Ngaran - ngaran Panyakit

Balas bogo:
kasakit kulit sabangsa hapur, warnana bodas semu karadak.

Batuk gangsa:
batuk lantaran aya gangguan dina bayah (tbc, jsb),

Batuk bangkong:
batuk kosong.
Bisul:
kasakit handapeun kulit, bareuh nu ngandung nanah sarta mataan.

Bisul beunyeur:
bisul leutik, matana siga beunyeur.

Borok:
raheut nu tuluy nanahan lantaran inféksi atawa radang anu pohara.

Botoleun:
kasakit dina dampal suku, liangan.

Budug:
kasakit kulit, baruntus atawa carénang, biasana ateul lantaran kuman.


Bungkul:
sabangsa bisul ngan leuwih teuas.

Cacar, kuris:
kasakit kulit nu babari tépa.

Cenang:
sarupa bisul ngan leutik, aya nanahan,

Conge:
kasakit jero ceuli, kaluar nanah.

Éwateun:
kasakit kulit, warna semu beureum ngageblég, karasa ateul, renyem.

Geregeseun:
kasakit nyeri kiih, upamana dilantarankeun ayana batu dina jero rarangan (kencing batu).

Gondok:
kasakit dina beuheung lantaran kurang yodieum, siga bareuh ngagandoy, tumerapna sok nahun.

Gondongeun:
kasakit bareuh dina beuheung bagian luhur, tumerapna henteu lila, biasa disebut panyakit anjing, sok diubaran ku bulao.

Hapur:
kasakit kulit totol-totol barodas, karasana ateul mun kakésangan, babari tépa.

Hapur kembang:
hapur nu bodas katenjona, bisa diubaran ku daun laja.

Hapur beusi:
hapur nu leuwih kandel, hésé leungitna.

Hileudeun:
kasakit lantaran inféksi dina ramo jeroeun kuku.

Jangar, rieut:
nyeri sirah jejeletétan.

Jeungjeuriheun:
kasakit nyeri kiih, cenah lantaran nginum cai nu can asak pisan.

Jengkoleun:
kasakit nyeri kiih lantaran loba teuing dahar jengkol.
Kalikiben:
rasa nyeri dina jero beuteung anu sok timbul upama tas dahar (nginum) kagujrug-gujrug ku lulumpatan.
Keremieun:
kasakit ateul bujur lantaran cacing keremi.

Késrék:
kasakit kulit sapérti éksim garing.

Kokoloteun:
kasakit kulit beungeut, semu harideung, lantaran kapanasan atawa wedak.

Leuncangeun:
kasakit dina sela-sela ramo suku, marentis atawa bareulah, dilantarankeun ku kuman cai, karasana ateul.

Mejen:
hésé ngising, kabebeng.

Mengi:
asma, kasakit hésé ngambekan pangpangna upama katiisan.

Mimiseun:
kaluar getih tina irung lantaran sariawan, jst.

Muriang:
awak panas-tiris lantaran katerap kasakit malaria, jsb.

Peujit koréseun:
kasakit nyelengit beuteung lantaran telat barangdahar.
Radang:
kasakit kulit nu nanahan.

Reunghaseun:
kasakit kulit, kulit semu tarutung tur semu upamana lantaran keuna ku geutah reunghas.

Rieut:
nyeri sirah.

Rorombéheun:
kasakit dina dampal suku pangpangna dina lebah keuneung, kulitna bareulah.

Sakalor:
kasakit sarap, épilépsi.

Salatri:
kasakit nu timbul lantaran kosong beuteung, karasa lieur sebel, tor kaluar késang tiis.

Salésma:
kasakit irung, influenza, flu.

Sampar:
kasakit nu babari tepa.

Sariawan:
kasakit nu ngalantarankeun barusuh, lantaran panas beuteung.
Sisidueun:
gangguan di jero dada lantaran katiisan nu nimbulkeun ceklak-cekleuk.

Sumbilangeun:
kasakit awéwé, nyeri pianakan waktu keur kotoran.

Tajam:
diséntri, kasakit beuteung nu dilantarankeun ku baksil.

Tampek:
kasakit kulit, ateul semu panas, biasa tumerap ka budak.

Tibar:
kasakit sarupa bisul, matana tujuh.

Turuwisen:
kasakit sarupa cénang dina biwir panon.

Uuseupeun:
kasakit dina tikoro, karasana nyeri neureuy, aya useupan.

Wasir:
ambéyen, nongtot bool.

Comments

Popular posts from this blog

NGARAN PAPARABOTAN JEUNG PAKAKAS

Masrahkeun Calon Panganten Pameget ( Conto Pidato )

Sisindiran, Paparikan, Rarakitan Jeung Wawangsalan katut contona