gajihna gedé, atuh barudak ogé palinter jeung balageur. Unggal poé dahar di rumah mahak, ah éstuning ngeunah angen ngeunah angeun.
Ngukur ka kujur nimbang ka awak
Diluyukeun jeung kaayaan atawa pangaboga.
"Béjana rék meuli mobil?"
"Teu ngukur kakujur nimbang ka awak atuh, ari pantar kuring meuli barang méwah mah."
Ngusap birit bari indit
Ngukut Kuda Kuru, ari geus gedé nyépak
Ngukut bujang nu asalna balangsak atawa katalangsara, tapi ari geus dijeujeuhkeun jadi calutak, wani ngalawan ka dunungan.
"Nyaho modalna Si Ukro mah! Mani calutak maké jeung ngalawan ka nu jadi dunungan. Padahal basa mimiti digawékeun téh, teu sirikna keur kalaparan Si Ukro téh…!"
"Piraku, Mang?"
"Deuleu ituh, maké jeung cangcaya sagala. Ginding atawa lintuhna mah ayeun-ayeuna, sanggeus disenangkeun ku dununganana…"
"Tah, Mang, ari kitu téh ngukut kuda kuru, ari geus gedé nyépak."
"Enya bener, Jang. Teu nalipak manéh nu kitu adat téh…! Di mana ayeuna mangkelukna, wang gaplok sakali baé mah!"
"His… apan ieu mah ukur conto kalimat, dina raraga ngécéskeun harti paribasa-babasan…"
Ngéplék jawér ngandar jangjang miyuni hayam kabiri
Ngusik-ngusik ula mandi, ngahudangkeun macan turu
Nyiar-nyiar piambekeun batur ku cara ngungkit-ngungkit lalakon lawas.
"Uing mah teu ngeunah ku Si Jaun téh. Inget kénéh basa manéhna ngawiwirang uing,"
"Meunggeus ulah ngusik-ngusik ula mandi, ngahudangkeun macan turu. Bisi wéh matak pipaséaeun nu leuwih rongkah..."
Nu asih dipulang sengit
Males kahadean ku kagorengan
"Kuring téh kurang kumaha nulungan Néng Déwi, manginjeumkeun duit ka bank, basa salakina keur gering. Tapi ayeuna teu daék mayar, imah uing bakal dijabel ku bank,"
"Beu, nu asih dipulang sengit atuh!"
Nu borok dirorojok, nu titeuleum disimbeuhan
Nu keur manggih susah lain ditulungan, tapi kalah ditambahan kasusahna.
Kakara ogé ditinggalkeun maot ku salakina, ayeuna Ceu Iroh digugujeg ku réntenir kudu mayar hutang. Tatanggana lain nulungan, kalah nyurakan, nu borok dirorojok nu titeuleum disimbeuhan.
Nu burung diangklungan, nu édan dikendangan
Nu salah dibener-benerkeun, atawa dienya-enya.
"Teu kurah-karuh, Si Buruy ngadon digebug ku Si Darus!"
"Tapi naha kalah Si Buruy nu disasalahna?"
"Geus karuhan Si Darus anu ngamimitian neunggeul ka Si Buruy téh, kalah dipangmeunangkeun, teu béda jeung nu burung diangklungan, nu édan dikendangan."
Nulungan anjing kadempét
Nulungan jelema anu henteu bisa tumarima.
"Si Odang téh tadi mah rék diaku anak, pédah geus teu bogaeun indung. Ari pék kalah ceceremed jeung picacapékeun!"
"Sarua jeung nulungan anjing kadempét atuh!"
Nunggul pinang
Hirup nyorangan, geus teu boga kadang-warga
Urang aku dulur wé Si Asép téh, karunya mangkaning nunggul pinang.
Nurub cupu
Ngarepok, sarua alusna.
Nurub cupu pisan lamun Cép isud kawin ka Néng Lina mah. Cép Isud sakitu kasépna, atuh Néng Lina ogé mani geulis.
Nuturkeun indung suku
Leumpang sakaparan-paran, henteu puguh anu dijugjug.
Inditna téh éstuning nuturkeun indung suku, lantaran kabur ti imah.
Nyalindung ka gelung
Lalaki nu cicing, ari awéwé digawé. Atawa lalaki teu boga, kawin ka awéwé beunghar.
Hirupna téh nyalindung ka gelung, da puguh tanpa daksa, waragad hirup sapopoé ditanggung ku pamajikan anu digawé di bank.
Nyécépo ka nu rérémpo
ngarugikeun ka jelema nu teu boga (miskin).
"Teu kaharti, dagangan PKL kalah dirampasan…"
"Enya, teu manusiawi pisan. Jaba aya nu dikaniaya jelemana ogé,"
"Baruk?"
"Enya, mangkaning hirupna ukur ngandelkeun tina dagang leuleutikan…"
"Duh… meni taya ras-rasan pisan nyécépo ka nu rérémpo…"
Nyeri beuheung sosonggéteun
Lieuk deui-lieuk deui lantaran aya nu digagoan.
Mani geus nyeri beuheung sosonggéteun nungguan Si Odang téh.
Nyeungseurikeun Upih Murag
Nyeungseurikeun batur, anu sabenerna bakal kaalaman ku manéhna sorangan.
Ana cakakak téh, Si Mélon seuri mani kawas nu ngeunah naker, basa ningali Bah Dinta, tikurusak kana solokan.
"Panon atawa jéngkol?" Si Mélon ngaharéwos ka Si Buruy.
"Biasa ari geus kolot mah, panon gé kurang awas. Matakna silaing ulah nyeungseurikeun, da ku silaing ogé bakal kalalaman. Silaing mah sarua baé jeung nyeungseurikeun upih murag.
"Aéh, enya, nya…"
"Nya heueuh. Matakna, hayu urang tulungan, ulah kalahka nyeungseurikeun!"
Nyieun pucuk ti girang
Ngamimitian nyieun pipaséaeun
Manéhna nu nyieun pucuk ti girang, da kuring mah tadina ogé henteu niat paséa.
Nyo'o gado
Ngunghak, ngaheureuykeun.
Nyo'o gado pisan jelema téh, ditagih téh ukur ngajangjian isuk deui-isuk deui.
Owah gingsir
Nyolok mata buncelik
Nganyenyeri batur ku omongan atawa paripolah, tur hareupeunana pisan.
Si Adun mawa popotongan kuring ka imah, lir hayang nyolok mata buncelik.
Nyolong badé
Siga bageur tapi jahat.
Jelema nyolong badé kitu mah montong dibéré haté.
Comments
Post a Comment
Saumpamina aya nu peryogi di komentaran mangga serat di handap. Saran kiritik diperyogikeun pisan kanggo kamajengan eusi blog.