Istilah nu Patali jeung sasatoan

Badot : embe jalu nu mejehna beger, kaambeu bau
Bajir/ majir : munding, domba, embe nu teu daekeun anakan, jadi lintuh loba gajihna
Bibit : ingon-ingon indungna nu (bakal) diarah anakna (lauk emas, domba, embe, munding)
Camani : hayam camani, hayam nu hideung nepi ka tulang-tulangna, sok dipake ubar atawa tumbal
Dongkol : munding dongkol, munding nu tandukna duanana ngeluk (ngulapes) ka handap
Jago : hayam jaluna
Jajangkar : hayam jalu nu mangkat beger
Jarah : muding jarah, munding nu teu diurus, diantep sakarepna di sampalan
Kumahkar : hayam bikang nu kokotak rek ngendog
Pancawarna : manuk titiran/ purukutut nu soarana pohara alusna, langka tur hese ngalana
Pelen : munding jalu nu mangkat beger
Pelung : hayam pelung, hayam nu tarik sarta lambat kongkorongokna, kadenge ka jauh
Ranggah : tanduk ranggah, tanduk munding nu melung ka luhur; tanduk uncal nu ranggakgak
Rintit : hayam rintit, hayam nu tungtung buluna carentik
Sasapihan : anak hayam nu geus disapih ku indungna
Tumang : anjing nu buluna hideung meles

Tutul : maung tutul, maung nu buluna koneng totol-totol hideung

SORA SASATOAN:

Anjing : ngagogog, nyngungung, babaung
Bagong : sesegrok
Domba/ embe : ngaberele
Entog/ meri : ngawekwek
Gagak : ngelak
Hayam : kongkorongok (jago), kokotak (bikang)
Kuda : ngahiem
Manuk : recet/ ricit (manuk laleutik)
Maung : ngagerem, ngagaur
Reungit : ngahieng
Tikukur/ titiran : ngantuk (disada terus-terusan)
PAKARANG (SENJATA) SASATOAN
Badak : cula
Bagong : sihung
Banteng : tanduk
Buhaya : buntut (seuseukeutan)
Embe/ domba : tanduk
Gajah : gading, tulale
Hayam jago : siih
Kalajengking : panyeureud
Kamarang : panyeureud
Kapiting : panyapit
Landak : cucuk (bulu)
Lele
: pamatil
Maung : kuku & sihung
Munding : tanduk
Nyiruan : panyeureud
Oray : sihung (peurahan)
Sapi : tanduk
Singa : kuku & sihung
Tawon/ tiwuan : panyeureud
Ucing : kuku
Uncal : tanduk

Comments

Popular posts from this blog

NGARAN PAPARABOTAN JEUNG PAKAKAS

Masrahkeun Calon Panganten Pameget ( Conto Pidato )

Sisindiran, Paparikan, Rarakitan Jeung Wawangsalan katut contona