Bagus Rangin Pahlawan Majalengka (Dok.Salakanagara)
- Get link
 - X
 - Other Apps
 
Kintunan : Kang Djodi Priatna
 Dina abad ka 19 di Majalengka aya gerakan nu baruntak ka pamarentah 
Walanda, anu kaasup rongkah. Pikeun nyanghareupanana Walanda nepi ka 
kudu ngetrukkeun kakuatan, boh pasukan Walanda atawa pasukan pribumi anu
 biluk ka maranehna. Nu mingpin perjoangan di Majalengka teh nya eta 
Bagus Rangin. Ambahanana ngalegaan, geus puguh di Cirebon mah (harita 
Majalengka masih kabawah ku kasultanan Cirebon), ieu mah nepi ka Subang 
jeung Karawang. 
 Neruskeun Perjoangan Suriawijaya
 
 Bagus 
Rangin teh pituin urang Majalengka, ti kampung Demak, Blandongan, 
Rajagaluh. Pernahna di tutugan kaler gunung Ciremay. anjeunna teh putra 
Sentayem alias Buyut Teyom, ajengan nu luhur elmuna sarta loba santrina.
 Salian ti guguru ka nu jadi Bapa, anjeunna oge guguru ka Rama Banten, 
ulama kamashur ahli tarekat. Bagus Rangin kaasup santri nu pinter, gede 
wawanen dina enggoning ngabela bebeneran. Sanggeus sawawa anjeunna 
kapapancenan mingpin kebagusan Jatitujuh ku Sultan Cirebon. Nya di 
Jatitujuh ayana puseur perlawanan Bagus Rangin.
 Sabenerna perjoangan
 Bagus Rangin teh neruskeun perjoangan Pangeran Suriawijaya, nya eta 
raja Kanoman. Pangeran Suriawijaya baris jadi Sultan Kanoman lamun 
sultan sateuacanna wafat. Tapi basa Sultan Kanoman wafat, Walanda kalah 
ngangkat Pangeran Surantaka anu teu dipikaresep ku rahayat. Katambah 
kahirupan rahayat harita di padesaan kacida weritna sabab diperes ku 
Cina nu nyarewaan lahan desa. Rahayat ditibanan rupa-rupa pajeg. Aya 
pajeg tanah, pajeg jambatan, pajeg sirah, jrrd.
 
 Pangeran 
Suriawijaya diusir ti karaton Kanoman. Atuh kateusugemaan rahayat beuki 
rosa. Ahirna rahayat nanduk kana parentah Walanda. Raja Kanoman diangkat
 pikeun mingpin perlawanan ka pamarentah Hindia Walanda. Huru-hara di 
mana-mana, Walanda ripuh. Pikeun ngungkulanana taya deui iwal ti kudu 
nangkep pamingpinna ku cara reka perdaya. Raja Kanoman diajak badami di 
Batawi. Tapi barang tepi ka Batawi, anjeunna ditangkep tuluy dibuang ka 
Ambon. Puguh bae rahayat Cirebon beuki ambek, perjoangan beuki 
dihangkeutkeun.
 
 Rahayat Palimanan nu perenahna antara Jatitujuh
 jeung Majalengka mimiti baruntak, ngalawan para gegeden di daerahna. 
Sababna, wewengkon anu dicicingan ku rahayat disewakeun ku bupati ka 
bangsa Cina nu meres rahayat ku rupa-rupa pajeg tea. Rahayat Palimanan 
minangsaraya ka Bagus Rangin anu geus dianggap pamingpin maranehna. Cek 
Bagus Rangin anu wajib dipaehan ti heula teh nya eta Bupati jeung wakil 
Residen Walanda, sabab maranehna anu ngalantarankeun rahayat balangsak.
 
 Geus kitu mah rahayat ngarurug kota Palimanan dipingpin ku adina Bagus 
Rangin nyaeta Bagus Serit. Pendopo kabupaten diburak-barik. Wakil 
residen dipaehan. Para pangagung dikepung imahna. Bangsa urang anu 
dianggap mata-mata Walanda mah loba nu dipaehan. Geus puguh sakur imah 
bangsa Cina mah kari urutna wungkul.
Sanggeus ngarurug Palimanan, rahayat baralik deui ka lemburna. Sawarehna deui ngagabung ka pasukan Bagus Rangin. Beuki loba wae anu ngagabung teh, kaasup urut anak buah raja Kanoman. Pasukanana datang ti mana-mana. Aya nu ti Subang, Karawang, Sumedang, Indramayu, Majalengka, Cirebon jeung Kuningan.
 
Perjoangan Ki Bagusrangin meunang sokongan ti rahayat, boh nu mangrupa 
tanaga, pakarang, bekel, jrrd. Malahan aya gegeden ti daerah anu 
ngarojong. Maranehna nyumbang pakarang saperti bedil, mariem, jsb. Hal 
ieu teh dilantarankeun perjoangan Bagus Rangin luyu jeung kahayang 
sakumna rahayat. Anu matak pasukanana leuwih tohaga, sarta dianggap 
baris ngabahayakeun ku pamarentah Walanda mah.
 
 Pamarentah 
Batawi nugaskeun Nicholas Engelhard mingpin kumpeni pikeun numpes 
pasukan Bagus Rangin. Eta pasukan dibantu ku pasukan ti Bangkalan, 
Madura, nu dipingpin ku Mangkudiningrat. Aya sawatara bupati anu 
diwajibkeun ku kumpeni sangkan mantuan pasukan Walanda. Di antarana 
bupati Sumedang, Subang, Karawang jeung Cirebon. Kabeh ngarurug pasukan 
Bagus Rangin di wewengkon Bantarjati, Jatitujuh. Der we perang rongkah.
 
 Perang nu mangbulan-bulan teh akibatna loba korban ti dua pihakanana. 
Pasukan Bagus Rangin kadeseh lantaran eleh loba jeung eleh katohagaan 
pakarang. Maranena lolos sarta nyumput pikeun sawatara waktu.
 
 Raja Kanoman Jadi Sultan Sakeudeung
 Walanda apaleun kana asal muasalna perjoangan Bagus Rangin. Jadi 
kacindekan maranehna, pasukan Bagus Rangin teu cukup ku dilawan make 
pakarang. Ahirna pamarentah Hindia Walanda ngayakeun perjangjian jeung 
Sultan Sepuh katut Sultan Anom. Diantara eusina nyaeta raja Kanoman 
dipulangkeun ka Cirebon sarta diangkat jadi sultan. Sedengkeun bangsa 
Cina teu meunang cicing di desa-desa, kitu deui para gegeden di daerah 
teu meunang meres rahayat.
 
 Rupana bae eta perjangjian teu bisa 
mareumkeun perjoangan rahayat Jatitujuh. Komo deui sanggeus Gupernur 
Jenderal Wiese diganti ku Daendels mah. Daendels ngarecah kasultanan 
Cirebon, malah saterusna dijadikeun milik pamarentah Walanda. Sultan 
dijadikeun pagawe nagri anu meunang gajih ku Walanda. Raja Kanoman anu 
geus jadi sultan teu satuju kana eta aturan. Ku lantaran dianggap 
ngalawan pamarentah, raja Kanoman dipocot tina kalungguhanana.
 
 
Rahayat marudah deui, sabab maranehna leungiteun pamingpin anu wani 
merjoangkeun nasibna. Bagus Rangin teu tinggaleun, mepek balad deui. 
Dina waktu anu sakeudeung geus kumpul rebuan anak buahna. Tujuan 
perjoanganana leuwih jembar. Lain bae pikeun merangan kateuadilan 
pamarentah Walanda jeung antekna, tapi pikeun ngadegkeun nagara anyar nu
 mandiri. Ku ayana nagara anu mandiri tangtu tujuan geusan kamamuran 
rahayat bakal tereh kahontal. Dina programna, Bagus Rangin baris jadi 
raja, sedengkeun karajaanana dingaranan nagara Panca Tengah nu puseur 
dayeuhna di Bantarjati.
 
 Walanda teu cicing terus ngeprik 
pasukan, nyaeta pasukan kumpeni ditambah pasukan para bupati anu biluk 
ka pamarentah Walanda ditambah deui ku pasukan Mangkunegara ti Solo 
jeung pasukan ti kabupaten Cianjur, Bogor katut Limbangan. Pasukan Bagus
 Rangin dikepung ku pasukan gabungan anu jumlahna leuwih loba. Der 
perang leuwih rongkah.
 
 Lila-lila mah pasukan Bagus Rangin 
kadeseh. Sawareh bisa ditangkep, nu sejenna lolos. Bagus Rangin sorangan
 lolos, nyumput di wewengkon Pangayonan. Mepek balad deui. Tapi pasukan 
Walanda terus ngadeseh pasukan Bagus Rangin nepi ka kampung Sindang, 
malah diteruskeun ka desa-desa anu dianggap panyumputan balad Bagus Widdi Bagus Rangin
Sanajan perjoangan geus eureun ku katangkepna Bagus Rangin, perlawanan rahayat Cirebon teu pareum. Masih diteruskeun ku pingpinan Bagus Jabin, alona. Diteruskeun deui ku Bagus Serit, adina Bagus Rangin. Sanajan ahirna bisa ditumpes ku pamarentah Walanda, ieu tetep jadi bukti sajarah nu nembongkeun kateuadilan jeung kasarakahan pamarentahan harita.
Sumber: Biografi Pahlawan asal Jawa Barat, Geger Sunten
- Get link
 - X
 - Other Apps
 
Comments
Post a Comment
Saumpamina aya nu peryogi di komentaran mangga serat di handap. Saran kiritik diperyogikeun pisan kanggo kamajengan eusi blog.