Riwayat Pantun

Kanggo Iangkung ngalengkepan deui ieu buku, nu nyerat ngempelkeun sabaraha catetan ti dapur Yayasan Wargi Cikundul. Yasana R. Onong Gandaadinegara miwah catetan R.A. Hanafiah Wiradiredja. Diantawisna kenging nyutat tina catetan¬catetan R. Ibrahim Obing (tilas Panghulu, nu pupus taun 1942 di Tanggeung). Sareng catetan ti R.H. Ipung Prawirasudibdja, Ketua Komisi Sejarah Kabupaten Cianjur, nu ni!ar dunya ping 3 Mei 1970.
Sapertos nu kaunggel dihandap ieu ;
Disisi gunung Mananggel Cianjur tahun 1766, aya hiji jalma ngaranna Tjakradiparana. Duka urang mana asalna, karesepna kana pantun. Kieu riwayatna ;
Dina hiji waktu, Tjakradiparana tatapa di gunung. Anu maksudna hayang bisa mantun, lilana 40 poe. Barang geus tutup tatapana anu Nana 40 poe, kadatangan gu!ang-gulang (tukang jaga lawang ka Kabupaten), anu maksudna ngemban timbalan Dalem. Tjakradiparana kudu ngadeuheus ka Kabupaten.
Gancangna, Tjakradiparana indit diiringkeun ku Gulang-Gulang arek ka Kabupaten. Tapi di sajeroning leumpang, Tjakradiparana ngarasa heran pohara jeung sejen tetenjoan. Sabab nu disorang teh bet jalan anu resik pohara tur lempeng ngulon. Anu saterusna jolna ka hiji Karaton nu sakitu agreng, kalayan cahaya lampu anu sakitu aralusna asa dina pangimpian bae.
Barang geus anjog ka Karaton, gek Tjakradiparana diuk. Teu lila ti jero Karaton sumping Kangjeng Raja, ngabageakeun ka Tjakradiparana bari sasauran ;

” Bagea Tjakradiparana, bener anjeun teh hayang bisa mantun, pek atuh cokot, tuh pantunna di kamar ! saur Kanjeng Raja.
Jung bae Tjakradiparana indit, nyokot pantun tea di kamar. Sarta manehna kaget sabab pantun teh kacida beuratna tur gede, mani sagede lisung bangkrung. Jeung kawatna teh, ngan aya 6 siki (lambar). Terus eta pantun teh disimpen payuneun Raja. Salajengna Raja ngalahir ;
“ Pek maneh geura mantun, ngan lamun rek mantun (ngalalakon) kudu bukti jeung anu dilalakonkeunana. Ayeuna ku kula rek dlgeroan Tjiung Wanara “, tah ieu buktina.
“Ayeuna lalakon Lutung Kasarung”; tah ieu buktina.
“Ayeuna lalakon Mundinglaya“, tah ieu buktina.
“Ayeuna lalakon Sangkuriang“, tah ieu buktina.
” jeung lamun maneh rek mantun, kudu disambat kalawan disebut anu baris dilalakonkeunana ! “, kitu saur Raja.
Sanggeus Tjakradiparana bisa mantun tur kawidian ku Raja, jung manehna balik. Ari datang ka lemburna (imahna) manehna ngarasa kaget, rehna loba pisan jalma keur ngagimbung. Nyaeta hajat ka 40 poena Tjakradiparana, sabab geus dianggap maot. Atuh jalma­jalma kabeh pada kaget, sabab Tjakradiparana mah geus maot opatpuluh poe lilana
Ti wangkid harita pisan, Tjakradiparana jadi tukang mantun anu sohor pisan. Nepi ka loba pisan, nu hayang dipangmantunkeun. Sarta lila-lila mah, kauninga ku Dal em di Cianjur. Terus Tjakradiparana disaur kudu mantun di Kabupaten (Kadaleman). Alam harita mah, mantun teh tara make dikawihan kawas kiwari. Estu ngan nyaritakeun lalakon, bae.
Wallahu ‘alam…..!
* * *
  • Mairan Ti Dapur
  • Yayasan Wargi Cianjur
  • Neda Agung pangaksama
  • Hakeki ka Maha Suci
  • Lahirna ka balarea
  • Mugi henteu lepat tampi
  • Sanes ati kumaki
  • Reh agul ku paying butut
  • Mapay laratan asalna
  • Ieu mah ibarat misil
  • Ibaratna anak anu mapay bapa
  • Cianjur Nagri kawentar
  • Dina jaman pra Bopati
  • Tangtu ngandung titimangsa
  • Sajarah pon kitu deui
  • Ngandung warsi mimiti
  • Saha nu ngadeg papayung
  • Catetan mere jawaban
  • Sajarah geus mere bukti
  • Kabudayaan kasenian nu nyata
  • Ciri bukti anu nyata
  • Dugi ka alam kiwari
  • Gumelar taya pegatna
  • Dipideudeuh dipupusti
  • Nyata mangrupi seni
  • Warisan para luluhur
  • Seni Kabudayaan Sunda
  • Ku urang kudu talungktik
  • Ti iraha gumelarna Cianjuran
  • Tembang Sunda Cianjuran
  • Geus jadi sabiwir hiji
  • Jadi catur balarea
  • Tapi poma ulah lali
  • Sajarahna mimiti
  • Pantun, Jemplang reujeung Degung
  • Katut rarancaganana
  • Salendro pon kitu deui
  • Naha saha nu kawit nyiptakeunana
* * *
  • Kidung Wiwitan
  • Neda ampun ka Yang Agung
  • Seja amit ka Yang Widi
  • Disuhunkeun barokahna
  • Ti sadaya para ahli
  • Para ahli jeung Pujangga
  • Pujangga anu bihari
  • Karuhun muga ngajurung
  • Seja amit neda widi
  • Wirehing bade ngaguar
  • Ngaguar nu jadi kawit
  • Dina widang tetembangan
  • Malar teu poekeun teuing
  • Ka luluhur di Cianjur
  • Khusus Kangjeng Dalem Pancaniti
  • Jujuluk Kusumahningrat
  • Ieu abdi-abdi seni
  • Rek nyukcruk mapay laratan
  • Pamugi maparin widi
  • Ieu para putra putu
  • Nu mupusti kana seni
  • Nu micinta tetembangan
  • Ulah kasilih ku junti
  • Henteu kagembang ku jaman
  • Karawat ku nu pandeuri
referensi: cianjurkab

Comments

Popular posts from this blog

NGARAN PAPARABOTAN JEUNG PAKAKAS

Masrahkeun Calon Panganten Pameget ( Conto Pidato )

Sisindiran, Paparikan, Rarakitan Jeung Wawangsalan katut contona