Paribasa - Babasan ( conto kalimat & hartina ) bag. 3

(R)

Rémpan batan mesat gobang

kacida inggisna.

"Ulah miluan démontrasi, bisi cilaka…"
"Moal, Ma, da lobaan…"
"Iiih… ari kolot mah rémpan manan mesat gobang,"
"Du'akeun wé atuh ku ema,"
"Enya, sok, dijurungkeun atuh, asal démontrasina ulah jadi nyieun karusuhan…"

Rumpak Caringin di Buruan

Geus moal aya deui nu ngingetan, sabab geus teu boga kolot atawa dulur saluhureun.

"Kunaon silaing bet rambisak?"
"Na manéh teu apal, lanceuk kuring tilar dunya?"
"Innalillahi Wa Innalillahi rozi'un, sumpah teu apal. Milu bélasungkawa pisan atuh. "
"Nuhun pisan. Kuring téh mani ngenes pisan euy. Indung bapa, geus teu aya. Lanceuk hiji-hijina miheulaan ninggalkeun kuring. Dulur teu boga, baraya ogé teuing di marana, rumpak caringin di buruan…"

Rusuh luput, ganjang pincang, kajeun kendor dapon ngagémbol.

Sanajan gancang ogé, ari gaplah mah (teu hasil), mending kénéh kendor bari jeung hasil.

"Si Baron mah, hanas kekebutan ka pabrik téh, sieuneun teu kabagéan THR. Ari hég téh, motorna kalah tikusruk ka solokan…"
"Uing mah, salsé waé, da piraku teu kabagéan mah. Apan pararuguh catetanna ogé…"
"Heueuh, enyan Rusuh luput, ganjang pincang, kajeun kendor dapon ngagémbol.




(S)

Sadom araning baraja, sakunang araning geni.

Sanajan ukur sapésér, ari duit pamaréntah mah ulah digasab, matak cilaka.

"Tangtu matak érana mah. Asalna jalma terhormat, ari ayeuna diabringkeun ka nusa kambangan,"
"Enya, beungeutna ogé ditutupan ku leungeun. Embungeun kasorot ku kaméra,"
"Matak ulah korupsi ogé,"
"Tah kitu balukarna, nu matak sadom araning baraja, sakunang araning geni…"

Sagalak-galakna macan tara nyatu anak

saku?maha bengisna indung-bapa, moal téga maéhan anakna.

"Mending mulang wé, Nyai…"
"Sieun disiksa ku ema…"
"His, sagalak-galakna macan tara nyatu anak,"

Sahérang-hérang Cibéas

Saberesih-beresihna haté ka musuh, moal beresih pisan.

"Si Arnasim téh ménta dihampura ka Mang Winta, basa lebaran kamari,"
"Lain musuh gerot maranéhna téh?"
"Enya, tapi pan ayeuna mah geus saladar meureun. Kamari ogé geus biasa deui, ngaropi di warung…"
"Heueuh, ayeuna layeut sotéh, pédah haneut kénéh silih lubarkeun kasalahan. Sahérang-hérang Cibéas…"
"His, ulah sok suudzon!"
"Geuning suudzon? Apan urang mah ukur méré conto kalimah, ngeunaan ieu paribasa."
"Aéh enya. Ampir wé poho."
"Naha mani panjang-panjang teuing conto kalimah téh?"
"Keun baé ngarah barudak nurutan nyieun conto kalimah nu ngagarebay..."
Sakuru-kuruna lembu saregéng-regéngna banténg

Sakecap kadua gobang

Ilikan sahaok kadua gaplok.

Salieuk béh

Jelema nu sagala aya, beunghar.

Juragan Jena mah hayang nanaon ogé kari kop, da puguh jalma salieuk béh téa.
Sapapait samamanis

Sapi anut ka banténg.

Awéwé nuturkeun lalaki.

"Lamun kuring kawin jeung Néng Iis, pasti manéhna bakal dibawa rumah tangga di Bandung."
"Kumaha mun Néng Iis embungeun? Misalna téh hayang rumah tangga di lemburna baé…"
"His, nya kudu daék. Apan sapi anut ka banténg…"

Sapu nyéré pegat simpay

Papisah.

"Sigana ngan samet dieu babarengan téh, da kuring mah rék ngumbara ka alak paul. Sapu nyéré pegat simpay, sugan jeung sugan, paturay patepung deui." Kitu ceuk Jang Among, basa rék miang ti lemburna.

Saumur nyunyuhun hulu

saumur hirup.

"Asa can ngadéngé saumur nyunyuhun hulu ogé, ari sato oray ngalahirkeun bangkong mah." Ceuk Si Buruy.
"Mémang ukur dongéng da…" témbal Si Mélon.
"Har ari manéh, ari sugan téh enyaan."
"Apan ieu mah ukur méré conto kalimah, dina rubrik Paribasa-Babasan..."
"Aéh, enya nya."

Saur manuk

nyarita méh babarengan.

"Jadi, isukan mah urang kerja bakti mérésihan solokan!" pokna Lurah Ukar.
"Satujuuuu…!" témbal hadirin, mani saur manuk.

Sereg di buana, logor di liang jarum

Pasipatan jalma jahat, anu tara betah cicing di tempat ramé, lantaran sieun katohyan kun u berwajib. Demi karesepna matuh di tempat nu suni.

Katelengesan Si Badrun beuki maceuh. Iwal ti maling domba atawa ingon-ingon séjénnatéh, sok rajeun ngakaya anu bogana. Geus kitu, Si Badrun ngaleungit, taya nu nganyahoankeun. Kawasna biheung aya nu apal, upama sapopoéna Si Badrun kudu kukurubutan di jero leuweung, pikeun nyingkahan anu berwajib. Upama sakali mangsa ngalalar ka pilemburan, tangtu dibarung ku haté anu ratug. Puguh baé, henteu tenangna mah, da loba kasieun téa. Si Badrun geus sereg di buana, logor di liang jarum.

Seukeut Tambang, Manan Gobang

Sakumaha rosana jalma jahat, ari ngalawan pamaréntah mah tangtu bakal katéwak.

(Tambang minangka gambaran anu nanjeurkeun hukum/pulisi, demi gobang minangka gambaran jalma jahat).
"Ké, ké, ké… teu salah béja téh?"
"Na ari Amang. Sidik Si Badrun téh geus dicerek ku Pulisi, sarta ayeuna kudu nyirekem di pangbérokan…"
"Apan ceuk béja mah, Si Badrun téh boga élmu kadugalan? Awakna teuas kacida, nepi ka bedog ogé kalah miley batan neurak mah,"
"Lah… sing sakumaha jagona ogé, ari ngalawan pamaréntah mah da moal kuateun atuh, da puguh seukeut tambang manan gobang."
"Nya, sukur baé ari kitu mah. Sugan atuh kaayaan lembur téh, henteu pati harénghéng teuing, ari Si Badrun geus dicerek mah…"

Seuneu hurung, cai caah

ngagambarkeun anu keur napsu ngagugudug.

Barang ngadéngé indungna aya nu nganiaya, harita kénéh Béh Sarmud ngagidig mani ngagidir, awahing ku napsu. Katara beungeutna mani nyiak beureum, lir beusi atah beuleum. Taya nu wani nanya, hiji ogé, da puguh Béh Sarmud dina kaayaan seuneu hurung, cai caah.

(T)


Taya dunya kinasihan

taya barang nu dikorétkeun ka jelema nu dipikanyaah

"Akang mah deudeuh pisan ka nyai téh. Taya dunya kinasihan, sagala rupa ogé ukur keur nyai,"
"Sumuhun, mung hanjakal abdi mah teu bogoh ka akang téh…"
"His…!"

Téng manuk téng anak merak kukuncungan

Sipat kolot anu sok nurun ka anakna (ngeunaan kahadéan).

"Mama Iking, kapungkurna jadi Kiai nu dipihormat, lantaran jasa-jasana dina nyebarkeun ahlakul karimah…"
"Kiwari putrana, Mang Otong, jadi ustad. Sok ngawurukan ngaos deuih. Pinter jeung calakan kawas ramana,"
"Enyaan, Ustad Otong mah téng manuk téng anak merak kukuncungan,"

Teu beunang dikoét ku nu Kékéd

Jelema anu korét, nepi ka teu bisa dipéntaan tulung ku nu keur nandangan musibah.

"Eta mah Juragan Darkum, aya ku téga-téga teuing…"
"Na kumaha kitu?"
"Tatanggana gering parna, geus sahos-hoseun pisan. Nepi ka kolu, téga pisan, teu bisa dipéntaan tulung…"
"Teu bisa dipéntaan tulung kumaha? Sing jelas atuh, ngarah nu diajar Paribasa-Babasan, bisa ngarti!
"Heueuh, tatanggana téh nginjeum duit duapuluh rébu keur ka dokter, tapi teu méré sapérak-pérak acan da. Majarkeun téh, duitna beak dipaké nyogok anakna nu hayang jadi pagawé negeri. Padahal, basa anakna kawin, apan tatanggana pisan anu tihot-hat ngabantuan urusan dapur téh…"
"Enya ari kitu mah, Juragan Darkum téh teu beunang dikoét ku nu kékéd…"

Teu dipiceun sasieur

Mirip, jiga.

"Itu téh Néng Dési nya?" tanya Jang Among.
"His, lain. Néng Dini éta mah…" témbal Jang isud.
"Na, mani teu dipiceun sasieur nya…?"
"Nya heueuh atuh, da adi-lanceuk, jaba kembar…"
"Ooh…"

Teu gedag bulu salambar

Henteu sieun ku ancaman lawan.

Sanajan diancam rék ditandasa, tapi Jang Isud teu gedag bulu salambar. Nepi ka kiwari ogé keukeuh rék ngagugat Lurah Ukar.

Teu gugur teu angin

Teu puguh-puguh, teu kurah-karuh, (sok dilarap-keun ka nu nyieun gara-gara).

"Ari silaing kunaon? Teu gugur, teu angin, ngadon ngajak gelut?"
"Teuing puguh, uing teu ngarti. Hayang gelut wé…!"
"Har…"


(U)


Ucing Nyanding Paisan

Bangsat nyanding palingeun.

Mang Jumar hulang-huleng, basa nyaksian tokona geus molongpong. Torojol Mang Amanta.
"Kunaon, mani siga nu baluweng kitu, euy?" Tanya Mang Amanta.
"Puguh kuring téh bingung. Dagangan téh meni ledis kieu, tapi duitna euweuh…" témbalna.
"Ké, ké, ké, naha kumaha bisa kitu?"
"Enya, apan nu nungguan took téh, dipercayakeun ka Si Badrun. Karunya baé manéhna teu bogaeun pacabakan…"
"Heueuh ari mah lalawora. Malah super lalawora. Na teu apal Si Badrun téh tukang malingan hayam? Ti lembur Rancakatélna ogé, apan Si badrun téh sasatna dialusir."
"Beu… baruk?"
"Har, ari emang, sugan téh geus apal atuh. Nya puguh ngagawékeun Si Badrun di Toko, bari sina ngecemel duit mah, siga ucing nyanding paisan…"

Umur tunggang gunung angen-angen pecat sawed

jelema nu geus kolot, ari karesep kawas nu ngora.

"Rék iraha eureunna ulin ka diskotik téh, Aki?"
"Moal eureun, da resep! Sugan wé aya ABG anu bogoheun…"
"Hih… ari umur tunggang gunung angen-angen pecat sawed,"

Uncal kaauban Surak

Percaya kana béja anu tacan sidik bener atawa henteuna.

Barang jol salakina datang, Bi Iroh langsung nyarékan lak-lak dasar.
"Kapanggih ayeuna mah! Moal bisa mungkir deui pokona mah…!" Kitu pokna Bi Iroh. Puguh baé salakina, Mang Edod, rada ngahuleng.
"Kunaon ari ilaing, Iroh?"
"Tong pura-pura teu denger nya! Tadi di Pasar, kamu téh ngobrol jeung saha?"
"Nya puguh jeung anu balanja atuh…"
"Itu geura, teu ngaku. Kamu téh ngobrol jeung Nyi Marni, pan? Nostalgiaan yeuh…!" Kituna téh bari jebi.
"Ké, ké, ké, ceuk saha éta téh, Iroh? Rarasaan mah da teu panggih jeung Nyi Marni. Ari ilaing apal ti saha?"
"Si Sarkowi bieu laporan ka kuring! Béjana kamu ngobrol mani mesra di tempat tukang baso, bélaan cul dagangan…"
"Oh… Si Sarkowi? Nu kitu bet diandel atuh, Iroh. Si Sarkowi mah jelema teu eucreug, ulah padu percaya kitu baé, ulah siga uncal kaauban surak. Lamun hayang apal béja nu sohéh mah tanyakeunna ka Si Etom. Akang henteu kungsi panggih jeung Nyi Marni…"

Uncal tara ridu ku tanduk

Jelema moal ngarasa ridu ku kapinteran atawa ku pangaweruh.

"Kahoyong mah abdi téh neraskeun sakola ka Amérika, Ki..."
"Enya, ulah kapalang nyiar élmu mah, ngarah calakan, sabab uncal tara ridu ku tanduk,"


Comments

Popular posts from this blog

NGARAN PAPARABOTAN JEUNG PAKAKAS

Masrahkeun Calon Panganten Pameget ( Conto Pidato )

Sisindiran, Paparikan, Rarakitan Jeung Wawangsalan katut contona