Sesebutan Ka Jelema

Aki-aki = lalaki nu geus kolot pisan
Baleg tampele = mangkat beger, wani di tukangeun, ari di hareupeun era keneh
Bijil bulu mayang = saharti jeung baleg tampele
Budak = anak jalma nu can baleg
Budak gumelo = budak nu can boga jeujeuhan (pikiran) lantaran budak keneh, kira-kira umur 2-4 taun
Budak kamalole = budak nu nurutkeun kapercayaan baheula kudu diruat, lantaran aya tanda wisnu (tanda bodas) dina awakna, biasana rarungsing teu daek cicing bari teu kanyahoan naon sababna atawa kasakitna
Budak pahatu = budak nu geus teu boga indung (ditinggalkeun maot)
Budak yatim = budak nu geus teu boga bapa (ditinggalkeun maot)
Budak pahatu lalis = budak nu geus teu boga indung teu boga bapa
Bujang = lalaki nu geus baleg tapi can kawin
Bujang jengglengan = jajaka tulen
Bebeureuh = kabogoh (lalaki)
Bebene = kabogoh (awewe)

Cawene = parawan, awewe anu can kawin
Cetuk dawuk = jalma nu geus kolot, buukna geus meh kabeh bodas jadi huis
Duda = lalaki nu kungsi boga pamajikan tur can kawin deui
Galak sinongnong = budak lalaki nu mimiti aya sir ka awewe (sarua jeng baleg tampele, ngan geus rada aya kawani)
Kolot = jalma nu geus cukup umur, leuwih ti tengah tuwuh
Kolot sapeuting = jalma kolot nu euweuh kanyaho (bodo), diupamakeun ka orok nu kakara dijurukeun sapeuting
Kokolot begog = jalma nu nyanyahoanan kawas nu geus kolot, nyeta-nyeta kalakuan kolot
Kontrong-kontrong = jalma nu geus kacida kolotna, leuwih ti aki-aki
Lanjang = awewe nu can kawin
Ngomboan = lalaki nu mimiti beger ka awewe, sorana ngagedean
Parawan = cawena, awewe nu can kawin
Parawan jekekan = mojang tulen
Randa/ rangda = awewe nu geus diserahkeun atawa ditinggalkeun maot ku salakina
Randa bengsrat/ kulanjar = randa nu saenyana parawan keneh, can sapatemon jeung salaki memeh diserahkeun
Sengserang panon = parawan atawa bujang nu keur meujeuhna resep nenjo, resep naksir
Tengah tuwuh = jalma nu umurna kira-kira 40-45 taun
Turun amis cau = parawan nu mimiti beger

Comments

Popular posts from this blog

NGARAN PAPARABOTAN JEUNG PAKAKAS

Masrahkeun Calon Panganten Pameget ( Conto Pidato )

Sisindiran, Paparikan, Rarakitan Jeung Wawangsalan katut contona