Ngaran Wangunan

Bagan : saung ranggon di laut, paranti pamayang ngala lauk.
Balandongan : adegan saheulanan pikeun narima semah; tempat kamonesan di nu kariaan
Bale : adegan wangunan
Bale bandung : tempat ngabandungan parentah raja
Bale desa : kantor pamong desa
Bale kota : kantor walikota
Bale watangan : kantor pangadilan
Bedeng : imah leutik atawa imah dipetak-petak pikeun pagawe leutik upamana bae imah kontrakan
Bedeng : tempat pabinihan karet. kopi, enteh, jsb.
Elos : adegan nu biasana tara dibilikan sabudeurna, paranti nyimpen bahan piimaheun
Garduh : wawangunan leutik sisi jalan tempat ngajaga kaamanan atawa tempat pangreureuhan nu ngaronda
Gosali : adegan tempat digawe panday (tukang nyieun parabot tinda beusi)
Imah : wangunan tempat pamatuhan jalma
Istal/ gedogan : kandang kuda
Jobong : kamar ataa imah leutik nu nempel di imah batur
Jongko/ kios : adegan pikeun tempat dagang

Karapyak : kandang munding atawa sapi
Kobong : kamar leutik
Langgar : adegan tempat salat atawa diajar ngaji (di pakampungan)
Leuit : wangunan paranti nyimpen pare
Lio : adegan paranti nyieun kenteng atawa bata
Masigit : adegan gede paranti salat
Masjid : adegan paranti salat. Masjid agung, masjid gede nu aya di kota kabupaten
Masjid jami : masjid nu teu sabaraha gedena, nu aya diunggal tempat, paranti salat (jumaahan)
Pagupon : kandang japati
Paranje : kandang hayam
Ranggon : saung nu luhur pisan kolongna; saung nu aya di luhur kai paranti ngintip sato
Saung : adegan leutik di kebon, di huma, atawa di sawah, paranti leureuh patani
Saung lisung : saung paranti nyimpen lisung atawa paranti nutu
Sorondoy : wangunan leutik nu ditempelkeun ka imah, dipake nyimpen kai, parabot nyawah jste.
Tajug : masjid leutik di pakampungan.

Comments

Popular posts from this blog

NGARAN PAPARABOTAN JEUNG PAKAKAS

Masrahkeun Calon Panganten Pameget ( Conto Pidato )

Sisindiran, Paparikan, Rarakitan Jeung Wawangsalan katut contona