Paribasa - Babasan ( conto kalimat & hartina ) bag 1

(A)

Abong létah teu tulangan

Ngomong henteu dipikir heula, tungtungna matak pikanyerieun batur.

"Cep Isud mah ngahina Jang Among téh mani di hareupeun batur, abong létah teu tulangan, nepi ka urusan anu kacida rusiah ogé diomong-omong.

Adat kakurung ku iga

Laku-lampah anu kurang hadé, hésé pisan dileungitkeunana.

"Sangkilang mindeng disetrap ku Guru, kana kabeurangan sakola téh, Si Buruy mah henteu kapok-kapok, abong geus adat kakurung ku iga."

Adéan ku kuda beureum

Ginding ku papakéan batur.

Mémang ginding Si Joni téh, hanjakalna adéan ku kuda beureum. Anu dipakéna téh ukur meunang nginjeum ti sobatna.

Adigung-adiguna

Asa aing, boga rasa leuwih ti batur, boh dina omongan boh dina paripolahna.

Adigung-adiguna pisan Mang Sarmud mah, dina rapat RT téh sagala rupa omonganana kudu diturut, padahal teu sapuk saréréa. Pantes pisan lamun loba jalma anu teu pati resepeun.

Agul ku payung butut

Jelema taya kaboga, tapi sok nyaritakeun turunan ménak jeung loba dulur anu naranjung.

"Sakitu keur dahar sapopoé oge kacida seuseutna, magarkeun teh turunan radén. Dasar agul ku payung butut Mang Amanta mah,"

Ajak jawa

Ngajak bari ukur tamba, lain saenyana, dapon ngeunaheun batur baé.

Nawaran ngabaso ka Néng Lina sotéh Si Among mah ukur ajak jawa, sabab boga duitna ogé ngan cukup keur samangkokeun.

Aki-aki tujuh mulud

Geus kolot pisan.

"Abong aki-aki tujuh mulud, dititah dahar kalah ngencarkeun domba!" ceuk Nini Ijah kutuk-gendeng.

Aku-aku angga

Ngampihan barang batur, bari boga maksud hayang miboga.

Ari barang-injeum téh, gancang pulangkeun, ulah ngadagoan pohona, bisi magarkeun rék aku-aku angga.

Alak paul

Kacida jauhna.

Bapa kuring mah keur nyaba ka alak paul. Geus ampir sapuluh taun, can mulang kénéh baé. Malah taya béja-béjana acan.

Alak-alak cumampaka

Niru-niru atawa hayang nyaruaan saluhureun.

"Ulah Alak-alak cumampaka, maké jeung hayang meuli mobil sagala. Nyaho nyaho urang mah ukur sakieu kaayaanana." ceuk Bi Mursih ka anakna.

Ambek nyedek tanaga midek

Ari napsu gedé, tapi tanaga euweuh.

Tadina mah Cép Among téh rék ngalawan, tapi kalah ambek nyedek tanaga midek. Tungtungna hing baé ceurik.

Amis budi

Hade budi-parangi, soméah, mun nyarita sok dibarung imut.

Kayungyung pisan Néng Kania mah, keur geulis téh, amis budi deuih.

Amis daging

Babari pisan katerap kasakit

Amis daging pisan budak téh. Kamari kakara cageur salésma, ayeuna geus ngéhkéh batuk.

Anak puputon

Anak anu kacida dipikanyaahna.

Ari ka anak puputon mah mani dinangna-néngné. Sagala rupa kahayangna teu weléh dicumponan. Bélaan anjuk-ngahutang.

Anjing ngagogogan kalong

Mikahayang nu lain-lain anu biheung kalaksanakeun.

Ari pagawéan ukur saré, tapi hayang jadi gubernur. Kawas anjing ngagogogan kalong baé.

Ari umur tunggang gunung, angen-angen pecat sawed.

Najan umur geus kolot, tapi kahayang mah kawas nu ngora.

Eta mah Aki Amanta, ari umur tunggang gunung, angen-angen pecat sawed. Sakitu geus cetuk huis ogé, Aki Amanta resep kénéh ngaheureuyan Néng Cici, parawan ti lembur Banjar.

Asa aing uyah kidul

Asa jadi pangpunjulna.

Si Doya mah da asa aing uyah kidul, mun ngomong ogé sok sompral pisan. Matak paur anu marenganana.

Asa dijual payu

Asa pangkapujina, duméh ngumbara atawa digawé sosoranganan di lembur batur.

Abong bisa hirup ngandelkeun hasil késang sorangan, ka unggal awéwé dicaritakeun, mani asa dijual payu.
Asa ditumbu umur

Asa euweuh beungeutan

Era kabina-bina (éra pisan).

Ari sugan téh sanés Pa Lurah, boro ngomong mani sangeunahna. Puguh baé mani asa euweuh beungeutan.

Asa potong leungeun katuhu

Leungiteun jelema nu kacida gedé gawéna, atawa anu kacida dipikabutuhna.

Bi Mursih mani asa potong leungeun katuhu, sabab budakna anu sok ngurus pagawéan di imah, poé mangkukna kacilakaan di jalan raya.

Asa rawing daun ceuli

Mindeng ngadéngé omongan anu henteu geunah karasana.

Mani asa rawing daun ceuli, magarkeun téh Néng Nita digosipkeun rék buru-buru kawin, apan kuring téh aya haté kadua leutik ka manéhna.

Asa tungkeb bumi alam

Kacida baluwengna.

Geus aya kana sapuluh taunna kabungbulengan ku Néng Lina téh. Matak mani asa tungkeb bumi alam, basa ngadéngé béja manéhna rék dikawinkeun.

Asak asar

Dipaluruh bener-henteuna kalayan écés.

Anu maling domba Mang manta téh can tangtu Si Doya, kudu asak sasar heula. Ulah pararadu ngaduduh, bisi teu luyu jeung kabuktianana.

Asak jeujeuhan

dipikiran heula masing anteb

Milih pipamajikaneun téh kudu asak jeujeuhan, bisi tungtungna kabelejog.

Asak warah

Hadé atikan, basa jeung paripolahna Merenah

Néng Yuyu mah hiji awéwé anu asak warah, ka sasaha ogé teu weléh soméah jeung daréhdéh.

Atah anjang

Langka silih anjangan.

Ulah atah anjang jeung dulur mah, bisi pegat babarayaan.

Atah warah

Sabalikna tina asak warah, hartina kurang atikan.

Budak téh atah warah pisan, nyarita ka kolot ogé mani henteu maké tatakrama.

Ati mungkir beungeut nyanghareup

Caritaan jeung kalakuanana henteu nerus kana haté atawa papalimpang.

Ari hareupeun mani siga nu enya belana téh, padahal ati mungkir beungeut nyanghareup. Buktina di tukangeun mah manéhna nguar-nguar kagoréngan kuring.

Awak sabeulah

Henteu boga salaki atawa pamajikan.

Kieu geuning ari awak sabeulah mah, mani euweuh batur pakumaha.

Awak sasampayan

Maké pakéan kumaha ogé teu weléh pantes.

Néng Lina mah boga awak sasampayan, sakitu dibéré baju lalayu sekar, pantes baé katémbongna téh.

Awak satilas

Jangkung lenjang

Anu boga awak satilas mah teu kudu hayang nurunkeun beurat awak.

Awi sadapuran tara lempeng kabéh

Najan sarua saturunan, tapi perkara milik jeung rejeki mah tara sarua.

Lanceuk-lanceukna mah baleunghar, na ari nu bungsu hirupna téh balangsak pisan, abong-abong awi sadapuran tara lempeng kabéh!"

Aya bagja teu daulat

Rék meunang kauntungan atawa kabagjaan, tapi henteu tulus.

Kuring téh dibéré duit ku Juragan Camat, tapi kalah leungit di jalan. Emh, aya bagja teu daulat.

Aya jalan komo meuntas

Aya cukang lantaran pikeun gancang-gancang ngalaksanakeun pamaksudan.

Eukeur mah hayang ti baheula ulin ka Pangandaran téh, kari-kari aya nu ngajak bari numpak mobil haratis. Puguh baé aya jalan komo meuntas.

Aya jurig tumpak kuda

Datang milik anu henteu disangka-sangka.

Nékad indit ka kota, sugan wé aya jurig tumpak kuda, manggih pagawéan nu ngeunah.

Aya pikir kadua leutik

Aya kahayang nu henteu dikedalkeun.

Geus sababaraha kali manéhna ulin ka imah Lurah Ukar. Boa-boa aya pikir kadua leutik ka anakna.

Ayem tengtrem

Euweuh kaributan atawa bancang pakéwuh

Saprak aya nu ngaronda mah, lembur téh jadi ayem tengtrem.

 ( B)


Babalik pikir

Nu tadina goréng (kalakuan), ayeuna mah jadi hadé.

Budak téh meureun geus babalik pikir, maké jeung hayang masantrén sagala rupa.

Badak Cihéa

Degig, tara nanya, leumpang nyuruntul waé.

Cik atuh, ari papanggih jeung batur téh ulah kawas badak Cihea, mani tara patanya pisan.
Balabar kawat

Balég Tampélé

Mojang anu keur mangkat begér, tapi éraan kénéh lamun papanggih jeung lalaki.

Abong Nyi Enur mah balég tampélé, dianjangan bujang téh kalahka nyumput.

Bali Geusan Ngajadi

Lembur matuh, tempat lahir.

Najan ayeuna cicing di Bandung, tapi bali geusan ngajadi kuring mah di lembur Cigorowék.

Balik ngaran

Maot di lembur batur.

Karunya teuing ka Bi Mursih. Salakina anu ditu­gaskeun ka Acéh téh, ukur balik ngaran.
Balungbang timur, caang bulan opat welasj gedé sasapuan

Bancang Pakéwuh

Pikasusaheun, Picilakaeun.

Ulah tumpak parahu keur gedé angin, bisi aya bancang pakewuh.

Batan kapok kalah gawok

Kalah beuki maceuh

"Sakitu kungsi ditareunggeulan ku urang lembur, Ki Dadap téh geus ceceremed deui,"
"Enya, batan kapok kalah gawok,"

Batok bulu eusi madu

Henteu cocog jeung panénjo; siga bodo tapi pinter, siga miskin tapi beunghar, jsb.

"Jang Among mah siga jelema basajan. Padahal di lemburna beunghar!"
"Batok bulu eusi madu atuda!"

Béak dengkak

Geus ditarékahan tapi henteu hasil baé.

Geus béak déngkak kuring mah, hayang bisa lulus ujian téh.

Béngkok tikoro

Henteu tulus meunang rejeki lantaran aya halangan.

Abong keur bengkok tikoro, indit ka ondangan téh kalah béakeun dahareun.

Bengkung ngariung bongkok ngaronyok

Babarengan, sauyunan, boh keur bungah boh keur sedih.

Ari jeung baraya mah kudu tetep bengkung ngariung bongkok ngaronyok, ulah pareumeun obor.

Biwir nyiru rombéngeun

resep nga?béja?keun rasiah

"Si Kadés mah pagawéanna ngan ngaheureuyan awéwé, ari Hansip Baron taya deui iwal ti noong nu keur mandi…"
"Dasar silaing mah biwir nyirurombéngeun. Sok pararadu ari nyarita téh!"

Bumi tacan nyungcung

loba kénéh parobahan di dunya.

"Ti poé ka poé, warta musibah jeung karusuhan ngawarnaan layar tivi…"
"Bumi tacan nyungcung, carita téh kawasna bakal beuki réa warnana…"


(C)

Carang takol

Arang ngomong

"Sok éra maamoan ka imah Kadus Ukar téh…"
"Na kunaon?"
"Anjeunan mah carang takol, jadina téh uing bingung néangan jejer piobroleun.

Ceuli léntaheun

resep ngadéngékeun kagoréngan

"Ustad Otong rék jarah…"
"Kutan? Ti iraha Ustad sok ngajarah barang batur?"
"Manéh mah sok kamana karep! Lain rék ngajarah, tapi rék jarah ka taneuh suci…"
"Tapi ceuk Ulis Kowi mah, duit ongkosna téh tina kas masjid,"
"Ah, , dasar manéh mah ceuli léntaheun. Nya lain atuh, da ti baheula ogé sok nabung…"

Cikal Bugang

Nu pangheulana paéh di pangperangan atawa dina karusuhan.

"Salaki téh gugur di médan laga, jadi cikal bugang tina perjoangan nanjeurkeun kamerdékaan…"
"Enya, ngan hanjakal sanggeus merdéka, pajabatna kalah réa nu korupsi…"

Ciri sabumi cara sadésa

Saban tempat boga adat-kabiasaan séwang-séwangan.

"Di wewengkon Minang mah kolong imah téh jajarangkung, teu cara di urang, da puguh mibanda ciri sabaumi cara sadésa.

Clik putih clak herang

Rido, iklas, kaluar tina haté anu beresih.

"Keur abdi mah, éstuning clik putih clak hérang najan Akang ngahianat ogé, abdi tetep bakal satia,"
"Upami kitu mah akang badé ngahianat deui…"
"His… teu kénging! Da ieu mah mung conto kalimah…"
"Aéh, muhun, hilap,"

Cueut ka hareup

Geus kolot, téréh maot.

"Cik atuh, ari geus cueut ka hareup mah ulah ngagugu baé napsu. Piraku unggal peuting igel-igelan di diskotik, ngaheureuyan ABG!"
"Da resep atuh…"
"Enya sok resep mah, ngarah di akhérat digendiran!"


(D)

Deukeut-deukeut anak taleus

Ongkoh deukeut (kana baraya) tapi henteu papada apal. Padeukeut, tapi henteu nyaho kana kajadian nu penting di salah saurang antara maranéhna.

Geuning kuring jeung Mang Oji teh deukeut-deukeut anak taleus sanggeus disalusur pancakakina mah, tapi mani teu apal basa anakna maot ogé.

Dibejer-beaskeun

Dieceskeun atawa dijéntrékeun pisan.

Ari kudu dibéjér-béaskeun mah, hutang salaki manéh téh geus salaput hulu.

Didingding kelir sindang siloka

Dibumi-bumi atawa dirusiahkan.

Prak nyarita sabalakana, ulah aya nu didingding kelir sindang siloka.
"Sok wé balaka ari boga kahayang mah, tong maké didinding kelir sindang siloka sagala."

Dihin pinasti anyar pinanggih

Naon anu geus kaalaman ayeuna, saestuna mah geus aya katangtuanana ti Pangéran.

Dihin pinasti anyar pinanggih, geuning Mang Mista téh nepi ka hanteuna.

Dihurun-suluhkeun

Dianggap sarua, disamarutkeun.

"Boa-boa manéh oge milu maling buah Pa Haji!"
"Ulah dihurun-suluhkeun, da kuring mah henteu rumasa boga lampah kitu,"

Dikungkung teu diawur, dicangcang teu diparaban

Dipihukum tapi henteu dibalanjaan, henteu dicumponan pangabutuhna.

"Béjana salaki manéh mah ukur moyan pagawéanana téh?"
"Enya, ti saprak kawin téh kuring mah dikungkung teu diawur dicangcang teu diparaban,"

Dipiamis buah gintung

Disangka hadé jeung bageur, tapi nu saenyana mah jahat.

"Naha ka mana badéga téh? Asa tara katembong,"
"Nu matak dititah balik, da sok ceceremed!"
"Apan siga bageur naker!"
"Enya, manahoréng dipiamis buah gintung,"

Disakompét-daunkeun

Jelema nu kalakuanna hadé dianggap sarua jeung jelema nu kalakuanna goréng.

"Kang Otong milu dicerek ku pulis…"
"Naha?"
"Pédah kapanggih keur ngawangkong jeung Si Badar. Apan Si Badar téh keur ditétéangan ku pulisi alatan ngajual narkoba,"
"His, kuduna mah ulah disakompét-daunkeun atuh. Boa teuing Kang Otong mah keur ngobrol naon. Apan saréréa ogé apal Kang Otong mah jajauheun kana ngonsumsi narkoba.

Ditilik ti gigir lenggik, disawang di tukang lenjang, diteuteup ti hareup sieup

Kekecapan keur awéwé anu kacida geulisna, taya cawadeunana.

Paingan pada marebutkeun atuh Néng Lina téh, da puguh matak kagégéloan nu séngsérang panon. Upama nilik kana angtunganna, enyaan ditilik ti gigir lenggik, disawang ti tukang lenjang, diteuteup ti hareup sieup.

Ditiung geus hujan

Kakara nyiar tarékah sanggeus datang bahaya.

"Keur naon, Mang?"
"Ieu keur menerkeun kandang hayam, bongan peuting ogé hayam téh ku careuh!"
"Euh, rajeun téh ditiung geus hujan!"

Dogdog pangrewong

Panambah-nambah, tamba lumaayan baé.

"Mangga atuh, bilih badé ngiring sasauran mah,"
"Ah, ieu mah ukur dogdog pangréwong baé, étang-étang ngiring kaul!"

Dosa salaput hulu

Dosa anu kacida lobana.

Sakitu dosa salaput hulu téh, resep kénéh nyieun pacogrégan.

Dug hulu pet nyawa

Usaha satékah polah, méh taya eureunna.

Saprak boga pamajikan mah, Jang Among digawéna téh mani dug hulu pet nyawa.

Dulang tinandé

Awéwé mah biasana sok kumaha lalaki.

Jaman émansipasi mah awéwé téh ulah saukur jadi dulang tinandé, kudu aya ketak jeung hojahna.

 

(E)

Endog mapagahan hayam

Mapagahan nu geus bisa, nu leuwih luhur pangartina.

Ngajar ngaji ka Pa Lebé mah, sarua jeung endog mapagahan hayam.

Endog sasayang remek hiji remek kabéh

Jelema nu sahaté (tiwas hiji, tiwas kabéh, teu ha?yang salamet sosoranganan)

"Hayu urang serang penjajah téh!"
"Siap! Merdéka!"
"Ulah aya nu mabur! Pokona mah endog sasayang remek hiji remek kabéh! Kumaha?!"
"Siaaaap!"

Endog tara megar kabéh

Ilikan awi sadapuran tara lempeng kabéh.

(É)

 Élmu ajug
Bisa mapagahan atawa nyarék ka batur, ari soranganna henteu bisa ngamalkeunna.

Ari can bisa ngamalkeunna mah, ulah loba teuing mapagahan batur, kasebutna ukur élmu ajug.

(G)

 

Galak sinongnong

ilikan baleg tampélé

Gancang pincang

Pagawéan anu babari anggeus, tapi hasilna henteu nyugemakéun.

Ulah gancang pincang jijieunan téh, ngarah pantes katénjona.

Gantung dénge

Henteu anggeus ngadéngékeunna.

Teruskeun atuh ngadongéng téh, ulah matak gantung déngé.

Garo singsat

Teus sabar atawa ambek kana hiji perkara (keur awéwé)

Basa anak parawanna can balik kénéh, Bi Mursih teu sirikna garo singsat.

Garo-garo teu ateul

Gagaro lantaran bingung atawa keuheul.

Nyanghareupan perkara anu sakitu héséna, Jang isud ukur garo-garo teu ateul.

Gedé cahak manan cohok

Gedé kénéh ngaluarkeun (kana duit) ti batan narima. loba kahayang tapi saeutik pangasilan, tungtungna anjuk hutang, jadi gedé ngaluarkeun tapi leutik beubeunangan.

"Digawéna mah kuli pabrik Si Dasmin téh…"
"Keun baé da halal!"
"Lain kadinya maksudna. Ieu mah pédah wé sapopoéna mani royal, dahar di réstoran, numpak taksi, ngajajanan kabogoh saban usik, ngiridit motor, tivi, kulkas, ahirna raweuy ku hutang.
"Éta téh ngaranana gedé cahak manan cohok…"

Gedé hulu

Adigung, sombong.

Montong dilayanan jelema gedé hulu mah, da sok asa bener sorangan waé.

Geledug ces

Ukur ramé mimitina wungkul, ka dituna mah jadi tiiseun.

Keur naon medalkeun majalah ogé ari geledug ces mah, ukur terbit sakali-kalina, munggaran sakaligus anu pamungkas.

Getas harupateun

Babari ambek.

Ulah getas harupateun, bisi ninggang ka jalma anu sarua gedé ambek.

Ginding Kakampis

Ginding tapi teu boga duit (kakampis mun?ding eusina cai, kitu deui kakampis lauk eusina hawa)

"Siga nu heueuh wé mamawa mobil sédan!"
"Na kumaha kitu?"
"Ah… ginding kakampis. Bieu ogé ukur meuli bénsin dua léter, jaba ududna ngalintinganm bako…"
"Tapi gagah da…"
"Meunggeus ulah katutuluyan. Ieu mah sakadar conto kalimah, lain rék nyieun carpon.
"Aéh, enya nyaaa…"

Goong nabeuh manéh

Ngagulkeun diri sorangan.

"Kuring mah jelema soléh, nu matak kapaké pisan ku Pa Kuwu téh. Ayeuna geus jadi publik figure di ieu lembur"
"Na nyarita téh, kawas goong nabeuh manéh bae,"

Goong saba karia

Datang ka nu hajatan bari teu diondang, maksudna sangkan kaarah gawé tur seubeuh dahareun.

"Rek ka mana, Dun?" ceuk Asép.
"Rék ka imah Pa Érté, apan ngawinkeun anakna!"
"Naha diondang kitu?"
"Henteu, rék siga goong saba karia wé kuring mah!"

Gunung luhur beunang diukur, laut jero beunang dijugjugan, ari haté jelema mah najan déét hésé kakobét

Hésé nga?nyahokeun kereteg jelema nu diru?siah??keun.

"Bogoh ka saha sih manéhna téh? Ka uing atawa ka tatanggana?"
"Hésé ditebakna. Gunung luhur beunang diukur, laut jero beunang dijugjugan, ari mungguh haté jelema najan déét teu kakobét."

Gunung pananggeuhan

Anu jadi andelan, anu dipunta-ngan.

Saprak boga salaki mah, Nyi imah téh asa boga gunung pananggeuhan.

Gunung tanpa tutugan

Kacida legana, taya tungtungna.

Cinta akang ka nyai kacida jembarna, lega kabina-bina lir gunung tanpa tutugan.

Gurat batu

Pageuh kana jangji, mawa karep sorangan, teu asup omong batur.

"Ulah sorangan indit ka leuweung téh, bisi kasarung!"
"Keun baé da ludeung!"
"Na budak téh, mani gurat batu pisan!"

Gurat cai

Tara tigin kana jangji (sabalikna tina gurat batu dina urusan jangji)

"Mung dugi ka dieu wé bobogohan téh, Nyai…"
"Naha akang? Apan akang tos jangji badé sasaéan dugi ka unggah ka balé nyungcung?"
"Wayahna, Nya, akang kagémbang deui ku Nyi Iroh…"
"Ah… jangji akang mah geuning gurat cai…"


Comments

  1. nuhun kang.. diantosan http://sgalaanime.blogspot.com/

    ReplyDelete

Post a Comment

Saumpamina aya nu peryogi di komentaran mangga serat di handap. Saran kiritik diperyogikeun pisan kanggo kamajengan eusi blog.

Popular posts from this blog

NGARAN PAPARABOTAN JEUNG PAKAKAS

Masrahkeun Calon Panganten Pameget ( Conto Pidato )

Sisindiran, Paparikan, Rarakitan Jeung Wawangsalan katut contona