TUJUH anu kudu dipilampah dina kahirupan sapopoena pikeun Ki Sunda nyaeta : (Dok.Salakanagara)
- Get link
 - X
 - Other Apps
 
 Kintunan : Heri Chakraningrat Suryadinata
 
1. JEMBAR DINA SABAR;
 Ngandung hartos yen Ki sunda keudah ngagaduhan kasabaran anu iklas 
datangna tina ati Sanubari ulah rek geuneuk maleukmeuk, kalayan tawakal 
ka Hyang Maha Tungal ( Tuhan Yang Maha Esa ) sareng daek ihtiar.....
 
 2. BEAR DINA BUDI ;
 Ngandung hartos yen ki Sunda kedah tetep ramah tamah sopan santun nete 
taraje nincak hambalan leuleus jeujeur liat tali malapah gedang dina 
cumarosna ulah arek adigung adiguna/ sombong ujub ria takabur,teu weleh 
kudu hormat ka Sasama..
 
 3.SURTI DINA HARTI ;
 Ngandung hatos
 yen Ki Sunda kedah surti ati-ati sareng taliti kana naon nu di ucapkeun
 sababna naon nu di ucapkeun ku Ki Sunda kedah sami sareng nu di 
lampahkeun mun nyiduh sa crotna ngadek sa kecekna ,nilas sa keplasna 
hartosan entong arek asa-asa panceg dina hiji Pamadegan /ulah unggek ka 
linduan ulah rek endag ka anginan kalayan ulah arek bohong....
 
 4.WASPADA DINA PERMANA;
 Ngandung hartos lain awasna mata tapi awasna rasa ari awasna rasa 
nyaeta nyaho kana sabab jeung akibat..contona upami urang maling mun 
kapendak ku polisi matak di tangkep kalayan dipenjarakeun mun kapendak 
ku masyrakat matak digebugan matak babak belur, atuh maling teh entong 
da matak cilaka kalayan ngarugikeun nusanes da urang oge pan alim 
dirugikeun,.mun urang diteunggeul ku batur karasana nyeri atuh urang oge
 ulah arek tunggal teunggeul kasasama hirup, da karasana nyeuri tah eta 
upami saur sepuhmah tiasa debat oge NGAJI RASA SARENG NGAJI DIRI tiasa 
ngarasakeun rasa perasaan nu sanes...
 
 5. TEUNEUNG DINA LUDEUNG ;
 Ngandung hartos yen Ki Sunda arek indit kamana wae atanpi dimana wae 
ayana mun urang boga itikad/niat hade kalayan dibarengan ku laku lampah 
anu hade jeung sasama hirup...mun tiasamah ulah arek carekeun batur, 
entong hariwang da tinangtu bakal pinanggih sareng kasalametan....
 
 6.TANDANG DINA KAMELANG ;
 Ngandung hartos mun urang ngarasa hariwang dina milampah hiji pagawen 
lakukeun ku sorangan sabisa-bisa kamampuan urang sorangan ulah rek 
maksakeun tapi lamun urang jadi Pamingpin ulah ngan saukur diuk di korsi
 gading bentik curuk balas nunjuk capetang balas miwarang haok kadua 
gaplok tapi kudu terjun langsung ka rahayat ngadengnge langsung 
pangabutuh Rahayatna sarendeuk saigeul jeung Rahayatna dina ngaheuyeuk 
dayeuh ngolah nagarana supaya sarua di majajarana sajajar antara rahayat
 jeung Pamingpina ulah ngan saukur ngdenge laporan ti bawahan...
 
 7. BELAPATI DINA TUNGGRA ;
 Ngandung hartos yen Ki Sunda Kudu daek ihtiar Usaha Tarekah pikeun 
ngabelaan diri dina sagala widangna supaya ngajadikeun diri urang 
salamet lahir tumakaning batina, contona mun urang lapar pan kudu dahar 
ari dahar teh sanguna pan kudu di ihtiaran moal datang soranagan..lamun 
pikeun pamarentahan hartosna bela pati dina tunggara yen para Paminggpin
 mudu bisa usaha ihtiar tarekah pikeun ngamakmurkeun Rahayatna lain jang
 dirina Pribadi da moal aya Paminggpin Mun teu aya Nu di Pingpina ( 
Rahayatna )
 
 Tah eta mangrupakeun laku lampah Ki Sunda anu kedah
 dilakoni sadidintena supaya urang akur sadudulur repeh rapih 
sabilulungan sifat gotong royong. SILIH ASAH ( silih bejaan/simbeuhan ku
 pangarti anu hadena ), SILIH ASIH ( ku kanyaah kadeudeuh jeung silih 
ajenan ), SILIH ASUH ( silih elingan dina waktu laku lampah urang nincak
 dina lalampahan anu salah ) margina urang butuh pangeling /panggeuing 
tinu sanes ulah bener teh ngan saukur ceuk soranga wungkul tapi mudu 
saluyu sareng balarea... anu teu ngalanggar kana katangtuan hukum nu 
berlaku di ieu Nagri..supagi salamet lahir tumakaning batin...hapunten 
anu kasuhun bilih aya nu teu sapagodos ulah arek bendu ieu mah ngan 
saukur saur sepuh ari saurmah pan mudu di talungtik deui, naha 
 leres atanapi salah gunakeun akal sareng fikiran anu wening dina nalungtikna haturnuhun ...Hung Ahung Tatya Ahung Tabe Pun.
- Get link
 - X
 - Other Apps
 
Comments
Post a Comment
Saumpamina aya nu peryogi di komentaran mangga serat di handap. Saran kiritik diperyogikeun pisan kanggo kamajengan eusi blog.