Rupa - rupa Leumpang


LEUMPANG

Boyot = leumpang kendor bangun bareurat awak, mindeng katinggaleun batur
Deog/ pengkor = leumpang dingdet lantaran suku nu sabeulah rada pondok
Dohot-dohot = leumpang lalaunan bari semu dodongkoan cara peta nu ngadodoho
Egang/ egol = leumpang jiga budak nu anyar disunatan lantaran bisul dina palangkakan, jste.)
Gonjleng = leumpang awewe bari ngobah-ngobahkeun awak, haying narik perhatian lalaki
Ingkud-ingkudan/ jingkrung = leumpang teu bener lantaran nyeri suku, jste.
Jarigjeug/ jumarigijeug = leumpang bari semu rek labuh, biasana jalma nu geus kurang tanaga atawa nu kakara hudang gering.
Jingjet = leumpang semu hese ngalengkah lantaran cacad suku atawa make samping nu heureut teuing
Kepoh = leumpang teu bener lantaran tuur rada paadu (kawas aksara X)

Kukurubutan = leumpang rada dodongkoan dinu bala atawa dinu remet kakayon
Moyongkod/ mongkoy = leumpang anca rada dongko, nembongkeun ulat sieun atawa era
Narabas = leumpang di nu bala atawa din u remet kalawan teu midul cucuk, jsb.
Neker = leumpang di tempat nu nanjak pisan (netek)
Nelenden = leumpang budak, anca, pikalucueun
Niliktik = leumpang budak nu kakara bias leumpang gancang, titiliktikan ka ditu ka dieu
Nolog = lempang talag-tolog (lantaran teu awas) di nu poek
Noyod = leumpang nurutkeun karep sorangan, teu malire ka nu nyaram
Ngabadaus = leumpang semu gancang, teu luak lieuk
Ngabengbeos/ mengpeos = leumpang teu luak lieuk, biasana lantaran aya kakeuheul, kateusugema, jste.
Ngabring = leumpang babarengan (lobaan)
Ngabrul = kaluar atawa indit babarengan
Ngaburudul = kaluar lobaan ti tempat
Ngadaligdeug/ dalugdag-daligdeug = leumpang kawas nu mabok, kawas nu rek titotolonjong, jarugjag-jarigjeug
Ngadedod = (awewe) nu leumpang anca, sarta biritna ka kenca ka katuhu
Ngadigdig = leumpang gancang sarta segut
Ngadigleu = leumpang kendor, semu bareurat ngalengkah
Ngadudud = leumpang gancang teu luak-lieuk
Ngagandeuang = leumpang bari dada ajeg, bari keupat laun
Ngageang =leumpang semu egang
Ngageblay = leumpang awewe, anca, bari keupat laun, geblay-geblay
Ngageblig = leumpang bari neundeut-neundeutkeun suku tepi kadenge sora blig, blig, blig, sabalikna tina keketeyepan.
Ngageboy = leumpang awewe nu rada lintuh, awakna semu leuleus
Ngagegag = leumpang kendor semu bareurat awak
Ngageyot/ ngagiyet = leumpang awewe bari semu ngobah-ngobahkeun bujur
Ngageuyeunggeung = leumpang laun nu keur gering atawa nu kakara hudang gering
Ngagidig/ ngagedig = leumpang gancang sarta segut (sarua jeung ngadigdig)
Ngagigeug = leumpang semu beurat ku awak, oyag ka kenca ka katuhu.
Ngagilincing = sesebutan nu keur leumpang teu mawa naon-naon
Ngagiplek = leumpang awewe bari semu ngagutak-gitek bujur
Ngalanggeor = leumpang awewe, biasana nu lenggik, nu alus katempona
Ngalejeg/ lajag-lejeg = leuleumpangan dihareupeun batur bari ambek
Ngalenghoy = leumpang alon lantaran cape
Ngaleut = leumpang babarengan (jalma na leuwih loba tibatan ngabring)
Ngaleyad = leumpang anca diaplen
Ngantay = sarua jeung ngaleut
Ngeungkeuy = saharti jeung ngaleut
Ngeteyep = leumpang laun (biasana nu keur ngintip) sieun kadenge/ katempo ku batur
Ngincid = leumpang gancang sorangan
Ngingkig = leumpang ganjang teu luak-lieuk
Ngiciprit = leumpang keur waktu hujan atawa loba keneh cileuncang
Nyelenceng = leumpang gancang sosoranganan, miheulaan batur
Ngungkug = leumpang gancang teu luak-lieuk
Nyerenteng/ nyirinting = leumpang semu lumpat nyampeurkeun batur (bari ambek)
Rarampeolan = leumpang semu leuleus (nu keur mabok, jste.)
Rincug = leumpang teu bener lantaran nyeri dampal suku, atawa leumpang di nu bala sieun kacugak lantaran teu make sandal/ sapatu
Sasampoyongan = leumpang gagaleongan (nu keur mabok, jste.)
Seseleket = leumpang di antara jelema loba
Seselendep = sarua jeung seseleket
Singkang = leumpang semu jegar lantaran sukuna (ti lebah tuur ka handap) semu kaluar, sabalikna tina kepoh)
Tonggoy = lumping teu luak lieuk, bari tungkul, teu mirosea ka nu ngageroan
Totolonjongan = leumpang kawas nu rek tijongjolong
Turugtug, nurugtug = leumpang gancang di nu mudun
Tuturubun = leumpang turun rurusuhan, buru-buru

Comments

Popular posts from this blog

NGARAN PAPARABOTAN JEUNG PAKAKAS

Masrahkeun Calon Panganten Pameget ( Conto Pidato )

Sisindiran, Paparikan, Rarakitan Jeung Wawangsalan katut contona