Eyang Wasitadiredja

Saparantosna Sri Baduga Maha Raja Prabu Siliwangi mangkat, kalungguhanana digentoskeun ku putrana nyaeta Prabu Sura Wisesa. Di Karaton Padjadjaran teu kantos kadangu deui aya lantuman lagu sareng dentin° kacapi, Ki Juru Pantun.
Raja Padjadjaran harita katawisna nuju sibuk pisan, mayunan perang sareng Karajaan Islam Demak dipingpin ku Rd. Fatah.
Namung sesa-sesa Seni Budaya Pantun nu diwariskeun ku Ki Nurul Tohidi, estu tos lengket dina manah rahayat Padjadjaran. Dugi ka rahayat Padjadjaran nu ngagem Agama Tauhid (Agama Islam), beuki dieu beuki nyeueuran bae.
Nurul Tohidi, hartosna ;
” Sinar atanapi Cahaya Tauhid “
Ti wangkid harita bentangan kawat Kacapi teh nambihan jumlahna, janten 9 bentangan. Maksadna mah panginten ngalambangkeun ku tos has/ –na para Wall, dina ngalaksanakeun syi’ar Islam ka rahayat Padjadjaran.
Nu ngawaris kasenian Pantun Ki Nurul Tohidi pamungkas, nyaeta Eyang Wasitaredja. (Makamna kiwari aya di wewengkon Pataruman, Cianjur). Anjeunna salah sawios rundayan Dalem Cikundul, Eyangna R.A.A. Kusumahningtat (Dalem Pancaniti) sakaligus guru senina.
Saupami urang rajin nengetan saleresna mah dongeng atanapi carios diluhur tadi teh, tos dijantenkeun rumpaka Dangdanggula ku Rd. Ece Madjid. Anjeunna ngarupikeun salah sawios Seniman Pandopo Kabupaten Cianjur oge Pujangga sareng Sastrawan, nalika Pamarentahan Bupati R.A.A. Prawiradiredja II (Taun 1868-1910 M).


Dandanggula
Wantu-wantu sindir mah sasindir
Wantu-wantu basana sabasa Ngan
beda nu kapi omong
Catur Ki Juru Pantun
Juru Pantun anu berbudi
Pantun ti Padjadjaran
Nu ti Kun Fayakun
Nyamos pieusieunana
Sindir hiji dimana waliwis mandi
Mandi di Pangguyangan
referensi: cianjurkab

Comments

Popular posts from this blog

NGARAN PAPARABOTAN JEUNG PAKAKAS

Masrahkeun Calon Panganten Pameget ( Conto Pidato )

Sisindiran, Paparikan, Rarakitan Jeung Wawangsalan katut contona