Istilah " Pancaniti"

R.A.A. Kusumahningrat ngagali Seni Tradisi ieu, estu samata-mata mung kanggo milari hakekat hirup sareng kahirupan anjeunna nyalira. Samata-mata mung kanggo da’wah sareng tableg, ka dirina ku anjeun.
Ka generasi saparantos anjeunna, R.A.A. Kusumahningrat ngawariskeun istilah “Pancaniti“
Panca : Lima
Niti : Nincak (tahapan)
Ti kawit Allah SWT nyiptakeun roh manusa, manusa ngalaman di lima alam diantawisna ;
1. Alam Roh
2. Alam Garba
3. Alam Dunya
4. Alam Barzah
5. Alam Akherat.
Wahai manusa, mangkahade aranjeun sing ati-ati jeung sing barisa lamun aranjeun geus aya diva alam nu katilu.

Janten Pancaniti teh, nyaeta lima undakan (tahapan) pikeun ngajugjug kasampurnaan hirup. Nu dimaksad ku Kangjeng Dalem R.A.A. Kusumahningrat oge nyaeta ;
” Rukun Islam “
Dina mangsa Kadaleman R.A.A. Kusumahningrat bentangan kawat kacapi nu kawit jumlahna aya 9, ku anjeunna ditambih janten 18 kawat tug dugi ka ayeuna. Maksadna kirang langkung ; Ummat Islam ngalaksanakan Sholat lima waktu unggal dinten 17 raka’at, seja masrahkeun diri sareng tumamprak ka Allah SWT.
Kangjeng Dalem R.A.A. Kusumahningrat wafat Taun 1868. Sagala rupi nu tos digali sareng dirintis ku anjeunna, teras dirumat, dikokolakeun sareng disebar luaskeun deui ku ingkang putrana nyaeta R.A.A. Prawiradiredja II (1868-1910). Dibantos ku para seniman, bujangga kabupaten diantawisna, Rd. Ece Madjid, Rd. Djaya Lahiman sareng Uyut Ahim.
Para nayaga gamelan degung miwah pamirig kacapi suling sareng para seniman sanesna oge para Abdi Dalem, ku R.A.A. Prawiradiredja II sadayana ditempatkeun dipalih wetan Pandgpo Kabupaten Cianjur. Nyaeta dihiji tempat nu mung dipisahkeun ku gang nu lebarna kirang langkung dua meter. Kapungkur gang eta teh naming Gang Mitralaya, ayeuna man Janten Gang Melati.
Dina waktos Kadaleman Prawiradiredja II, Mamaos ngawitan sumebar sareng seueur rahayat nu resepeun. Boh warga Cianjur atanapi rahayat ti luar kota Cianjur sapertos, Bandung, Sumedang, Garut, Tasikmalaya. Bogor, Sukabumi sareng kota-kota sanesna.
Tembang Sunda ciptaan R.A.A. Prawiradiredja II nu kasohor pisan, diantawisna bae :
  • Degung Udjung lautan
  • Degung Mangu-mangu
R.A.A. Prawiradiredja II (Aom Misbach), wafat Taun 1910. Salajengna Dalem Cianjur digentoskeun ku mantuna nyaeta ; R.A.A. Wiranatakusumah (Aom Muharam/Dalem Haji) – 1910-1921 – Dina waktos harita pisan, Seni Mamaos kalintang majengna.
Taun 1921 Aom Muharam ngagentoskeun Ramana janten Bupati Bandung. Seniman, Sastrawan, Budayawan Pendopo Kabupaten Cianjur nu namina Rd. Ece Madjid diboyong ku anjeunna ka Bandung. Salajengna teras ditikahkeun ka Ny. Rd. Siti Munigar.
Tiasa kauninga rumpaka ” Laut Kidul ” ku anjeunna dipasihkeun ka muridna, nu namina ; Kalipah Apo.
Salajengna deui ku alpukahna R.A.A. Wiranatakusumah, istilah Seni Mamaos ku anjeunna dirobih janten ;
” Mamaos Cianjuran “
* * *
Lagu Degung titinggal Eyang Wasitadiredja diantawisna : ” Bangbrang Sinanga “
Lagu Degung Ciptaan R.A.A. Kusumahningrat, dibantos ku para seniman sanesna, diantawisna ;
1. Degung Putri Layar
2. Degung Paningron
3. Egung Kurawul
4. Degung Wabango
5. Degung Palwa
6. Degung Gendre
7. Degung Hambang
8. Degung Langensari
9. Degung Manintin
10. Degung Lalayaran
11. Degung Suyung
12. Degung Purwaganti
13. Kawitan Degung
Salajengna judul lagu Mamaos sareng Degung, yasana R.A.A. Kusumahningrat diantawisna ;
1. Papatet (Papatokan)
2. Layar Putri (Papantunan)
3. Balagenjat (Papantunan)
4. Manyeuseup (Papantunan)
5. Candra Wulan (Papantunan)
6. Mangu-mangu (Papantunan)
7. Gilang Gading (Papantunan)
8. Mupu kembang (Papantunan)
9. Rajamantri (Papantunan)
10. Kaleon (Papantunan)
11. Tatalegongan (Papantunan)
12. Randegan (Papantunan)
13. Randegan gancang (Papantunan)
14. Pangapungan (Papantunan)
15. Palanturan (Papantunan)
16. Nataan gunung (Papantunan)
17. Kinanti layar (Papantunan)
18. Dangdanggula Pancaniti (Rancag)
19. Asmarandana Pancaniti (Rancag)
20. Kakawen (Kakawen)
21. Putri Ninun (Papantunan)
* * *
 Istilah Tentang Sunda Cianjuran, ti kawit dugi ayeuna :
  1. R.A.A. Kusumahningrat : Mamaos
  2. R.A.A. Prawiradiredja II : Mamaos
  3. R.A.A. Wiranatakusumah : Mamaos Cianjuran
  4. M.A. Salmun (Taun ‘60) : Tembang Sunda
  5. Damas Puseur : Tembang Sunda Cianjuran
referensi: cianjurkab

Comments

Popular posts from this blog

NGARAN PAPARABOTAN JEUNG PAKAKAS

Masrahkeun Calon Panganten Pameget ( Conto Pidato )

Sisindiran, Paparikan, Rarakitan Jeung Wawangsalan katut contona